Nafsirkeun Pupuh Kean Santang

Aya pupuh judulna Kean Santang, mung duka saha nu ngarumpaka na mah, kieu eusi pupuhna :

Kean Santang
Geus papat sakabéh ajian di Nusa Jawa
Candrabirawa ngapak ngapung nerus bumi
Geus cepak kadigjayaan urang Pajajaran
Sagala nyawana manusa sagala nyawana hayawan
Taluk maring ingsun
Nya ingsun anak Ratu Sunda
Nyakrawati cahya manik gilang-gumilang 
(bait ka hiji)

Nya aing nu taya lawan
Langit meneng bumi meneng
Kahidep kakekep ku pangawasa aing 
(bait ka dua)

Dijorag Mekah lain saukur béja
Ditéang singa tepi ka guhana
Tiba jenenganana Prabu Kéan Santang maring ingsun
Sir aing Siliwangi
Rasa aing Rosululloh
(bait ka tilu)

Dempak Nusa Jawa ku pangawasana
Dibeberik ramana tepi ka Sancang
Mubus ka Embah Brajadilewa
Dirabut kaboa ti Kopocondong
Nanjeur jati, tangkal panyadapan
Rep kangkeng, rep wangkeng
Nagri asri jadi leuweung geledegan
(bait ka opat)

Disapa sing saha nu wangkelang
Ngahiang tinggal nu belang
Dikeureut sing saha nu asup Islam
Sibret jungkel saratus tinggal saurang
Sasakala ngaran tempat Salam Nunggal
(bait ka lima)

Sumirat salam Alloh di nusa tigang puluh tiga
Subur tatanduranana di bangawan sawidak lima
Mulih perang ngahalwat heula di Suci
Méméh miang kieu pangandikana
Geus tutas tugas kaula
Ari tapsir-tapsir agama putu kula bagéanana
(bait ka genep)

Di Pameungpeuk ngadon makuwon di Dépok
Ngalanglaung puncakna gunung nagara
Ceuk sakaol di dinya Kéan Santang makamna
(bait ka tujuh)


Panafsiran Pupuh Kean Santang
- Bait ka hiji, eta pupuh Kean Santang ngisahkeun : 
Cakrawarman teh, adina Purnawarman kungsi baruntak ka alona, anu ngarana: Wisnuwarman (Raja Tarumanagara ka-4, 434-455 M, anakna Purnawarman.

Mangsa Tarumanagara dicekel ku Purnawarman, Cakrawarman dibenum jadi Mahamantri jeung Panglima Perang Tarumanagara. Ningali Cakrawarman kasambut ku panah tentara Wirabanyu (pimpinan koalisi Tarumanagara) di wewengkon Manukrawa Cimanuk.

Ceput Sawal minangka Puragabaya Turangga ti tentara pemberontak Cakrawarman, bisa ngaloloskeun diri tina pangepung tentara koalisi Tarumanagara.

Ceput Sawal terus kabur ka pakidulan nepi ka wewengkon basisir, saterusna bumén-bumén di éta pileuweungan Sancang. Nya ti Ceput Sawal, ngarundaykeun turunan nepi ka Cakradiwangsa, anu ceuk urang kampung adat Dukuh Cikelét mah : Candradiwangsa ti Karajaan Manukrawa.

Balad-baladna Ceput Sawal ti pasukan pemberontak, kaburna téh aya nu mangprét ka Wétan jeung aya nu ka Kulon. Nu ka Wétan, nyumput di Galunggung. Nu ka Kulon, labas ka Gunung Kolot Banten. Anak turunanana, ngababakan nyarieun kampung adat.



Raja Kandiawan (597 - 612 M), mindahkeun Pusat Karajaan Kendan ti desa Citaman Nagreg ke Medang Jati di Cangkuang Garut Jawa Barat. Hal ieu kabuktian ku ayana Situs Candi Cangkuang Garut di desa Bojong Menje Cicalengka kabupeten Garut Jawa Barat. Raja Kandiawan puptra 5  nyaeta ; Mangukuhan, Sandang Greba, Karung Kalah, Katung Maralah jeung Wretikandayun, nu masing-masing boga kakawasaam di 5 daerah nyaeta ; Surawulan di Pelas Awi, Rawung Langit di Menir jeung  Kuli-kuli. 

Dina ahir tahtana ditunjuk putra bungsuna Wretikandayun (Sang Suradharma), janten Raja Kendan / Kelang.  Sang Kandiawan nyieun Mandala Kawikwan di Bukit Layuwatang, Kabupaten Kuningan Jawa Barat. Ari geus beres mah balik deui Sang Kandiawan oge ka Limbangan Garut, teu tumetep di Layu Watang - Kuningan. 

Dina abad nu ampir bareng di basisir Pakidulan wilayah Tarumanagara (Cilauteureun, Leuweung / Hutan Sancang dan Gunung Nagara),  Agama Islam mimiti dikenalkeun ku Rakeyan Sancang,  putrana Kertawarman.   

Mangsa Prabu Kretawarman, Raja Tarumanagara ka - 8, Tarumanagara geunjleung pédah sang prabu ngawin awéwé ti golongan sudra. Setyawati dikawin ku Kretawarman téh lain awéwé teureuh ménak, tapi ti cacah kuricakan (kaum Sudra). Tapi ku sabab sagala kalakuan raja mah geus jadi hukum nagara, wenang sakumaha karepna, antukna kajadian ieu disidem teu dibarubahkeun. Ngan dina hiji mangsa, Setyawati api-api ngaku reuneuh. Padahal pangeusi Tarumanagara geus apal cenah, yén Kretawarman téh dianggap mandul. Pikeun ngaleungitkeun skandal ieu, antukna Kretawarman ngangkat anak anu ngaranna : Brajagiri

Manuver Kretawarman saperti kitu téh teu bisa ngabalukarkeun suasana karajaan jadi kondusif, tetep waé harénghéng. Najan kitu, Kretawarman tetep ngabahureksa jadi Raja Tarumanagara tepi ka tamat teu aya anu wani ngagunasika. Pikeun nyingkahan harénghéngna suasana di karaton, Kretawarman kungsi bubujeng ka daérah pakidulan, pernahna di wewengkon Sancang Garut. 

Ti dinya, di hiji tempat, tepung jeung Nyi Arumhonjé, siwina Cakradiwangsa, anu gawéna disagédéngeun pangebon ogé pamayang, tampolana mah jadi tukang ngala suluh ka leuweung.   Dina sejarah mah Cakradiwansa sok disebut Ki Prangdami, ari garwana nyaeta Nyi Sembada.

Kretawarman ka jamparing ati ka panah rasa, ningali kageulisan Nyi Arumhonjé. Teu ku hanteu maké silih kelétan sagala jeung Nyi Arumhonjé,  tempat silih kelétanana, kiwari nelah : Cikelét

Nyi Arumhonjé terus baé dikawin, tapi dicampuran ngan ukur salapan poé, da Raja kudu mulang, ngurus nagri ngolah nagara. Nyi Arumhonjé, ditinggalkeun  lantaran embungeun dibawa ku Raja ka karaton. Sanajan kitu, dipipanumbasna  mas kawin ti raja mah mangrupa pakéan jeung perhiasan, disérénkeun ka Nyi Arumhonjé. Kitu deui lilingga anu dijieun tina gading dilapis emas minangka tanda kahormatan, dipasrahkeun ka Nyi Arumhonjé,  bisi jaga hayang nepungan raja ka nagara.

Sabada ditinggalkeun ku Kretawarman, Nyi Arumhonjé terus kakandungan, dina Naskah Pangéran Wangsakerta, Prabu Kretawarman téh disebutkeun teu bogaeun anak atawa mandul. Keun baé, da Naskah Pangéran Wangsakerta loba nyaritakeun Kisahna Kretawarman.

Basa keur nyiramna, pikawatireun. Miraga tineung ka nu jadi carogé.  Rara hulanjar, wanoja anu dikantun ku panutan, antukna mah gering. Nepi ka mangsana ngajuru, Nyi Arumhonjé terus purané  maot. Untung orokna mah salamet anu saterusna dirorok ku nini akina, bari kituna téh teu wasaeun méré ngaran ukur nyebut : ‘Jalu’ tampolana osok disebut ‘Rakryan’ (anak raja) dina ngébréhkeun kadeudeuhna téh.

Budak anu disusuan ku citajén, tampolana mah ku susu embé, ingon-ingon ki Cakradiwangsa téh katingalina séhat. Gedé saeutik, geus bisa ngorondang. Sapopoéna, dibéré dahar lauk laut jeung beubeutian. Ti keur orok beureum kénéh ogé osok dikojaykeun di laut, dina karang anu ngampar supaya teu kabawa ku lambak. Sanggeus bisa leumpang, osok mimilu ka akina ngala suluh ka leuweung atawa dibawa nguseup ka tengah laut. Ku akina diwarah ngojay jeung milebuh (teuleum). Rada gedé saeutik, jadi budak jarambah. Karesepna taya lian ti ulin di Leuweung Sancang atawa ngangkleung di sagara dina luhur bahétra parahu. 

Nepi ka mangsa rumaja, basisir Kidul mah geus jadi pangulinan Rakryan, ti Pananjung nepi ka Panaitan. Salian ti kitu, Rakryan Sancang resep ngulik élmu kabedasan. Méh sakabéh anu weduk, didatangan diajak madwandwa yuddha  (ngalaga), gelut paduhareupan. Mun éléh osok terus diguruan, mun meunang osok terus dipisobat. Tara pinejahan (maéhan) ka musuh, ari lain kapaksa mah. Bayu sasanga, kakuatan anu aya dina diri manusa, diulik kalayan daria. Ti harita, ngaranna jadi sohor : Rakryan ti Sancang Garut.


- Bait Ka dua jeung Ka tilu, eta Pupuh Kean Santang ngisahkeun : 
Sanggeus sawawa, Rakryan Sancang hayang panggih jeung anu jadi bapana. Ku akina diterangkeun sacéréwéléna teu di dingdingkelir sindangsiloka, yén bapana téh Maharaja Tarumanagara: Prabu Kretawarman. Ku akina dibahanan lilingga, ciri atawa tanda kulawarga raja, supaya di ditu teu disaha-saha. Geus kitu mah, Rakryan Sancang nyieun bahétra.

Sabada parahuna siap, laju ngangkleung ka kulonkeun di Sagara Kidul. Di Palabuhan Tanjung Lada Banten, reureuh heula saméméh neruskeun lampahna. Ti dinya papanggih jeung sudagar Arab anu ngabéwarakeun yén di tanah Arab aya agama anyar anu nyebarkeunana téh, jago pilih tanding tur sakti, ngaranna : Ali bin Abi Thalib.

Kataji ku éta jago, Rakryan Sancang henteu tulus nepungan bapana di Tarumanagara. Ditambah deuih ngadéngé béja yén bapana geus muksa (maot), diganti ku pamanna : Rajaresi Suddhawarman.

Rakryan Sancang mutuskeun milu ka sudagar maké kapal gedé, nuju ka tanah Arab. Di satengahing balayar, Rakryan Sancang diajar paranusa, basa anu dipaké di nagara-nagara deungeun. Tepung jeung Ali bin Abi Thalib, Rakryan Sancang ka tétér jajatén. Geus kitu mah, Ali bin Abi Thalib dipiguru ku Rakryan Sancang. Saterusna jadi catrik (santri), diajar agama Islam di Arab.

Mangsa harita di tanah Arab, khalifah Abu Bakar di ganti ku Umar bin Khatab. Rakryan Sancang diajar agama Islam ku cara ditalar langsung ti Ali bin Abi Thalib, tacan aya buku Qur’an jeung buku Hadist,  aya ogé mushaf Al Qur’an di Siti Hafshah, istri Nabi SAW.

Mulang deui ka Sunda, Rakryan Sancang népakeun élmu agama Islam ka sobat-sobatna (abad ka-7 M). Pangpangna di lingkungan kaum Sudra (kaum somah anu ajénna panghandapna). Pangikutna loba, bari terus nambahan. Kusabab basa Arab susah dihartikeunana, Rakryan Sancang ngajarkeun akidah Islam téh maké basa Sunda Kuna. Asmaul Husna ngaran-ngaran Alloh anu ku basa Sunda disebut Hyang, ditataan nepi ka 99 (Para Hyang). 

Nya Asmaul husna ieu anu disebut : Parahyangan, tempat sumerah diri (Islam). Kawasna baé ti harita, wewengkon Sunda sok disebut Parahyangan tug ka kiwari,  malah robah vocal, osok nyebut : Priangan. Ku para pangikutna, agama Islam téh disebutna: agama Selam, Agama urang Parahyangan ngarah Salamet.

Rakryan Sancang terus muka pasantrén di Lawang Sanghyang, lawang ka Gusti Alloh (maksudna mah meureun: masjid). Wewengkon Lawang Sanghyang di Nangkaruka, kiwari katelah jadi : Pakénjéng, wancahan tina: pakéna élmu ajengan. 

Mimitina mah santrina téh ukur hiji dua urang, sobat-sobatna anu baheula kungsi ditalukeun ogé terus anut jadi santrina. Masjidna anu mangrupa wawangunan badawang sarat, wangunan anu maké hiasan lauk, dijadikeun tempat meuseuh élmu agama Islam. Tihangna dijieun tina kai kalapa, ukuranana 7 x 9 méter, mangrupa wangunan panggung, hateupna ku injuk.  Rohanganana ngagemblang, aya kamar leutik lebah Kulon 2 x 2,5 méter. 

Di tengah-tengahna kosong, aya paimbaran tempat imam mingpin ibadah. Terus aya wangunan pawon, dapur jeung pagencayan, wangunan tempat nutu paré. Leuit, tempat nyimpen paré, rada anggang ti dinya. Aya pancuran tujuh Cikahuripan, keur dipaké susuci. 

Para wasi (santri) méméh arasup ka wangunan badawang sarat, wajib beberesih heula di pancuran tujuh Cikahuripan. 

Ja mandi junub/hana ti sarira/santi ku ti katuhu/santi ku ti kényca/sungut nirmala nyarék/ ceuli nirmala ngadéngé (artina : mandi jeung adus; beberesih awak; beresih ku ti katuhu; beresih ku ti kénca; sungut suci tina nyarita; ceuli suci tina pangdéngé). 

Rohangan utamana disebut Hinten Managgay, nyaéta tempat pikeun muja parahyang, asmaul husna téa. Loba citrik byapari (kaum terpelajar) anu daratang ka dinya ngadon cacahan  (ngobrol), gotrasawala (diskusi), jeung tolabul ilmi (nyuprih élmu).

Ceuk angkeuhan urang Hindu anu aya di Tarumanagara mangsa harita (638 - 639 Masehi), Rakryan Sancang dianggap geus nyebarkeun agama ‘kotor’. Agama anu mahiwal disebut ‘agama Sunda nu mimiti’ téh, salawasna ngabebegigan ka urang Hindu. Atuh meredih ka Rajaresi Suddhawarman Raja Tarumanagara ka-9 (paman Rakryan Sancang), sangkan ngahukuman Rakryan Sancang. 

Perang campuh Rajaresi Suddhawarman jeung Rakryan Sancang, dimeunangkeun ku Rakryan Sancang. Rajaresi Suddhawarman kasoran ngejat ti pakalangan, bari terus diudag-udag ku alona (Rakryan Sancang), lamun teu dihalangan ku senapati Brajagiri anak kukutna Kretawarman (Kretawarman téh bapana Rakryan Sancang) mah tinangtu Suddhawarman baris kasambut ku wewesén Rakryan Sancang. Brajagiri nyadarkeun duanana, yén masih aya hubungan alo-paman. 

Taun 639 Rajaresi Suddhawarman terus maot. Tahta Tarumanagara ragrag ka Déwamertyatma Hariwangsawarman, jadi Raja Tarumanagara ka-10 anakna Suddhawarman, tapi teu lila jadi rajana (639 - 640 M), ukur bubulanan. 

Kaburu dipaéhan ku Brajagiri. Raja Tarumanagara ka-11 tungtungna ragrag ka minantuna Hariwangsawarman, anu ngarana: Nagajayawarman. 

Satemenna, Hariwangsawarman téh anakna Suddhawarman ti putri karajaan Pallawa India. Hariwangsawarman digedékeun di Pallawa, kalayan meunang atikan anu keras dina urusan kasta. Waktu ngaganti bapana jadi Raja Tarumanagara di Tatar Sunda, Hariwangsawarman ngonclah Brajagiri tina kadudukan senapati karajaan jadi penjaga gerbang karaton. 

Ku angkeuhan Prabu Hawiwangsawarman, Brajagiri diturunkeun pangkatna téh pédah lain ti golongan ménak karajaan. Brajagiri anu diangkat anak ku Kretawarman téh, ti golongan sudra. Nya pédah diturunkeun pangkatna tina senapati Tarumanagara jadi penjaga gerbang karaton ieu, anu ngabalukarkeun Brajagiri kolu téga maéhan Hariwangsawarman.

Sanggeus réngsé perang campuh jeung pamanna, Rakryan Sancang indit deui ka Mekkah (antara taun 640 M) rék neuleuman élmu agama, rada ngampleng di dituna. Ngampleng sotéh, ngilu jihad heula di Iraq; Mesir; Syria; terus ka Jerusalem jeung pasukan Islam. 

Mulang deui ka Tatar Sunda maké kapal sudagar Arab, malahan sababaraha urang Arab anu geus asup Islam ogé marilu. Di Palabuhan Sumatera Kalér, kapal téh balabuh heula. Ngakut barang dagangan, kayaning: kapol jeung pedes, saméméh diteruskeun ka Palabuhan Banten. 

Kusabab angin jeung lambak laut kacida motahna, atuh rada lila cicing di Acéh na téh. Malahan sawaréh mah aya anu karawin ka urang dinya, anu saterusna jaradi urang Acéh. Ti harita, hubungan urang Arab jeung Acéh jadi raket. Sanggeus angin jeung lambak teu motah teuing, kapal dagang Arab rék neruskeun deui lalampahan ka Tatar Sunda. Tapi, teu ku hanteu. Di tengah laut, angin jeung laut motah deui. Kapal kapaksa kudu balabuh di Sumatera Kulon  (Minangkabau).   Aos dina blog simkuring nu ieu : 

Tina kajadian éta, hubungan: Acéh; Minang; jeung Sunda (Rakryan Sancang) jadi kacida raketna. Samalah loba urang Acéh jeung Minang, anu milu tolabul ilmi di Pasantrén Lawang Sanghyang, Pakénjéng Garut. Urang Acéh jeung Minang daratangna ka tempat éta, ngaliwatan laut anu saterusna nonggoh ka kalérkeun ti Darmaga Rancabuaya.

Samulangna di Tatar Sunda, Rakryan Sancang ngadegkeun pertahanan di Gunung Nagara  Cisompet, Garut Kidul. Bari nyebarkeun agama Selam (Islam) hasil talaran ti Ali bin Abi Thalib anu lolobana akidah jeung tauhid. Pertahanan di Gunung Nagara, katelahna : kadatuan Suramandiri. Kacida wedel jeung kuatna, pikeun nyingkahan  tina panarajang musuh ti luar.

Nalika ngadéngé béja Ali bin Abi Thalib dibacok mastakana waktu keur sholat di Masjid Kuffah, Rakryan Sancang angkat deui ka tanah Arab. 

Miangna Rakryan Sancang ka tanah Arab, pikeun Nagajayawarman mah jadi boga kasempetan keur ngarurug umat agama selam nu mimiti. Tentara Tarumanagara diasupkeun jadi telik sandi, mata-mata bari pura-pura asup agama Selam. 

Atuh waktu pasukan Nagajayawarman ngagempur Gunung Nagara téh, harita kénéh burak teu manggapulia. Pertahanan Gunung Nagara, bangkar. Nu anut ka Rakryan Sancang, mancawura. 

Mulang ti tanah Arab, Rakryan Sancang kacida prihatinna. Ningali Gunung Nagara jadi kuburan masal. Ti dinya, terus indit ka Kalér. Lebah Cihideung, kungsi ngajejentul lila naker. 

Nyawang pasir anu tingrunggunuk, mulan-malen nyaksrak leuweung di eta patempatan wewengkon Cisompét nepi ka Pakénjéng. Sugan tepung jeung umatna anu birat, tapi lebeng. Pasukan Nagajayawarman ogé teu kapanggih saurang-urang acan. Terus ngalér deui, nepi ka Pasir Tujuhpuluh (Cikajang). Leuweung geledegan, batuna baradag sagedé pasir. 

Di dinya nyawang ngalér ngidul, kabeneran halimun keur nyingray. Bréh Laut Kidul, asa hayang balik deui ka Sancang. Laju, turun mapay-mapay Cikaéngan. Sakur pasir anu diperhatikeun ku Rakryan Sancang, biwirna ngucapkeun : Subhanalloh. 

Di Sancang ogé, suwung. Taya saurang ogé umatna, atawa musuh nu nyampak. Basisir anu upluk-aplak, pinuh ku kikisik anu tingborélak. Biwirna, deui-deui ngucapkeun: Subhanalloh, bari ngeclakkeun cimata. 

Di Sancang, asup ka hiji guha ngadon tirakat. Meunang sababaraha minggu, jengkar ti guha terus indit ka Kalér, ka tempat panyawangan. Belecet deui ka Kulon, mapay-mapay pasir jeung leuweung. Lebah Gunung Kolot, ngarandeg heula. Sanggeus ngarandeg, ku sabab panasaran, Rakryan Sancang nuluykeun lalampahanana ngembat ngalér terus ngétan nuju ka Tarumanagara.  Anjog di puseur dayeuh Tarumanagara, Rakryan Sancang ngelendep asup ka karaton, rék nyieun karaman di dinya. Tapi kaburu sadar, yén kitu peta téh teu matut jeung teu dipirido ku Hyang Tunggal tatwa panganjali (Alloh SWT). Atuh niat nyieun kakacowan téh, bolay.

Geus wareg aya di wilayah karajaan bapana, Rakryan Sancang balik deui ka Kidul. Mapay-mapay walungan Cimanuk, anjog deui ka Pasir Tujuhpuluh. Di Pasir Tujuhpuluh, Rakryan Sancang ngababakan nyieun padépokan nepi ka maotna. Méméh dipundut ku nu Maha Kawasa, nyieun lalayang wasiat. 

Ditulisna dina kulit uncal, meunang moro diéta pileuweungan. Eusina nyebutkeun ‘kakayaan urang Sunda nu ngahaja nyumput di Pakidulan jeung wasiat pangwawadi, sakur ka anu bisa maca éta lalayang,  anu ditulis ku aksara Arab, ‘kudu nyebarkeun agama Islam’. 

Éta wasiat bakal kabaca ku turunan Raja Sunda, kurang tujuh abad anu bakal datang. Jeung tujuh abad deui, pakaya Sunda baris kagali. 


- Bait Ka opat jeung Ka lima,  eta Pupuh Kean Santang ngisahkeun 
Tah ieu mah ngisahkeun nalika  panyebaran  Islam ku Raden Sangara ( Prabu Kian Santang) Sunan Suci Rohmat,  sareng para cantrikna (muridna) nu satia dina abad 14 - 16 M,  ngaliputi Pasisian kidul Garut : 
- Godog di Sucinagara. 
- Timbanganten di Tarogong Leles. 
- Panembong di Bayongbong. 
- Batuwangi di Cikajang. 
- Sancang di Pameungpeuk. 
- Kandangwesi Di Bungbulang. 

Prabu Brajadilewa nu ngawasa di Sancang Galeuh Pakuan dina abad sakitar 15 - 16 Masehi, nu sajaman sareng Prabu Wastu Dewa sareng Prabu Hande Limansenjaya, putra-putrana Prabu Layakusumah. 

Ngeunaan daerah Sancang, nu dumasar  "Babad Sancang", panguasa nu kacutat, nyaeta Prabu Brajadilewa (Sunan Brajasakti) jeung permaisuri Dewi Rarawisa (Ratu Gondowani),  sedangkeun hulu juritna (patihna) nyaeta Parenggong Jaya Karaton. 

Dumasar legenda ti Pakidulan atawa daerah kidul Kabupaten Garut, dikisahkeun aya tilu karajaan dinisbatkeun sareng ayana Kean Santang (Rd. Sangara putra Prabu Jaya Dewata ti Nay Subanglarang), dina ngalakukeun Islamisasi di daerah Garut Pakidulan  nyaeta : Nagara Pakuan di Gunung Nagara, Nagara Dayeuh Handap di Cisompet jeung Nagara Bones di Bones (kiwari mah Rancabuaya) di Tatar  Garut Pakidulan.

Dumasar naskah ti Malangbong, yen Prabu Brajadilewa masih dulurna keneh Prabu Hande Limansenjaya (Galeuh Pakuan Limbangan). Prabu Brajadilewa atawa Sunan Brajasakti anu ngawasa di Daerah Garut Pakidulan (Gunung Nagara, Dayeuh Handap jeung Bones), makamna aya oge di daerah Cimuncang Kecamatan Malangbong. Prabu Brajadilewa atawa Sunan Brajasakti puputra Syekh Wali Janullah atawa Sunan Sakti Barang (makamna di Lebakwangi Cimuncang Malangbong).


Bait Ka Genep jeung Ka Tujuh,  eta Pupuh Kean Santang ngisahkeun :
Tah ieu mah ngisahkeun jaman Tembong Agung (678 - 721 M), dina Jaman Prabu Guru Aji Putih  atanapi Prabu Haji Purwa Darmaraja putrana Aria Bimarakasa,  Aria Bimaraksa putrana Rsi Jantaka, Rsi Jantaka putrana Wretikandayun Sang Suradharma (Ti garis Bapa). 

Atawa Prabu Guru Aji Putih putrana Ratu Komara (Dewi Komala Sari), Dewi Komala Sari putrana Prabu Purbasura, Prabu Purbasura putrana Rsi Sempak Waja ti Denuh, Rsi Sempak Waja putrana Wretikandayun Sang Suradharma. (Ti Garis Indung).

Sareng jaman putrana Prabu Guru Aji Putih nyaeta Prabu Brata Kusuma atanapi Pangeran Cinde Kancana Wulung anu ka telah  Prabu Tajimalela.

Naon atuh nu disilibkeun dina ieu pantun Kean Santang anu jenengan Sumirat kakaitanana sareng nusa tigang puluh tiga, bagawan Sawidak Lima teh ?

Prabu Guru Aji Putih namina Pangeran Aria Jaya Sumirat atanapi Prabu Haji Purwa Darmaraja (Haji Islam mimiti di Karajaan Tembong Agung), Raja Tembong Agung  di Darmaraja Sumedang anu daerahna Subur, lantaran deukeut ka aliran walungan Cimanuk.

Photo 1. Atsar Prabu Aji Putih Sebelum Tenggalam, berdasarkan Undakan Pola Tri Tangtu Di Buana

Photo 2. Atsar Prabu Tajimalela di Gunung Lingga berdasarkan Undakan Pola Tri Tangtu Di Buana




Upami Nagara Satelung Puluh Telu, Bangawan Sawidak Lima dan Pancer Salawe Nagara, ieu mangrupakeun "Amanat Buyut".  

Amanat buyut eta oge diamanatkeun ku Prabu Tajimalela,  ka turunanana pikeun ngajaga "Telung Puluh Telu Bangawan Sawidak Lima" : 
“Basa sia kunclang kenclong nu ngagilir putih, nu digilir putih, teu akalna teu akeulna Allah Sakarung konci kuning, kayu rubuh, deg deg tanjeur, jaya perang braja denung nu ngadeg menak di Sumedang Larang, kaula Sang Prabu Tajimalela, nu nyangking Nusa Telung Puluh Telu Bangawan Sawidak Lima, nya aing lalaki langit, lalanang jagat, wong saketi pada tijarumpalik, wong sajagat pada balubar, nya aing anu ngadeg di kolong langit ieu, Ratu Galuh Agung Tunggal heunteu aya sisihna”.




Leluhur Sunda tidak mewariskan istana / keraton yang megah, senjata yang tajam, dan kemewahan berupa emas, permata, dsb yang diwariskan berupa kabuyutan beserta isinya yang merupakan daerah subur.

Kabuyutan tersebut merupakan tempat dimana para leluhur Sunda mengajarkan ilmu pengetahuan berdasarkan akal sehat yang membentuk budaya, moral dan spiritual Sunda yang luhur. Leluhur mengajarkan Ethos Sunda untuk membentuk pribadi yang memiliki karakter mental dan spiritual yang juara yaitu :

Cageur : Sehat Jasmani dan Rohani;
Bageur : Baik Budi Pekertinya;
Bener : Jujur dan Memiliki Intengritas Tinggi;
Singer : Cekatan dan Mawas Diri;
Pinter : Cerdas dan Memiliki Pikiran Terbuka selalu berpanduan kepada Akal Sehat.


Menurut Amanah Buyut, “Buyut nu dititipkeun ka Puun Nusa Telung Puluh Telu, Bangawan Sawidak Lima, Pancer Salawe Nagara” artinya Kabuyutan yang dititipkan kepada Raja adalah 33 Kabuyutan, 65 Sungai, dan Pusat 25 Negara. 


Menurut Prof. Jakob Sumardjo Guru Besar STSI Bandung, dalam tulisannya matematika Sunda, yang dimaksud 33 adalah terdiri dari 1 pusat kabuyutan dan 32 kabuyutan lainnya. Menurut Sewaka Darma konsep Papat Kalima Pancer maka ada 1 pusat dan 4 penjuru mata angin sehingga 33 Kabuyutan tersebut dapat diartikan : 1 pusat dan 32/4 = 8 Mandala yang berada di empat penjuru mata angin. 



Angka 65 Sungai juga terdiri dari 1 Sungai besar sebagai pusatnya dan 64 sungai kecil, angka 64 adalah 32 × 2 dimana masing-masing kabuyutan tersebut selalu diapit oleh dua aliran sungai sehingga disebut juga dengan istilah Nusa (Nusantara ~ Nusa diantara dua sungai ~ Kabuyutan). 




25 Nagara adalah 1 negara pusat yaitu Sunda dan 24 negara bagian yang merupakan bagian dari federasi negara Sunda. Masing- masing negara bagian tersebut bersifat otonom dan memiliki kabuyutan masing-2 sehingga apabila di total di seluruh Tatar Sunda ada sekitar 25 x 33 Kabuyutan yang tersebar diberbagai daerah dan selalu diapit oleh dua aliran sungai / selokan / parit.


Kabuyutan tersebut berfungsi sebagai penjaga kelestarian lingkungan berupa hutan lindung yang dikeramatkan (selalu dijaga tidak boleh dirusak / ditebang pohonnya), pusat pendidikan ilmu pengetahuan, budaya, moral dan spiritual, dan juga merupakan sumber kehidupan pokok masyarakat dimana terdapat sumber mata air dan kekayaan biodiversity hutan lindung sebagai sumber pangan masyarakat buhun. Sehingga mereka bisa self sustained bertahan hidup dan berkembang biak lalu kemudian mengembangkan kemampuannya bercocok tanam, membentuk sistem perkampungan (ngabababakan / mulai babak baru), mengembangkan sistem kalender dengan mengamati sistem rasi bintang, dll. Hal tersebut dapat mereka lakukan dengan mengedepankan prinsip-prinsip akal sehat dan kesederhanaan.

Kabuyutan (Mandala) merupakan sistem pendidikan kuno seperti yang disampaikan Lord Macaulay dimana masyarakat dididik untuk menjaga dan mematuhi aturan, norma, dan nilai-nilai yang secara akal sehat berlaku di masyarakat. Hal tersebut dapat kita lihat di Kabuyutan Kanekes Banten dan Kabuyutan Cipaku Darmaraja Sumedang sebelum terendam oleh Jatigede, dimana mereka masih memegang teguh amanat leluhur sehingga desa mereka termasuk desa yang paling aman, tentram, damai, subur makmur, gemah ripah repeh rapih.  Masyarakat jarang ada yang mengunci pintu karena mencuri adalah perilaku yang sangat tercela, begitu juga hewan ternak yang disimpan di kandang di tengah sawah atau ladang tanpa ada yang menjaga atau leuit-leuit yang berisi gabah kering yang dibiarkan begitu saja aman tidak ada yang berani mencuri.

Langkung jero deui eta amanat buyut teh mangrupakeun elmu Panca Wilayah Tatar Sunda

Baca Juga :

Tidak ada komentar