Rajah Man Jasad



Bismillahirrahmanirrohiim...

Sampurasun....

Amit ampun nya paralun,...Agungna ka wujud Gusti nu Maha Suci.

Jembarna ka para luluhur sabuder awun.

Ka Ibu agung ka Rama agung, ka ibu anu teu muguran, ka rama anu mugaran.

Deuheusna ka Ibu Rama nu jadi cukang lantaran urang gumelar di pawenangan, nyanggakeun sadaya daya sasaji sapuratina.

Nampi sari nampa rasa pangasih ti ibu pertiwi, bumi agung bumi alit silokaning pusaka diri kami ka manusa nu sarasa nusasari titis waris nu sajati.

Tos jadi uga nu natrat dina waruga diri, gumulung jadi sumsum jadi balung jadi pagal kawasa.

Sumujud kanu Maha Agung, sumebah kanu Maha Kawasa,
Sangkan hudang alam rasana, sangkan nyaring alam pikirna, salawasna ngagem ka eling.

Manawi bahan katampi nyanggakeun kaula Gusti sadaya-daya pangawasa kagungan anjeunNa, geusan netepkeun dina katunggalan wujud Gusti nu Maha Suci.

Jadi jelma anu manut kana rasa panceg pageuh lalakon dina diri anu cageur, dina adat anu bageur, dina polah anu bener, dina pangarti anu pinter.

Sangkan pinanggih tilulur rahayu bagja waluya hirup waras jati, 
Walagri nagri sampurna rahayu...rahayu..rahayu kersaning Gusti.

Baca Juga :

1 komentar:

  1. Alhamdulilah akhirna kapendak rajah na man jasad karinding attack...abdi milari ti taun 2012 haturnuhun pisan..rahayu

    BalasHapus