Situs Resi Kuncung Putih Di Kramat Munjul Kecamatan Darmaraja

Sekilas Sajarah Situs Munjul Kecamatan Darmaraja

Situs Munjul, berupa kompleks makam dengan makam tokoh utama adalah makam Rd. Singadipa. 
Situs ini terletak di sebuah bukit kecil, di sebelah selatan dan barat jalan di Kampung Munjul, Desa Sukamenak, Kecamatan Darmaraja. Secara astronomis lokasi situs berada pada 06°55'40,8" LS dan 108°05'18,0" BT. 

Situs Munjul adalah bangunan teras berundak dan merupakan komplek makam. Salah satu makam yang berada di puncak teras bangunan berundak adalah makam Singadipa. Makam tersebut dilengkapi oleh jirat bata berdenah empat persegi panjang dengan nisan menhir. Nisan pada bagian kaki terbuat dari batu tufa dalam keadaan patah, dan pada bagian bawahnya terdapat struktur batu membentuk lantai. Di sebelah barat makam, terdapat makam-makam kuna lain dengan jirat terbuat dari semen dan nisan berupa menhir (batu alam). Di bagian selatan makam terdapat undakan-undakan batu alam.


Rd. Singadipa adalah putra Raden Aria Sutadinata alias Gagak Sangkur yang makamnya berlokasi di Kampung Sundulan Desa Padajaya Kecamatan Wado, Jadi Rd. Singadipa adalah cucunya Pangeran Jaya Kusumah yang makamnya berada di puncak gunung paneguh Cikareo Kecamatan Wado.   (silahkan baca : http://cipakudarmaraja.blogspot.com/2017/10/koreksi-sajarah-permunggu-pawenang-wado.html)

Menurut cerita rakyat, tokoh Rd. Singadipa  memiliki kesaktian dan ahli melukis.  Diceriterakan bahwa raja memerintahkan Singadipa melukis permaisuri yang memiliki tanda khusus tubuhnya di daerah terlarang. Rupanya permaisuri itu harus dilukis dalam keadaan telanjang. Rd. Singadipa tidak bersedia melakukannya. Akibatnya, ia disangka selingkuh dengan permaisuri, sehingga Rd. Singadipa dibunuh. Entah benar tidak cerita rakyat ini, karena tidak referensi yang mengklaim sejarah sebenarnya. Ketika jaman Raja Sumedanglarang siapa Rajanya? tahun berapa kejadiannya? Sulit pemulis menemukan referensi kajian sejarahnya.


Situs Resi Kuncung Putih Di Kramat Munjul Kecamatan Darmaraja 
Berdasarkan keterangan Kuncen Munjul, di situs Munjul Kecamatan Darmaraja ada juga makam dan petilasan yaitu : Petilasa Resi Kuncung Putih atau Aji Darma Galuh, Sangiang Sangkala Bolon Bagus, Sacang Malodra, malam Rd. Singadipa (Dipamangga Kusumah) dan makam Cokro Priono murid Syekh Lemah Abang.



Situs  Resi Kuncung Putih / Prabu Darma Galuh



Cerita Kang Yadi yang berziarah ke Munjul :
Salam pak Dedie (penulis) ka pendak eyang kuncung putih teh eta tutunggulna hiji, di Makam Kramat Munjul.




Saurna kuncen ti kapungkur hiji, ngan batuna ditambahan nu asli dihandap arageng, eta batu tutunggulna asli ngan batu aralit ditambahan meh teu jadi jukutan,  kakara kamari kuncenna ngabuka obrolan jeung adina kuncen. Cenah sajarahna Resi Kuncung Putih sajaman Raja Galuh Ciamis berdiri.

Mun kaditu kedah nanya makam nu wetan. rata-rata jiarah ka eyang Dipasinga. Padahal mah para sangiang ti wetan. 

Abdi oge nembe terang waktu kantor pos aya kolot/sepuh ngobrol jeung abdi jeung pagawe. 

Saur eta sepuh : "Tos pernah jarah teu acan ka munjul?" eta munjul asal sejarah tina muncul, nu tarilem eta ngumpul di kramat Munjul teras tarilem deui.  Sepuh-sepuh ngadamel ciri-ciri di eta tempat. Pilarian wae eyang resi Kuncung Putih". 

Abdi oge kamari keukeuh ka kuncen hoyong ka eyang Resi Kuncung Putih nu ti Galuh Ciamis Saurna karuhun Ciamis. Ngan ceuk kuncen kudu ka eyang Dipasinga heula nembe ka eyang Resi Kuncung Putih nu ti Galuh.

Tawassulna sae bubukana ku aosan kasumedangan model pedarna kuncen Santowaan Awiluar, masih kabuhunan rekesna.

Abdi jeung rerencangan karaos kontakna, da mun jeung nu leumpeuh nyuni pasti kasurupan gaibna karaos hadir.  Abdi oge ngarenjag mani ngarieg pas kuncen maca kasumedangan.


Timbul patarosan anu saleresna mah guareun sajarah Resi Kuncung Putih anu ti Galuh/luluhurna Ciamis, sajaman saha saleresna Resi Kuncung Putih teh?

Makam karamat Munjul pernahna kiduleun Kampung Munjul Desa Sukamenak Kecamatan Darmaraja. Teras kuburan panta-panta (berundak). Tutunggul (pusara) batu. Kecap Munjul teh asalna tina kecap punjul hartina onjoy tinu lian atawa unggul.

Jarak ti kota kecamatan kurang-leuwih 1 km, jarak ti Ibukota Kabupaten Sumedang kurang-leuwih 28 Km. Di dinya pisan tempat patilasan Eyang Jagat Jayanata nu ditelahkeun Eyang Aji Galuh atawa Eyang Darma Galuh, lantaran anjeunna asalna ti Galuh. Pangna datang ka Kampung Munjul lantaran kapeto ku sinuhan Prabu Galuh kudu nyebarkeun Agama jeung Darigama geusan ngadorong kamajuan rahayat Tembong Agung.

Nepika ayeuna makam Munjul pada ngdeugdeug ku nu jaroh boh nu dekeut atawa nu jauh. Dumasar kana catetan juru rumat (kuncen) rea nu datang ka pangzarohan Munjul salian nu deukeut jadi pangjugjugan  masyarakat luar Darmaraja di antarana urang Limbangan, Kawali Ciamis, Banten, Cirebon, Majalengka, Talaga, Subang, Bandung, Indramayu, Cirebon jeung sajabana, kalayan rea nu ngadon nginep jeung tafakur tujuanana taya lian  ngalap leleberan karomah jeung kaberkahan hakekatna ti Gusti syareatna karomah Eyang Aji Galuh.


1. Riwayat Sigket Eyang Jagat Jayanata

Jagat Jayanata apuputra Nyi Mas Dewi Ratna Inten Nawang Wulan. Datangna ka Kampung Munjul enggoning nyebarkeun elmu Kasanghyangan (agama suci) tur elmu-elmu Kasundaan disebut elmu Ratu Galuh. Ari nu diseut Galuh teh galeuh, galihna manusa atawa Nurani nyaeta Nur hartina cahaya, Rani hartina Ratu tegesna ratuning cahaya nyampakna dina kolbu manusa. Jinekna Elmu Ratu Galuh ngajarkeun manusa jeung kamanusaanana, akal jeung budina, rasa jeung pangrasana.

Sabada putrina jadi Pramesuri Raja Tembong Agung jenengan Prabu Adji Putih, anjeunna disepuhkeun jadi pangayom, pangaping atawa  panasehat raja, kalayan darmabaktina ngadorong kamajuan Karajaan Tembong Agung. Dumasarkana carita rayat, nalika Prabu Adji Putih ngadegkeun Karajaan, anjeuna juru catur Diplomat / juru loby) geusan ngajaring dukungan  raja-raja Tatar Sunda supaya ngadukung ngadegna Karajaan Tembong Agung kalayan diaku sajajar jeung karajaan sejenna.

Dina akhir hayatna anjeunna ngadegkeun patapaan di Kampung Munjul nyaeta tempat pikeun tafakur atawa tempat ngulik elmu kabatinan utamana pikeun jalma nu hayang apal ka mahluk-mahluk gaib. Ceuk catur rangga nu tur-tumurun, Jagat Jayanata dititipan pusaka Tembong Agung nyaeta tumbak Trisula, keris, jeung bokor emas nyaeta lambang  kaagungan Karajan Tembong Agung.


2. Piwejang Eyang Jagat Jayanata
Aji Galuh teh nyaeta Aji : Elmu, Galuh : Galih galeuhna rasa, sari patina kamanusaan. Tegesna nu disebut Aji Galuh nyaeta elmu pangaweruh pikeun ngabedah perkara-perkara kamanusaan supaya manusa wawuh ka dirina, kurung manunggal jeung kuringna, carana ngaji diri. Saupamana geus kataekan  elmuna, kasakten, cahaya, cahara, komara, wibawa, karomah ruh-ruh suci  (karuhun) bakal nitis ka jalma nu nepi ngaji dirina.

Aranjeun sing surti kana siloka sasmita lantaran jaman kaula rahayat ngagunakeun basa lisan jeung simbul-simbul. Lambang Tembong Agung  nyaeta Tumbak Trisula silokana aya tilu perkara dina diri manusa nyaeta sukma, raga, jeung nyawa. Tilu perkara eta manunggaling manusa hirup pinasti jeung hurifna. Keris elukna tilu nyaeta kaelmuan nu kudu dipigawe jeung dipibanda nyaeta  elmu syareat, tarekat, jeung hahekat.

Bokor Emas tempat benda-benda berharga, silib sasmitana aya dina diri manusa nyaeta wadahna hate jeung kahayang, wengkelna rasa kudu salawasna hurung ngempur cahayaan supaya nyaangan hate jeung pikiran tanwande moal keuna ku poek. Tah eta saenyana lambang kagungan Tembong Agung supaya aranjeun bisa ngarasakeun jeung nempo kaagungan Pangeran.



Dua Patilasan Jagat Jaya Nata
1. Makam Umum Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan
Sarsilah :
Rsi Jantaka migarwa Dewi Savitri, puputra ;
2.1. Aria Bimaraksa
2.2. Jagat Jaya Nata (Jaksa Wiragati), migarwa Sari Banon Kancana putrana Prb. Demunawan ti Sari Legawa. puputra :
2.2.1. Sari Ningrum
2.2.2. Nawang Wulan, dipigarwa ku Prabu Aji Putih putrana Dewi Komalasari sareng Aria Bimaraksa
2.3. Sari Legawa

Sempak Waja migarwa Dewi Wulan Sari, puputra ;
1. Prb. Purbasora
2. Prb.Demunawan
3. Sari Arum, dipigarwa ku Prb. Tambakwesi (Salaka Domas), puputra :
3.1. Adi Hata
3.2. Kartanegara

Jagat Jaya Nata migarwa Sari Banon Kancana, puputra :
1 Sari Ningrum dipigarwa ku Adi Hata, puputra :
1.1 Dewita Kancana
1.2 Rangga Wulung, dipigarwa ku Prb. Brata Kusuma (Prb. Tajimalela.
2 Nawang Wulan dipigarwa ku Prb. Aji Putih.

Prb. Purbasora migarwa Citra Kirana, puputra :
1. Prabu Wijaya Kusuma (Limbangan), puputra :
1.1. Permana Di Kusuma / Ki Ajar Padang, migarwa Naganingrum.
1.2 Mulyasari.
1.3. Sintara, dipigarwa ku Astajiwa.

2. Wiradi Kusuma (Sunan Pamret migarwa Siti Putih, puputra :
2.1. Suhasanah anu dipigarwa ku Usoro.
2.2. Siti Nurjanah anu dipigarwa ku Darma Kusuma.
2.3. Naganingrum anu dipigarwa ku Permana Di Kusuma / Ajar Padang.

3. Dewi Komalasari (Sunan Baeti (Baeti hartosna Buyut) / Nini Sanepa atawa Sunan Pancer dipigarwa ku Aria Bimaraksa (Sang Rsi Agung / Ki Balagantrang / Ki Sanepa), puputra :
3.1 Aji Putih, anu migarwa Nawang Wulan.

3.2 Darma Kusuma

3.3 Asta Jiwa anu migarwa Sintara (Buyut Ronggeng).
3.4 Usoro anu migarwa Suhasanah, puputra :
3.4.1 Puputon
3.4.2 Tejaningrum
3.4.3 Balung Tunggal.

3.5 Siti Putih

3.6 Lenggang Kencana, dipigarwa ku Prb. Wijaya Kusuma (Limbangan).

Di Makam Umum Desa Cipancar pernahna di Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan, salian aya Makam Jagat Jaya Nata (Jaksa Wiragati), raina Arya Bimaraksa putrana Resi Jantaka (Resi Guru di Denuh), di zona makam umum Cipancar aya :

- Prb Demunawan (As Suhada/As Hindi), Raja Saunggalah ka 1 masa pamarentahan salami 51 tahun, 645 – 696 Caka (748 – 797 M). da ari makamna senah di Kuningan.

- Patilasan Sanghiang Permana (Prb. Purbasora), , Raja Galuh ke 4, masa pemerintahan 7 tahun, 613 - 620 Caka (716 -723 M).

- Makam Tambak Wesi (Salaka Domas), putra ka-2 Prb. Demunawan, Raja Saunggalah ka - II, masa pamarentahan salami 51 tahun, 696 – 747 Caka (797 – 847 Masehi).

- Makam Sari Banon Kancana, putra ka-1 Resi Guru Demunawan, istrinya Jagat Jaya Nata, ibuna Ratu Nawang Wulan Inten Dewata (istrina Prabu Aji Putih Raja Tembong Agung).

- Makam Citra Kirana, istrina Prabu Purbasora, putrina Resiguru Padmahariwangsa Raja Indraprahasta ka 13, masa pamarentahan salami 12 tahun, 629 – 641 Caka (732 – 744 Masehi)

- Makam Dewi Komalasari (Sunan Baeti/Sunan Pancer), putrana Prb. Purbasora nu janten garwana Ariya Bimaraksa, atanapi Ibuna Prb. Aji Putih 

- Makam Wiradi Kusuma (Sunan Pamret), putrana Prb. Purbasora atanapi rakana Dewi Komalasari. 

- Makam Balung Tunggal carogena Nawang Sasih (Mulya Asih), Balung Tunggal putrana Usoro sareng garwana Suhasanah

- Makam Kencana Wangi, istrina Prabu Ciung Wanara (Rd. Suratama/Buyud Maja , Raja Galuh ke-8 nu marentah kakawasaan antara 739 - 783 M)

- Makam Nawang Sasih atanapi Mulya Asih, putri ka 2 Prabu Ciung Wanara (Rd. Suratama/Buyud Maja) ti istrina Kencana Wangi

- Makam Puspasari (Purbasari),

Tinggal denah lokasi Makam Karuhun di Makam Umum Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan dihandap ieu :










2. Situs Munjul Desa Sukamenak Kecamatan Darmaraja
Situs Munjul pernahna kiduleun Kampung Munjul Desa Sukamenak Kecamatan Darmaraja. Teras kuburan panta-panta (berundak). Tutunggul (pusara) batu. Kecap Munjul teh asalna tina kecap punjul hartina onjoy ti nu lian atawa unggul. Di dinya pisan tempat patilasanna Jagat Jayanata (Jaksa Wiragati) nu ditelahkeun Eyang Aji Galuh lantaran anjeunna asalna ti Galuh. Jagat Jayanata teh taya sanes ramana Ratu Inten Nawang Wulan garwana Prabu Guru Aji Putih. Ari makam Jagat Jayana na mah ayana di Cipancar Hilir Sumedang Salian pacaket sareng makamna Ibuna Prabu Aji Putih, nyaeta Dewi Komalasari (Ratu Komara / Sunan Baeti / Sunan Pancer / Nini Sanepa / Nini Balagantrang)

Saur ki Kuncen mah Patilasan Eyang Darma Galuh, basa harita kuring ka Situs Munjul, ngan teu ngajelaskeun kumaha sarsilahna na mah. Pangna sumping  ka Kampung Munjul lantaran kapeto ku sinuhan Rsi Galuh (Rsi Jantaka) nu taya sanes ramana,  kudu nyebarkeun agama jeung darigama geusan ngadorong kamajuan rahayat Tembong Agung.

Jadi perjalanan satutas burakna katurunan Prb. Purbasora (Raja Galuh) kualatan diserang ku Sang Sena turunan Sanjaya, nepi ka caritana Prb. Purbasora bobor karahayuan, terus ngadegkeun "Tembong Agung" teh timana heula mimitina, nu tuluy ngadegna Bagala Asih Panyipuhan jeung Tembong Agung wilayah di Medang Jati / Medang Ghana ngaran Sumedang dina jaman Prabu Kandiawan, wilayah anu wilayahna netral jeung hese ditembus musuh, naha di Sagara Manik (Cipancar) atawa ti Darmaraja (Darma Ngarajaan), mimitina? Jeung kumaha hubunganana (napak tilasna) antara Sagara Manik jeung Darmaraja, da ari maca sajarah anu ditarulis dina blog mah asa teu nyambung perjalananna satutas burak jeung bobor karahayuan Prb. Purbasora, sababna ayana Situs (Patilasan) jeung makam anu aya.

Baca Juga :

Tidak ada komentar