Makam Saha Saleresna Nu Sumare di Gunung Cupu Sumedang teh?

Makam saha saleresna nu sumare di Gunung Cupu Kecamatan Sumedang Selatan teh?

Numutkeun kuncen Kang Nana ki Kuncen makam Pasarean Gede Sumedang, nyebatkeun, "yen makamna garwana nu katilu Pangeran Geusan Ulun, nyaeta Ratu Nyimas Pasarean ayana di Gunung Cupu kecamatan Sumedang Selatan". 


I. Makam Nyimas Pasarean
Numutkeun Babad Sejarah Sunedang larang nu diserat, Pangeran Geusan Ulun atawa Pangeran Angka Wijaya, kagungan garwa 3, nyaeta :
1. Ratu Cukang Gede Waru putrina Sunan Pada putranya Rd. Meumeut (Rd. Meumeut putranya Prabu Jaya Dewata / Prabu Siliwangi ti garwana Ratu Rajamantri, putrina Prabu Tirta Kusuma atawa Sunan Tuakan). Ti garwa ka hiji Ratu Cukang Gedeng Waru,  Prabu Geusan Ulun atawa Pangeran Angka Wijaya,  puputra :
  1. Pangeran Rangga Gede / Kusumah Dinata IV, nu nurunkeun para BupatiSumedang jaman Sumedang Larang.
  2. Dalem Aria Wiraraja 1, nu nurunkeun katurunan ka Darmawangi Kecamatan Tomo, ka Serpong Tanggerang nu dikenal namina Lengkong Sumedang di Tanggerang
  3. Kiai Kadu Rangga Gede  
  4. Kiai Rangga Patra Kelana 
  5. Kiayai Aria Ranggapati nu nurunkeun katurunan ka Haur Kuning, Legok - Paseh
  6. Kiai Ngabehi Watang 
  7. NM. Demang Cipaku
  8. NM. Rangga Wiratama
  9. NM. Ngabehi Mertayuda nu nurunkeu katurunan ka Ciawi Sumedang Selatan.
  10. Rd. Rangga Nitinagara (Dalem Nitinagara), anu nurunkeun ka Pagaden Pamanukan.
  11. NM. Rangga Pamade 
  12. Nyimas Dipati Ukur Bandung.
2. Ratu Harisbaya puteri asal ti Pajang katurunan Raja  Sampang Madura. Ti garwa ka 2 Ratu Harisbaya,  Prabu Geusan Ulun atawa Pangeran Angka Wijaya, puputra  :
  1. Pangeran Soeriadiwangsa / Pangeran Rangga Gempol I / Kusumahdinata III, anu wafatna di Mataram (Lempuyang Wangi - Mataram).
  2. Pangeran Tumenggung Tegalkalong. yang meninggal bersama 14 senapati Sumedanglarang di jaman Pangeran Panembahan (Rangga Gempol 3), dalam peristiwa penyerangan Hari Idul Fitri di Mesjid Tegal Kalong, oleh Pasukan Banten dibawah pimpinan Cilik Widara
3. Ratu Nyimas Pasarean putrina Sunan Munding Saringsingan ti garwana Soriah atawa Sohito, asal ti Pakuan Pajajaran. Ti Ratu Nyimas Pasarean isteri ka 3, Prabu Geusan Ulun atawa Pangeran Angka Wijaya, puputra :
  1. Kiyai Demang Cipaku, dimakamkeun di Dayeuhluhur digedengeun makam ramana Prabu Geusan Ulun atawa Pangeran Angka Wijaya, nurunkeun katurunan  ka Darmaraja jeung Situraja.
Ari asal-usul nyimas Pasarean teh kieu, Anta Wahab migarwa Hosiyah, asal Pajajaran, puputra Sunan Munding Saringsingan. Mustopa Haer migarwa Rohatin, puputra Soriah atawa Sohito. Sunan Munding Saringsingan migarwa Soriah, puputra  Nyimas Pasarean, dipigarwa Prabu Geusan Ulun, isteri ka 3.


II. Makam Sukmana (Rsi Cupu) 
Dina versi Sajarah Tarumanagara, dina masa Raja ka 3 nyaeta, Raja Purnawarman (Sri Maharaja Purnawarman Iswaradigwijaya Bhimaparakrama Surya Maha Purusa Jagatpati Purandara Sakti Pura Wiryaajaya Lingga Triwikrama Bhuwanatala atawa Sri Purnawarman Bhimanarakrama Narendradhipa,  169-282 Caka (395 - 434 M). Wilayah Sumedang ka lebet diantara wilayahna bawahan karajaan Tarumanagara, nu disebatna Cupugiri jeung Gunung Cupu di Sumedang. 

Kamandalaan nyaeta kata benda pikeun Mandala nu hartina Tempat Suci (arhat) jeung sakaligus daerah anu jadi wilayah bawahan karajaan waktu harita (Tarumanagara), nu miboga kawenangan nu khusus dina bidang keagamaan. Sabagean masyarakat di tatar Sunda nyaruakeun Mandala sarua jeung Kabuyutan.

Mandala nyaeta tempat suci jeung tempat diajar paelmuan kaagamaan dina ajaran Jati Sunda jeung kahinduan  anu dipimpin ku Rsi Guru. Di samping eta aya aktivitas sejen salian elmu kaagamaan, misalna ngokolakeun tatanen jeung perniagaan, oge dijaga keamanannya ku para cantrik / prajurit pangamanan di Mandala.

Nalika Dharma Satyajaya Warunadewa marentah di Kerajaan Salakanagara jadi Raja nu ka 5 dina taun 129 - 177 Caka (242 - 290 M), purtra-putrana 7 jalmi aya nu ninggalkeun ka Karatonan ngajugjuhg ka arah wetan ti Salakanagara pikeun nyebarkeun kayakinan dina waktu harita sarta tumetep di daerah sakitar pagunungan, nu salajengna  jadi batara guru atawa Resi,  aya oge nu salajengna janten pamimpin atawa Raja Resi.

Tujuh putra Dharma Satyajaya Warunadewa, nyaeta :
1. Prabu Daniswara (Sumaradira) janten Raja Resi di suku Gunung Tampomas, anu nyebarkeun ajaran hindu di belah kaler wilayah Sumedang waktu harita, kaasup Cimalaka, Conggeang, Buah Dua, Tanjungkerta Tanjung Medar wilayah beulah kaler kiwari. Makamna aya di blok Ciemutan Dusun Cilumping, Desa Cikurubuk, Kacamatan Buahdua.


Puseurna ajaran baktha ka Hindu an harita (252 - 290 M) ayana di Ponclot Gunung Cupu Manik Gunung Tampomas. Bukti nu kapanggih paninggalan arkeologis nu aya di kawasan Gunung Tampomas pernah ditaliti N.J. Krom dina taun 1914 jeung nyatet ayana wangunan punden berundak tina batu-batu lobana opat teras, nu ngalewatan tatecean tina batu. Di Puncak wanguna berundak aya patuhg ganesha, batu urut tapak suku jeung genep benda, nyaeta : Goong Leutik jeung hiji deui hiji landasanna (Krom, 1915;65). Dina ajaran kahinduan Goong leutik eta jeung alat panakolna sok dipake pikeun samadhi. 

Gunung dina papakem masyarakat sunda zaman klasik mibanda kadudukan tempat sorangan dina sistem religina atawa papakem pikeun pencerahan. Dina bulan Januari 1987, Lucas Partanda Koestoro ti Laboratorium Paleoekologi & Radiometri, Bandung (ayeuna Balai Arkeologi Bandung) kungsi ngalakukeun panelitian deskriptif titinggal budaya ajaran baheula  di Sanghiang Taraje. Uraian hasil panalitianna nguraikeun yen kondisi jeung dimensi wangunan berundak. 

Sabaraha obyek penting nu dicatatna nyaeta aya arca menhir tina batuan andesit di halaman mimiti, batu tatapakan (umpak), batu ajeg (batu nu didirikeun tegak) jeung batu kasur nu aya di halaman katilu (Koestoro, 1987: 38–39).  Di belah kidul - wetan  Sanghiang Taraje aya situs Puncak Manik. Di Puncak Manik eta aya obyek  arca Ganesha,  arca binatang jeung  batu bentukna tumpeng. 

Arca Ganesha nu aya  di Cupu Manik  Tampomas dijieun tina bahan batuan andesitik. Ganesha digambarkeun sacara sederhana dina posisi diuk, leungeu kenca dilipet di hareup dada, leungeun katahu nyekelan tungtung tulale. Arca binatang sejen ngagambarkeun Maung jeung Monyet. Sasatoan eta digambarkeun dina posisi anu jongkok. Suku tukang ditekuk jeung suku hareupna lurus ngajolor (Yondri, 1988). Ayana patung Ganesha dina ajaran hindu ngagambarkeun pendidikan, Maung dina ajaran wiwitan ngagambarkeun kakuatan. kitu deui di Cupu Manik Tampomas aya batu Lingga pasagi opat (Batu Sandung), handapna dipahat corak tangkorak manusa, hiji ciri dina ajaran kahinduan waktu harita dina pamahaman bakhta ka Dewa Siwa, jeung aya tilu Lingga nu sejenna. Gunung Agung (Tampomas) di anggap puseurna wilayah ka-Hindu-an ti mandala-mandala sejen waktu harita dina jaman Salakanagara - Tarumanagara wilayah Sumedang. 

Di  lereng gunung Tampomas beulah wetan aya lokasi nu disebut Blok Candi. Sacara administratif lokasina ka asup  wilayah Desa Narimbang, Kacamatan Congeang. Di lokasi ieu terdapat struktur teras batu nu orientasina ngaler - ngidul. Panjangna 6,40 m katebalanna 40 cm. Dumasa katerangan ti masyarakat di blok ieu ditimukeun 1998 telah ditemukan arca jalma tina batu nu sirahna geus potong, posisina eta arca mirip jalma anu mudra (samadhi) leungeunna disilangkeun hareupeun dada.

2. Jaya Sampurna (Jaya Sakti), nyebarkeun ajaran Hindu di sakitar wilayah medal kamulyan beulah Kidul, situs makam na aya lingkungan Parigi Kelurahan Pasanggrahan Baru kecamatan Sumedang Selatan.



3. Indrasari (Gajah Handaru) nyebarkeun ajaran Hindu di sakitar wilayah medal kamulyan beulah Kidul, situs makam na aya di Lingkungan Parigi Kelurahan Pasanggrahan Baru kecamatan Sumedang Selatan.



4. Lara Sakhti, nyebarkeun ajaran Hindu di sakitar wilayah medal kamulyan beulah wetan, situs makam na aya di Cisusuru - Sahang, Desa Ambit Kecamatan Situraja



5. Sukmana (Rsi Cupu), nyebarkeun ajaran Hindu belah kidul, situs makam na di Gunung Cupu, Kelurahan Kotakulon Kecamatan Sumedang Selatan.


6. Jaya Bhuana Ningrat (Banas Banten), nyebarkeun ajaran Hindu dibeulan kaler, situs makamna di Kampung Banas Cibanten Desa Babakan Asem Kecamatan Conggeang


7. Sanyak (Sari Hatimah) atau Tumenggung Surabima, nyebarkeun ajaran Hindu di beulah kaler, situs makam na di Cieunteung Desa Cipamekar Kecamatan Conggeang.


Mandala di sakitar wilayah Mandala Cupu Sumedang, bawahan Karajaan Tarumanagara waktu harita dipimpin Guruloka atawa Guru Resi.  Sukmana nyaeta Resi Cupu, anu dimakamkeun di Gunung Cupu. 

Lokasi situs makam Sukmana (Eyang Cupu), di Gunung Cupu Pasarean di lokasi makamna aya oge makam na Nyimas Pasarean putrina Sunan Munding Saringsingan ti Pajajaran. 

Baca Juga :

Tidak ada komentar