Situs Cipaku Jatigede Jeung Kasaimbangan Alam Fibonacci

Sampurasun...

Amit ampun nya paralun, ka Gusti nu Maha Suci.
neda pangjiad pangraksa abdi keumpeul Seuweu Siwi.
Seja ngaguar Laratan...titis waris Padjajaran
ngembatkeun jalan Laratan katampian Geusan mandi
ka Leuwi Sipatahunan, Leuwi nu ngaruncang diri diri manusa kiwari
rek muru lulurung tujuh ngahiap ka padjajaran
bongan hayang pulang anting
Padungdengan padungdengan jeung usikna pangacian
Ahung... ahung... ahung kanu Maha Agung

Sampurasun karumuhun...
nu murba di Darmaraja...pangauban Seuweu siwi
nu Gelar di Tembong Agung...
muga nyebarkeun wawangi...
Ahung... ahung... ahung kanu Maha Agung

Run turun, bayu tresna, bayu asih...
bayu mawa Kawaluyaan..
bayu mawa Kaelingan, Sakur nu kaliliwatan...
Sakur nu katitincakan.
Ku urang buka tutungkusan nu kahalang, kupipinding
Dina gebang sewu lontar...
dina tulis titis tulis maca uga na waruga
atra setra kanti suksma...
run turun Jati Rahayu
Gelaran banjaran bagja

Balumbung agung rahayu ruminjing manjing walagri ...
Balumbung agung rahayu ruminjing manjing walagri ...
Bray caang bray narawangan wangi diri sanubari
Gorejag sarengkang ringkang rancage hate awaking
Ngebatkeun jalan laratan katampian geusan mandi
Kaleuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri
Diri anu sakiwari rek muru lulurung tujuh
Ngaliwat ka pajajaran bongan hayang pulang anting
Padung dengan.. padung dengan ...jeung usikna pangancikan...
Ahung... ahung... ahung
Turun ti gunung gumuruh kahujanan ku malati
Nya moyan di pamoyanan papanggih jeung urang dami
Anu keur mener ngarajah madep ka dayeuh kawangi
Ahung... ahung... ahung kanu Maha Agung


Dinu Naskah Kacipakuan anu aslina ditulis dina huruf pegon yen CIPAKU, teh Silibna Pakuning Alam, Pakuning Bumi, Pamageuhna Bumi.

 
Di Parahyangan dumasar tina naskah Sewaka Darna Kabuyuyan Ciburuy nu ditulis dina taun 1405 Saka (1484 M) sareng ngacu tina konsep Opat Kalima Pancer, yen di Tatar Parahyangan teh Aya Lima Daerah Cipaku atawa Mandala Hyang anu salah sahiji nu jadi puseur/pusat/pancer tina opat Cipaku atawa Mandalahyang anu lainna kasebar dina arah penjuru mata angin di buana nyaeta Cipaku belah Wetan, Cipaku beulah Kulon, Cipaku beulah Kaler Jeung Cipaku beulah Kidul (5 mandala hyang di buana Parahyangan).

Dumasar konsep Opat kalima Pancer tadi sabab eta lokasi 5 CIPAKU mangrupakeun Mandala atawa kabuyutan nu aya di Parahyangan atawa wuku (tempat kawikwan) di Alam Buana , nyaeta :

- Cipaku Wetan nyaeta Sumedang, mandala ieu disilibkeun ku warna Bodas, anu lokasina di Situs Lemah Sagandu Cipaku Darmaraja anu anu geus kakeueum ku Waduk Jatidede.

- Cipaku Kulon nyaeta Bogor, mandala ieu disilibkeun ku warna Koneng, anu lokasina di Cipaku Prasasti Batu Tulis Bogor jeung Gunung Padang.

- Cipaku Kaler nyaeta Subang, mandala ieu disilibkeun ku warna Hideung, anu lokasina di Situs Taruma Jaya Cipaku Subang.

- Cipaku Kidul nyaeta Garut, Tasikmalaya Jeung Ciamis, mandala ieu disilibkeun ku warna Beureum, anu lokasina di Cipaku Garut jeung Cipaku Tasik, Cipaku Garut nyaeta Kabuyutan Ciburuy jeung sabeudereunana, Cipaku Tasik nyaeta Kabuyutan Galunggung (Gunung Agung) jeung sabudereunana.

- Cipaku Tengah nyaeta Bandung, mandala Tengah Gunung Sunda Purbahyang, ieu disilibkeun ku aneka warna (pelangi) anu lokasina mencar nyaeta di Rajamandala, Dago Pakar jeung Gunung Puntang.

Ari nu disebut mandala teh nyaeta tempat jalma tatapa/semedi/nyuprih elmu pangaweruh di tempat anu sakral dina jaman harita sangkan Padang (Caang) Narawangan/jalma linuwih atawa tempat pikeun ngasah pangaweruh nu ngahasilkeun jalma-jalma nu meunang pencerahan pituduh ti Guruna, Pandita atawa Resi.

Kitu deui raja-raja teh sok ngasingkeun diri ngaresi ka tilas tempat-tempat nu kapungkurna tilas tempat peradaban sateuacanna, atanapi tilas wewengkon parahyangna atawa kabuyutan.


Dina Naskah Medan Kamulyaan (terjemahan tina basa pegon) anu aya di Darmaraja Sumedang, diterangkeun yen CIPAKU teh : 

"...Bagenda Syah Jeneng Ratu di Karajaan Medang Larangan Anu Karatonna dicipta ku Sayyidina Sis Alahis Salam. Di  Cai Paku satutasna surutna Cai Sagara Ngeueum Alam Medang Kamulyaan. Ari disebut Cai Paku ieu mangrupa pangeling-ngeling ieu tempat anu geus orot tina Cai Sagara loba tangkal Paku ku ayana prahara alam Medang Kamulyaan ka keeum ku Cai Sagara".

Tina Sajarah yen sabagean bumi teh geus ngalaman tenggelam ku sabab dina jaman Es anu cair nu ngakibatkeun benua/pulau nu aya di bumi tenggelam. Numutkeu para ahli sajarah masa baheula tenggelam bumi teh kusabab ayana meteor anu nabrak ka bumi nu ngakibat es cair jeung nenggelamkeun sabagean pulau atawa benua nu aya dimuka bumi. Saperti nu ku urang dikanyahokeun sakabeh, sanggeus Peristiwa Bencana Nabi Noh kurang leuwih dina taun 11.000 SM (13.000 taun nu katukang), sakabeh paradaban di bumi ancur nu aya tinggal keluarga Nabi Noh sareng para pengikutna.

Sakelompok anu nuturkeun ka Nabi Noh nu salamet, tuluy ngawangun peradaban anyar di Kawasan Sundaland, nu akhirna di sakitar Sundaland ngajadi pusat peradaban nu anyar.

Saur Sepuh sateuacanna aya banjir gede, eta tanah sundaland masih ngahiji keneh sareng tanah Asia, anu di sebatna tanah Sunda (Sundaland) atawa dina sababaraha katerangan hadits disebutna Al Hind.

Urang Sunda (parahyangan) teh ngabogaan :

1. Tanah Sunda (Sundaland)

2. Ngabogaan bangsa nyaeta bangsa Sunda.

3. Ngabogaan basa nyaeta bahasa Sunda (Linggasasaning Haksara jeung Haksara Reya).

4. Agama nyaeta Agama Alus Hyang Maha Esa.

5. Turunan Seuweu-Siwinan Nabi Adam sareng Siti Hawa. Adam Puputra 40 pasang kembar ditambih Nabi Sis sareng Siti Hunun anu teu Kembar.

Ti Nabi Sis a.s, nabi Sis a.s puputra nyaeta :

- Ka hiji Sayyidina Anwar anu nurunkeun katurunan urang Asia. Sayyidina Anwar atanapi Sanghyang Nurcahya puputra Sanghyang Wenang, Sanghyang Wenang puputra sanghyang Tunggal anu nurunkeun Pandawa sareng Astina.

- Ka Dua Sayyidina Anwas anu nurunkeun katurunan para nabi jeung katurunan Barat.

Tah ayeuna urang ngabahas yen Cipaku, teh silibna Pakuning Alam, Pakuning Bumi, Pamageuhna Bumi anu aya dina Naskah Kacipakuan tea. 

Dumasar kana teori kasaimbangan Alam atawa anu leuwih di kenal "FIBONACCI TEORI". Hasil pangambaran Teori Fibonaci eta Mandala atawa kabuyutan teh museur di SITUS CIPAKU JATIGEDE anu Puseurna, padahal amun ninggal opat ka lima Pancer yen Cipaku Sumedang mah, lain Cipaku Tengah, tapi hasil panggambaran Kasaimbangan Alam SITUS CIPAKU jadi puseurna Kasaimbangan Alam ditatar Pasundaan???

Hasil panggambaran eta kasaimbangan alam teh ayana di Cipaku Wetan nyaeta Sumedang tepatna SITUS CIPAKU anu disilibkeun Warna BODAS.


MANGSA PARAHIYANGAN SANGKURIANG KABEURANGAN
Mangsa dina sesebutan ieu, ngadegna dina mangsa sasakala gelarna Talaga Bandung, nyaeta anu sok katelah “Sumur Bandung” atawa “Leuwi Sipatahunan”.

Ari Talaga Bandung ngajadina “dijadikeun” ku Sangkuriang kira-kira 10.000 taun baheula, nyaeta mangsa “SANGKURIANG” nyieun bendungan di wahangan Citarum nepi ka caina kapendet ku bendungan, nya tuluy ngeuyeumbeung jadi Talaga. Eta anu dicaritakeun dina dongeng legenda “Dayang Sumbi jeung Sangkuriang”.

Ceuk Beja Eta caritaan/dongeng kajadianana di Sumedang, nya di Gunung Surian Darmaraja.



 

MANGSA SUMUR BANDUNG
 
Nincak kana Tata Pakwan/Pakuan/Pakuwuan (karajaan-karajaan leutik)

a. Sindulang, Alengka, Kendan, Cangkuang (Leles), sisi Talaga Belah Wetan

b. Malabar, Puntang, jst, sisi Talaga Belah Kidul

c. Rajamandala, jst, sisi Talaga Belah Kulon

d. Karatuan-Karatuan Sunda palebah Padalarang, Dago, Manglayang, jst, sisi Talaga Belah Kaler

Tah...ayeuna mangsa Sangkuring Kabeurangan telat nyaritakeunana

Cag...ah Rampes.

Baca Juga :

Tidak ada komentar