Angka Numerik Insun Medal Insun Madangan

Aji Guna : NIR LINGLANG NARAWANGAN WARUGA : Alam muda Nur Putih, Babar Alam Ka-Sunda-an"

Lamun diitung ku itungan Haksara Sumedang nu 33, kecap :

INSUN MEDAL = 170

INSUN MADANGAN = 190

mangka lamun dijumlah INSUN MEDAL INSUN MADANGAN (170 + 190) = 360, mun 360 dibagi 9 (Ka-wali-an) hasilna 40, nya paingan atuh Nu kapapancenan ngurus teh cirina 40 kuren teu kurang teu leuwih.

Dedie Kusmayadi : Melak tangkal oge dikabuyutan kedah 40 teu kurang teu leuwih apan baheula mah eta kabuyutan tara kurang tara leuwih ti 40 susuhunan imah...manawi seun...kang Aji Guna 


Aji Guna : muhun kang Dedie,, horeng kitu cariosna etangan 40 teh, kakara kabuka ku etangan warisan ti Eyang Taji mah.

Aji Guna : nuju diajar tina etangan kang, bongan Gusti ngadamel Titi Mangsa tina code 6 : "Bi sittati ayyam : enam masa", para ulama ngadamel etangan, ti dinya para wali nangtukeun naktu waktu tur windu, aya nu ngagunakeun etangan 6 poe dumasar kana katerangan Qur-an tadi, aya nu ngagunakeun Poe 7 Dawuh 5, aya oge nu ngagunakeun itungan 8 poe dumasar Al-Kitab,, taaah sim Ndul mah bade ngetang ku etangan Sumedang we da di Sumedang mah etangan Poe aya 9 saluyu sareng waktu pamedalan: "tujuh kolot ~ dalapan ngaruang-ruang ~ salapan medal"

Aji Guna : ti Eyangna ge tos aya namian kang Dedie etangan Sumedang mah disebat "ANGKA SADRIYA", Aksarana: "HAKSARA REYA"

Aji Guna : ANGKA SADRIYA = ANGKA TANGTUNG / ITUNGAN SAADEG DIRI, ari HAKSARA REYA disebat Haksara KAMANUSAAN margi HAKSARA REYA teh hartosna Kamanusaan teh Hak sadayana, saluyu sareng Pancasila sila ka-5 : KEADILAN SOSIAL BAGI SELURUH RAKYAT INDONESIA,  (sanes "bebek nungging")

Dedie Kusmayadi : Kitu deui Haji Darmaraja nyieun 7 muhara tinu nu poe anu 7, muhara ngajadi anu ngindungna ka poe balungan, nyaeta poe jumaah

Aji Guna : Dina etangan Poe Sumedang, Poe 7 disebat poe Baganti, keuna owah: ayeuna Salasa isuk jadi Rebo, isukna deui jadi Kemis,, kitu jeung kitu teu angger haben muter lir Cai di Muhara Sagara nu keuna siklus,,

Aji Guna : Poe nu 7 (kala mangsa / waktu) ka-8 Adam (Manusa), ka-9na Alam (Ruang / Dumensi) 9 Alam : Mandala. ieu anu disebat "Aku antara ruang dan waktu" 8: ngaruang ruang (Manusa) nu ngeusi alam, ngaliwatan mangsa mangpirang jaman, gawena turu tuwang (hees jeung nyatu) kumelendang di alam pawenangan ngalakonan Hirup Hurip.

Aji Guna : 7 Lapis Bumi ka-8 nu nyebutna, 7 lapis Langit, ka-8 nu nyebutna, margi di Manusa aya Dimensi Bumi jeung Langit.

Dedie Kusmayadi : Amun Bumi dipotong jiga rainbow cake ekee...kee ngan motong make peso naon? Ekee...kee...kee ka taluntik ku elmu geologi aya tujuh lapis bumi, kitu deui 7 lapis langit jiga langit ngait jagat rapak kawas diamparkeun...panemu eyang Aji Putih mah. Dina kacipakuan

Aji Guna : Dawuh nu 5 kapungkur dianggo dawuh Sambeang,, Dawuh Manis mayun ngetan, Dawuh Pahing mayun ngidul, Dawuh Pon mayun ngulon, Dawuh Wage mayunna ngaler,, ari Kaliwon Museur di tengah pertingkah Salat Wushtho : Salat Tajalliy.

Aji Guna : numutkeun etangan Wali, Dawuh nu 5 teh ngabogaan Naktu:

1.Manis (Legi) naktuna: 5
2.Pahing naktuna: 9
3.Pon naktuna : 7
4.Wage naktuna: 4
5.Kaliwon Naktuna: 8... opat ka-5 Pancer, nya nu tadi pancerna Manusa (Khalifah Fil Ardhi)

Aji Guna : Lamun dijumlah 5 jeung 9 jeung 7 jeung 4 jeung 8 teh hasilna 33

Dedie Kusmayadi : Eta nyoko kanu gambar ieu kang Aji Guna kanu Amanat Buyut tea...kitu deui padzikiran aya nu 33 bilangannana.




Baca Juga :

Tidak ada komentar