Papatah Mang Sumed

Ka leuweung rek melak tomat, dibaturan teh ku sobat.
Eweuh obat nu mujarab, iwal ti ngajalankeun sholat.

Kamana jalan ka asia, tuh kaditu ka palih wetan.
Kamana jalan ka surga, tuh kaditu ka pangaosan.

Nendeun siwur luhur sumur, nunda batok wadah gula
rejeung dulur kudu akur, ulah osok parasea.

Beca teh asup ka jurang, gara-gara nabrak kapal
Saha anu heunteu wirang, mun maot teu mawa amal

Cai limun dina papan catur, buah kadu na buruan
Lamun hayang loba batur, kudu akur jeung babaturan.

Aya cai dina gelas, diasupkeun kana botol 
Lamun hayang naek kelas, di ajarna kudu getol.

Aya huma dekeut situ, geuning nu bogana randa 
Naha urang sunda teh kitu, alim nyarios ku basa sunda.

Datang tamu urang madrid, eta malah gudag-gidig
Tuh tinggaleun sholat magrib, nu kitu incuna jurig.

Datang tamu ti malaysia, pamuda malah ngagaya 
Tuh tinggaleun sholat isya, nu kitu bapana kuya.

Datang tamu mawa waluh, ema malah neangan suluh
Tuh tinggaleun sholat subuh, nu kitu jelma teu puguh

Datang tamu tukang kolor, si bapa kalahkah molor 
Tuh tinggalen sholat lohor, nu kitu hatena kotor.

Kutu anying jadi supir, tumila jadi wadana
kudu eling kudu mikir, di dunya mah moal lana.

Kutu anying jadi supir, kolotna keur nyieun sumur. 
Kudu eling kudu mikir, maot mah teu nempo umur

Aya mobil warna silver, dipake keur ngala pare.
Lamun maneh hayang pinter, ulah loba teuing sare.

Mun teu bisa ka jakarta, ulah indit mawa kuda. 
Mun teu bisa mere harta, ulah pedit ku pang do'a.

Batu angkik mata ali, dina peti wadah uang.
Wantu abdi sanés ahli, sepi harti kirang luang.

Bobor emas dua réal, dilebur leungit saréal.
Mun campur jeung jalma royal, manéh tangtu milu royal.

Dimana nya melak paré, melak sampeu mah ditegal
Nu migawé lampah hadé, ibarat nu boga modal

Hampelas raraga jati, palataran babaléan
Ihlas raga sareng pati, ngabélaan kasaéan

Hangasa bawa ti gunung, dipipit bawa di rawa.
Kasaha nya sumalindung, nitipkeun raga jeung nyawa.

Hayam jago eukeur béla, dipeuncitna ku ki santri.
Kudu getol ka sakola, sangkan beunghar ku pangarti.

Jiga naon lauk enun, matak jadi kahéranan
Mun manéh cucud jeung junun, Insya Allah tinekanan

Ka kulah nyiar kapiting, ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting, osok loba gogodana

Kanikir siki kanikir, cangkudu beunang panimu.
Kapikir beuki kapikir, hirup kudu loba élmu.

Lauk emas ngakan ganggeng, disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng, teu cara boga pangarti.

Mawa peti dina sundung, dibawa ka nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung, kabisa teu beurat mawa.

Méméh ngagelarkeun kasur, samak heula ambéh rinéh.
Méméh nyaritakeun batur, tilik heula awak manéh.

Nanggap wayang diheulakeun, bodorna Cépot jeung Garéng.
Murid nu rajin ngapalkeun, moal meunang peunteun goréng.

Ngala lauk meunang selar, bungkusna daun Hangasa.
Sakur mahluk nu gumelar, dirahmat ku Nu Kawasa.

Nimbang paré deukeut pager, tumpukanana ngajajar.
Tinimbang jeung udar-ider, leuwih hadé gé diajar.

Ninun boéh pakan muda, ajar suri jeung taropong.
Anu paéh taya banda, kantun diri ngajolopong.

Papan kiara ditatah, iraha jadi lomari.
Mun bisa miara létah, mokaha salamét diri.

Pikasureun dijarumat, jarumna harga sasénan
Saluhureun kudu hurmat, sasama kudu ajénan.

Pulas batik encit muntah, meulina ti anu kumed.
Reungeukeun kami papatah, ulah resep ceceremed.

Samping kageutahan dukuh, dikelab dikacaikeun
Nu matak manéh sing kukuh, papatah guru éstokeun.

Séréh ti Gunung Koromong, dipelak di kolong sasak.
Saméméh manéh pok ngomong, pikir heula masing asak.

Susuru opat ngajajar, katinggang ku daun jati
Guguru kapalang ajar, cara kembang burung jadi

Tatangga hajat nyunatan,saréréa milu suka.
Diajar ulah béngbatan, bisi kaduhung jagana.

Ninyuh ubar ku cipati, diwadahan piring gelas.
Anu sabar éta pasti, ku Allah dipikawelas

Ulin ka jalan juanda, sawaktos bulan puasa 
Mun ngaku urang sunda, tong poho kana sisindiran nana.

Aya hiji balon rek bitu, sabab kagencet ku buhaya. 
Naha urang sunda teh kitu, mopohokeun kana budaya

Mawa ragi ka Cilutung, tikukur ngudag saéran.
Boh rugi atawa untung, kudu sukur ka Pangéran

Ari hayang melak wijén, ulah deukeut awi gombong.
Ari hayang pada ngajén, ulah boga sikep sombong.

Jauh-jauh manggul haur, nu deukeut gé haur kénéh.
Jauh-jauh néang batur, nu deukeut gé nganggur kénéh.

Angsana sisi kuburan, tangkal kaso tangkal tomat.
Bungahna mun geus lebaran, komo mun puasa tamat.

Ka cikahuripan cikajayaan, cipageran cisudajaya,
Huripna Allah Jaya Salawas, pangeran urang sadaya.

Mawa menyan ditilaman, ragaji anu mang usup.
Kaimanan kaislaman, nu jadi patokan hirup.

Rek mandi mamawa roda, ka cai jalan ka leuwi.
Lamun ningali pingping randa, pasti puasana batal deui.

Si Eros purah gundam, mawa elap kaluar ti imah.
Nu rumaos kaum Adam, kadé hilap netepan Jum'ah.

Ki waru dijieun papan, tangkalna dina wahangan.
Sagala nu karanapan, tangtuna bongan sorangan.

Ngala supa na kibeulah, na timana icalan manyarna.
Sagala rupa masalah, pasti aya jalan kaluarna.

Kabaya samping keur elap, ngala hui cuang opatan.
Baraya teu kénging hilap, kedap deui urang Jum'atan.

Néwak careuh ti Pasirlandeuh, huluna ulah rék dipotongan,
Prakreureuh tina kariweuh, poma ulah rék kajongjona.

Meulah jok ulah kugayung, pa marta dulur kang ruhyat.
Ulah sok resep adigung, da harta mah moal dibawa ka akherat.

Meser sirup ka Cianjur, meser hurang ka Majalaya.
Hirup mah kudu jujur, sangkan urang loba baraya.

Melak Leunca Na Pipiti, aya Simeut Dina Ja'at.
Sing Loba Eling Ka Gusti, bakal Slamet Dunia Akhirat

Ka kulah nyiar kapiting, ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting, osok loba gogodana.

Ulin mah ka selat sunda, naha atuh jadi nalangsa. 
Kuring teh urang sunda, jadina nyaah kana basa.

Diluhur aya bandera, bandera gambarna panda.
Naha kuring kudu era, pan ieu teh basa sunda.

Itu aya pawang buhaya, pawangna teh urang persia.
Kudu nyaah kana budaya, bisi dipaling deui ku malaysia

Hayang ulin ka gunung gede,  di gunung aya buhaya. 
Urang sunda sing harade, sing nyaah kana budaya.

Ulin ka jalan cipada, sawaktos bulan puasa.
Mun ngaku urang sunda, tong poho kana basa.

Aya jalma leumpang ti peuting, manehna teh balik nyaba.
Urang sunda kudu eling, tong hirup sakaba-kaba.

Tuang sareng beuleum peda, karaosna enak pisan.
Lamun anjeun urang sunda, sing tiasa sisindiran.

Aya nangka dina dahan, mani alus katempona.
Ulah waka bobogohan, bisi teu lulus sakolana.

Tatangga hajat nyunatan, sarerea milu suka.
Diajar ulah bengbatan, bisi kaduhung jagana.

Ninyuh ubar ku cipati, diwadahan piring gelas.
Anu sabar éta pasti,  ku Allah dipikawelas.

Baca Juga :

Tidak ada komentar