Panyuhungkeun


Kalayan nyebat asma ALLAH anu Maha Welas tur Maha Asih!
Muntangkeun akal, manteungkeun hate ka Anjeun.
GUSTI anu kagungan Abdina sadaya.
Sumegruk abdi, menta kalan menti.
Neda agung sewu kucukup, jembar pangampura.
Mugi-mugi Anjeun nguping kana ieu Payuhungkeun.

Sideku sinuku tunggal mapat pancadria
Abdi nyuhunkeun dina sagala perkara,
Dina baseuhna letah ku Istigfar,
Neda Hapunteun sadaya lampah anu sasar,
Dina Baseuhna raray ku abdas,
Payusna hate teu weuleh nyacas,
Ucapna, lampahna, tekad, jeung kalakuan.

Nurcahya Sekar Ning Gilang Gumilang Narawangan
Nyumput Buni Dinu Caang, Negrak Bari Jeung Katinggal.
Elingna, rukuna, sujudna, muga napak dina dulangna, muga nekuk dina bedugna.




Narangtang nyawang waruga,
nilik titis tulis diri,
Ebreh sapangreretan,
atra raga kanti sukma,
Jung Nangtung wawuh kakujur,
ajeg tenget kapangadeg
Hurip INGSUN Hurip Ing wong,
jirim jisim pangancikan
ROH hurip NYAWA lan SUKMA,
gumulung sabudeur awun
Gelar patarema RASA,
sampurna JATIning SUNDA
Jung Nantung Ngadegkeun Alif Satengahing Jagat
Dinu raga jeung rahsa.
Bray caang bray narawangan, wangi diri sanubari
Gorejag saringkang ringkang, Rancage hate awaking

Baca Juga :

Tidak ada komentar