Ngaguar Falsafah Bendera Beureum Jeung Bodas Di Situs Sumedanglarang


Pamasangan Bendera Merah di Astana Gede Cipaku 
Rebo kamari jam 12.30 wib, 22 Juni 2016 (19 Ramadhan 1437 H), rengse di bebenah situsna nu janten Naledra Raja ka 3 Tembong Agung Sumedanglarang di Leuwi Hideung Darmaraja Prabu Lembu Agung (22/6/2016). Info ti Kang Fajarnur Kurnia Fathurrahmanman dinu Facebookna.

Putrana nu ka hiji Prabu Tajimalela, diantara nu nu tilu teh, nyaeta :
1. Jayabrata atawa Batara Sakti anu katelahna Prabu Lembu Agung.
2. Atmabrata atawa Batara Wirajuda anu katelahna Prabu Gajah Agung.
3. Maria Jaya atawa Batara Dikusuma anu katelahna Sunan Ulun (sanes Geusan Ulun anu beh dieuna), Sunan Ulun milih janten petapa/resi teu disebatkeun tempat patapaanna.

Prabu Lembung janten Raja ka tilu nu nalendra di Tembong Agung kirang langkung (778 - 893) nu diteraskeun ku Prabu Gajah Agung di Ciguling Pasanggrahan Sumedang Selatan (893 - 998 M).

Mangga ayeuna urang pedar ngeunaan pemasangan Bendera "Merah-Putih" di Situs Sumedanglarang.


PERLAMBANG
 
"Aya harewos ti Sang Sadhujati sasampurna ning hirup djeung hurip"

Bandera Sunda teh mangrupa panji-panji atawa umbul-umbul anu siga di Bali ayeuna teu beda pek titenan :

Warnana sarimbag jeung SUDDHA nu jadi SUNDHA => SUNDA, bodas nyacas ngagurilap banget ku suci mun katojo panon poe ngagurilap banget ku ngagenclang herang.

Warna anu nyirikeun tur nandakeun nu alam Luluhur, wening alam kamayangan panganjangan pageto titis tengtrem taya pakeun ngagunasika, dibarung pamadegan purbatisti purbajati dina sagala rupa nu dipiharep bayu sabda deung hedap, samemeh ngalakukeun sagalarupa dibarung ku niat hade ngasayan, ngangiran dirina heula, ninggalkeun heula peureu nepi ka atis tina rasa.



A. Opat Warna (Beureum ~ Bodas ~ Koneng ~ Hideung)


Saperti nu tiheula diebrehkeun yen simbul warna kasundaan nu utama teh nyaeta beureum - koneng - bodas-hideung, nu ngalambangkeun seuneu - angin - cai-bumi nu jadi asal ning wujud dunya gede, jeung dunya leutik (diri). Tah saripati atawa acining-acining seuneu, angin, cai, bumi ieu ngajadi wujud diri ngaliwatan dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan. Eta 4 unsur tadi sanggeus ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu :

- Napsu/sumanget barang gawe jeung kapangkatan tina acining seuneu/beureum
- Napsu/sumanget ngudag kanikmatan kaasup napsu “birahi” nu asal tina acining cai/bodas
- Napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta banda) tina acining angin/koneng
- Napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon bae nu geus kapimilik (teu aya jalma nu hayang ngalaman kamunduran).
Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara napsu-napsu teh teu nyalahkeun ka mahluk sejenna (setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk Gusti, tapi estuning memang ngancik jeung nempel (raket) teu pisah tina badan sakujur sapanjang hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring ngadalikeunana (ngamudina), naha rek diabur atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu kamanusaan.

Kuringna nu kudu boga pamilih sabab ‘sang kuring’ geus dibere wenang ku Nu Maha Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di alam Pawenangan Gusti mah teu nyaram teu nitah, ngan sagala ucap-tekad jeung lampah teh aya karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha Kawasa), melak hade buah hade-melak goreng buahna goreng.

Pan sang kuring teh asal ti Nu Maha Suci (Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk tukang ngelmu mah) nu tangtu ngabogaan sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu ngahartikeun ucapan sampurasun teh ngandung sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun teh sang kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.

Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade (positip) aya nu goreng (negatip), jadi ceuk elmu Sunda mah napsu teu meunang dipaehan tapi dikadalikeun/dikokolakeun, sabab mun diabur bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun dirina, mun dipaehan bakal moal aya kahirupan manusa di dunya, matak dina legenda Sangkuriang nu ku simkuring pernah dipedar dina milis ieu. Dayang Sumbi (diri) kacida ngambekna waktu si Tumang (napsu) dipaehan ku Sangkuriang (sang kuring), buktina karek dikurangan oge waktu diri butuh dahar atawa butuh nginum teu ditedunan (puasa) apan sakitu ngambekna diri teh (beuteng kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). Mun urang teu make eta opat unsur, tinangtu bakal leungit napsu-napsu dina diri teh da tangtu tiwasna.

Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal usul kajadian manusa/jalma antara elmu Sunda jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho sim kuring elmu ti Timur Tengah mah (Yahudi - Kristen - Islam), yen cenah jalma teh dijieun tinu taneuh, terus ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu seuneu, malaikat dijieun tina Cahya (duka tah nu asal tinu cai jadi mahluk naon? Sim kuring teu apal, manawi ki dulur aya nu terang, bejaan sim kuring). Jadi aya sababaraha mahluk, sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi jalma tea. Jadi ngandung harti dina elmu sunda mah, bisa diibaratkeun setan jeung malaikat teh gumulung ngancik dina diri manusa, matak pantes ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh aya nu nyatet atawa kacatet ku dirina sewang-sewangan.

Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun dilenyepan kajadian wujud diri asal tinu cahaya beureum - koneng - bodas-hideung teh, geuning nyatana universal atawa cocog keur sadunya, da buktina jalma di dunya teh geuning bisa digolongkeun (kelompok) kana bangsa kulit merah (Indian), bangsa kulit kuning (Indo china), bangsa kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam (Negroid). Can ngareungeu aya bangsa kulit bulao atawa bangsa kulit hejo/ungu jsb.

Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana? Apan cenah bangsa urang mah kaabus golongan bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran nu saimbang antara beureum-koneng- bodas-hideung (unsur nu 4).

Tah...tah... tah...mun kitu nyoko kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci, sabab sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung meujeuhna ngajadi bangsa manusa nu utama teh, sualna aya dina kasaimbangan unsur nu ngabentuk dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge saimbang sagala aya nyukupan pangabutuh pangeusina (mun bener ngokolakeunana).

Matak ceuk elmu sunda mah ari kuring teh (lain nu aya di lalaki bae, awewe ge sarua hakna) kudu bisa boga pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan atawa kaleuwihan salah sahiji unsur bae matak pigeringeun. Contona loba teuing beureum awak bakal panas/demam (sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek (sipat batin)

Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil kalinuhungan luluhur dina perkara opat warna ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang gubrag jeung ngalalakon di dunya ku luluhur urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang, tangtu dipirig ku gamelan wayang, nu marengan dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta sakabeh wayang kalayan ninggang dina wirahmana.

Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang disebutkeun “wali sasanga” (ke tunda guaran perkara wali sasanga ieu-teundeun di haneuleum sieum), urang guar bae alat gamelanana. Eta gamelan sarupaning saron, kenong, goong jsb, tetekon nu aslina mah kudu dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu teh mangrupakeun campuran logam tina tamaga (beureum), kuningan (koneng), perak (bodas) jeung beusi (hideung), malahan gamelan pusaka mah sok oge nu ditambahan emas (koneng nu aya ajen).

Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur teh natrat pisan, eta nepi ka kapikir pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu salawasna make diri nu asal ti 4 unsur acining, dilarapkeun kana lakuning wayang nu dipirig gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal diri.

Ayeuna lumpat kana tokoh wayangna, di alam kahyangan (mayapada) aya :
1. batara Brahma nu ngawasa seuneu (warna wayangna beureum)
2. Batara Bayu nu ngawasa angin (koneng)
3. Batara Indra nu ngawasa cai (bodas),
4. Batara Wisnu nu ngawasa bumi (hideung),
5. Batara Sambu nu hartina sembada (cageur lahir-cageur batin).

Eta 5 dewa batara (papat kalima pancer) teh cenah turunan (derivasi/penjabaran) ti Sanghyang Manikmaya (manik = mustika/sostya/mani; maya = cahaya mancur => cahaya mancur nu asal tina mani = diri keneh bae.

Lumpat kana Pawayangan :

Semar ngawakilan simbul beungeut bodas, awak hideung nu hartina tetep dina kasucian atawa katetepan ti Nu Maha Suci, semar ngagambarkeun rasa/batin nu bersih, matak Semar mah teu boga kalangkang, disebut lalaki tapi bujurna gede jeung pinareupna jiga awewe. Jadi lalaki lain awewe lain (kitu gambaran luluhur pikeun ngagambarkeun batin/rasa),

Dewi Sutiragen pamajikan Semar nu dina wayang digambarkeun geulis (Dewi = awewe utama/linangkung, Suti tina siti/ksiti nu hartina taneuh; ragen tina kecap ragi-an), jadi Sutiragen teh ngandung harti ragi/acining taneuh, naon tah? Nya diri atawa raga keneh, matak pantes pamajikan nu hartina pangancikan rasa/batin teh taya lian iwal dina raga/diri/lahir nu asal tina acining taneuh. Sutiragen digambarkeun geulis, nya tangtu bae sabab diri manusa teh mangrupakeun ciptaan Nu Kawasa nu paling sampurna dibanding mahluk sejenna, jeung di dunya ieu, naha aya jalma sehat nu teu micinta kana dirina.

Cepot atawa Sastrajungga (sastra = tulisan, jingga = beureum) ngawakilan simbul beureum asal dicipta tina kalangkang semar, matak boga watekna kasar, babari ambek, ngomong saengangna).

Dawala dicipta tina angin, warna wayang Dawala koneng, ngagambarkeun angin, Dawala ngabogaan irung nu gede jeung panjang (ngagambarkeun lawang napas nu asal ti angin), matak karakter Dawala mah angin-anginan.

Gareng, tah Gareng mah dicipta tina rerenteng nu ngagambarkeun rerenteng hirup dina ngumbara di alam dunya bakal kasampeur/kaalaman sarupaning hade-goreng, ngeunah-teu ngeunah, susah-senang, cageur-gering jsb.

Patempatan Semar di Karangtumaritis, nu hartina tempat pada nitis, nyaeta dunya leutik (diri) tempatna pikeun nitis (titisan indung-bapa, jeung bakal nitiskeun anak katurunan), oge nya dunya gede (lemah cai) tempatna para titisan.

Tah ku guaran ieu, naha rek mungkir kana luhungna elmu ki sunda?, naha tetep boga anggapan yen wayang teh asal ti India?, naha teu reueus jeung ajrih ku kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur sorangan? Naha rek era ngaku jadi urang Sunda?, Naha rek cicing, teu era ku kamotekaran luluhur?, Iraha atuh rek ngajenan luluhur sorangan teh?, Mangga teu langkung.

Tah ieu simbol warna nu 4 ieu oge dipake dina tetekon pawayangan, nyaeta : Semar (bodas jeung hideung), Cepot (beureum), jeung Dawala (koneng). Ke ku simkuring dimana cukup waktu rek dipedar naon palsafah wayang Sunda.

Tah ki dulur, rada mundel simkuring ngaguar tina palsapah pawayangan teh, ngan can kaboro nuliskeun jadi buku, memang kahareup simkuring boga niat ngaguar lengkep makna pawayangan Purwa ti kawitan Sanghyang Wenang.


B. Warna Beureum Jeung Bodas

Ayeuna make Bandera Merah Putih, bandera Sunda? Sah-sah wae komo eta bendera merah putih geus jadi perlambang nagara Nusantara anu pinuh ku perjuangan dina nanjeurkeun kamerdekaan. 
Kitu deui ceuk Bung Karno keur harita kongres di Jawa Timur, yen bandera Merah Putih lain buatan Republik Indonesia, sanes jieunan waktu pergerakan di zaman pergerakan Nasional, sanes jieunan Bung Karno, sanes jieunan Bung Hatta, Genep ribu tahun nu ka tukang urang geus ngenal warna beureum jeung bodas. Lain sarebu tahun, lain dua rebu taun, lain tilu rebu taun, lain opat rebu taun, lain lima rebu taun.

Genep rebu taun katukang urang geus ngenal Beureum jeung Bodas!!! Waktu diurang can aya kristen, can aya Islam, can aya Hindu. (Baca : https://www.wattpad.com/1093776-mengapa-bendera-indonesia-berwarna-merah-putih)

Ulah poho, aya nagara sejen anu sarua merah putih, ngan beda ukuran. Jadi Merah Putih, sarua jeung Merah Putihna bandera Jepang, ngan beureumna buleud, panon poe.

Harti simbul warna Sunda, kacida euyeubna. warna beureum-bodas, bisa ngalambangkeun getih beureum nu asal ti indung jeung getih/geutah bodas nu asal ti bapa. Dua warna ieu oge ngalambangkeun asal kajadian atawa sajarah diri urang.

Dina elmu Sunda pangheulana ngajenan teh kudu ka indung-bapa, sabab indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang kadunya. Indung bapa nu jadi juru salamet urang teh, da buktina kanyaah indung-bapa ti mimiti dikandung nepi ka geus rarumah tangga baroga budak deui ge kanyaah-kaasih indung-bapa moal pegat, geus jadi babasan kanyaah kolot ka anak mah : leutik ku leutikna, gede ku gedena, hade ku hadena, goreng ku gorengna jsb, matak simkuring mah teu ngarti ku jalma nu leuwih mikareueus kolot/luluhur batur tinimbang kolot/luluhur sorangan.

Sakuduna urang nempatkeun kolot/indung bapa di tempat/kadudukan nu luhur, matak dina adat tradisi nyieun imah, sok disimbulkeun masang bandera beureum-bodas dina tihang/kai suhunan nu pangluhurna (bagean suhunan naon tah kang disebutna eta teh?).

Beureum-bodas oge ngalambangkeun kawani jeung kasucian, nu hartina wani merjuangkeun kabeneran, mun salah-salahkeun, mun bener benerkeun, ngadek sacekna nilas saplasna.

Beureum bodas oge sok dipake pasaratan dina sasajen mangrupa gula beureum jeung uyah. Beureum bisa ngandung napsu/sumanget berjuang nu kudu dimbangan ku rasa/batin (uyah sok disebut oge panyari rasa), oge sok aya bubur beureum-bubur bodas.

Tah mun ningali dina perkara beureum-bodas, eta nempatkeun beureum teh salawasna di luhureun bodas, ieu teh ngandung maksud yen paugeran Sunda mah geus luhung nempatkeun indung (awewe) teh saluhureun bapa (lalaki), pon kitu deui dina kekecapan atawa dina papatah sok diheulakeun, saperti : ‘indung-bapa’ (tara nyebutkeun bapa-indung), ‘indung nu ngandung-bapa nu ngayuga’; ‘indung tunggul rahayu-bapa tangkal darajat’ (tara bapa tangkal darajat-indung tunggul rahayu), ‘wujud asal ti indung-adat asal ti bapa’, indung beurang, indung leungeun, indung suku, indung poe, indung peuting, jsb. 


Nyata bedana jeung paugeran bangsa Timur Tengah (punten sanes agamana) nu nempatkeun awewe leuwih handap ti  lalaki.

Tah ku guaran ieu, mudah-mudahan aya mangpaatna keur kidulur, mangga disuhunkeun pamairanana, dina perkara 4 warna ieu, atawa mun ki dulur aya nu apal kana guaran warna lianna saperti bulao, hejo jsb, mangga geura alungkeun dina jejer ieu.

Leres warna beureum, koneng, bodas hideung teh ngallambangkeun palsafah Sunda nu ngahartikeun asal kajadian dunya gede (alam semesta) jeung asal dunya leutik (diri). Dupi hartina, nyaeta :

- Beureum ngalambangkeun seuneu
- Koneng ngalambangkeun angin
- Bodas ngalambangkeun cai
- Hideung ngalambangkeun bumi/taneuh
Lebah dieu luluhur Sunda geus ngabogaan konsep yen ngawujudna alam semesta ieu dimimitian ku asana panas (energi) nu ngawujud jadi seuneu (luyu jeung tiori ti Barat nu dimimitian ku kajadian ledakan besar api/big bang?), tina akibat ledakan timbul ayana angin, tina angin terus ngawujud cai, nya lila-lila timbul tetep nu ngawujud jadi bumi/taneuh.

Nya sanggeus rebuan/jutaan taun lilana timbul kasaimbangan nu aya di alam teh mangrupa seuneu nu sifatna panas, angin nu sifatna hiliwir, cai nu sifatna tiis, jeung bumi nu sifatna tetep/angger. Naha cocog jeung teori ilmiah geologi atanapi geofisika, mangga mungkin aya nu langkung uninga kana teori ieu. Nu jelas luluhur urang oge geus kabukti ngotektak kana nalungtik/ngaji alam semesta.

Tah ayeuna dina segi kajadian alam/dunya leutik (diri), luluhur Sunda geus nalungtik yen asal wujud diri teh tina saripatina seuneu, saripatina angin/udara, saripatina cai, saripatina. Katerangannana kieu:

- Sagala kadaharan nu asup kana diri indung-bapa dimasak heula (nu hartina aya saripati seuneu), buah-buahan, sayuran jeung beubeutian nu teu dimasak heula oge matak jadi teh nyerep cahaya/panas panonpoe (seuneu keneh), tah lantaran eta dina wujud badan urang aya hawa haneut/panas (badan nu sehat 37 darajat Celcius).

- Indung-bapa sapanjang hirupna tangtu nginum cai (inuman atawa tina buah-buahan), hampasna dipiceun ngaliwatan kahampangan, kesang jsb, nu tinggal dina dirina nya saripatina,

- indung-bapa barang dahar nu asal tina taneuh (bubuahan, beubeutian, sayuran) nu asal ti bumi (taneuh), tangtu ngandung sari pati taneuh, nya dituang saripatina nu dibutuhkeun jadi diri, hampasna dipiceun ngaliwatan .

- Sapanjang hirup indung-bapa tangtu "ngala nyawa" (napas) aya nu diabuskeun/diseuseu p jeung aya nu dikaluarkeun nu asalna tina angin/udara. tah nu abus diarah saripatina, hampasna dipiceun.

Tah eta saripati seuneu ~ angin ~ cai ~ bumi nu "dikonsumsi" ku indung-bapa lian ti jadi wujud jeung jadi tanaga indung-bapa teh nya ngajadi bahan pi-diri-eun (sel telur jeung spermatozoid), nu sanggeus ngabuah nya ngembang ti mimiti satitik jadi sagede orok nu asal tina 4 unsur tadi ngaliwatan indungna (dina kandungan), nya sanggeus gubrag kadunya oge tetap ngagunakeun 4 unsur tadi, nyaeta :


- Acining Bumi huripna dina bulu, kulit cahyana hideung.
- Acining Seuneu huripna dina daging, geutih cahyana beureum.
- Acining Cai huripna  dina urat, tulang cahyana bodas.
- Acining Angin huripna dina jeroan, sungsum, cahyana koneng. 
Jadina :
1. Sir ; Jirim
amarah - dat - sidik - sukma
2. Budi ; Jisim
Loawamah  - sifat - amanawati - wujud
3. Rasa ; Raga
shalawiah - asma - tambleg - nur
4. Eling ; Nyawa
mutmainah - a'fal - fatonah - kanta

Asal ti Adam
- Napas
- Nupus
- Anpas
- Tanapas

Asa ti Hawa
- Mani
- Madi 
- Wadi  
- Maningkem     

Asal ti Alloh
- Rasa
- Kanta
- Kanti
- Kersa

Asal ti Rosul
- Nur
- Suhud
- Wujud
- Elmu

Asal ti Galuh
- Dat
- Sifat
- Asma
- A'fal

Asal ti Muhammad
- Sir
- Budi
- Arad
- Jahar

Upami ninggal penjelasan anu opat unsur eta sareng ditinggali kakaitan dina kacipakuan kirang langkung kieu, hapunten teu disundakeun.

Upami ninggal penjelasan anu opat unsur eta sareng ditinggali kakaitan dina kacipakuan kirang langkung kieu, punten teu disundakeun.

Babad Darmaraja diceritakan setelah mengetahui adanya agama baru (Islam) yang hampir mirip dengan agama Sunda maka Prabu Guru Aji Putih berangkat menuju Mekkah untuk menpendalam Agama Islam, sehingga Prabu Guru Aji Putih dikenal juga sebagai Prabu Guru Haji Aji Putih atau Haji Purwa Sumedang yang berarti orang Sumedang pertama berangkat Haji. Wallahu A'lam Bishowab.

 
Selain Resi yang cukup dikenal, juga sebagai ahli fikir/tarekat yang merangkai pandangan-pandangan budaya yang mengunakan landasan Islam. Beliau menciptakan Syahadat dan ilmu Kacipakuan, artinya Pengakuan atau Ikrar kesaksian terhadap leluhurnya, yang berbunyi :  “Sir budi cipta rasa, Sir rasa papan raga, dzat marifat wujud kula, maring Prabu Purbawisesa, Prabu Teras Wisesa, Ratu maring Ingsun”. Artinya: “Getaran jiwa menciptakan perasaan, getaran perasaan menjembatani jasad, dzat (ruh) untuk mengetahui diri sendiri, dekatlah dengan Prabu Purbawisesa, Prabu Teras Wisesa,  masuklah ke dalam jiwaku.

Selanjutnya disempurnakan lagi oleh anak cucunya : “Sir budi cipta rasa, sir rasa papan raga, dzat marifat wujud kula, maring Purbawisesa, Terah Wisesa, Ratu Galuh, galih kula aji putih, ngamupuk aji putih, ngabanyu aji putih, ngaraga sukma tembong aji sajati agung, sajatining diri tembong agung, marifat jati keursaning Allah. La ilaha illallah, Muhammaddarosullullah”. (Getaran jiwa adalah untuk menciptakan perasaan, perasaan untuk menghidupkan jasmani. Dzat untuk mengetahui diri sendiri, untuk mendekatkan diri dengan Tuhan pencipta alam semesta, untuk mengetahui sifat-sifat Tuhan dan mengetahui hati nurani, Cahaya Hati/ Nurani).



Tah kitu sakaterang simkuring mah dina perkara harti simbol palsafah warna.
Ambuing...ambuing, geuning panjang ieu guaran teh, hampura ingsun bisi aya nu teu sapagodos.
Mangga cag ah cekap sakitu pedaran sim kuring, kadaulatan aya di daerahna sewang-sewangan. Tapi keur ngahormat kayakinan batur? Geus sawadina, sakuduna dilakonan. Teu kudu silih gorengkeun. Cape weh Silih Gorengkeun mah...! Tah ieu Silih Asah, Silih Asih teh, lur?
Pamungkas :
Sumanget ka Sumedangan
Tara ngukut kanti risi
Tara reuwas ku beja
Sikepna titih carincing
Jauh tina hiri dengki
Nyekel tetekon nu luhung
Handap asor hade budi
Kasabaran nyata elmu katunggalan

Baca Juga :

Tidak ada komentar