Ngaguar Harti Rajah Siliwangi


Urang cobian kana disundakeun Pa Kuncen… :) :) :)

Milampahna tangtu moal lepas tina rupa HAWAning NAFSU nu ngancik dina raga salira.

Dinu lagu kasundaan sok kadungu geuning jentrengna Kacapian Rajah Siliwangi :
Ka leuwi sipatahunan, leuwi nu ngarungsang diri, diri anu sakiwari
Rek muru BURULUNG TUJUH, ngaliwat ka Pajajaran
Bongan hayang Pulang ….Anting
Padungdengan … padungdengan jeung usikna Pangancikan.
Puun…Ampuun…

Nabi saw bersabda : ”Perumpamaan Ahlul Bayitku ibarat bahtera Nuh, Siapa yang ikut berlayar bersamanya dia akan selamat, dan barangsiapa yang enggan dan terlambat, dia akan tenggelam”. (Ibnu Hajar, Zawaid Musnad Al-Bazzar Hlm.277; At-Tabrani, Al-Mu’jam Al-Kabir, Juz I, hlm.168).

Tah, eta tangkuban parahu geura balikeun ulah nangkub wae, bisi kaburu “ngabeledug”. Diri urang teh ulah nangkub wae atuh, geura tangkarakeun, ditangkarakeun mah bisa dieusian, pake lalayaran weh, tos malik mah, lalayaran di dano bandung. Bandung teh fungsina ma’rifat, mun tos ma’rifat baris salamet, lalayaran di dano, sakali-sakali teuleum, geura…dina jero dano teh aya nanahaon…(aos lalakon Dewa Ruci/Bima, nyugcrug diri dina lautan/samudera Illahiyah/Tauhid)

Kang Agus W nyerat : Oooh berarti lain maca tulisan hurub Arab ari kitu mah, tapi kedah maca Ciptaan Pangeran tegesna diri Manusa. Kahartos ku simkuring kedah maca diri satangtung téa, salaku damelan Pangeran.

Salejengna deui :
Narangtang nyawang waruga, nilik titis tulis diri…
Ebreh sapangreretan, atra raga kanti sukma…
Jung Nangtung wawuh kakujur, ajeg tenget kapangadeg
Hurip INgwang hurip INGSUN, jirim jisim pangancikan
ROH hurip NYAWA lan SUKMA, gumulung sabudeur awun
Gelar patarema RASA, sampurna JATIning SUNDA
Bray caang bray narawangan, wangi diri sanubari
Gorejag saringkang ringkang, Rancage hate awaking

Kang Agus W nyerat : mertélakeun yén KAKAWASAAN ALLOH leuwih deukeut tinimang urat beuheung jeung beuheungna nya éta ROH (AKU/KURING anu HIRUPna)

Nu Jauh Urang Deukeutkeun, Geus deukeut urang Layeutkeun…Geus layeut urang Paheutkeun, Geus paheut SILIHWANGIkeun…terakhir….Innalillahi wa inna ilaihi raji’un….mulih ka jati mulang ka asal
Salajengna deui :
Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narik kolot
Mandalawangi ngaleungit Nya dayeuh geus jadi leuweung
Nagara geus lawas pindah saburakna Pajajaran
Di gunung gumuruh suwung geus tilem jeung nagarana

Turun ti gunung gumuruh kahujanan ku malati
Nya moyan di Pamoyanan Papanggih jeung urang Dami
Anu keur madeup ka dayeuh…ka Wangi….
Huung ... Ahuuung...
Kapungkur mah…seueur keneh karuhun urang anu “mulih” teh, teu ngariweuhkeun batur…mulang nyalira wae…raga lan sukmana sampurna, ngan disebatkeun weh ku anu teu apal mah tilem.

Ari ayeuna … taki-taki… nu matak kudu hade ka sasama, bisi ke urang ninggalkeun cangkang waruga…sanajan anu JATI bisa mulih ka ANU sajatiNA. Eta cangkang waruga teh kudu aya nu nyareatan…naha daek ditinggalkeun kitu wae tepikeun ka bau bangke di pakarangan,  teu aya nu ngurus/nyareatan waruga urang teh?

JELEMA MAH NGARIWEUHKEUN JELEMA, KUDU HADE KA SASAMA JELEMA.

Dik Tanbih ngaweler : leuwi sipatahunan nu hese kateuleuman...nu bisa neuleuman nya dirina

M Zakaria ngawaler :  Sumuhun mangga wae seeur cara/tarekah, bade kumaha sareung kamana wae jalanna teu sawios-wios kumaha kaelmuan nu dipasihkeun ti Gusti nu Maha Suci urang mah dapon "laa haula wa laa quwwata illa billah.......". Nu penting dilarapkan dianggo dina kahirupan sadidinteun sanes ngan ukur guar carita. Bade ti Sareat-tarekat-hakekat-ma"rifat mangga. 
Bade ti ma'rifat-hakekat-tarekat-sareat (ahkli Dzadab). Kumaha dikersakeun kunu kagungan diri lahir bathin. Mung simkuring saparakanca di Pasulukan rumaos bodo katotoloyo, rumaos teu kajagi ucap tekad lampah ti bubudak kirang gumati, kirang di temah wadi sering ngalajur nafsu ngumbar amarah ngalakukeun disa sareung maksiyat ka Pangeran Murbehing Alam, janteun ngawitan naratas ti Sareat. 
Upami nu sanes panginteun dijaga diriksa ku Gusti Nu Maha Suci ti aalit aya aping panjaring tinu Kawasa nu mawi tiasa ngambah langsung ti Marifat. Hapunteun bilih aya seuratan nu matak nyeubit kanu ati nu matak tugenah kana manah estuning bijil tina kabodoan simkuring. (Wallohu 'alam).


Aji Guna ngawaler : ari dina pa-Elmuan Sunda sok asa ku siga dongeng, mun seug diteureuy buleud matak kabeureuyan ku kekecapan amun henteu dilantipan heula lenyepna, samodel 'Ulama 'Arab ngagambarkeun pa-Elmuamna ku jirim diri (syare'at) ibarat Parahu, ari Tarekat eta Sagara : Tarekat = Diri ngambah sagara hirup hurip, ari hakekat ibarat mutiara nu aya di jero sagara (dina jero kahirupan) anu kudu diteuleuman, apan ari urang Sunda mah sabalikna : lain PARAHU nu NGAMBAH SAGARA, tapi PARAHU NANGGEUY SAGARA, Sanes LIANG NU NGAHEUNGHEUM BANGKONG tapi BANGKONG NGAHEUNGHEUM LIANGNA, carek KARUHUN SUNDA anu Linuhung kongas bisa NGAJUL BENTANG KU ASIWUNG, SUWUNG PIGANTAREUNNANA, {Purwa Jati Sendul}

Aji Guna ngawaler : maksadna sanes NGARUNGSANG panginten, nanging NGARUNCANG: "Leuwi nu NGARUNCANG diri, diri anu sakiwari,, rek muru LULURUNG tujuh (sanes BURULUNG), RUNCANG/RURUNCANG hartosna lelegok, dina bedog mah disebut JEGONG, Runcang = bagian legok dina biwir luhur handapeun irung, LEUWI NU NGARUNCANG DIRI = Kahirupan anu ngajadikeun urang jero ku tapak pangalaman (legok tapak), ari LULURUNG hartina jalan cileuncang (istilah : jalan careuh) siga jalan satapak di leuweung anu katara dadas jukutna, LULURUNG TUJUH NGABANDUNG = Jalan Cileuncang (jalan kahirupan) ngabandung/ngabendung jadi talaga/dano (tepung/ngumpul), KA DALAPAN KEUR DI SORANG (kahirupan anu ayeuna keur kaalaman ku generasi kiwari, mangrupa runtuyan tina lalakon 7 turunan kalarung) pan sok aya paribasa 7 turunan, jadi sajaman dina sajarah hirup versi itungan Karuhun nyaeta 7 paturunan, anu ka-8 ngawalan deui (balik deui ka awal), matak aya istilah INDUNG BEURANG/PARAJI (PARA-AJI) nu kieu: "TUJUH KOLOT KA-DALAPAN NGORA (ANGKA WIJAYA), KA-SALAPAN MEDAL, jst. Anu dina KASUMEDANGAN : ti Sabulan NGAHERANG tepi ka Dalapan NGORA/ANOM (ANGKA WIJAYA) disebut "INSUN", laju ka-9 MEDAL, Jadi INSUN MEDAL teh ti 1 dugi 8 ~ 9, matak Angkasa driya KASUMEDANGAN aya 9.

Baca Juga :

Tidak ada komentar