Sarupaning Mantra/Ajian Sunda Ka Hiji

Punika Paranti Ngemat
Tapana 7 poé 7 peuting nyenén kemis, 7 Senén 7 Kemis, wekasan 3 poé tilu peuting mati geni, mandi 7 isuk sarta siduru sapu ketan hideung. Ieu du’ana:
Cunduk curuk tali harus
kadudut lebu tuluy kakenyang kebo leumpang
aci kajungjung ku aing
jungjung kurungan sagala eroh katinggal ku aing
Balé Bandung asa suwung
Balé Gedé asa réhé
buruan asa layuan
dayeuh agung asa liwung
ana katinggal ku aing
asa surudan kariaan
Kéjo asa catang bobo
cai asa tuak bari
nyatu lauk asa tatal
ari nyaring humariring
reup héés kagugundamkeun
kari kurunganana
Aci didudut ku aing
cat nyukang godébag ragrag
kari kurunganana
aci dijungjung ku aing.

Punika Karahyuan Nabi Adam
Bacana saban-saban waktu solat 40 kali waktu. Ieu du’ana:
Allohuma ya Adam
uskun uskun bihakin muhamadin ajma’in.

Punika Paranti Teuleum
Tapana puasa 7 Juma’ah, saban-saban keur puasa teuleum 7 kali. Ieu du’ana:
Banyu ilang déning napas
rohani banyu anata
kalah déning rohani
tutup ku nu wisésa.

Punika Pangabaran
Makéna bari nyeupah. Tapana senén kemis sakawasana
Ieu duána:
Kun cahya cahya rosululloh
sir putih balik ati
roh putih teka welas teka asih
pada sujud ing awaku
Sakéhé roh nyawa ya si anu kabéh
sujud déning Alloh. Tamat

Punika du’a paranti muka kunci
Tapana 40 poé 40 peuting saré salilir. Ieu du’ana:
Alloh goib
Tutup kancing hérang keling
sira mengaha
gedong pintu sira mengaha
katinggang sarah
sarah katinggang caah
Susu dihurun suku diborogod
ditéang lumpat ka jero léyor
pot hantang hontéang ka menga
Aji kilat panglaankeun aing kancing
Kentel Putih nu teu kadeuleu
nu teu kadéngé
nu teu kaduga
nu teu karasa
Aing kajadianana.

Punika lamun hayang parbuka ngélmu
Tapana sapoé sapeuting mati geni. Ieu du’ana:
Allohumma hakékatan madinatan
yahu roh saréat roh torékat roh hakékat roh ma’ripat
roh ku sorot Alloh
Wabarkatan Muhammadin
ujub Mekah wa Madinah
sapa’at rosululloh.

Punika du’a sirep
Tapana 7 poé 7 peuting matigeni. Ieu du’ana:
Alloh goib
lah randa pasaréan
sun nénjo sanak mati karubuhan kayu mati
suket mati saben kemben sira kemulan
tapi ira aja sira tangi
yén durung ana ketug wong anutu.

Punika sabda kahimengan

Tapan 100 poé teu kana uyah mandi 40 isuk. Ieu du’ana:
Nu hurung Sang Kala Hurung
nu hurung rupaning banyu
nu hérang Sang Kala hérang
nu hérang Sang Kala Sabda
nu ireng Sang Kala Ireng
nu ireng rupaning idep
Banyu mungguh di jajantung
sada mungguh di bayah
idep mungguh di angen-angen
cai jakun tuduh teguh Alloh
Alloh papalang nabi kinarya aling-aling
Muhamad kang amolah kang anjenengi.

Punika Kasemaran
Tapana mutih sakawasana. Ieu du’ana:
Dina kuning da kuning
di enggon déwék beusi dom-dom Si Kayu Condong
Si Semar mulya ningsun
Ari majar ras ka awaking
teka welas teka asih ka awaking intening cahya
cahyaning rasa teleng ireng maya rasa.

Punika Pangabaran Nabi Musa
Tapana mutih 7 poé, ieu duána:
Bismillaahirrohmaanirrohim.
ya Alloh
ya Alloh
ya Alloh
hasbunalloh ni’malwakil
tawakaltu alaika ya hapidolibad.

Punika Duá Mamalaikatan
Tapana 7 poé mutih, ieu duána;
Bismillaahirrohmaanirrohiim
bul putih jebul putih
maya hérang léko lénggang.

Punika Du’á Kabedasan
Tapana 40 poé mutih, wekasana sapoé sapeuting matigeni, mandi 40 janari, ieu duána:
Sang Balé Gedung bakaling jagat
Sang Balé Gading bakaling langit
Sang Balé Putih bakaling bumi
sakatahé nyawa punikana ingsun kabéh,
ya isun karsa datulloh.

Punika Du’á Kabedasan
Puasana 40 poé ngalalab, ieu duána:
Pira wiaring bumi amung sadalamakan ingsun
pira duhuring langit amung sapanggayun tangan isun
ya isun kang anyangga bumi pipitu langit pipitu
sarata isiné kabéh Allohuakbar.

Punika Duá Piléngkétan

Tapana niis 100 poé, mandi 7 janari, ieu du’ana:
Nu makét Sang Séda Makét
nu lenyap Sang Séda Lenyap
két makét
ret purbaning Alloh
yahu yahu Alloh.

Punika Sabda Kahimengan
Tapana 100 poé niis jeung lamun dipaké kudu nutup bayu 7 kali, ieu duána:
Lunggang-langgeng sirep bayuna
pek sabdana pet bayuna pet sabdana
ret obah ku awaku
iya ingsun pangéran nira
Laa ilaha ilalloh muhammad rosululloh.

Punika Du’á Paranti Nyekel nu Bedas

Tapana 7 poé mutih, ieu duán :
Sang Kécék Hérang sira mundura
tékad Mikail arep ning endi
ngaremek umat sakabéh.

Punika Du’á Paranti Ngariksa Banda
Tapana 7 Senén 7 Kemis sarta baca sapeuting 40 kali, ieu duána :
Bismillaahirrohmaanirrohiim.
Wahidiyat sun angancik sapusering bumi
raksaneun duwé ningsun sadina sawengi
poma-poma dén angati-angati
dén agemi dén nastiti.

Punika Du’á Paranti Nyampeurkeun anu Ngamuk
Tapana 7 poé mutih, bacana saban-saban waktu 40 kali, ieu duána :
Bismillaahirrohmaanirrohiim.
Yaa hayyuu yau koyyuum
yaaaliyyu yaa maliyyu
yaa apiyyu ya goniyyu ya waliyyu
parohun warohanun wajannatun wanaimun.

Punika Sorog

Sipat suwung liwung beresih suci mugaha katon.

Punika Paranti Ngarupakeun Wawayangan
Ieu duána :
Sang Ules Putih aci putih
Sang Kun Kawasa metua sira
ingsun arep weruh rupa nira Alloh.

Punika Sorog Élmu
Ieu duána:
Sang Ecat Dat Putih na iman iman Alloh
ter putih nu putih rasa Alloh
ti luhur sasipat rambut ti handap sasipat dampal
anutupi angliputi
ya isun nara sampurnaning Alloh.

Punika Paranti Pamepet Napsuna Jalma

Tapana 7 poé mutih 7 janari mandi, Ieu duána:
Sang Supiyah aran usiké
Sang Lénggang Hérang aran paningal
Sang Kulincer Ireng aran napsuna sira
malebuwa maring sawarga nira
ing kandilu Alloh.

Punika Du’á Pilamur
Tapana 7 Senén 7 Kemis mandi 40 janari, ieu duana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
cah hérang mata hérang
cah hening mata hening
hening sumurup ka mata putih
putih sumurup ka mata hérang,
rep surem aran nira sang ruliat
kulit bayu tetep aran nira
bur mas putih rep jeung Alloh
pécakan balik mata bocah majakané gering.

Punika Duá Karahayuan

Tapana mutih 7 poé, Ieu duána:
Islinglang islangling mangelang hérang,
hah berhara ku aya bumi langit
hanteu aya istan-istan istan.

Punika Sirep
Tapana mutih 7 poé. Ieu duána :
Molongo éyong-éyong sangiang awang,
net pancer di bukit agung
teu kaungkulan ku Pakuan,
teka teu répéh sabala ilaning sip.

Punika Sabda Kahimengan
Tapana niis 100 poé, Ieu duána :
Raga tanpa bayu,
bayu nu ngalebur hérang,
hampig ku batara kula
hah meneng meneng meneng
kama kumpul kama ning Alloh tetep nyawa,
nyawa langgeng meneng,
les ila hu.

Punika Piléngkétan
Tapana mutih 7 poé
Ieu duána:
Sir putih talaga teu aya kalebek meneng
ret meneng ret meneng ret meneng.

Punika Du’á Pileumpeuhan

Tapana mutih 7 poé
Ieu duána:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bayu émpéh bayu répéh rep répéh.

Punika Du’á Kabedasan
Tapana mandi 10 isuk. Ieu duána:
Cahya mandeg baraja nembah,
sang wong pada awedi,
hah aku hah aku hah aku.

Punika Pangabaran

Tapana mutih 7 poé wekasan matigeni sapoé sapeuting
Ieu duána:
Nini Beureum Teungeu Aki Beureum Teungeu,
pira luhuring langit sapangayuh panangan aing,
pira gedéné bumi satalampokan dampal sampéan,
aing Nini Beureum Teungeu Aki Beureum Teungeu,
saha nu hurung di manggung
saha nu hérang di awang-awang,
nya aing sang kéwara jalma.

Punika Pangabaran

Tapana 7 Senén 7 Kemis mandi 7 janari. Ieu duána:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Deugdeug tanjeur jaya perang
hirup jaya di buana,
awaking jungjang buana
awaku rampés.

Punika Kabedasan
Tapana 7 poé puasa mandi 7 janari. Ieu duána:
Sagulinglang Jati Sagulinglang,
kapal kapuk hampang kaya kahok terap
tingal hampang.

Punika Du’a Mamalaikatan
Tapana 40 poé mutih. Ieu duána:
Ya isun larang kumantong
tanpa badan tanpa nyawa,
dat les angleles sajagat kabéh.

Punika Du’a Karahayuan
Tapana mutih 7 poé. Ieu duána:
Saurna Sangiang Hayu,
anaking Sangiang Kala
lamun keukeuh kalana eup eup ku sabda mukaha,
istan istan istan.

Punika Paranti asup ka lawu atawa karamat atawa tempat anu sangar-sangar
Maca ieu du’a 7 kali sarta puasana 7 Senén 7 Kemis macana 7 kali, ieu du’ana :
Ashaduallaailaha ilalloh waashaduannaamuhammadu rosululloh
jagat milu tan katingalan
sira suminggaha jagat milu suci
sira suminggaha jagat milu pasti
sira suminggaha sang raratan pasti
ya isun ahérat pasti.

Punika Panganggo Kiayi Karang
Tapana sakawasana atawa mutih 40 poé. Ieu duána:
Bismiasih mulaning asih
sirulloh purbaning sih,
asih sajagat kabéh.

Punika Kasemaran Paranti Ngabojég
Tapana mutih 7 poé jeung 7 Senén 7 Kemis mandi 7 janari, makéna bari ngadéhém, ieu du’ana :
Nini Semar Aki Semar
Nini Widayat Putih Bapa Widayat Hérang,
nu ngalénggang nya aing ratuné kasemaran,
kama welas radén
kama asih lanang wadon tua anom,
sih asih maring ingsun.

Punika Du’a Karahayuan
Tapana senén-kemis 7 Senén Kemis. Ieu duána:
Rasa nira rasa nisun,
angger gulet pawongan dari manguneng jagat makulem,
sira asih mani asih.

Punika Du’a Karahayuan
Tapana sarua baé mutih 7 poé. Ieu duána :
Nunggelis putih nu calik di bumi
ratna ret langgeng nama puges.

Punika Du’a Karahayuan
Puasa mutih 7 poé. Ieu duána:
Ini sang kula warina singa tunjung warga wulung
di lawang bisunéngkara jat ribayang karu aeuh.

Punika Duá Pamepet Napsu
Tapana 100 poé teu kana uyah. Ieu duána :
Bocah pura nur cahya nur putih
Rep cintana taya ku sang cinta putih,
ret meneng ret meneng ret meneng.

Punika Lamun Hayang Katurut ku Bala atawa Rahayat
Tapana 7 Senén 7 Kemis sarta 7 poé puasa, macana 40 kali sapeuting, ieu duána:
Allohuma nur badan karasiyan waminnurkiyamati
ya rohmaanu
ya rohmaan
ya rohmaan
kullu kalam ciptaning Alloh
sun ciptakaken maring atiné manusa kabéh sajagat sabuana
bismi asih tunggaling asih tunggal wawayangan
ma’ripat ku jabar andil
roh idopi sumurup maring bawa nyawa
sujud maring roh idopi
laa ilaha ilolloh muhammad rosululloh.

Punika Du’á Lamun Hayang Gancang Leumpang

Tapana puasa 40 poé sarta lamun dipaké mepet layung 7 kali, ieu duána:
Kebo putih kidang putih
Sang Karosé mancat sang jati putih.

Punika Du’á Paranti Nyekel nu Bedas atawa nu Gagah

Tapana mutih 40 poé sarta mandi 7 janari, ieu duána:
Sang Kécék hérang sira mundura,
tékad mikail arep ning endi
ngaremek umat sakabéh.

Punika Duá Sarining Gampang
Tapana 7 senén 7 kemis sarta mutih lima poé, ieu duána, macana dina gigih, usapkeun kana leungeun kénca katuhu
Bismillaahirrohmaanirrohiim
bayu wulung tiba larang kahana nira geni sira
tangi ya sira tangi ya sira tangi ya
geni wulung kahana nira,
lunglum surangkung kahané nira
sira tangi ya sira ya sira tangi ya.

Punika Paranti Asup kana Bilik
Puasa mutih 7 poé wekasan matigeni sapoé sapeuting,Ieu duána;
Les peteng nu peteng,
les leungit tandana peteng,
Nini Hanatik Leutik asup kana ruas leutik,
awaking si raga ruas.

Punika Duá Paranti kana Buhaya
Saratna dina suluk dipaké susumping. Puasana mutih 40 poé, ieu duána:
Sang kula léka moyan sira meneng
iya isun gusti nira.

Punika Pibungkeman Buhaya
Ieu duána :
Sang Ratu Kanaka aran sungut sia
ti luhur Sang Ratu Sugera Winenga aran sungut sia
ti handap Sang Ratu Winenga
kancing puter kang Alloh
gedong nabi karekeb ineb.

Punika Paranti Buhaya Supaya Leungit, Asal Euweuh jadi Euweuh

Ieu duána:
Kama Userpa aran nira
Serep aran guru nira
sumurup maring bumi rata.

Punika Pamepes Napsuna Jalma

Saratna dina muncang kohok teundeun dina lawang musuh. Tapana mutih 7 poé mandi 7 isuk, ieu du’ana:
Rangga telas padma hérang
jajantung lunguh genter
sir aranané cupu manik gilang-gilang
eusina sangiang rasa
iya teka landa
gurpes gurpes gurpes.

Punika Du’a Lamun Hayang Katurut ku Rahayat atawa Kaanggap ku Jalma

Tapana tengangé 40 poé, Ieu du’ana :
Rugrug runtuh runtag reuwas ku Sangiang Sawara Jati
tutur basana sasari
basa asih ka awaking
da kersaning Pangéran
Séwakalarang Sorajati
enya awaking cahya gumilang
kang amisésa sajagat kabéh.

Punika Kasumedangan
Tapana mutih 40 poé. Ieu duána:
Sia peusing aing maung
Si Pupu bayuna déning ku kalap sawara déning aku
kalap cahya ku rep sirep
kalah sanira ngucap
rep sirep rep sirep.

Punika Du’a Lamun Hayang Katurut ku Banda atawa Dunya

Tapana teu dahar sangu 40 poé sarta mutih 11 poé wekasanana matigeni sapoé sapeuting macana 40 kali sapeuting. Ieu du’ána :
Panongton aci manikmaya hérang
nu bakat asihan sajagat Mekah
apulet kapuket acining sajagat kabéh
ka awaking
ini nini buyut ratuning asihan
pikeun asih ka sajagat
Alloh asih maring nabi
nabi asih maring aku.

Punika Pangabaran Paranti Mandeng Jalma Rupana

Tapana mutih 7 poé. Ieu duána :
Bismillahirrohmanirrohim.
Mani Sirulloh madi sira maningkem
wujud idopi Innalloh Lailahailalloh Muhammad Rosululloh. 

Punika Du’a Paranti Ngalingling Musuh Supaya Taluk

saratna dina jambé kolot dialungkeun. Tapana niis 100 poé.
Bismillaahirrohmaanirrohiim
sahadat ingsun sahadat ira
rasa nira rasa nisun
urip nira urip isun
pangucap nira pangucap isun
ningal nira ningal isun,
isun tanana karasa.

Punika Du’a Paranti Hayang Dipercaya Hutang
Tapana ngawitan poé Kemis nepika poé Kemis deui, sarta peuting jam hiji kudu baca diburuan bari ngukus nyanghareup kana lebah imahna nu arék dipiniat dihutangan. Maca sapeutingna 40 kali. Ieu du’ana :
Hususon Kangjeng Pangéran Marta sing marhum
nyuhunkeun karamatna
ieu tarima saéulillahi alfatihah
maca alhamdu tujuh kali satamatan
tuluy maca ieu du’a
Bismillahirrohmanirrohim.
Munding Wangi Sang Guru Gantangan
Sang Lingga Patuhan
sira ngancing atina si anu tekakaken maring isun.
iya isun buyut kang kinasihan.

Punika Du’a Sirep kana Seuneu
Tapana teu nginum sapuluh poé pantang teu meunang niup seuneu songsong, Ieu duána:
Bismillahirrohmanirrohim
Sang Barama Wisnu lungakaken teka adiné
apa rasané
Sang Barama Wango Sang Barama Geni
Sang Barama Wisnu
rasané adem,
rep sirep déning idu putih
déning Si Barama Wisnu.

Punika Du’a Pangabaran
Tapana ulah kana uyah jeung lauk saratus poé mandi opat puluh janari.  Ieu du’ana :
Ucala calingkem arcameneng bumi
pepet baraja sirep
ya isun macaning Alloh.

Punika Pangabaran Petak
Makéna bari ngagedig bumi tilu kali. Tapana 40 poé mutih. Ieu du’ana:
Macan putih sira iku buta sayuta
pangrasaku gelap salaksa téja kuwung-kuwung
gunung rugrug sagara saat
teka welas teka asih wong sajagat kabéh
kang angrungu sawara nisun.

Punika Pangabaran Paranti Mepes Napsuna Jalma

Tapana 7 poé mutih. Ieu du’ana:
Bismi kama metu
metu mati baraja nira
anembah cemé nira madek marek
madek déning Si Kama Wisésa
iya isun Sang Barama Wisésa
iya isun Sang Kala Wisésa.

Punika Pamepet Napsuna Jalma Dibungkeman
Tapana 100 poé niis. Ieu duana:
Banyu meneng balaka teka meneng
rep sirep
meneng atina wong sajagat kabéh.

Punika Pibungkeman kana Bedil
Tapana mutih 40 poé sarta tujuh poé tujuh peuting nyaring, ieu duana:
Tutup ku sabda idep
pangandika Alloh Rasululloh lailahaillalloh.
Sang Supiah aran usik ira
Sang Banggala aran tingal ira
Kulincer Ireng aran napsu nira
sira malebu ing sawarga nira
ing nagara kandilulloh
Sang Manang Maningkem Putih bali sira asal ira.
Médésa iya datulloh
lenyep les iya isun ametukaken.
Les ing datulloh
bur léngggang parepat lengis astané.

Punika Kasemaran

Tapana mutih tujuh poé sarta mandi tujuh janari. Ieu duána:
Deuleu-deula sima deuleu
sipat katon maya katon
sipat nabi rosululloh
Sang Komara Sang Komari
Sang Komara asih seuri
ningali Sang Komara datang
suku isun kadi wulung
awak isun kadi dangdanglaya
ya isun angguyu-guyu Ki Semar samar samar.
Rarut jenenging mangkeluk
ilang jenenging manusa
mulih saking pulo maya
Sangiang Kulawu
sinul bocah cilik wawayangan
wawayangan ing datulloh
gurpes atiné wong
wong sajagat kabéh. 

Punika Semu Gunting
Tapana mutih 40 poé mandi 40 janari. Ieu du’ana:
Cek res cek res
sinara sinaru putih cau asak diseupan
leté leté leté. 

Punika Kasemaran
Tapana sapoé sapeuting matigeni
Ieu duána:
Sang Kabulan Sang Kahédan
geura-geura datang bok kasémahan
dat hantar rasaning jati
resep resep resep ka awak aing.

Punika Du’a Lamun Aya Maksud atawa Naon baé Supaya Aya Alamatna

Baca ieu du’a sapeuting 40 kali sarta tapana 40 poé puasa biasa, ieu du’ana.
Sun angadeg saduhuring bumi
kakepung kuto beusi tinutupan
langit kénca Sangihuga
datanken aja manusa maning yén keunaha lagi
jin sétan unggeu datan keuna
rep sirep wong sajagat kabéh.

Punika Dua Lamun Urang Hayang Nalukkeun Jin

Tapana 7 poé 7 peuting mati geni di luhur para sarta ditaranjang. Bacana 100 kali sapeuting, ieu du’ana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Usoli raja Suléman sakéhé Raja Suléman
pada turut pada anut
pada tetep pada madep
pada sujud maring isun
Usoli Raja Siluman sakéhé Raja Siluman
Pada turut pada anut
pada tetep pada madep
pada sujud maring isun
Usoli Raja Sileman sakéhé Raja Sileman
pada turut pada anut
pada tetep pada madep
pada sujud maring isun
Sang Puhaci Jalagiri ibuna siluman-sileman,
sun jaluk pangawasaning Alloh
jin asih ka manusa manusa asih maring jin
saking nabi rosululloh
laa ilaha ilalloh Muhammad rosuululloh.

Punika Du’a Lamun Hayang Sugih Dunya Barana sarta Kalulut Banda
Kudu tapa 7 poé. Mimiti puasa mimiti poé kahiji dahar sangu wungkul 7 Kemis, poé kadua dahar 6 keupeul, poé katilu 5 keupeul, poé kaopat 4 keupeul, poé kalima, genep, tujuh teu saré teu dahar mati geni sarta bari ngukus, ieu du’ana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim.
Wabasolli watu soli wali ajalul imani
Ya hu

Punika Du’a Paksi pikeun ngabulkeun kana kasusah lamun urang keur pinanggih jeung kapeurih ati 
Ieu du’a paksi, baca baé sapeuting 40 balén sarta bari puasa lilana 40 poé, panganggeusan 3 poé 3 peuting, mangka ieu du’ana:
Bismillaahirrohmanirrohim.
Ya Alloh
yaa Muhammad jungjunan darajat ingsun
yaa Rohman murahing dunya
yaa Rohiim murahing ahérat
yaa Alloh kang agung kang wisésa
yaa Muhammad kang agung kanugrahan ning isun
kang parin arta ning isun.
Laa ilaha ilalloh Muhammad rosuululloh.

Punika Sarahna Du’a Pamungkus Alloh Goib
Ieu duána:
Ashaduala’a ilah ilalloh
waashadu anna Muhammad rosululloh
nur putih patut gumilang
nu hurung sajeroning soca ibu tua tanpa badan
kérélék beré karelek beré
katibanan dening Alloh
duriat cahyaning pangéran
duriat cahyaning Alloh
ya Alloh ya rosululloh
Arjaboga wawadahing tinja
nur suca nur suci
nur kanda wawahing tutugeling tinja
Sahadat Alloh tanpa tingkah Alloh
suci lebur tanpa woworan
ya sira ya isun
ya isun weruh nama nira
Sang Tresna Ireng Sang Tresna Putih
lungguh nira ning daunne caswé jatnika
dat rat les hu karsaning Alloh
Muntel Putih nama ning Alloh
lungguhé ning madebul danbi
alamé ahadiat udel
Putih nama ning rosul.
lungguhé ning elak elakan
alamé wahidiyat agamané Alloh
lebur balung buldanbi sukbawangi sukbawati
sukba ilang jaluk papada ilangé
usoli pati wekasan
oranana pangéran nanging datulloh
kang ana yahu yahu hurip waras
yahu hurip waras
Sang Rasa Jati
yaiku rasaning alloh
Sang Mulya Jati
yaiku mulyaning alloh
sirna dening kersaning dat dat hakékat
iya iku pancering dat yahu
yaiku tunggal wisésa
ilang kaula kari rasa
ilang rasa kari alloh.

Punika du’a pikeun hayang mangrupa salin nyipat kana bagus atawa kana kolot atawa kana naon bae, sangkan anu ninggali pinanggih pangling ka rupa urang
Tapana mutih opat puluh poé, opat puluh poé nuli, nutupkeun tilu poé tilu peuting mati geni mandi opat puluh isuk saméméh turun hayam. Ieu duana:
Bismillah hirohman nirohim
Kanda sora lungguh nira wawayangan
ha putih rupa nira
amalen jat amarah Sang Jati Wisésa
wong kemyang badan salira
samulya katon Sang Rulloh
Sang Mantaputih putra manik
iya mulya badan sampurna
Kun dat kun
aja angaling ngalipi
kun dat sukma sukma rasa
rasa kang tapa sajeroning wawayangan
sira metu sun arep weruh jenenging urip
Tuluy mepet bayu kaluarna napas bari nyipta hayang jadi kumaha. Ieu du’ana;
Raga sakti tanpa nyawa
dat sereng cahya meneng
Radén Satria Déwata huru milang kang luwih ing déwéké.

Punika Du’a Karahayuan Cirebon
Tapana mutih opat puluh poé mandi tujuh janari sarta dimana arék naékeunana kudu dibaca dina tengah-tengah tegal sarta maké pakéan sarwa weuteuh. Ieu du’ana:
Ashadualla ilaha ilalloh
waashadulla Muhammad darosululloh
Sun angaweruh kuto Cirebon sangking wétan
Sunan Kalijaga apa jimaté
emas sinangling
mangka pinendem ana laksané
jalma marah jalma mati sima marah sima mati
Sun angaweruh kuto Cirebon sangking lor
Nyi Gedéng Karang Kendal apa jimaté
kinarya godoga
mangka pinendem ana laksané luluh ancur
Sun angaweruh kuto Cirebon sangking kulon
Nyi Gedéng Panguragan apa jimaté
cindé wulung
mangka pinendem ana laksané peteng rebut datan katingalan
Sun angaweruh kota Cirebon sangking kidul
Sunan Gunung jati apa jimaté
wesi wursani
mangka pinendem ana laksané teguh rahayu datan kenang owah
Sun angaweruh kuto Cirebon sangking tengah tengah pudar tulloh
Allohulahailalloh Muhamadarosululloh.

Punika sarah du’a Sulaiman Watuqo pikeun numbal kana sagala pakarangan atawa leuweung anu saranget anu patempatan teu beunang di enggonan atawa ngusir bangsa jin saiton anu aya di hiji tempat.
Beunang ditumbal ku ieu du’a Sulaiman Watuqo.
Tapana mutih 7 poé sarta 7 Senén 7 Kemis. Mangka ieu du’ana :
Bismillaahir rohmaanir rohiim
Allohumma sulaimana ibnir rohmana ibnur rohimil ijati ajiyana lautu Alloh hussamawati wal-ardi summa ya Alloh summa ya abdulloh ya ajibu aji sarah bilhuqqi laa ilaha ilalloh muhammad rosululloh. Allohumma robbanaa dolamnaa anpusana wa ilam tagfirlana lanakuunanaa minal khosiriin.
Robbanaa walmasriqi walmagribi alaa ilaha illa hua pathu wanuhid duwa kuli kursiyuhus samawati walardi walyauduhu hipduhuma wahual aliyyul adim.  Subhana robika robbilijati ama yasipunu wasalaamu alalmursalin walhamdulillaahi robbil alamin.

Punika Du’a pikeun Ngamandian Sakabéh Élmu dina Balong sarta bari Beberesih

Ieu duana:
Ti hilir Batara Ginggi ti girang Batara Gangga
ti tengah canémbrang hérang
sun jaluk banyu satétés
jaluk kang bening sakaracak jaluk kang hérang
sun arep angadusi kasaktén kadigjayan nisun
ing banyu nurulloh
teka ing datulloh
murub manjur paésan apitu kabéh
ingsun adus ing talaga lakonan
angadusi sanak papat karo badan
sumurup alus
kulimis ing jisim kulincering jasad
sulusup surup sumurup ing badan alus
awakku awak Muhamad
ya isun Hidayatulloh
ya isun Wilayatuloh sajatining yahu

Punika Du’a Paranti Nyerepkeunana Élmu

Bayu kukus bayu nuus bayu séda kajayaan
lain bayu dipinuus lain cai dipimandi
cai ciduh Sangiang Batara Suka Supi
sumurup sup sumurup asup ka sangiang tunggal,
nu tunggal aya rasana,
crub weduk clak naha clak naha clak nah.

Punika Alloh Go’ib
Mirmaya-mirmaya lalayon kembang kancana
aci sukma parahuna
bur babanguh enggo nira Sang Bungbum
parnahira Sang balé kancana
ya isun tambaga
ya isun timah
ya isun mutiara

Punika sabda kahimengan lamun urang rék penca atawa sabarang perang atawa aya jalma nu arék binasa tinangtu leungeun heuras atawa molotot teu pati awas.
Ari makéna dina urang maké iket atawa kopéah baca tujuh kali sarta puasana opat puluh poé mutih, mandi tujuh janari. Ieu du’ana:
Piteng-piteng tugeng-tugeng
wong mati déning saketi
wong guna déning salaksa
piteng bungkem pikengkeman ku aing
rarut napsu ilang sipat paséjénan
Manawa bijil ti indung sia
da sia bijil ti baga
indung sia geus katungkus
geus katungkus ka sima kaperwasa
kasima sima sia ku aing.

Punika Piburungan Sumedang
Tapana mutih tujuh poé puasa sarta matigeni. Ieu du’ana:
Ashadualaailaha ilalloh wa ashaduana Muhammad rosululloh.
Nur hérang cahya Mataram
nur gumilang cahya Banten
ter putih cahya Sumedang
ya isun nu nangtung di nu hayu ngadeg di nu aya
lat hateu lat teu aya terus gumulung
tutup ku bayu panutup
ampar sabda pangéran karsaning Alloh
Alloh laa ilaha ilalloh muhamad rosululloh.

Punika Aji Dipa
Tapana mutih salikur poé sarta matigeni sapoé sapeuting. Ieu du’ana:
Bismillahirrohmaanirrohiim
Sang Aji Dipa murub satengahing babatur
kater kater Sang Citer
maya sang siluman maya
jalma marah jalma mati
sima marah sima mati
sétan marah sétan mati
jalma marah kapalayu.

Punika Du’a supaya sagala hal aya nu méré alamat ti nu bangsa goib atawa tinu bangsa éndah-éndah
Tapana opat puluh poé niis dibarengan saré sapeuting tilu jam. Ieu du’ana baca sapeuting opat puluh kali
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sun angadeg saduhuring bang bumi
kakepung kuto wesi tinutupan langit kénca
singa huga datan keuna aja manusa maning
yén kenaha lagi jin sétan engga datan
kena rep sirepné wong sajagat kabéh,
laa ilaha ilalloh muhamad rosululloh.

Punika Pangemat Jalma atawa pikeun Ngemat Jalma Jauh Supaya Datang
Tapana mutih opat puluh poé. Mandi tujuh isuk. Ieu du’ana. Macana dipandeng rupana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Cipta ing nya cipta ing angen
nyawa nira ilang bayu nira sepi
Sang Sulaékat Putih nama nira sajatina sepi
bumi tuli jagat buta alam puruk ku adigul
kadi salira ku teka sirep teka sidem
andeneng salira ningsun
ya isun pangéran nira
ya isun panutan nira
pundeng-pandeng pandudut angen
nyawa nira ning ingsun
nyawa ningsun ning nira
nya nira keun geusan nangtungkeun
awak ira badan awaking
bayu sia lilintungan
nyawa sia lelenyapan
los ka cai sia ceurik
los ka darat sia édan
nyatu cai asa tuak bari
nyatu kéjo asa catang bobo
nyorang tunggul lentak lentuk
nyorang catang joplak joplak
nangkarak sia édan ka awaking
aya di duhur bluk nangkuban sia édan ka awaking,
aya di handap nénjo bulan sia édan ka awaking,
aya di luhur kana panonpoé sia édan ka awaking
Bayu anut sia anut
bayu nungtik ka badan salira
awaking mangka tegesé
iya isun lanang sajati
kang angadeg sajeroning kalbu nira
mangka welas mangka asih si anu
ka badan salira awaking.

Punika Du’a paranti kana leumpang.

Ieu duána :
Alloh gaib
Kebo putih kidang putih
Sang Karoya mancat Sang Jati Putih. 

Baca Juga :

Tidak ada komentar