Pakakas Kujang

Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pameredih ti nu maca Salaka anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh. Sabenerna ti baheula keneh oge kujang teh sok dipake pakakas pikeun tatanen, salian ti jadi pakarang, pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy dibandingkeun jeung pakakas tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna anu jadi ciri mandiri.



Upama dititenan kujang mah palebah tangtungan ipis, bahanna tina beusi garing anu kualitasna hade, jeung aya pori, wesi kuning, kitu deui waja, perak atawa emas. Malah kujang anggoan para menak jeung pangagung mah aya anu ditaretes ku batu permata, inten berlian, mapaesan pusaka anu kacida endahna. Kitu deui kujang nu dijadikeun pakarang sok make panambah pamor mangrupa peurah. Biasana peurah oray tiru, peurah oray taneuh, peurah oray gibug, peurah kalajengking. Atuh tina tutuwuhan saperti geutah akar leteng, geutah caruluk, atawa bubuk daun rarawea, jste, remen dipake pikeun kujang. Anu matak ulah lalawora, sabab peurah jeung racun tutuwuhan teh lamun ngagores bisa ngalumpuhkeun musuh nepi ka nyanghareupan pati.

Kujang pakarang, kitu deui kujang pusaka dipasieup ku “gaib sakti” anu jadi “eusi”. Gaib teh bisa dieusikeun ku sipat jahat atawa sipat hade. Anu jahat upamana: gaib maung, gaib hileud, gaib oray, gaib siluman, jste. Gaib anu sarupaning kitu biasana disieupkeun pikeun kujang anu make pamor pikeun senjata, ngancurkeun musuh atawa lawan. Sedengkeun kujang pusaka biasana disieupan ku gaib sakti arwah para luluhur, atawa para ‘guriang’ anu ngandung sipat hade, wijaksana, luhur budi.

Pola Jeung Wangun
Aya anu medar yen kujang make pola Tritangtu Sunda, salah sahiji konsep anu dumasar kana widang kakawasaan, nyaeta kalungguhan rama, resi jeung ratu. Anu ngandung sipat kalungguhan rama ngagurat lemah, resi ngagurat cai, ratu mah ngagurat batu.
Tapi teu sakabeh kujang dumasar aturan Tritangtu, lantaran aya anu ngan digunakeun pikeun pakakas sapopoe. Contona kujang bangkong di Garut saukur dipake peso dapur, atawa kujang naga anu aya di Purwakarta gede gunana pikeun ngabukbak tatangkalan.

Anis Djatisunda netelakeun yen dina pantun Bogor aya sababaraha rupa kujang anu wangunna mangrupa sasatoan, kayaning: kujang jago, ciung, kuntul, badak, naga jeung bangkong. Sedengkeun tina segi fungsina aya nu disebut kujang pusaka, pakarang, pangarak jeung pakakas.

Dina sababaraha carita anu kabandungan, nu nyebar dina situs internet, kacatur yen nyiptakeun kujang sabenerna kailhaman ku alat-alat tatanen anu mindeng digunakeun di abad 4-7 M. Kujang anu dipupusti ku urang ayeuna sabenerna jieunan abad 9-12 M ciptaan para empu anu kawentar, di antarana: empu Windu Sarpo, empu Ramayadi jeung empu Mercukundo. Bada abad ka-12 kujang dijadikeun jimat ku para raja jeung menak ti Pajajaran. Utamana dina mangsa pamarentahan Prabu Kuda Lalean. Kacaritakeun dina hiji mangsa Prabu Kuda Lalean meunang ilapat kudu ngareka wujud kujang anu dilaraskeun pulo Jawa. Anjeunna marentah ka empu Windu Supo sangkan nyieun kujang sakumaha ilapat. Ieu kujang mibanda dua ciri, nya eta wangunna mangrupa pulo jawa sedengkeun liang palebah pesona aya tilu. Kujang anu make wangun pulo jawa nuduhkeun kahayang pikeun ngawujudkeun cita-cita geusan ngahijikeun karajaan-karajaan leutik di pulo jawa, jadi hiji karajaan nya eta Pajajaran. Sedengkeun tilu liang dina peso kujang, nuduhkeun lambang trimurti, atawa tilu aspek kahiyangan dina agama Hindu anu dianut ku Prabu Kuda Lalean. Saterusna wangun kujang nambahan jadi sababaraha rupa model.

Dina jaman kamekaran Islam, wangun kujang oge direka deui mangrupa hurup arab “syin” sarta liangna ayeuna mah jadi lima. Ieu teh kreasi Prabu Kian Santang nalika nyebarkeun agama Islam di tatar Sunda. Anjeunna mihareup sangkan rahayat Sunda anu harita masih ngagem kujang, ngaasosiasikeun kujang dumasar agama Islam. Syin anu jadi aksara awal dina syahadat nyakseni Allah anu Tunggal jeung Muhammad utusan Allah. Kalayan ngucapkeun kalimah syahadat, otomatis nuduhkeun ayana pangakuan jadi panganut agama islam. Kujang model syin jadi pangeling pikeun anu bogana supaya tetep taat kana ajaran agama Islam. Lima liang palebah pesona ngaganti ajaran trimurti. Sababna mah lima liang ngalambangkeun rukun Islam. Nyaho pola naon anu dipake dina kujang teu gampang. Kudu ditalungtik heula kalawan gemet sangkan nyaho umur jeung waktu dijieunna. Pikeun nangtukeun umur hiji artefak kujang biasana make metode uji paruh waktu nu sok dipake dina widang arkeologi (metode karbon C-14).

Kujang Gagaman
Sanajan kumaha bae oge, urang kudu ngamumule titinggal karuhun. Dina mangsa Globalisasi urang nyanghareupan perang budaya jeung ekonomi. Kumaha ari nasib kujang? Kiwari kujang memang lain pakarang pikeun perang fisik, komo ideologi budaya jeung ekonomi. Kujang mangrupa pamageuh spirit urang Sunda. Kujang pamor dijadikeun gagaman atawa pusaka, tara dipake langsung di pangperangan.

Kujang biasana dijadikeun Batur Ludeung atawa pakarang pamungkas, mangrupa spirit pikeun nu boga. Dina kaayaan perang, spirit jadi pangdorong sumanget nu utama. Pakarang canggih memang hade tapi the man behind the gun leuwih hade. Pikeun urang Sunda spirit teh geus diwariskeun ku luluhur dina wujud Kujang.
Di luhur geus dicaritakeun yen fungsi kujang teh jadi pusaka, pakarang, pangarak, pakakas.

1. Kujang Pusaka: daya kasakten kujang ngandung ajen sakral kakuatan gaib (kasakten), pikeun ngajaga kasalametan diri kulawarga jeung masarakat sangkan jauh tina bahaya.

2. Kujang Pakarang: ukuranana leuwih pondok ti batan pakakas, tapi bisa dipake nubles, ngeureut jeung ngaraheutan. Wangunna (sacara hipotesis) bisa jadi disaluyukeun jeung karakter urang Pajajaran anu defensif dina nyanghareupan marabahaya, jauh tina sikep ofensif. Sakumaha nu kaungel dina pedaran pakujajar Majajaran anu nyaritakeun: “Sunda Pajajaran lain mudu pinter perang, tapi mudu pinter diperangan”. Dina carita pantun beunang disebutkeun taya carita anu meberkeun karajaan Pajajaran “nyerang” atawa “nalukkeun” karajaan lian. Tapi malahan digempur ku nagara lian. Dumasar kana karakter Pajajaran anu defensif tadi, kujang lain jadi pakarang pikeun “nyerang” tapi ngan ukur pikeun “ngabela diri” mun geus kadesek. Cara ngagunakeun kujang ngan sakali ditubleskeun kana beuteung musuh. Mun ditarik bakal ngabudal-badil eusi beuteung, atawa ku sakali tubles oge musuh langsung sakarat atawa maot.

3. Kujang Pangarak (alat upacara): kujang pangarak dipakena dina kagiatan upacara. Carana dipanggul dina prosesi ku barisan lulugu. Wangunna: gagangna panjang jiga tombak, jadi bisa digunakeun dina kaayaan kadesek pikeun ngabela diri, ku jalan ditojoskeun atawa dilempagkeun ka musuh.

4. Kujang Pakakas (alat tatanen): gunana pikeun nutuhan tatangkalan waktu ngabukbak lahan keur huma. Nepi ka ayeuna masih dipake di lingkungan masarakat Kanekes (Baduy) jeung masarakat “pancer pangawinan”. Dina kaayaan darurat, kujang bisa dipake pikeun ngabela diri ku cara ditebaskeun lantaran kujang pakakas ukuranana leuwih panjang jeung rada gede.

Saha Wae Anu Sok Ngagunakeun Kujang?
Pantun Bogor kurang eces dina nyaritakeun naha ieu alat teh digunakeun ku sakabeh warga masarakat atawa henteu. Kujang ngan dipake ku para pangagung, nya eta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, golongan panengen, golongan agama, para putri jeung kaum wanita, sarta para kokolot. Sedengkeun ra’yat biasa ngan ukur ngagunakeun pakakas, saperti: bedog, congkrang, sundung, jsb. Mun arinyana make kujang oge ngan sawates kujang pakakas pikeun kaperluan ngahuma. Dina urang hayang boga kujang henteu meunang sambarangan waktu milih. Tapi kudu nyaho heula status sosialna. Contona: kujang pikeun raja moal sarua jeung kujang pikeun balapati. Kitu deui kujang pikeun balapati kudu beda jeung kujang pikeun barisan pratulup jst.

Urutanana mimiti raja nepi ka kokolot anu biasa make kujang pikeun pakarang perang, nya eta : raja, lengser, brahmesta, prabu anom (putra makota), bupati panangkes jeung balapati, geurang seurat, para bupati pakuan jeung luar pakuan, para patih kaasup patih tangtu jeung mantri paseban, para lulugu, para kanduru, para sambilan, para jaro kaasup jaro tangtu, para bareusan, para guru, para pangwereg, para kokolot.

Ari nu disebut golongan pangiwa jeung panengen nyeta para pangagung anu jeneng prabu anom nepi ka golongan para bareusan, para guru jeung pangwereg.

Ayeuna urang pedar saha wae anu ngabogaan hak ngagunakeun kujang dumasar kana pancen jeung kalungguhan, kayaning:

- Kujang ciung mata 9 anggoan para raja. 

- Kujang ciung mata 7 dipake ku mantri dangka jeung prabu anom. 
- Kujang ciung mata 5 dipake ku geurang seurat, bupati paningkis jeung para bupati Pakuan. 
- Kujang jago dipake ku balapati, para lulugu jeung sambilan. 
- Kujang kuntul dipake ku para patih (patih puri, patih taman, patih tangtu, patih jaba, jeung patih palaju) oge dipake ku para mantri ( mantri majeuti, mantri paseban, mantri layar, mantri karang jeung mantri jero). 
- Kujang bangkong dipake ku guru sekar, guru tangtu, guru alas, guru cucuk. Kujang naga dipake ku para kanduru, para jaro (jaro awara, jaro tangtu, jaro gambangan). 
- Kujang badak dipake ku para pangwereg, para pamatang, para palongok, para palayang, para pangwelah, para bareusan, prajurit, pratulup, pangawin, sarawarsa jeung para kokolot.

Kujang teh henteu ngan ukur keur para pangagung tapi digunakeun oge ku golongan agama, nyaeta kujang ciung anu make mata salapan pikeun para brahmesta, rek sarua jeung anu dipake ku para raja. Kujang ciung anu matana tujuh dipake ku para pandita. Anu matana lima dipake ku para geurang puun. Ari kujang nu matana tilu pakeeun para puun. Sedengkeun para guru tangtu agama jeung para pangwereg agama make kujang ciung anu matana hiji.

Lian ti make kujang ciung, golongan agama oge make kujang pangarak, nyaeta kujang anu gagangna panjang pikeun upacara Bakti Arakanna, upacara Kuwera Bakti jeung upacara-upacara sakral lianna. Sakapeung bisa oge dipake pakarang lamun dina kaayaan darurat, tapi utamana kujang pakeeun golongan agama mah jadi pusaka pangayom kasantosaan nagara.

Anu kacida matak reueus kaum wanita oge, nya eta para menak bangsawan pakuan seperti para putri raja, para putri bupati, para ambu sukla, guru sukla, para ambu geurang, para guru aes jeung para sukla mayang nyaeta dayang-dayang kaputren mibanda kujang biasana mangrupa kujang ciung jeung kujang kuntul. Sabab wangunna langsing jeung ukuranana leuwih leutik dibanding ukuran kujang keur kaum pria anu leuwih “galabag”. Kaum wanita Pajajaran golongan para menak Pakuan, ngagunakeun kujang anu ngandung pamor jeung bahan pilihan, contona kujang pikeun para putri biasana kujang mata lima, pamor sulangkar, tina beusi kuning. Sedengkeun kujang anu matana tilu, seperti kujang buta pamor tutul bahanna tina beusi waja.

Sedengkeun kaum wanita Pajajaran anu lain menak make pakakas nu disebut “Kudi”, teu sarua wangunna jeung kujang. Kudi henteu make eluk beuteung jeung tonggong, ngan sisina reregean siga kujang, ari ukuranana mah ampir sarua jeung ukuran kujang “Bikang”. Bahanna tina beusi waja, lemes tapi eweuh mataan.

Gosali Tempat Paneupaan

Dina lalakon pantun Bogor ngeunaan “Kalangsunda Makalangan” aya lalakon anu ngagambarkeun tokoh Kumbang Bagus Setra jeung Rakean Kalang Sunda nu make kalimah “Yuni kudi sagosali, rua kujang sapaneupaan” ngeceskeun yen “paneupaan” teh tempat nyieun kujang. Ari tukang nyieun kujang disebutna “guru teupa”, sadarajat jeung empu, ahli nyieun keris di Jawa.

Nyieun kujang teh henteu sagawayah, kudu nurutkeun patokan-patokan diantarana:

1. Patokan Waktu
Migawe paneupaan kujang kudu dimimitian ku munculna bentang kerti. Sakumaha kaunggel dina siloka “Unggah kidang turun kujang, nyuhun kerti turun beusi” anu ngandung harti munculna bentang kidang di beh wetan waktu subuh hartina geus waktuna kujang dipake pikeun ngamimitian “nyacar” (ngahuma). Kitu oge lamun bentang kerti aya dina posisi sajajar luhureun sirah rada kasisi beh kaler waktu subuh nandakeun dimimitian migawe paneupaan rupa-rupa pakakas tina beusi waja. Patokan waktu ieu teh masih dilarapkeun di lingkungan masarakat Kanekes (Baduy).

2. Kasucian Guru Teupa
Guru teupa (paneupa kujang) dina waktu migawe nyieun kujang kudu olah tapa (puasa) supaya aya dina kaayaan suci. Ngarah ngahasilkeun kujang anu ngandung ageman (pamor). Utamana jadi sarat utama pikeun nyieun kujang pusaka atawa kujang ageman. Guru teupa oge mibanda artistika jeung daya estetika, malah biasana mah mibanda ilmu kasakten ngarah bisa ngahasilkeun kujang anu sampurna sarta ngeusi “gaib sakti” dina kujang ageman.

3. Bahanna
Pikeun nyieun kujang dibutuhkeun bahan tina logam jeung bahan-bahan lianna nyaeta:
a. Beusi, wesi kuning, waja, perak atawa emas pikeun nyieun waruga jeung selut (ring gagang kujang)
b. Akar kai, biasana make akar kai garu-tanduk pikeun nyieun ganja atawa landean (gagang kujang). Ieu akar kai biasana seungit ngandung aroma wawangian.
c. Papan, biasana make papan kai samida pikeun nyieun kowak atawa kopak (sarung kujang). Anu ieu oge kaina ngandung wawangian.
d. Emas, perak pikeun nyieun mata atawa pamor kujang pusaka atawa kujang para menak Pakuan jeung para pangagung. Malahan mah aya anu make batu perhiasan anu endah.
d. Peurah, biasana make peurah oray tiru, peurah oray taneuh, peurah oray gibug, peurah kalajengking. Oge sok dipakekeun racun tutuwuhan saperti geutah akar leteng, geutah caruluk atawa bubuk daun rarawea.
e. Gaib sakti digunakeun jadi eusi pikeun kujang anu ngandung ageman. Gaib teh aya anu sifatna alus jeung anu sifatna jahat. Bisa dicokot tina gaib maung, gaib hileud, gaib oray, gaib siluman jeung sajabana. Biasana gaib anu ieu digunakeun pikeun kujang anu pamorna make ramuan racun pikeun ngagempur musuh. Sedengkeun kujang pusaka ngagunakeun gaib sakti anu ngajadi eusi biasana arwah leluhur atawa para guriyang anu ngabogaan sipat alus, hade, wijaksana jeung hade budi.

Cara Mawa Kujang
Cara mawa kujang henteu sarua gumantung kana gede leutikna jeung kadar kasakralanana.

1. Disoren
Nya eta ku cara digantungkeun dina cangkeng beulah kenca make beubeur ditalikeun kana cangkeng. Kujang anu disoren ieu nyaeta kujang galabag, saperti kujang naga jeung kujang badak. Sabab kowakna (sarungna) gede.

2. Ditogel
Ditogel mah nya eta ku cara diselapkeun dina beubeur hareupeun beuteung henteu make tali. Anu sok ditogel nya eta kujang bangking (kujang leutik), saperti kujang ciung, kujang kuntul, kujang bangkong, kujang jago, kudi anu ukuran kowakna leutik, jeung kujang ageman.

3. Dipundak
Nya eta ku cara dipanggul gagangna nu panjang siga mawa tombak. Cara ieu ngan pikeun kujang pangarak lantaran gagangna panjang.

4. Dijingjing
Nya eta ku cara dijinjing pikeun kujang pamangkas, sabab kujangna teu make kowak.
 
Cara Ngagunakeun Kujang
Cara ngagunakeun Kujang nya eta dicapit paksi na (bagean buntut anu diasupkeun kana gagang) anu teu make ganja (gagang) ngagunakeun indung suku. Sedengkeun cara nu lianna nyaeta dicapit ngagunakeun curuk jeung indung lengeun terus ditubles-ditubleskeun. Ku naon kitu? Lantaran kujang mangrupa pakarang anu henteu make gagang jeung kowak (sarung). Lamun enya paneupa kujang Pajajaran ngahaja nyieun kujang sarupa kitu, kacida bahayana. Lantaran bisa nyilakakeun raga nu makena, sahanteuna bakal raheut ramo suku atawa lengeunna. Beda deui lamun wujudna buntut (paksi) na tadi dijieun anu bisa kalayan gampang dicapit dina ramo. Lamun dibandingkeun jeung carita pantun Bogor kacida tojaiahna, sabab kacaritakeun kujang Pajajaran lengkep make ganja (gagang) jeung sarung.

Sigana mah carita tadi teh lantaran waktu kapanggih lolobana Kujang anu dikali tina pendeman taneuh, geus teu aya kowak, komo deui matana (jadi aya liangan). Sigana mah ku lila teuing kapendem jadi ganja jeung kowakna anu dijieun tina kai jadi lapuk. Sedengkeun anu ilang matana bisa oge ku lantaran geus dicarokelan sabab mata kujang teh dijieunna tina emas jeung inten permata anu kacida alusna jeung mahal hargana. Kujang anu masih keneh lengkep jeung matana bisa dititenan dina pintonan museum Prabu Geusan Ulun di Kabupaten Sumedang.

Lenyepaneun

Sabada urang medar warisan luluhur anu mangrupa pakarang Sunda anu kawentar ieu, malah mah jadi simbol identitas Sunda, katangen yen kujang teh lain ngan saukur jadi lambang kakawasaan tapi pikeun lenyeupaneun. Di antarana ngabejaan yen Kujang oge mangrupa pakarang para patani. Da apan mayoritas rahayat Jawa Barat teh patani. Hayu urang lenyepan simbol-simbol anu aya dina gagaman atawa pusaka. Kujang teh batur ludeung atawa pakarang anu mintonkeun sumanget pikeun anu ngagunakeunana.

Sing tarapti jeung gumati ulah nepi ka pusaka Sunda ditukeurkeun kana lambaran dollar. Sanajan ayeuna urang nyanghareupan kaayaan ekonomi lemah. Ulah nepi ka daya tahan budaya milu lemah. Muga-muga para kolektor pituin Sunda anu geus ngamumule kujang kalayan kacintaan jeung deudeuh di aranjeunna sacara fisik kujang geus disalametkeun mugia dina koleksi fisik kujang, spirit kujang bisa jadi hurip. Jadi sawadina.



Kujang tidak hanya seperti yang kita kenal sekarang, berbentuk ramping pipih dengan lubang empat atau lima.  Banyak jenis-jenis kujang yang sudah tidak atau susah di temukan lagi. Berikut beberapa jenis kujang yang pernah ada saat jaman Pajajaran masih berdiri:

Nama Kujang berdasakan bentuk dan ukurannya;
1. Kujang Gagab bentuknya lebar dan harus di soren atau diikatkan di pingang.
2. Kujang Bangking, bentuknya ramping seperti yang kita kenal.
3. Kujang Pangarek, karena besarnya cara bawanya pun harus di pikul.
4. Kujang Pamangkas, bentuknya panjang hingga cara bawanya pun mesti di tenteng

Jenis-jenis kujang berdasarkan bentuk rupanya,
1. Kujang Ciung
2. Kujang Jago
3. Kujang Kuntul
4. Kujang Bangkong
5. Kujang Naga
6. Kujang Badak
7. Kujang Pekarangan, bentuknya agak lurus biasa digunakan untuk alat pertanian.


Kujang berdasarkan mata atau lubang dan artinya;
1. Mandala Agung, bermata sembilan biasanya pemegangnya adlah Raja Brahmesta dan Pandita agung.
2. Mandala Sama, bermata delapan
3. Mandala Jati, bermata tujuh biasanya pemegangnya Prabu anom, mantri dangka dan pandita.
4. Mandala Suda, bermata enam
5. Mandala Seba, bermata lima, biasanya pemegangnya seorang bupati, geurang serat, geurang puun.
6. Mandala Rasa biasa disebut wesi kuning, bermata empat pemegangnya para putri menak keraton.
7. Mandala Karma, bermata tiga, pemegangnya para puun.
8. Mandala Permana. bermata dua.
9. Mandala Kasungka, bermata satu pemegangnya para guru tangtu agama.

Mata kujang melambangkan mandala atau dunia atau alam yang akan dilalui manusia, yaitu mandala kasungka, mandala permana, mandala karma, mandala rasa, mandala seba, mandala suda, mandala jati, mandala sama dan mandala agung.

Dilihat dari strukturnya kujang ada dua bagian,
- Jati Diri kujang
- Jati Nagara Kujang

Berdasarkan lubang atau matanya kujang pun dapat diartikan;
lubang 1 disebut ngaherang
lubang 2 disebut lumenggang
lubang 3 disebut gumulung
lubang 4 disebut gumelar
lubang 5 disebut mangrupa
lubang 6 disebut usik
lubang 7 disebut malik
lubang 8 disebut ngajadi
lubang 9 disebut medal
lubang 10 atau kembali ke 0 disebut nunggal, suwung

Baca Juga :

Tidak ada komentar