Neuleuman Layang Muslimin Muslimat, Dina Aji Putih Tembong Agung

Kapihatur, baraya nu di kota, dulur-dulur nu di lembur,,,

Dina Torekatna Aji Putih ~ Elmu Bodasna ka Cai Pakuan, kirang langkung eusina kieu :

"Sir budi cipta rasa, sir rasa papan raga, dzat marifat wujud kula, maring Purbawisesa, Terah wisesa, ratu galuh, galih kula aji putih, ngamupuk aji putih, ngabanyu aji putih, ngaraga sukma tembong aji sajati agung, sajatining diri tembong agung, marifat jati keursaning Allah. La ilaha illallah, Muhammaddarosullullah".
Hartosna : Geterna Ati nu nyiptakeun rasa, rasa nu ngahuripan jasmani. Dat nu nganyahokeun ka dirina, ngadeukeutkeun dirina jeung nu nyiptakeun dirina, nganyahokeun sifat-sifatNA (Allah) jeung nganyahokeun nurcahya/nurani,  maring Purbawisesa, Terah wisesa, Ratu Galuh galih kula aji putih, ngamupuk elmu bodas, ngabanyu elmu bodas, ngaraga sukma tembong aji sajati agung, sajatining diri tembong agung, marifat jati keursaning Allah. Teu aya deui ilah anu wajib disembah, mungguhing Allah SWT, Nabi Muhammad utusan Allah.

Pami ninggali kamakrifatan Aji Putih anu bodas ~ elmu bodas ~ pangasalan/pangbalikan nu bodas ~ saha-dat-NA Nabi Adam alahis salaam. Elmu Bodas karuhun/leluhur trah Galuh ~ Galih ~ Galeuh karuhun Sumedang. Sadayana teu benten teubih tinu kecap  "AWWALUDDINI MA'RIFATULLOH", elmu pangasalan/pangbalikan, nalika eyang prabu Tadjimalela, nyuprih elmu kawedukan, Eyang Prabu Aji Putih kantos nyeuseulan putrana nalika anjeunna kawon tina padungdung elmu kasakten, ku prabu Aji Putih dipiwarang deui ngulik Elmu Kasampurnaan Batin.

Tah, ayeuna urang pedar kana torekatna jatidiri, wirehna bade seja ngahudang wayangkeun deui hiji pusaka karuhun ti GARUT nu medar carita JATI DIRI (Layang Muslimin Muslimat). Malah mandar urang sadayana janten "INSAN KAMIL, RUHUL KAMAL". Kirang langkung 6 tahun kapengker pribados nyuprih kana hiji ilmiah hal "AWWALUDDINI MA'RIFATULLOH". Dibingbing ku Guru tauhid ti Cikalong Garut, oge dibingbing ku Guru Tasawuf, Karomah ti Banten. Nalika nuju kapoekan, sim kuring pareumeun obor penggas rancatan dina miluruh "SAHA ALLOH? ETA ALLOH? NAON ARI ALLOH?"

Ngarumaoskeun bilih kubisi, rempan ku sugan, ku fitnah, sim kuring lungsur ti Majelis Ta'lim ti Godog Garut. Mapay-mapay laratan jatining diri, malah mandar hoyong wanoh jeung Allohna, wawuh jeung Nu Maha Agung, apal kana Fajaratan (laratan Fajar/purwadaksi/wiwitan jeung wekasan diri). Dina waktos eta pribados tos teu eling kana naon-naon rupa makhluq, bojo, putra, pakasaban, keluarga, estu teu aya dina emutan.

Nu diemut mung hiji sok sieun ieu ilmiah sesat, lungsur ti majelis teras nyirekeum di hiji tempat. Waktos eta sim kuring sumpah ,"Daripada hirup jadi sampah masyarakat, agama, keluarga jeung nagara...yaa Alloh maotan abdi ayeuna keneh!!!. Wal hasil, sumping ilafat nu dongkap tina kagaiban diri. Dinten enjing Anjeun bakal pinasti jeung hiji kapastian tina prihal ILMIAH.

Alhamdulillah eta bahasa BAKAL nu can jelas....kawaler tepat sesuai sareng pituduh, tempatna, waktosna dongkap hiji jalmi sanes ti pangkat kyai, ajeungan, ustadz. Anjeuna nyandak hiji kitab LAJANG MUSLIMIN MUSLIMAT jilid 1-ka akhir. "nu eusina sesuai sareng perjalanan simkuring tina guaran "AL Insanu Kamil Ruhul Kamal Fi MA'RIFATULLOH". Nu di ketik ku ejaan heubeul. Ku kituna Pribados nu ngarumaoskeun Jalmi Laif . 

Hatur nuhun nu kapihatur.


JALAN DIRI MILARI JATI

BUBUKA

Bismilah anu ngabuka,..

Bubuka ieu carita. Abdi seja muka raga, Neda ka MAHA KAWASA. Sugan aya hibar hasil ngadoa sareng karamat ti IBU RAMA, Sanes abdi agul diri, tahapi abdi syiar ilmi, hasil abdi muka diri , sugan aya anu sami.

Hapunten abdi hapunten,,, Hapunten kanu tos janten,,, Hampura abdi hampura,,, Hampura Kasadaya luluhur sabuder awun. Sugan wae ieu serat janten Inten, teu kalangkung kanu benten Abdi nyuhunkeun hapunten.


HAPUNTEN NU KASUHUN, BILIH AYA BASA NU KIRANG MERENAH

BAB I.  AGAMA

AGAMA CEUK BASA

Baheula kolot nyarita urang mudu beragama, eta teh naon maksudna? Kudu katepi jujutna, ayeuna manjing dewasa, susah senang geus katampa, kade poma ulah hampa, kabeh ge aya tapakna.

Susah pasti aya, sabab senang nyata aya mazhab, geura baca eusi kitab Kitab nu mukakeun sabab,  nurutkeun harti bahasa Agama teh nu ngajaga. Ngajaga ieu waruga, tina hawa-hawa dunya.

Naon atuh ari A-gama teh? ari A hartina heuteu. Gama harti ngaco, jadi anu beragama hirupna teu ngaco.

Urang teh pamimpin dunya, geus pasti boga budaya. Asal tina NUR CAHYA. Nu mawa bagja waluya, cahaya caang sifatna waspada eta watekna katingal, hasil gawena seungit pasti ka ambeuna.

Najan dzikirna ngageot kabungkus ku kulit peot, tapi laku huat-heot. Pasti balikna oge molotot. Agama kudu dibuka, lain jadi bahan warta. Agama ageuman nyata patokan urang di dunya.


NAON SABAB KUDU BERAGAMA?

Laku lampah di mayapada, kudu manfaat ayana, eta hasil anu nyata. Geura tingal poe tujuh, geuwat baca ayat tujuh, lain sabab ditawajuh, kudu ningal ka pituduh. Dina al fatihah bubuka Tujuh ayat anu nyata, akhir surat jadi fakta. Naon sabab beragama.

Ayat tujuh surat al  fatihah anu hartosna : "Ulah kalebet ka golongan jalmi anu dolim sareng sasar lampah….". Ulah jadi jalma dholim, komo beuki iri dengki, kudu jadi jalma alim ngarah sagala kaciri.

Jadi sabab nu kabuka Hirup kudu beragama Dina fatihah jawabna Ayat tujuh tah saksina.

TEU AYA DEUI PANGERAN ANGING ALLOH ANU ANU MAHA SUCI ANU WAJIB DIIBADAHAN, RUMAOS ABDI PARANTOS DHOLIM KADIRI ABDI,,,(doa nabi Yunus waktos dina jero lauk paus).

NAON SABAB ULAH DHOLIM?

Ayat tujus geus dibuka, ulah dolim teh maksudna, waspada eta lakuna Bakal karasa hasilna. Naon maksud ulah dholim, nitah-nitah kudu alim. Da uing lain ahli dalil, eta teh ciri teu eling.

Geura buka ayat opatna fatihah anu mafat didiya jawab ma’rifat, isuk pasti panggih jeung dzat. [Ayat opat surat al fatihah…..hartosna wallohu a lam….’’anu ngawasa poe isuk’’]

Ayat opat geus ngandika, beak jagat tepung jeung dzat anu boga sagala jagat, moal bisa urang ngejat. Ayat opat jadi saksi urang pasti panggih gustiNA, matak hirup kudu nyantri ulah hirup salah harti,  lain nyantri ku bajuna. Tapi nyantri ku elmuna, ngarah karasa Sundana, da adat euweuh Haramna.

Matak ulah dengki ati, komo dholim matri diri, eta jawab anu pasti, pan isuk bakal panggih jeung gusti, Gusti robbul izati….. Hapunteun abdi gusti.

...SAUR KITAB QUR’AN, URANG BERAGAMA TEH SANGKAN URANG TEU KA LEBET GOLONGAN JALMI ANU DHOLIM {AL FATIHAH AYAT TUJUH}, KUNAON ATUH URANG ULAH DHOLIM, ISUK JAGANING GETO URANG BAKAL TEPANG SARENG ANU MAHA KAWASA.  {AL FATIHAH AYAT OPAT}. WA ALLOHU A'LAM


KUMAHA CARA PANGGIH JEUNG GUSTI?

Raket Saiket, Poma ulah jauh ngudag, komo neangan nu badag, bari can tangtu buktina, samar tingal kasebutna.  Geura deketan nu rakeut, rakeutna bari saikeut.  Lamun anjeun neang kaditu, paling alus panggih jeung Batu.  Tapi anjeun geura lumaku,  lumakuna make elmu.

Ulah nekteuk anu deukeut, tapi teang kunu seukeut,  teang nu raket saikeut,  ngarah hirup teu papukeut.  Lamun panggih nu saikeut,  pastina leuwih ti dekeut,  alah batan gula cipe’eut,  matak raos tuang leueut.

Lamun nu saikeut hayang bukti, Buka kitab waris ti nabi Fatihah anu geus pasti, ayat genep jalanna diri. {lamun urang poek pikir bingung ya lumaku,,,ayat genep fatihah, mere bukti yen urang mudu menta pituduh jalan anu pasti nepi ka jati...ihdinash sirootol mustaqim,,,}

Tutup mata tutup indra, buka mata jeroeun dada, menta kanu kawasa Ihdinash sirootol mustaqim pangandika. Baheula tapa di gua HIRO, menang wangsit tinu kawasa. Ari gua eta teu aya cahaya poek mongkleng buta rata.

Tapi HI-RO na, kudu dibuka HI nyaeta hirup nyatana Basa arab hayan/hayat, tah ngarana Ari RO eta rokaat buktina. Najan poek buta rata, tapi hirup pinuh ku taqwa, taqwa rokaat nyatana datang cahaya hasilna.

Matak kade urang poho Ayat genep sing katojo, da hartina anu nyata urang bodo, kukituna geura menta kanu NENJO. Jadi cara anu pasti lamun hayang tepung jeung GUSTI, geura laku-lakuna nabi di HiRo eta laku nabi.

Jadi jalan panggih jeung GUSTI nyaeta HiRo hirup pinuh ku rokaat atawa hirup pinuh ku sholat, atawa hirup pinuh ku eling ka GUSTI, sabab ku eling/sholat/rokaat ti dinya urang bakal panggih jeng wahyu/cahaya hirup anu mere caang kadiri urang.


BAB II.  DAMAR JATI


Kamari jeung ayeuna, beda wanci beda rasa, sarua jeung, anu beda ukur rasa, teu sampurna mungguhing manusa, kapiheulaan ku rasa, da bongan rasa panuntun raga, poma rasa ulah katutup ku raga, sabab raga mawana cilaka, Pastina manusa bakal sampurna, mun rasa geus mimpin rahgana. Sabab rasa panjurung Qolbu (aras),  ari nu calik di aras nyaeta ALLOH, TAH SIFATNA. Matak aya Rosullulloh,  gelarna RASAALLOH DA NYATANA.

Hiji euweh duana, Tunggal eweuh baturna, Rasa nu mawa bejana, Raga tunggal nu nampina. 

Bukti pasti hurip diri, kabuka ku suci ati. Waspada lakuning diri, ciri mursid aya na ati.

Kade elmu patokanna, Elmu jadi kedokna, Lain elmu ku lobana, Tapi elmu kulakuna. 

Elmu sato laku sato, Elmu setan laku setan, Elmu nabi laku nabi, Elmu biwir ecan pasti.

Tingal jalmi kulakuna, lain bener cek biwirna, laku bukti kaelmuna, biwir sok jadi ujubna,

Mangka apik nyiar ilmi, Teang mursid nu sajati, Ulah jauh ka luli-luli, mursid aya dina ati.

Ngaji diri neang jati, Geusan mulang asal pasti, Jalanna thorekat wali, tapi poma ulah lali ku syareat oge pasti.

Sabab jalir tina ilmi, mun syareat teu katiti (syareat, thorekat, hakekat jeung ma’rifat)

Majar diri geus ma’rifat, apal kana dzat jeung sifat, kade ulah unggah adat. Bisi jadi mabok madat.

Ma’rifat nepi kajati, Hakekat jaminan pasti, Tarekat jalanna misti, Syareat lakuning diri.

Sholat ulah jadi harti,  sabab eta waris Nabi, mun sholat diluli-luli, batal diri nepi ka Jati.

Haleuang boga nu urang, Hariring boga nu kuring, Haleuang asal nu wenang, Hariring asal nu wening, Wenang urang milih jalan, Wening urang caang jalan, Wenang ningal kanu enggal, Wening ati pasti nunggal.

Nabi tara nitis badan, Wali tara nyurup raga, Nu nitis iblis jeung setan, Nu nyurup eta danawa.

Geura udag laku nabi, Makena syareat wali, Pasti bakal wening ati, Jadi jalan tuduh pasti, Poma omat ulah bireuk, Geura nurut kanu deukeut, Nu deukeut eweuh jarakna, Ibarat gula jeung rasana.

Hapunten abi hapunten, Hapunten kawening gusti, Hampura abi hampura, Hampura wenang nu Maha Wening.


BISMILLAH ANU SAKTI

Baheula kolot nyarita, Bismillah eta bubuka, Padahal eta carita, Nu kudu ku urang kabuka. Udag harti bahasa urang, Bis eta hartina sareng Mi eta hartosna ngaran llah eta anu nyipta urang. {hartosna bismillah ,,,’wallohu,,,’sareng nami Alloh (Alloh teh nami anu nyiptakeun langit sareng bumi katut eusina/ASMA)}

Tah ayena urang buka, Sugan widi nu kawasa, naon bismillah maknana, sugan manjing karomahna.

Bismilah eta teh sareng, sareng nami nu nyipta urang, tangtuna urang tos terang, Alloh teh nu nyipta urang.

Lamun bareng jeng jawara, komo sareng jeung nu kaya, tangtu bakal gede sora, Barina ngarasa bagja.

Sasarengan jeung priyayi, Komo jadi batur santri, Raraosan jadi sakti, Ngaku ngaku lalaki sajati. 

Tah ayena cek bismillah, Urang hurip sareng Alloh, Urang usik sareng Alloh, Berang peuting sareng Alloh.

Bismillah masing terang, Geura udag kuakal urang, Saha nu sareung urang, Alloh nyata ejeung urang.

Geura teang ku elmu nu seukeut, Pama Alloh raket saiket, Moal aya keris sekeut, Da badan kuat dikereut,

Bismillah geus kapanggih, Tangtuna urang linuwwih, Moal aya anu cuah-cuih, Da bareng jeung nu Maha leuwih.

,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH ,,,BISMILLAH

{BISMILLAH ANU PANGHELANA KUDU DIBUKA,,, MUN URANG REK LAKU SAREAT,, NYAETA HIJI KALIMAT MUN GEUS KATEPI URANG BAKAL LINUWIH SABAB GEUNING KAULA TEH BARENG JEUNG ANU KUMAULA KONCINA KAULA KAULA’ANEUN,,,}


ASMA

Ashadu pangaku diri, Lamun enggeus nyaho ka jati. Eta oge mun panggih guru sajati, Guru mursid sajatining ati. Ari asma eta ngaran, Matak poma ulah mangeran, Mangeran kana jumeneng ngaran, Sabab aya urang lain ku ngaran.

Ari asma eta nami, Nami anu mawa ciri, Ciri anu mawa bukti, Bukti aci asal ning jati, Alloh eta teh nami, Nami anu nyipta bumi, Nami nu nyipta diri, Nami nu maha sajati.

Tapi poma kudu paham, Hiji asma dua baham, Dua asma hiji paham, Pama poek candak bohlam.


DZAT (Dzat laesa kamislihi sae’un)

Hiji eweuh duana, Aya teu kasaksi dimana, Sabab teu aya bandingna, Mutlak pisan sagalana. Marifat hak RASAna, Lain hak umatna, Sabab rasa mutlak benerna, Moal beda jiga umatna.

Saban saban anu beda, Eta pasti tina dada, Matak geura rakrak dada, Ngarah ningal kanu beda, Hiji eweuh duana eta gusti namina, Lamun hiji aya duana eta mahluk namina, Tunggal euweh baturna, Kalapa tunggal rea baturna.

Urang beda jeung anjeuna, urang usik kuanjeuna, anu usik lain iya’na, usik eta teh buktina. Geura buka make antara, Antara nujadi rasa, sabab rasa anu melahna, ngarah katuang nikmatna.

Rasa jati eta pastina Rosulluloh, eta gelarna RasaAlloh, eta nyatana Madaniyah eta hasilna.


SIFAT

Tafakur nu jadi catur Tadzakur saumur-umur, Tasyakur laku nu mashur, Akur nu nambihan batur. Akur eta hasil gunem catur, Jalma anu inget ka alam kubur. Eta anu disebut jadi bukur nu mawa bahan pitutur.

Welas asih tina akur, Silih asuh tina ukur Silih, Asah kuboga umur, Eta sifat numawa mashur, Welas asih asal ti ati Rohman rohim eta gusti, Sifat eta ciri diri Cirri, anu mawa bukti.

Sifat sato ciri sato, matak raga pinuh kutato, sifat gusti RASANING ati, numawa diri nepi ka mukti. Mukti jadi ciri diri Manunggal, panitah jati Asih asuh asah eta misti, Sabab eta sifat sajati.


AP’AL

Sifat sajatining manusa tos kapendak Gelar ma’ung pasti kacandak Linuhung manunggal sareng nu mutlak Nun janteun mutlak ap’al kapendak. Marcapada ap’al nu Maha Pajajaran jadi ku saha Gemah rifah menang mokaha Ap’al eta gawe nu Maha.

Matak kade sing tengeut Lamun laku kudu ingeut Ngarah hasilna jadi kamemeut Sabab ap’al wateukna seukeut.

{TAH KITU ASMA ETA NAMI ,,,SIFAT ETA CIRI ,,,DZAT ETA BUKTI ,,,AP’AL ETA GAWENA ,,,KAULA TEH BARENG JEUNG ANU KUMAULA KONCINA KAULA KAULA’ANEUN}

ALLOH ETA NAMI ANU NYIPTA LANGIT BUMI,,,LANGIT JEUNG BUMI JADI CIRI AYANA ALLOH,,, HIRUP USIK MALIKNA URANG BUKTI AYANA ALLOH,,, TAH ANU KATINGAL KADANGU KARAMPA ETA AP’ALNA ALLOH,...

WA'ALLLOHU 'ALAM BISHOWAB...


PANUTUP


La illaha illallah anu jadi panutup, Haputen sakali deui bilih ieu seratan sim kuring kirang panuju, atuh langkung saena nyuhunkeun piwuruk sareng piwejangna, kanggo bahan sim kuring nyungsi diri dialam rame ieu.

Sakali deui hapunten.

La illaha illallah Muhammaddarosullullah.
Cag, Sampurasun.. Sasieureun... Sabeunjeureun.

Baca Juga :

Tidak ada komentar