NGEUNAAN PANGELMUAN ANU MU'JIJAT, KAROMAH, MAUNAH, ISTIJROD, ISTIHANAH JEUNG PANGASALAN

Saleresna sadaya ulikan Elmu boh anu disebat ELMU HITAM atanapi ELMU PUTIH sadayana ge nu Gusti, Manusa Malaikat Jin Syetan Siluman teu aya nu ngabogaan Elmu kajaba anu dilungsurkeun ku Gusti "LAA 'ILMA LANAA ILLAA MAA 'ALAMTANAA", istilah Hitam sareng Putih teh ku pedah beda aliran nu ngawitan kabagi dua ti putra syits tea, pan aya istilah MU'JIZAT, KAROMAH, MAUNAH, ISTIJROD, ISTIHANAH. Eta nu dilungsurkeun oge "illaa qoliilaa, kitu oge mun sakedik"

Mu'jizat dilungsurkeun langsung ku Gusti ka Para Nabi tanpa bisa diulik ditirakatan dsb, ieu disebat Elmu Huduri dina kitab Syamsiyyah mah. Elmu Kadigjayan para Nabi dina ngemban amanah, khususna Nabi Nabi pilihan nu mayunan kondisi Umat + lawan anu beurat, nu mawi teu sadayana para Nabi sareng Rasul kenging Mu'jizat.

Lalawanan MU'JIJAT nyaeta ISTIHANAH (Panghina ti Gusti) anu dipasihkeun ka Idajil. KAROMAH, dilungsurkeun ngalangkungan Jibril ka Para Aullya (wali), ISTIJROD (panyungkun) ngalangkungan Malaikat HARUT MARUT.

Ari MA'UNAH dilungsurkeun ka para Siddiqin Hasanin, Muttaqin, Sholihin Mukhlishin salaku hadiah/pangasih ti Gusti kangge Umatna anu Ta'at saparantos para Nabi sareng para Wali.


ELMU PANGASALAN/PANGBALIKAN

Ari nu disebat ELMU PANGASALAN mah nyaeta Ulikan NGAASAL USULKEUN DIRI, asal ti Gusti yakti kedah yasa mulih deui ka Gusti: "PULIH KA JATI PULANG KA ASAL / INNAA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROOJI'UUN", - WA ILALLOOHU TURJA'UL UMUR"

nyata Elmu Kasampurnaan, Nyampurnakeun HIRUP-HURIP ku sumerah pasrah ka Gusti (Laa Haola), rumasa diri taya tangan pangawasa, taya kula wungkul Gusti nu wajib dina Ayana (Laa Maojuda Illallaah), nyata Elmu Katunggalan: ngalebur diri Manunggal pulang ka asal, ieu anu disebat YA AWWALU = YAA AKHIIRU. lir wilangan ti 0 (nol) 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 10. pulang deui ka Nol.

buktosna kantos kapungkur sepuh ngademokeun ELMU PANGASALAN ageman KARUHUN SUMEDANG nyepeng beusi ngurucuk janten cai, sami sareng kalimah "ASLUL HADIIDI MIN SUHBAL MAA-I, WA SUHBAL MAA-I MIN NUR MUHAMMAD". pami ku elmu kasaktian mah paling nyepeng beusi saukur tiasa hurung atanapi miley. eta bentenn Elmu Pangasalan sareng Elmu Kasaktian

Dina Qur-an disebat ngeunaan naon anu disebat PANGASALAN, nyata jalan/ambahan NGAASAL USULKEUN DIRI.

1. Aya Elmu RA-Hyang (Elmu Pangasalan Seuneu) Cepengan Idajil "Kholaqohu min sijjin" (Seuneu nu kacida panasna), anu diwariskeun ka sayyid Anwar bin Syits bin Adam.

2. Aya Elmu DAng-Hyang (Elmu Pangasalan Taneuh) Ageman Adam "kholaqohu min thurob  min tin  min sholsolah" (dicipta tina Taneuh).

3. Aya Elmu SAng-Hyang (Elmu Pangasalan Cai) Cepengan Nabi Adam nu di wariskeun ka Syits Alahis Salam diwariskeun deui ka Sayyid Anwas diwariskeun deui ka Nabi Khidir As (Waluya Putra Malaka/Balya Ibnu Mulkan) "khuliqo min maa-in daafiq (dicipta tina cai anu mancer)"

Nalika Gusti ngajarkeun "Asmaa-a Kullaha" ka Adam As, nya laju bae Adam As weruh ka sakur nu Maojud di Buana, nyaho di aran Taneuh Sahingga cacap Sahadat Bumi nu jadi Sahadat Pangasalan Raga, Nyaho di Herang Herang araning Cai tur cacap mafhum kana Syahadat Cai, Syahadat Pangasalan Rasa.

Barang Syits As Apuputra Sayyid Anwar ti Dewi Dulajah (Putri Idajil) tur Sayyid Anwas ti bangsa Manusa, Ulikan Pangasalan kabagi Dua : Sayyid Anwar nu nurunkeun Para Dewa/Para Batara kawaris Elmu Ra-Hyang ti Idajil, ari Sayyid Anwas kawaris Elmu DangHyang sareng Elmu SangHyang ti Syits As, Sayyid Anwas nurunkeun Para Nabi/Para Wali, numawi dina Syare'at Agama (Ajaran) para Nabi Para Rosul tur para Pakakas Susuci teh upama teu ku CAI nya ku TANEUH (Tayamum)

Saparantos ngabahas heula jalan-jalanna, kantun urang ngabahas ulikannana janten moal pacorok sareng pagentos antawis Nga-Hyang ku Elmu Pangasalan SEUNEU ~ TANEUH sareng CAI.

Hawa-un nu ditiupkeun dina satutasna SABULAN NGAHERANG DUA BULAN LUMENGGANG TILU BULAN GUMULUNG, kakara ka-Opat ditiup numawi kajadian GUMETER : Ditalqin "Alastu bi Robbikum..." (Dzikirna "ALLAAH" : Itsbat Ma'rifat), ari barang ka-9 Medal kakara ngarenghap, narik napas (Dzikirna "HU" : 'Aroful Ma'arif).

1. Dina Ulikan Elmu RA-Hyang (Seuneu), nga-Hyangna ku cara Nga-Manu Raja Sunya/Ngawereng Geni (ngaduruk raga ku elmu), carana meditasi mayun ka salah sawios Mandala Papat bari mepet panca driya, mapatkeun Syahadat Geni sareng Pangasalannana, anu teu kadugi ku ulikan elmu tapana/tirakatna nya dimana maot disyare'atan ku cara diduruk layonna nganggo Kayu Gahru/Cendana ngalangkungan hiji upacara anu dipingpin ku Pandita Agung nu uninga prakprakanna, sapertos anu diagem ku kaom Hindu dugi ka ayeuna.

2. Dina Ulikan Elmu DAng-Hyang (Taneuh), nga-Hyangna disebat "TILEM", carana meditasi mayun ka salah sawios Mandala Papat bari mepet panca driya, mapat Syahadat Bumi sareng Pangasalannana, ari anu teu kadugi ku sacara Elmu sareng tirakatna sareng kana'atna nya dimana maot layonna disyare'atan ku cara dikubur sapertos kaom Islam, Kristen, sareng Yahudi.

3. Dina Ulikan Elmu SAng-Hyang (CAI), carana meditasi mayun ka Salah sawios Mandala Papat bari Mapatkeun Syahadat Cai sareng Pangasalannana, anu teu tiasa kadugi ku tempuhan Elmu sareng tirakat Kana'atna nya disyare'atan dimana maot layonna dilarung ka Laut, mung cara ieu tos teu ilahar deui.

Upama urang  tenget ngaos tur neuleumannana sadayana natrat aya Ayatna dina al Qur'an.



ELMU KADUGALAN/KAGAGAHAN/KEWEDUKAN


Elmu kadugalan/kagagahan/kawedukan sadaya hasil ulikan jaman Animisme sareng Dinamisme, nalika anak putu Adam nu sumebar nomaden ngadegkeun lembur tur nyieun adat kabiasaan sewang sewangan dumasar kana kaayaan Alamna, upamana dina ngungkulan sato galak, nyalametkeun diri, ngajaga diri atawa lembur, nya muncul Adat, muncul Budaya, muncul strategi elmu perang (pertahanan nyerang), muncul ulikan ulikan elmu kasakten hasil tafakur/diajar ka Alam, pan Gusti mah teu weleh nganteur, sing saha nu jalma-jalma najan ku jalan goreng ge moal burung laksana "MAN JADDA WAJADA"

Elmu Kadugalan/kagagahan/katimulan/kawedukan jsb sanes Elmu Pangasalan, etamah Ulikan Elmu Karuhun dina Alam Kahirupanna nu memang peryogi, contona baheula mah pan can aya kandaraan, nyorang perjalanan Sumedang - Bandung teh lami pami ngandelkeun leumpang mah tiasa sadinten sawengi komo nyorang jungkrang pasir rumpil mah, nya diulik AJIAN KIDANG KANCANA anu kakuatanna sakali ngawatek tiasa 80 Kilo meter, pami AJIAN KUDA NAPAS 120 KM sakali ngawatek, pami AJIAN JAGAT LEMAH SAGANDU/RAS JLEG, eta mah Dunya tiasa ka kuriling sakiceup salengkah dugi, kamana wae tujuaanna teu kahalang ku sagara.

can aya Kapal Cai, atuh baheula mah ngulik AJIAN NAPAK SANCANG supaya bisa leumpang dina cai nyebrang walungan Jeung lautan. can aya kapal udara, nya ngulik AJIAN DADALI PUTIH, SAEPI ANGIN (Elmu Hiber) jsb.

tah eta conto-conto ulikan elmu/kasakten anu diulik ku sepuh kapungkur kumargi memang mangrupi kabutuhan hirup dina jaman harita kumargi can aya teknologi materi, matak ku teknologi spiritual.

Baca Juga :

Tidak ada komentar