Mantra Sunda

Mantra nya éta rakitan basa anu mibanda unsur-unsur puisi saperti purwakanti jeung wirahma, anu dianggap mibanda kakuatan gaib. Mantra écés lain kecap nu asalna tina basa Sunda. Mantra asalna tina kecap basa Sanskerta. Mantra gelarna tina tradisi Hindu kuna. Mantra diwangun ku kekecapan nu ngandung wirahma, jelas patokanana, puguh itungan engangna, tungtung kalimah ngalagena.

Awalna mantra dijieun ku para pandita. Kalimah nu diwangun mangrupa getering rasa paménta manusa ka sang Murbawisésa. Mantra awalna aya dina kitab Sutra para pandita.

Di tanah Pasundan, mantra ngajirim jadi asihan, ajian, singlar, rajah, jampé jeung jangjawokan.

Salian ti ngandung ajén-inajén kaéndahan (éstétis) jeung ngandung kakuatan gaib (magis), basa anu digunakeun dina mantra ogé mibanda sifat nu hésé ditéwak maksudna (éksitoris). Mantra dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun komara pribadi.


Aji Mantra “Paripolah Magic”

Mantra téh sabenerna lain kecap pituin urang Sunda, tapi salah sahiji kecap hasil kaseundeuhan ku basa Sanskerta. Dina Kamus nu disusun ku Charles Rockwell Lanman, A Sanskrit Reader. Cambridge-Massaschussettes, Harvard University Press. 1955:212, disebutkeun mantra teh nyaéta:

thought, esp. thought as utteredin formal address in a prayer or song of praise or in pious text; usual desiganation of the hymns and texts of the Vedas,later when these Vedic texts came to be used as magic formulas, spell, charms;
Like mantra, deliberation, plan, “magic spell”

Mantra, ceuk nu kacatet di luhur bieu téh ngandung harti “pikiran, angen-angen anu dikedalkeun dibarengan ku tujul, dina waktu keur muji, muja atawa ngadeuheusan nu disembah”, oge ngandung harti “ajian, jampé, jimat, ajian nu magis”. Nurutkeun harti nu dikandungna éta, nya mantra téh patali jeung nu dicatet ku Joseph T. Shipley, dina Dictionary of World Literature. Littlefield, Adams & Co Patterson-New Jersey, 1962:259, nyaéta “Indian pamtomimed religious chant, probable origin or Indic Natya; the mantrapatha or prayer book contains 590 mantras for domestic rites and ceremonials”

Beuki tétéla kecap mantra henteu béda jeung harti anu kungsi dipakwanoh dina kabudayaan urang Sunda, leugeut pakait reujeung anus sok dihaleuangkeun dina puisi-puisi, pantun-pantun nu disebut “Asihan, Jangjawokan, Ajian, Singlar, Rajah, Jampé” kaasup “puisi anu patali reujeung upacara, paneneda, puji anu ditujukeun ka rupa-rupa sesembahan nu ku urang disebut aji-mantra.

Dina Kamus Jonathan Rigg, A Dictionary of The Sunda Language of Java, Lange & Co, Batavia. 1862, aya katerangan yén mantra téh “incantation, charm, secret prayers, thus mantra is also a mystical verse or incantation, a formula sacred to any individual deity”. Ogé leuwih dikuatkeun hartina ku R.Satjadibrata, dina Kamus Basa Sunda, Citakan ka-2. Djakarta: Perpustakaan Perguruan Kementrian P & K. 1954 yen aji-mantra téh lain ngan saukur sarua jeung keuna nu diterangkan di luhur, ogé geus ilahar keuna jeung matuh dina kecap basa Sunda.

Malah Suhamir dina “Tjatetan Sadjarah Sunda II: Hidji Encyclopedia Sunda” Madjalah KUDJANG Tn.VI.no.288 méré katerangan anu meunang nyutat tur ditarjamahkeun tina Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian (1518) téa, nu unggelna kieu: “…hajang njaho bab adji-adjian djeung djangdjawokan (di sakehning adji mantra), djampa-djampyan, susuratan (isim), sasaranaan, kasarangan, pawajagahan, puspaan, susudaan, hurip-huripan, tu(n)duk ijem, pararasan (horoskop, tina Skrt. Rači=zodiac), pasakwan? Tanyakeun ka Sang Brahmana.

Hartina sakehning cutatan ogé puisi-puisi kaasup aji-mantra kayaning Asihan, Jangjawokan, Ajian, Rajah, Jampé téh sok di”kum”keun ku hiji istilah nyaéta aji-mantra. Anu osok diucapkeun lisan baé, diapalkeun, diajarkeunana nurutkeun warisan nu diturunkeun “leluri” sabab aji-mantra téh sipatna rusiah jadi kudu diapalkeun tur ditengetkeun. Ku kituna aji-mantra téh kaasup sastra milik balaréa anu disebut Tradisi Lisan téa, geus awor jeung masarakat pendukung Budayana. Malah mah Bujangga anu kasebut “leuit” Tradisi Lisan oge geus teu apaleun deui yén maranéhna anu ngahasilkeun seni sastra éta. Keur umumna masarakat “tradisional” ogé keur urang Sunda aji-mantra téh ngabogaan sipat magis anu kentel. Lain baé ku mangsa harita (baheula) ogé ku jaman kiwari masih kénéh aya nu miboga anggepan cara kitu, kusabab aji-mantra téh biasana diwaris satutur sarundayanana. Ari nu disebut “magi” nyaéta pamaké manusa pikeun ngahontal paneja ku cara-cara istiméwa, duméh ku cara biasa mah moal mateuk. Sacara téori “magi” téh sarupaning tarékah keur ngajawab masalah kahirupan anu aya diluareun wates kamampuhan akal manusia, utamana masalah-masalah anu dianggap gaib (Koentjaraningrat, Metode Antropologi, Penerbitan Universitas Indonesia, Djakarta: 1958: 184-187).

Numutkeun P.J.Bouman (terjemahan Sugito-Sujitno), Sosiologi: Pengertian dan Masalah-Masalah, Jajasan Pendidikan Masjarakat. Djakarta l957: 132, nerangkeun aji-mantra nyaéta paripolah ‘magi” anu maksudna pikeun ngahontal pasejaan nu ceuk pangrasa manusa aya di alam supernatural. Kusabab alam Supernatural téh digeugeuh ku kakuatan sakti, paripolah “magi” téh dasar-dasarna mah mangrupa “usaha pikeun murba jeung ngagunakeun éta kakuatan sakti téa, oge pikeun miceun rereged dina jiwa manusa, anu asalna tina kahayang kaleuleuwihi. Kukiktuna paripolah “magi” téh teu bisa dibéré alesan anu logis sabab dadasarna aya jeung gumantung dina kapercayaan anu disebut sistem réligi téa.

Salah saurang ahli réligi E.B.Taylor nétélakeun aji-mantra téh nu ngandung “magi” dadasar napakna dina kapercayaan anu kasebut sistem réligi, anu intina kasadaran manusa kana ayana jiwa. Yén obahna alam téh aya jiwa nu ngalantarankeun disatukangeun kajadian-kajadian di jagat ieu: walungan ngocor, gunung bitu, lini ginggeung, angin lilimbungan, srangéngé nu nyaangan ogé ngobahkeun tilu waktu di dunya (isuk – beurang – peuting) nepi ka tutuwuhan harirup. Jiwa alam téh tuluy dipijalma (personifikasi) dipercaya ngabogaan kahayang jeung pikiran nyaéta nu satuluyna disebut déwa-déwa alam. Déwa-déwa nu disambat dina ajimantra nginjeum tina basa Sanskerta keur nyebut ‘dzat” lemes anu méré kakuatan jeung bisa ngobahkeun anu ngabadan dina badan manusa, sasatoan, tutuwuhan jeung sarupaning banda-banda lianna.

Nurutkeun Claude Levi-Strauss (ditarjamahkeun ku Hedy Ashri Ahimsa-Putra, Strukturalisme Levi-strauss; Mitos dan Karya Sastra, diterbitkan atas Kerjasama Yayasan Adikarya IKAPI dan The Ford Foundation, 2001 Cetakan pertama). Kapercayaan ayana “dzat” lemes anu diistilahkeun “déwa-déwa” téa nétélakeun yén sacara “nirsadar” dina pikiran manusa sanajan dina enyana kasebut ti mangsa awal “anu sok disebut primitif atawa cenah méntalitet primitive” padahal mah teu kitu. Anu sabenerna mah aya akta-akta katut prosés-prosésna anu pohara bédana jeung akta-akta katut prosés-prosés nu aya dina alam pikiran manuna dina mangsa mikir sacara ilmiah. Jadi anu kasebut “mentalitet primitive” mun dipulangkeun deui kana ugerna sabenerna mah “kaistiméwaan” manusa anu motekar tina mangsa alam primitif nepi ka ayeuna.


Aji mantra Sunda

Salah sahiji ajimantra oge diwanohan dina kasadaran (budaya) Sunda anu tembong pisan dina istilah oge babasan sapopoe jeung tali parantina “lelembutan, pangacian, nyawa, ngabaju, sukma” ku ayana kayakinan “nyawa anu tara pisah tina badan satungtung hirup di dunya keneh mah, pisan-pisah soteh dimana manusa paeh”; ayana kayakinan jeung kapercayaan yen nu disebut “lelembutan dina keur hirup keneh bisa pisah ninggalkeun raga, nyaeta dina waktu sare. Papanggihan lelembutan salila kumalayang the aya nu disebut impian. Pangacian mah ku reuwas apan osok kabur, ku sieun nya kitu keneh; oge Sukma teh bisa nyurup atawa nitis oge bisa ditepungan.

Nu disebut tali paranti nyaeta upacara, rupa-rupa pantrangan jeung kapamalian. Pantrangan teh aya nu kasebut pantrangan laku, pantrang barang, pantrang tempat jeung lian-liana. Ngajauhan pantrangan teh pikeun ngajaga anu maksudna taya lian ngajauhan balai anu teu bisa ditulak ke daya upaya biasa, anu datangna boh ti nu kaciri (bungkeuleuk ngabelegedeg), boh ti lelembut. Nya ngajauhan patrangan teh ku ngayakeun upacara (salametan). Bisa disebutkeun yen upacara, pantangan jeung pamali teh ngadahup jeung ajimantra dina paripolah ritus upacara. Anu disartaan ku rajah, tumbal, kias, ruwat, siglar, parepeh tea kaasup paripolah magis.

Ajimantra antawa mantra-mantra Sunda nyaeta kayaning asihan, jangjawokan, ajian, singlar, rajah, jampe, pamake anu dipakena teu sagawayah, hungkul ngan dina paripolah magi bae, nyaeta dimana rek ngahontal pasejaan anu ceuk pangrasa manusa aya di alam gaib. Ajimantra teh dipapatkeunana kalayan tujuan pikeun murba jeung ngagunakeun kakuatan sakti anu ngageugeuh alam gaib tea, mangka kekecapan nu diucapkeun teh ngandung kakuatan magis.

Ajimantra digunakeun pikeun:

- komunikasi jeung sukma
- pinunjul lan rahayu – salamet
- pada mikaasih ku sasama
- saliring laku lampah, pinareng jeung hasil: dina leumpang, nyeupah, midang, nganjang, masamoan, nguseup, tatanen jrrd.

Jeung nu pangreana tumali kana laku tatanen: nyacar, ngaduruk, macul, ngaseuk, tebar, tandur, pae lilir, pare mapak daun, nyawer, dibuat, mupul eundan, ngageugeus, ngakut, ngukusan pare, unggah ka leuit, muka panto leuit, ngelep pare, nyokot pate tina leuit, nutup pare tina leuit.

- nu maot sampurna
- bedas, tohaga jeung awet ngora
- rahayu lembur, rajakaya (pepelakan jeung ingon-ingon)
- lian ti eta aya oge paranti mergasa nu lian, sangkan paeh atawa gering. Utawa parabot neluh the aya antarana puputrian tina lamak, endog kacingcalang, rarwen, merang awi, harupat, hinis awi tali, jarum. Mantra paneluhan the dipapatkeunana di jarian wanci sareupna. Jalma nu rek dipiteluh teh disambat ngaranna, lemburna jst.
- ngariksa kebon, pepelakan, pare, atut diri sangkan hanteu diganggu ku sasaton, sato leuweung, hujan angin, subaya ti nu lian, guludug, hama tur angin
- nyinglar jurig, kultianak, lelembut2 anu sok jail tur ngaganggu
- nyieun babakan, nyicingan tempat,
- naklukeun siluman sileman
- nulak gawe nu jail kaniaya
- ngaruat
- Caah, hujan
- pamunah impian goreng
- ngajampe nu gering wales tur nyageurkeun panyakit
- ngajampe nu kacilakaan

Ngan mantra-mantra Sunda mah saeutik pisan anu sipatna magi hideung (black magic) anu tujuanana “nyilakakeun, atawa deleka” tapi sipatna leuwih kanu sipatna mantra bodas, anu tujuanana pikeun karahayuan pikeun nyageurkeun , pikeun kapunjulan, jeung pikeun dipikaasih. Oge mahluk-mahluk lemes anu disambat the rereana mahluk lemes anu hade anu gegedena asli pribumi, tapi aya oge sa-eutik anu kaseundeuhan ku Islam tapi ukur dina kecap-kecapna bae.

============================
Rujukan
1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999
2. Richadiana Kartakusumah, makalah, 2008


Papasingan Mantra Sunda

Papasingan Mantra di Sunda di antarana nya éta: Asihan, Ajian, Singlar, Jangjawokan, Jampe jeung Rajah .

1. Asihan, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan hiji jalma atawa sakumna balaréa mikaasih, mikanyaah, deudeuh, héman, cinta, tresna, jste. Asihan dipiwanoh ogé ku sebutan Pélét, sok sanajan dina watek-perbawa élmuna téh béda; Asihan sifatna ‘numuwuhkeun‘  atawa ‘ngageuing‘ rasa, sedeng Pélét sifatna ‘maksa‘ munculna rasa.

Conto-conto ngaran Asihan Sunda (boh nu asli buhun boh nu geus keuna ku akulturasi réligi) di antarana; Asihan Sileugeuteureup, Asihan Ali Panandong, Asihan Si Taruk Gadung, Asihan Bagal Pirusa, Asihan Si Ulang Gupay, Asihan Si Burung Pundung, Pélét Abshor, Asihan Kentring Manik, jsb.

2. Ajian, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan meunangkeun kakuatan atawa kasaktian lahir-batin lineuwih nu bisa dipaké meruhkeun mahluk lian (jalma, sato, gaib, jsb). Ajian miboga sawatara watek atawa perbawa. Aya ajian-ajian nu gunana pikeun kanuragan (teu teurak ku rurupa pakarang), kawedukan atawa kadugalan (kakuatan badan pikeun galungan fisik), Kasaktén (leumpang di cai, mecah raga, jsb),  Panglimunan (teu katingali ku musuh atawa batur), Panyirepan (gendam, nyieun batur teu sadar, linglung, saré), Paneluhan (sangkan batur/musuh gering, cilaka, atawa palastra), Pangabaran (meruhkeun, ngadalikeun, atawa ngabendung daya-daya ajian lian), Panglumpuhan (meruhkeun daya raga musuh atawa nu maksud jahat), Parewangan (meruhkeun lelembut, jin, demit, jsb),  jll.

Conto-conto ngaran Ajian di antarana ; Ajian Prabu Siliwangi, Ajian Walang Sungsang/Aji Cakrabuana,  Aji Gelap Sayuta, Aji Pangabaran Geni, Aji Rempak Baya, Aji Teluh Galunggung, Aji Brajageni, Aji Brajamusti, Aji Brajasukma, Teluh Kalabuat, Teluh Budugbasu, Teluh Rambat, Teluh Rawit, Pangabaran Tunggal, Aji Saréwu Peurah, Aji Napak Sancang, Teluh Bajra, jrrd

3. Singlar, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun tujuan ngusir, ngajauhkeun, atawa nyingkahkeun/nyinglarkeun sarupaning hal, perkara, barang, sato, atawa nu lianna. Singlar ilahar ogé disebut Parancah atawa Panyarang.

Conto-contona di antarana; Singlar Demit, Singlar/Sarang Hujan, Singlar Hama, Singlar Nu Kaniaya,  jll

4. Jangjawokan, nya éta mantra atawa dunga (du’a) anu dipapatkeun ka Nu Gaib (Batara, Pohaci, Karuhun, Lelembut, Aci Batin, Sadulur Diri, Hyang Widhi, Pangéran,  jsb) sangkan hasil maksud, cacap paménta, sugema hasil, rahayu, salamet, diraksa, jsb.

Conto-contona di antarana: Jangjawokan Nyiuk Béas, Jangjawokan Dipupur, Jangjawokan Ngisikan, Jangjawokan Diminyak, Jangjawokan Nguseup/Ngalintar, Jangjawokan Nyeupah, Jangjawokan Mandi, Jangjawokan Ngakeul, jsb

5. Jampé, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun ngubaran, nyageurkeun, miceun kasakit atawa meruhkeun panggawé batur.

Conto-contona di antarana: Jampé Muriang, Jampé Harééng, Jampé Seueul Angen, Jampé Asup Angin, Jampé Siwah, Jampé Salusuh (ngubaran nu tarik birahi), Jampé Pamatri, Jampé Kembung, Jampé Ateul, Jampé Konéng, Jampé Sawan, Jampe Nyeri Huntu, Jampé Jangar, jrrd .

6. Rajah, nya éta mantra nu dipapatkeun pikeun tujuan ngajaga, ngaraksa, ngariksa, sanduk-sanduk, uluk-salam, dituyun, diaping, dituduhkeun, dileungitkeun kasusah atawa pangrobéda, dihasilkeun maksud ku Nu Gaib, jsté

Conto-contona di antarana: Rajah Bubuka, Rajah Panutup/Pamunah, Rajah Ngababakan Alas, Rajah Muka Pihumaeun, Rajah Pamunah Lampah Cidra, Rajah Sawan, Rajah Pepelakan, Rajah Imah, Rajah Teluh, Rajah Sukma, jsb.

Baca Juga :

Tidak ada komentar