Conto-Conto Asihan Sunda

Asihan Sunda Rambut Sadana
“Sir maya-maya layon-layon kembang kancana; Aci sukma permana Pangeran Rambut Sadana;  Bur putih enggon sira nyawa dina emas; Soca aing salaka rarasan aing sangkana jati araning perwuh narik kasihan;  Sang junea herang nu ngaraksa gedong wetan; Sang junea lenglang nu ngaraksa gedong kulon; Sang junea lebok nu ngaraksa gedong kidul;  Nya aing putra sang parbu putra wisesa nu ngaraksa gedong kaler; Curuk mangirut, cingir mangais, jariji nu matak asih, jajangkung anu nuduhkeun, ambu leungeun ngadeuheuskeun, kapuret ku dampal leungeun aing; 

Tukruy-tukruy paranti ngirut nu jauh, paranti nyambat nu anggang, paranti muret nu deukeut; Nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu asih pagiling-gisik; Saur aki sang mukaha. 

Ehm utun inji, kasusah sakitu mah teu pira teuing; Kamarurut, kamaruntut, kamaasih, kaawaking.

Ya Allah ya Allah, Allahuma Rajasakti; Muhammad Muhammad kakasih Allah; Ya isun kakasih Nabi bis asih mil mulaning asih lah sajatining asih; 

Astaghfirullahal’adzim, Astaghfirullahal’adzim;

Bismillahi barang datang barang utun; Manusa si dewa wenang barang tikakin; Ti timur mang rebu-rebu, ti barat mang laksa-laksa; Eukeur euweuh teu kaaya; Keuna ku asihan aing Rambut Sadana; Da aing eukeur hirup di dunya!”.


Asihan Cupu Manik Astagina
Tapana mutih 7 poé sarta mati geni 3 poé tilu peuting, mandi 7 isuk. Ieu du’ana:
Ya huu ya aku manik astagina
amer nyawané wong sajagat kabéh
lulut asih ing awaku

Teka remek badan nira teka pegat atma nira
atma nira atma nisun
ya isun déwé pangrasa
rasaku rasa teka cipta dening awaku
Laailaaha ilalloh muhammad rosululloh.


Asihan Lulut
Dina menyan bacana 2 kali, puasana 7 Senén 7 Kemis di(b)acana malem Jum(a)’ah. Ieu dua’na:
Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanas rasa tunggal wekasan
sih asih kinasihan sukma
bana sisit pangasaku

Rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang.


Asihan Ahmad Muhammad

Puasa sapoé sapeuting matigeni sarta dibaca terus. Ieu du’ana:
Bismillahirrohmaanirrohiim.
Ahmad Muhammad amba aneda somad
tuan Ahmad Muhammad aneda somading Alloh.


Asihan kana dunya atawa dagang
Tapana 7 poé mutih 7 Senén 7 Kemis, dibacana 40 kali saban peuting. Ieu du’ana:
Sun angaweruh kang andu wasani gedong sanga
Jud Putih kang tunggu gedong wétan
sumujud maring ingsun
Sang Cula Hérang kang tunggu gedong kalér
sumujud maring ingsun
Sang Cula Magah kang tunggu gedong kulon
sumujud maring ingsun
Sang Cula Lebak kang tunggu gedong kidul
sumujud maring ingsun
Laailaaha ilalloh muhammadu rosululloh.


Asihan Rosul
Tapana mutih 7 poé mandi 7 janari. Ieu du’ana:
Ya Alloh ya badan
ya nyawa ya Rosululloh
nur putih nu misésa
roh putih madep sira maring ingsun
ya isun Ratu Agung Purba Wisésa
Pangandika ning Alloh

Sumujud sira maring ingsun
ya ingsun kang misésa
ket puket atina Si Anu maring ingsun
ya ingsun pangéran nira
teka welas teka asih ka awaking
awaking ratu asihan. Tamat


Asihan Rosululloh
Tapana 7 Senén 7 Kemis. Ieu du’ana:
Ashadu ala ilaha ilalloh
lamun ngungun ka tebéh Rosululloh
lamun ngucap ka tebéh Alloh


Asihan Waruga Jagat

asihan ratuné sajagat
asihan cahya sajagat
asihan rasa sajagat
asihan puter sajagat

Nur cahyaning Alloh
ya isun ratuning asihan
aran Sang Emut Kasih
aran isun kang Emut Rasa

Pangéran sira nu langgeng mulya
hurip laa ilaaha ilalloh
Muhammadu rosululloh.


Asihan Idelan Putih
Tapana ngabungbang senen kemis. Ieu duana:
Sang Deg Jati Idelan Putih
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana kabéh
Sang Deg Jati Idelan Putih
manik baga sawarga inten
cah hérang nu boga jat
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana yahu.


Kinasihan Sabumi Jagat
Tapana mutih 7 poé, ieu duána;
Bismillaahirrohmaanirrohiim
sir kamandatu jenenging istri,
seri kamajaya jenenging pameget,
seri kama welas asih sabumi hanteu sajagat,
asih sabuana kabéh.


Asihan Alloh

Tapana 14 poé mutih sapoé sapeuting matigeni mandi 7 isuk
Ini asihan Alloh
metu saking Rosululloh Muhamad pangemat rasa,
Sang Kala mungguh di biwir,
Sang Naga mungguh di létah,
naga numpi sakurungan jagat
mungguh di lahunan awaking.


Asihan Ratu
Puasana mandi saban malem Jum’ah 7 Jum’ah. Ieu du’ana:
Cahya ratu lanang arané Manigur
bangsa cahya ratu wadon
manik emas mirah cahyaning Rama
manik mulya teterapé ciptaneun rarahiné
lungguhé ing mukané.


Asihan Séh Bodas
Tapana tujuh Senén tujuh Kemis. Ieu du’ana:
Murub metu saking murgaha
amarullah datullah sipat nabi Rosulullah
Séh Sayid Bodas éta diciduhan ku Batara Guru
ya isun Batara Guru.


Asihan Lulut Dunya

Tapana ngalalab opat puluh poé dibacana saban-saban peuting sarta ulah elat
Bismillahhirrohmannirrohim
Darma haturan isun endi kagungan Alloh
kahatur maring Pangéran isun kang agung
Laillaha ilalloh muhammadarrosululloh.


Asihan Si Burung Pundung
Tapana mati geni 7 poé 7 peuting mandi tujuh janari. Ieu du’ana:
Nu cunduk bayu Si Anu
nu datang atmana Si Éta
reujeung satineung jeung aing
mangka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangéran
asih ka awaking
nu bogoh paboro-boro
nu hayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
banyu pagulung-gulung
atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
da tungkul geusan jeung sukma
mangka lebur pucus rumangga bayahna
mangka rugrug sagala
mangka asih ka awaking
da urang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
da urang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
iya iku asihan sang ulet jati
asihan reumeuk salira.


Asihan Si Pulet Onéng
Saratna meuleum menyan dina malem Jum’ah sarta maké minyak dédés.
Bacana 2 kali, ieu duana sarta tapana mutih 7 poé, teu kana uyah 40 poé, mandi 7 janari.

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanah rasa
tunggal wekasan.

Sih asih kinasihan
sukma banasi si pangawa
ku rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang


Asihan Kama Metu
Tapana mutih 7 poé, ieu du’ana:
Asihan kama metu
metu pangandikaning Alloh
asihan kama metu
metu pangandikaning Rosululloh
ampat impet jembuk putih
aing nyaho ratu sia Nabi Musén.

Asihan Rambut Sadana pikeun kana Dunya
Tapana 40 poé ngetan 7 poé mutih. Macana sakawasana unggal peuting 40 kali, ieu du’ana:
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sang Puhaci Sri Rambut Sadana
seuri kabéh pada marine ya
sing teka kidul teka lor teka kulon teka wétan
ya isun enggon nira
iya isun gusti nira

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Ini asihan nisun Si Rambut Sadana
Puhaci Sang Barang Siang aran emas
Puhaci Hideung Geulis aran picis
nu mungguh ing pangambung
puhaci cinta larang aran salaka
nu mungguh ing ilat
iya isun Rambut Sadana
yahu asih maring isun

Puhaci Cinta Larang dat sia
dék séda tatapa beng Batara Rambut Sadana
nya ayana tahun
nya yana bulan
nya ayana poé waktu geusan sia
di gedong Mekah geusan jati,
maka tetep langgeng,
nya aing gusti sia.

=========================
Dicutat Tina :
http://sundasmandasukabumi.blogspot.com/2009/10/sarupaning-asihan.html
http://websitedada.wordpress.com/2012/07/09/elmu-asihan-rambut-sadana/

Baca Juga :

Tidak ada komentar