Kamakrifatan

Tasydid Hakekatna Johar Awal/Cahaya mimiti, sifatna Cahaya Padang nyaeta; gulungan Dzat Alloh “ Laisa Kamitslihi” sifatna maha Suci , kakara disebut Jenengan Alloh Ta’ala.
 
Johar Awal eta ngaluarkeun 4 warna Cahaya (nur), diantawisna; Warna Beureum, Koneng, Bodas jeung Hideung. Nu ngajantenkeun Cahaya Nabi Muhammad SAW. “Nur” na Muhammad. “Nur” na Nabi Muhammad SAW. Anu 4 eta ngajanten keun;

1. Cahaya Beureum Hakekatna Nyaeta Seuneu (Sarun)
2. Cahaya Koneng Hakekatna Nyaeta Angin (Hawaun)
3. Cahaya Bodas Hakekatna Nyaeta Cai (Maun)
4. Cahaya Hideung Hakekatna Nyaeta Bumi (Torobun)

Ø  Dina Latifahna (Padilahna) eta cahaya nu ngajantenkeun na Nabi Adam AS nu di candak na dina ;
1. Acining Seuneu
2. Acining Angin
3. Acining Cai
4. Acining Bumi

Tina anu opat eta, janten Nabi Adam kalih Siti Hawa diciptakun ku Alloh SWT tina tulang iga /rusuk na Adam nembe didinya ayana alloh.

Ø  Intina sakabeh manusa lamun hirup haying dina agama alloh (islam) tangtuna samemeh negeskeun diri jadi islam kudu:
1. Nenepkeun heula dzat-na Alloh Ta’ala
2. Nenepkeun heula sifatna Alloh Ta’ala
3. Nenepkeun heulla asma na alloh Ta’ala
4. Neutepkeun heula sidiqna ka Nabi Muhammad SAW
5. Nyandak syareat islam nu sajati ning asih


Lamun urang haying nganyahokeun saha urang ? saha alloh? Tangtu urang kedah  netepkeun heula dina diri ayeuna dzat na Alloh Ta’ala, nutos di jelaskeun dina cahaya mimiti / Johar Awal hakekatna gabungan dzat sifatna cahaya (nur) padang.

Tangtuna mun urang geus nganyahokeun saha jati diri urang sorangan ,tangtu urang bakal apal kana sifatna Alloh Ta’ala dina diri urang aya tilu cahaya (nur) na Alloh Ta’ala nyaeta aya 3 :

- Su’a u’l bashiroh = cahaya akal
- A’ainul bashiroh = cahaya hate
- Haqqul bashiroh = cahaya haq na alloh nu tos nyaangan ieu Alam Dunya katut rawuh jeung eusina ku (Nur-na) nyaeta “Johar Awal” cahaya mimiti.

Karna didieu urang patut nyukuran ku tafakur diri ka alloh ku nyebatkeun Asma-na Alloh Ta’ala nu Maha Agung nu “Laisa kamitslihii“
Parah-parah kana milampah hirup tangtuna aya tuntunan/padoman hirup keur umat Islam nyaeta ;

-  Al-Qur’an
-  Sunnah
-  Ijma
-  Qiyas

Tidinya urang kudu netepkeun diri “Sidiq-na” ka Nabi Muhammad SAW.

Cara netepkeun diri urang carana ku sholat, nu sakumaha di parentah ku Alloh ka Nabi Muhammad SAW, baris dibenteng ka islaman urang ku Rukun Islam / ku Rukun Iman. Tah ieu bebenteng keur umat islam masalah aqidah / nyaeta ka tauhidan urang ka alloh. Eta ngarupakeun:

- Cahaya (nur-na) kaimanan manusa ayana dina “a’inun Bashoroh”(hate manusa).
- Cahaya (nur-na ) kaislaman manusa ayana dina “Sua’aul Bashiroh” (akal manusa)
- Anu baris ngahirupkeun eta alam dunya jeung saeusina, eta ayana ‘Haqul Bashiroh” hakekatna haq na Alloh nu nyaangan ku (nur-na) cahaya sa-alam dunya.

Hate /jeung akal manusa baris di dukung na ku pasukan (warid) tentuna Alloh SWT. Q.S. 2 ayat 201/202.

Anu moekan hate/ akal urang di dukungna ku pasukan (warid ) hawa nafsu amarah bisu nyaeta syetan/iblis jeung sajabana. Q.S. 2 ayat 257.

Ringkasna didieu urang kakara jelas saha urang, saha alloh. Jadi :

- Alloh SWT haq-na Nabi Muhammad SAW
- Haq-na Nabi Muhammad SAW hak-na Alloh SWT

Da kumargi di jenengan-na aya lafat “tasjid” johar awal tea.
Tah didieu oge di uningakeun di ayat 43/56 Q.S. Al-Ahzab.

Alam Ahadiyat hakekatna Dzat Alloh Ta’ala awalna Johar(cahaya tasjid mimiti)
Alam Wahdat hakekatna Sifatna Alloh Ta’ala awalna cahaya Padang Gumpalan Dzat.
Alam Wahidiyat hakekatna asma Alloh ta’ala awalna aya jenenganna alloh
Alam Arwah hakekatna Alam Rahim (kandungan) awalna manusa dihirupkeun ku alloh dina opat bulan dina kandungan.
Alam Ajsan hakekatna alam dunya  awlna manusa milampah hirup di dunya
Alam Misal hakekatna Alam Kubur. Tamat dina kahirupan dunya.
Alam Insan Kamil hakekatna alam barzah ahir dimana manusa dikumpulkeun na di padang mahsyar.

nu tujuh eta ngarangkum kana  7 lapis langit 7 lapis bumi. Intina :

- langit 7 lapis - jeung  -  7  lapis bumi          

Kalimah syahdat intina :

-  Haq-na Alloh haq-na ka Nabi Muhammad SAW
-  Haq-na ka Nabi Muhammad SAW haq-na Alloh

لآ اِلَهَ اِلّا اللّهُ مُحَمَّدٌ رَسُوُل اللّهِ. La ilaha ill Allah Muhammadur Rasul Allah


Susuci
Sri suci tunggal sabangsa,
Banyu suci tungggal sabangsa,
Geni suci tunggal sabangsa,
Braja suci tunggal sabangsa,
Suka suci mulya badan sampurna,
Sampurna kersaning Allah ta'ala,
Lailahaillallah Muhammadarrasulullah.

Baca Juga :

Tidak ada komentar