Durma: Save Jatigede Ayeuna


Save Jatigede Ayeuna 

Uga ngeunaan Jatigede Sumedang
Metu geus ti bihari
Dibeundung dikeueuman
Dermayu guntur ku cai
Cikawedukan eusi Nagari

Sab lamun jadi awalan kecap UGA
Tiap Sunda sing ngarti
Karuruhun ngawawadi
He nu ayeuna
Riksa tuh lemah cai
Ngoletrak kasaatan


Sapunggelan waktu mangsa urang hudang sare
Mingkin tambah tur ngalegaan
Waktu tunggul rahayu mangsa muara tangkal darajat
Bentang wuluku nganteur sarangenge atra masih rarehe

Robah ki Sunda cicirenna sirnana supa ngilang ti Tri tangtu buana
Na bakal balik deui?
Pananya nguwak-ngawik rasa sajati trah Galuh Pakuan
Puseur kaSundaan
Mangka raksa mangka jaga pake hate

Sangkanjaya nyakseni
Saksina Astanagede
Ajeg nagari geus deukeut
Nu makalangan Ki Sunda
Dayeuh muru karahayuan atawa kaboboran?



Baca Juga :

Tidak ada komentar