Catur Gunem Dina Facebook Ngahiangna Prabu Siliwangi

Kuring dina FB nuliskeun eta tulisan loba nu ngalikena : "Beuh dina blog masih aya keneh wae anu percaya prosa/tulisan ngan lain ari naskah mah, jiga "naskah carita parahyang" ngahiangna prabu siliwangi yen prabu siliwangi wangi teh ngahyang jadi hyang...Arek diajar guguru ah ambeh RAHgana bisa ngahyang katut RUHanina sugan aya guru nu tiasa, hii...hii...hii"

Tah ieu catur gunem dina FB teh :

Maximilan Angel : Prabu Siliwangi nu bergelar Sri Badugamaharajadiraja Ratu Haji Pakwan sanes....

Dedie Kusmayadi : Muhun kang Maxmilian Maximilan Angel...hii..hii

Dedie Kusmayadi : Kapan eta prabu siliwangi oge kantos tatapa di CIPAKU darmaraja Prabu Haji Purwa Aji Putih teu Ngahiang...hii...hii...hii

Roses Tanjungsari : saur bapa, prabu siliwangi ngahyang dina dongeng, makana wilayahna jadi parahyangan. janten anu leres aanu mana? atuh makamna dimana? makam putrana pan aya d cirebon pangeran xakrabuana (Walangsungsang) masa makam ramana. teu aya?

Maximilan Angel :  Eta cerita atau dingeng nok

Maximilan Angel :  Ncan aya carita di jagad iyeu manusa trojol ti batum pasti ti indung jeung ramana

Dedie Kusmayadi : Kieu wae atuh bu Roses Tanjungsari...ku margi upami jalmi kapungkur mah resep tirakatan/tatapa..sareng tara ditutur ku rencang atanapi batur janten dina pupusna moal aya nu terangeun...komo ditambihan janten maung mah hii...hii...hii.

Roses Tanjungsari : ih sararieun janten prabu siliwangi the gaduh kadijayaan ka syetan atau jin meureun nya? ikh. ikh. astagfirullaah. untung gaduh putra putu anu sholeh sholehah anu ngadoakeun

Roses Tanjungsari : tapi ketang d mol dikabulkan ari ngadoakeun kanu musrik dan kapir mah

Dedie Kusmayadi : Tah eta cariosan prosa ngahiangna prabu siliwangi janten "karomah" prabu Baduga Maharaja Ratu Pakuan /Prabu Siliwangi...komo dicarioskeun janten maung mah...hiii...hiii. Bu Roses...punten leupat nyebat karomah nu leres mah...

Aan Merdeka Permana : Dedie Kusmayadi Cobi, ngontak ka Bah Bima Hudira Cakra@ anjeunna gaduh teori ngahyang diterangkeun gaya ilmiah modern. Tilu taun kapengker paelmuan ngahyang Sunda kantos ditalungtik ku ilmuwan Amerika.

Dedie Kusmayadi : Gaya Cakra Amerika mah teu percanten ah kang aam pencetus nage apal...anu sok disebat New Age atanapi GZB tea...anu dipelopori ku madame b

Aan Merdeka Permana : Dedie Kusmayadi Cobi ngontak ka Bah Bima Hudira Cakra anjeunna gaduh teori ngahyang diterangkeun gaya ilmiah modern. Tilu taun kapengker paelmuan ngahyang Sunda kantos ditalungtik ku ilmuwan Amerika.

Dedie Kusmayadi : oh muhun atuh kang aam pami kang aam tos mendakan mah...heee..hee...hee...hebat atuh ah...

Roses Tanjungsari : jalmi anu tiasa nghyang berarti ngelmu syetan atuh

Dedie Kusmayadi Mung duka presiden Soekarno wae nu numutkeun para kuncen nu kantos tirakatan di aji putih (elmu bodas) pan teu ngahyang hii...hii..hii

Dedie Kusmayadi : boa-boa engke sangges makom eyang aji putih di keueum ku cai sagara jatigede disebut onom jiga di lakbok...palias nista teuing eyang haji aji putih disebut onom..jiga di lakbok...sanes kitu kang Koko Baranyai Baranyai kang Maximilan Angel

Dedie Kusmayadi : Deudeuh teuing Pami aji putih kedah disebat Onom sapertos dilakbok Ciamis mah...hii...hii..hii mani harebat urang ciamis mah ngahyang jaranten onom..

Dedie Kusmayadi : Da cenah ceuk si papap (alm) baheula mah loba onom cenah dilakbok mah...keun wae onom maungna urang kukut..haa...haa...haa.

Mang Kaby : aji putih ~ cipaku ~ darma raja ~ sumedang, eta elmu ma'rifat, tilem ~ moksa ~ ngahyang... aya dina Sewaka Darma tea. Haji ~ Hiji ~ Ngahiji ~ Tekad, Ucap, Lampah, Ngahiji... Saciduh Metu Sakecap Nyata, Usikeun Pikiran, Hate, Jeung Raga ka Nu Kawasa, Darma Wawayangan wae.

Engkos Kosasih Nu teu percanten nya sok wae..bade percanten mangga..memang susah da boga alesan masing masing .. mun nu tiasa ngaraga sukma pasti percanten,

Dedie Kusmayadi : Apan orang dayak oge waktu nigasan beuheung urang madura basa kles anu ngalayang teh mandauna mungkul tanpa wujud cenah na eta digerakeun ku hyang kitu atawa ku jin/siluman/genderewo jsb. Eta carita pembantu kuring urang cijambe cikelet anu keluarga pernah transmigrasi ka daerah kahiangan dayak kalimantan...

Dedie Kusmayadi : Tah mun carita si papap (alm) mah lain deui harita keur mimiti pisan muka lahan pembukaan lahan baru di kalimantan teh...biheung mun si papap teu boga kasumedangan mah meureun geus teu aya nyawaan, da urang jawa mah mah ngan kuat ngan saukur saminggu di bere cai di warung tapi terus utah getih..nya nepi ka perlayana di kalimantan teh..pirakadar ngaheureuy awewe di warung kopi urang dayak jero ceuk bapa uing alm. Babeh harita kuat nepi ka 2 tahun di kalimantan dayak jero teh. Tapi kalah diteror terus-terus mah bapak uing oge balik...ka sumedang deui ieu lain carita ngarang da ka alaman ku bapa uing...

Aji Guna Sampurasun, seja mairan luang nu kantos ditalutur ku para sepuh nu pupuh nu parantos ha'at ngaguar tutungkusan

Asep Enang Hasanudin Ari ngahyang definisi na kumaha waktu harita?


Dedie Kusmayadi: Nya saya ge teu apal kumaha eta konsep ngahiang baheula teh apan aya oge anu maot, nu Rahgana dibeuleum atawa dikremasi terus abuna diawurkeun dilaut....apan ayeuna oge aya...tah mun geus dibeuleum eta tandana moksa teh...

Aji Guna : Turaes turaes, turaes kabobongkong smile emotikon

Dedie Kusmayadi : Turaes...turaes kabobongkong ku carita sabenerna eta prabu siliwangi lieur cenah mikiran anak jeung pamajikan jeung selir parebut warisan akang arek tilem/ganti carita/ganti lalakon/hijrah heula... heulanya nya...haa...haa...haa sanes kitu kang Aji Guna.... Kang Batara Kala jiga kisah presiden saha...tah...

Aji Guna : Dina Qur-an disebat ngeunaan naon anu disebat PANGASALAN, nyata jalan/ambahan nga-Asal Usulkeun diri, aya Elmu Ra-Hyang (Elmu Pangasalan Seuneu) Cepengan Idajil "Kholaqohu min sijjin (Seuneu nu kacida panas)", aya Elmu DangHyang (Elmu Pangasalan Taneuh) Ageman Adam "kholaqohu min thurob - min tin - min sholsolah (dicipta tina Taneuh), aya Elmu SangHyang (Elmu Pangasalan Cai) Cepengan Adam nu di wariskeun ka Syits As diwariskeun deui ka Sayyid Anwas diwariskeun deui ka Khidir As (Waluya Putra Malaka / Balya Ibnu Mulkan) "khuliqo min maa-in daafiq (dicipta tina cai anu mancer)"

Asep Enang Hasanudin : Nyakseni,

Aji Guna : Nalika Gusti ngajarkeun "Asmaa-a Kullaha" ka Adam As, nya laju bae Adam As weruh ka sakur nu Maojud di Buana, nyaho di aran Taneuh Sahingga cacap Sahadat Bumi nu jadi Sahadat Pangasalan Raga, Nyaho di Herang Herang araning Cai tur cacap mafhum kana Syahadat Cai, Syahadat Pangasalan Rasa.

Aji Guna : Barang Syits As Apuputra Sayyid Anwar ti Dewi Dulajah (Putri Idajil) tur Sayyid Anwas ti bangsa Manusa, Ulikan Pangasalan kabagi Dua: Sayyid Anwar nu nurunkeun Para Dewa / Para Batara kawaris Elmu Ra-Hyang ti Idajil, ari Sayyid Anwas kawaris Elmu DangHyang sareng Elmu SangHyang ti Syits As, Sayyid Anwas nurunkeun Para Nabi / Para Wali, numawi dina Syare'at Agama (Ajaran) para Nabi Para Rosul tur para Pakakas Susuci teh upama teu ku CAI nya ku TANEUH (Tayamum)

Dedie Kusmayadi : Maca alam aji purwa tea nya kang aji nu asalna tina taneuh(turab), cai, seneu, sareng HUdara...kuring nu ngabogaan kurungan

Aji Guna : saparantos ngabahas heula jalan jalanna, kantun urang ngabahas ulikannana janten moal pacorok sareng pagentos antawis Nga-Hyang ku Elmu Pangasalan SEUNEU ~ TANEUH sareng CAI.

Dedie Kusmayadi : Sae kang aji...sapagodos jempol pisan kang Aji...kantun milih bade milih anu mana ulikanana seuneu, tanah atanapi cai nu akhirna mulih jati mulang ka asal teh...

Aji Guna : heuheu, Hawa-un nu ditiupkeun dina satutasna SABULAN NGAHERANG DUA BULAN LUMENGGANG TILU BULAN GUMULUNG, kakara ka-Opat ditiup numawi kajadian GUMETER : Ditalqin "Alastu bi Robbikum..." (Dzikirna "ALLAAH" : Itsbat Ma'rifat), ari barang ka-9 Medal kakara ngarenghap, narik napas (Dikirna "HU" : 'Aroful Ma'arif)

Dedie Kusmayadi: Bahas ah atuh ti ngawitan kumaha ulikan/cecekelan tilem/ngahiangna prabu Siliwangi teh kang Aji hee...hee...hee

Aji Guna :  duh ampun paralun, teu kumawantun teuing ngabahas so'al Ulikan mantenna anu sim 'Neng teu terang da memang teu nyaksian dina jamanna mantenna jumeneng sumawonna nalika nga-Hyangna, nu aya ukur carios nu dicarioskeun deui, mung ku ngadadar Cara Nga-Hyang nu disebat nembe di luhur sakedikna urang kenging gambaran, ulikan mana nu diagem ku mantenna

Aji Guna : 1.Dina Ulikan Elmu RA-Hyang (Seuneu), nga-Hyangna ku cara Nga-Manu Raja Sunya/Ngawereng Geni (ngaduruk raga ku elmu), carana meditasi mayun ka salah sawios Manda Papat bari mepet panca driya, mapatkeun Syahadat Geni sareng Pangasalannana, anu teu kadugi ku Ulikan Elmu Tapana nya dimana maot disyare'atan ku cara diduruk layonna nganggo Kayu Gahru / Cendana ngalangkungan hiji upacara anu dipingpin ku Pandita Agung nu Uninga prakprakanna, sapertos anu diagem ku kaom Hindu dugi ka ayeuna.

Aji Guna : 2. dina Ulikan Elmu DAng-Hyang (Taneuh), nga-Hyangna disebat TILEM, carana meditasi mayun ka salahsawios Manda Papat bari mepet panca driya, mapat Syahadat Bumi sareng Pangasalannana, ari anu teu kadugi ku sacara Elmu + Tirakatna sareng Kana'atna nya dimana maot layonna disyare'atan ku cara di kubur sapertos kaom Islam Kristen Yahudi.

Aji Guna : 3.dina Ulikan Elmu SAng-Hyang (CAI), carana meditasi mayun ka Salah sawios Manda Papat bari Mapatkeun Syahadat Cai sareng Pangasalannana, anu teu tiasa kadugi ku tempuhan Elmu sareng Tirakat Kana'atna nya disyare'atan dimana maot layonna dilarung ka Laut, mung cara ieu tos teu ilahar deui.

Aji Guna : Upami gemet ngaos tur neuleumannana sadayana natrat Ayatna dina Qur-an

Aji Guna : Sih hapunten Siliwangi mana nu dimsksad, Prabu Jaya Dewata, Prabu Nilakendra atanapi Prabu Nusiya Mulya (Surya Kancana)?

Asep Enang Hasanudin : Anu waktos pajajaran burak, tapi sanes surya kancana, pan anjeuna mh nyungsi ka pulo sari saurna

Aji Guna : sakaterang mah saparantosna neuleuman Carios Nga-Hyangna Pajajaran, aya sabaraha pamendak, saur sakaol Karajaan mah teu nga-Hyang nanging karaton nu heubeul musna ku jaman sabadana dikantunkeun kosong ku sapangeusi nagara margi kontruksi bangunan Karajaan Sunda anu langkung seueur ngagunakeun material kayu tinimbang tembok/batu/bata sapertos di Jawa. nu di Pajajaran tengah kantenan runtag dirurug nalika peperang sareng Surasowan, nu di Pulosari jaman Ratu Dewata diduruk ku pasukan Banten, kitu numutkeun sakaol mah, janten nu dimaksad Nagara Di-Hyangkeun dina Babad Carios sanes dileungitkeun ku Elmu nanging dialihkeun ka Jagat Carita (Alam Papantunan) da bukti fisik nu kari bubukna oge seuseurna mah reya nu diilangkeun disumputkeun tur dipalungkir

Asep Enang Hasanudin : Taah gening asup akal kitu mah nyah.

Aji Guna : Nunawi aya catetan ti Scipio (Juru Talungtik Walanda) yen inyana kungsi manggihan palataran nu diduga kuat tilas Karaton Sunda (Pakuan Pajajaran) nu geus jadi panonoban Maung

Maximilan Angel : Tah di dieu Sriman Sriwacana netepkeun Sri Baduga Maharajadiraja Ratu Haji Pakwan jadi Raja Pajajaran, punten bilih leupat


Aji Guna : leres eta nu disebat Watu Gilang Batu tempat Panobatan Raja Raja Sunda

Aji Guna : upami nga-Hyangna Prabu Siliwangi anu dimaksad (rupina dugaan nu langkung kiat langkung ngarah ka Prabu Nilakendra), aya carios ti sepuh kieu, saparantosna paburisat di Jampang, anjeunna nyukcruk/ngalari patapan Buyutna Suwargi (Prb.Jaya Dewata) ka wewengkon Ci Laut teureum (wewengkon sancang), di hiji guha di dinya anjeuna ngolah Kasampurnaan dugi ka Moksa.

Asep Enang Hasanudin : Berarti saha atuh nu nyerat di batu tulis teh

Asep Enang Hasanudin : Nu kaduana ngahyang na prabu siliwangi ku alatan naon,,naha gering,,naha di guna siksa,,naha kumaha,,nu kamungkinan eta di sebag nilakendra tea,,,pan dinu pantun bogor disebutkeun,,ngahyang na raja jeung rahayat na katun karaton na,,,

Aji Guna gan Asep : eta mah saur Carios Prabu Surawisesa, kanggo ciri pangeling-eling oge panghurmatan kanu janten Ramana (Prabu Jaya Dewata) anu kalintang ageung jasana nu parantos sukses mingpin Nagara nyorang jaman ka-emasan (kajayaan)

Asep Enang Hasanudin : Upami nu kapendak dinu batu tulis sareng pantun bogor,,aya sabaraha paragraf anu rada benten,,,dinu pantun bogor disebutkeun seolah olah eta kajadian th nalika raja jeung rahayat na asruk asrukan ka hiji wewengkon basisir laut,,,tah kumaha kang ngeunaan btu tulis sareng pantun bogor

Aji Guna : saur carios sepuh mah kieu, nanging ieu mah saur carios (waAllaahu a'lam) da teu nyakseni, saparantosna dugi ka Guha (nyalira) lebet ka guhana teras sasanggem saur basa kiwari mah kirang langkung kieu: "duh Gusti dugi ka kieuna nanasiban kula, tapi kaula moal ngarasula da salila jadi raja geus weureu seubeuh ku kasenangan hirup, kadaharan sarwa ngeunah geus sagala kaasaan, matak moal dipake tunggara ayeuna kaula barang dahar sakapangihna oge", ti dinya ngolah sejana moksa, biasa tuang pupucukan ngawitan dikirangan, saterasna cekap ku ngaleueut cai nu aya di lebet guha, malah lami-lami ngaleueut cai ge dikirangan dugi ka cekap sakeclak sadinten tina cai nu ngeclak tina lalangit guha (stalaktit)

Asep Enang Hasanudin : Berarti aya kesimpulan tinu bahasan ieu nyah, ngahiyang lain berarti maot wae, tapi mindah alam lalakon kahirupan manawi.

Aji Guna : leres.

Aji Guna : saterasna deui ngaleueut Cai sakeclak ge tos henteu, cekap ku olah napas, margi dina udara anu diseuseup tos aya anasir/aci acining cai/saripati alam nu tiasa diolah ku Olah napas jadi kakuatan (energi), ti dinya ngawatek aji sahingga awakna ancur janten energi (nu mawi disebat aya di euweuhna - euweuh di ayana da puguh sipatna Energi), malah nyumponan kana wangsitna ku anjeun "mun Kaula datang hamo katenjo ku panon, nyarita hamo kadenge ku ceuli, tapi ku ciri wawangi (Wangi dina Basa Pajajaran sanes seungit tapi SUCI)

Asep Enang Hasanudin : Mulih ka jati mulang ka asal tea, hirup hurip sampurna.

Aji Guna : janten carios Sukmana teu acan unggah ka Mandala Hyang tapi masih aya di Mandala Wangi bari ngadago wayah Pajajaran Ngadeg deui diadegkeun ku Kudrat Kawasana Gusti, sanes Mandala Wangi tempat anu tiasa dipaluruh ku suku sareng dituduh ku curuk, nanging maqom Ka-Suci-an.

Asep Enang Hasanudin : Sae kahartos kang.

Asep Enang Hasanudin : Kantun urang ayeuna mh ngeureuyeuh nikreuh nutur lacak tapak nu tos manjing ka suciana,,mudah mudahan gusti marengkeun...amiin.

Aji Guna : tiasa janten anu kagungan pamikiran salancar mah malungkir maqom ka-Suci-an SILIWANGI, padahal Gusti Nu Maha Suci netelakeun samalah ngajamin kieu: "Man Jahada Fii-Naa lanahdiyanahum subulanaa... : sing Saha anu jalma-jalma di jalan Kami/hayang Pinanggih jeung Kami, yakti Kami nuduhkeun jalan-jalanna (Pangasalannana)", jadi anggapan Prabu Siliwangi nga-Hyang jadi Maung (sato) mangrupi intrik kanggo ngalemahkeun Pangaruh Siliwangi tina ati urang Sunda supados ngalih manutna ka Rosul, nanging ku ulikan beh dieu diwangikeun deui cenah Maung teh siloka "Manusa Unggul" najan eta kecap teh saperti kirata nu disurupkeun

Aji Guna : bilih aya nu nganggap Siliwangi sanes Islam, cing naros ari SUMERAH DIRI ka Gusti naon disebatna? apan dina carios oge anjeunna batan Taluk/Serah bongkokan ka Manusa mah kajeun Sumerah pasrah ka Gusti Nu Maha Tunggal.

Asep Enang Hasanudin : Leres pisan kang, seueur sajarah nu diruksak demi ambisi.

Asep Enang Hasanudin : Malah dugi ka perkawis ageman ge di "jual" demi sebuah tulisan sejarah.

Aji Guna : nanging eta mah ketang saukur pamendak, sadayana wangsul deui kana kayakinan sewang sewangan, Kayakinan nu wening tanpa kapulas ku warna jeung kauger ku sesebutan, sih hapunten tos kapapanjangan mairan, mugia dina aya benten pamendak teu janten rengating penggalih, salam Rahayu ka sadayana

Asep Enang Hasanudin : Sumuhun kang, kedah kitu sakapendak na malihan janten panyampurna na elmu, perkawis benten mah, tingal manah sareng maneuh urang sadayana. Rahayu Kang

Aji Guna : Cag katukang mah nu sae geusan tuladan nu awon pakeun eunteungeun, ulah janten pangkal pasea, cekap kapungkur we hoghag dulur sareng baraya teh, Kiwari mah ulah SUNDA MASEAAN SUNDA, ULAH SUNDA HUHULUAN, PAGIRANG GIRANG TAMPIAN, CALIK GIRANG GEDE AJANG, PAREBUT DIPAYUNG TANGTUNG, anggur sing SUNDA SAMANGGARAN da SAASAL SAMUNGGARAN, Baheula SAPAJAJARAN, RAWAYAN ning Ibu Agung Rama Agung Tapel Adan Babu Hawa. ayeuna mah kantun ngemutan lengkah ka payun, ngaguritkeun lalakon urang geusan sajarah guareun anak incu putu turunan nu bakal datang, sageuy urang rek tigebrus dina jalan carita anu baheula, urang diajar MOVE ON atuh ulah janten korban sajarah kaleleban ku carita, poho kana tincakkeun jeung sorangeun ka hareup, pan saur Eyang Prb.Siliwangi ge "PRAK GEURA NARINDAK, ULAH NGALIEUK KA TUKANG !!!"

Aji Guna : Nambihan perkawis Moksa dina ulikan Elmu Cai anu kamungkinan dianggo ku Prabu Siliwangi cobi tingali Data Qur-an Surah Al-Hajj ayat: 20 "Ku Cai eta diancurkeun pangeusi beuteungna jeung kulitna" : Hajj 20 = H2o = Hidrogen, 75 % raga manusa teh Cai, 75% otak manusa oge cai, hawa Cai teh lain tiis tapi justru panas, ku Ulikan Elmu Pangasalan Cai, saurang manusa mampu ngancurkeun ragana ku Panas anu satara jeung Bom Hidrogen.

Baca Juga :

Tidak ada komentar