Papatah Kolot Baheula

Tina cai urang diajar katengtreman

Tina batu urang diajar kategeran

Tina taneuh urang diajar kahirupan

Tina kukupu urang diajar ngarobah diri

Tina pare urang diajar handap asor

Tinu Maha Agung (Alloh) urang diajar ngeunaan katresna nu sampurna

Nempo ka luhur sangkan meunang sumanget                                         

Nempo ka handap sangkan syukuran kana naon nu aya

Nempo ka gigir ngawujudkeun hirup sauyunan

Nempo ka hareup pikeun leuwih hade

Nempo ka tukang jadi eunteung kahirupan

Nempo ka jero pikeun neuleuman diri sorangan
 
Mudu  indit mun keur hayang

Mudu  dahar mun keur lapar

Jauhan pasipatan jukut riut                                                                          

Dipahing hirup lir mangandeuh

Gumelar di marcapada kudu silih nuturusan

Cokot kajujuran buah manggu

Dipatri ku cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

Baca Juga :

Tidak ada komentar