Sumedanglarang Merdeka Sabada Karajaan Sunda Runtag

Kecap Sumedang nurutkeun legenda nu hirup di kalangan rayat Sumedang asalna tina runtuyan kecap “Ingsun medal ingsun madangan”. Ingsun hartina kuring, medal hartina lahir; mandangan hartina nyaangan, mere panerangan. Harti sagemblengna “Kuring lahir pikeun mere panerangan”. Eta kalimah dikedalkeun ku Prabu Taji Malela, dumasar kana pangalaman aheng Sang Prabu. Caturkeun dina waktu masrahkeun tahta karajaan ka salah sawios putrana anu sohor jenenganna Prabu Gajah Agung nu unggul saembara, aya kajadian nu kacida ahengna. Prabu Taji Malela . ningali kaahengan alam sabudeureun Tembong Agung, langit ngadadak hibar kacaangan ku cahaya anu melengkung lir karembong (malela), tilu poe tilu peuting teu robah jeung henteu pareum-pareum, tetep ngagebur. Ari Sumedanglarang, nu dipake ngaran karajaan, bisa age dihartikeun “Tanah upluk-aplak lega taya babandinganana”. Su hartina alus, medang hartina lega, larang, langka babandinganana.

Nurutkeun historiografi tradisional, Karajaan Sumedanglarang nu perenahna di Leuwihideung Darmaraja teh diadegkeun ku Batara Tuntang Buana, putra Guru Aji Putih Raja Tembong Agung. Batara Tuntang Buana, anu ngadegkeun karajaan Sumedanglarang saterusna ngagentos jenenganana jadi Prabu Taji Malela. Sabada mundur tina kalungguhan Raja, jenenganana jadi leuwih mashur Resi Cakra Buana.

Ngadegkeun karajaan oge henteu jangji deg, Sang Prabu tapakur tatapa heula nyepi diri nyirnakeun emutan. Tarapti tur tartib pisan. Samemehna, Batara Tuntang Buana ngalalana milari tempat kanggo panumpen, tempat nu sepi, jauh tina karamean duniawi, di dieu Sang Batara kersana langkung neuleuman elmuning Kasumedangan anu diwangun ku 33 pasal. Di satengahing lalampahan milari kanggo panumpen, Batara Tuntang Buana ngalangkung ka gunung Merak, Gununq Pulosari, Gunung Puyuh, Gorowong, Ganeas, Gunung Lingga, jeung tempat-tempat sejenna. Ahirna Sang Batara mendak tempat anu tumaninah, garenah, sepi simpe tebih tina karamean duniawi, ditelahna Gunung Mandala-Sakti. Nya di dieu neuleuman elmu Kasumedanganana teh, ku gentur-gentuma anu ngelmu, tepi ka Gunung Mandala Sakti teh jadi beulah. Awahing ku luhungna elmu ageman Sang Batara, gunung anu beulah teh heug ku anjeunna dibengker (disimpay) ku elmuna. Tug tepi ka ayeuna eta gunung katelahna Gunung Simpay. Sabada tamat neuleuman elmu, Batara Tuntang Buana lungsur ti Gunung Mandala Sakti, nya ahirna ngadegkeun Karajaan Sumedang-larang. Sabada jeneng Raja mashur jujulukna Prabu Taji Malela. Wilayah kakawasaanana ngalimpudan wilayah Jawa Barat ayeuna dikurangan ku Banten, Cirebon jeung Jakarta.

Ari anu disebut Elmu kasumedangan, eta teh nurutkeun salah sahiji sumber, engkena jadi palsapah hirup urang Sumedang. Tapi sumber sejen nyebutkeun, henteu aya saurang age anu mammpuh ngulik Kasumedangan sabab memang sulit pikeun diteuleumanana.


Karajaan Sumedanglarang
Dumasar kana sumber sajarah anu kaasup historiografi tradisional, Karajaan Sumedanglarang sabada diadegkeun ku Prabu Taji Malela taun 900-an, aya age anu nyebut abad ka 15, terus mekar tur nanjung. Prabu Taji Malela digentos ku putrana anu unggul saembara tea, Sang Prabu Gajah Agung. Harita puseur dayeuh karajaan di Ciguling. Gajah Agung digentos ku putrana nu jenengan Sunan Pagulingan anu digentos ku putrana kaleresan istri, jenenganna Ratu Rajamantii anu nikah sareng Prabu Siliwangi, Raja Sunda Pajajaran. Tayohna mah ieu teh perkawinan pulitis sabab saterusna Sumedanglarang jadi bawahan Pajajaran. Ratu Rajamantri digentos ku saderekna nu jenengan Sunan Guling. Raja-raja saterusna nu ngasta kaprabon Sumedanglarang sacara turun tumurun, ti Sunan Guling ka Sunan Tuakan, terus disambung ku Nyimas Ratu Patuakan, Nyimas Ratu Dewi, Inten Dewata (Ratu Pucuk Umum). Sang Ratu Puck Umum ditikah ku Pangeran Santri putra Pangeran Pamekaran. Mangsa harita puseur dayeuh karajaan dialihkeun ka Kutamaya. Sumedanglarang harita ngalimpudan sababaraha “nagari” kayaning Sumedang (inti karajaan), Karawang, Ciasem, Pamanukan, Indramayu, Sukapura, Bandung jeung Parakanmuncang.

Dumasar kana metoda sajarah, bukti-bukti historis ngeunaan ayana raja-raja anu ditataan tadi, pangpangna dina mangsa awal ngadegna karajaan Sumedanglarang, lemah pisan, ngingetkeun teu ayana sumber sejen anu sajaman nu bisa dipake keur pembanding.

Tapi wondening kitu, sahenteuna makam-makam para raja eta teh nurutkeun katerangan rundayanana anu jarumeneng keneh, makamna bisa kapendak di sababaraha tempat. Upamana bae, makam Prabu Taji Malela di Gunung Lingga, makam Prabu Gajah Agung di Ciganting Darmaraja, Sunan Pagulingan sareng Sunan Guling mah di Ciguling, makam Sunan Tuakan di Heubeul Isuk Desa Pasanggrahan. Makam-makam ieu bisa dipake bukti, awal gelama para raja. Keur bukti tambahan, sajumlah pakarang pusaka, nu dipercaya milik para raja tadi, masih di-simpen dimumule di Musieum Prabu Geusan Ulun Sumedang, di antarana Pedang “Ki Mastak’” gagaman Prabu Taji Malela, Keris “Ki Dukun” gagaman Prabu Gajah Agung jeung nu sejen-sejenna deui.

Waktu karajaan Sunda runtag taun 1579, Sumedanglarang jadi karajaan merdeka. Jaman kaprabuan dipungkas ku generasi ka 9 Prabu Geusan Ulun. Geusan Ulun teh putra Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum. Nurutkeun salah sahiji sumber, Pangeran Santri masih rundayan Sunan Gunung Jati ti Cirebon. Ari silsilahna kieu; Sunan Gunung Jati kagungan putra jenengan Pangeran Panjunan anu kagungan putra jenengan Pamelekaran atawa Maulana Magribi nu nikah ka putri Prabu Linggawastu putra Prabu Linggahiang, ti dieu (ahir Pangeran Santri. Jadi, ti pihak rama, Pangeran Santri katetesan getih Sunan Gunung Jati, ari ti pihak ibu tetesan getih

Sumedang. Tapi sumber sejen, Carita Purwaka Caruban Nagari historiografi tradisional Cirebon anu ditulis taun 1720 nyebutkeun, Pangeran Panjunan teh putra sobatna Sunan Gunung Jati nu sohor jenenganna Syaiif Abdurachman, jadi sanes Syarif Hidayatullah. Atawa Sunan Gunung Jati. Ari Prabu Linggawastu raja Pajajaran anu nyakrawati ngabahudenda di Galuh.


Ngadegna Kasultanan Banten
Katerangan sejen anu medar hal ihwal Pangeran Santri, di antarana nye-butkeun, Aria Deamar putra Prabu Brawijaya Raja Majapait pamungkas, anu dijungjung lungguh di Palembang nikah sareng putri Campa (Gina), tapi waktu ditikah ku Aria Damar sang putri teh keur bobot. Orok anu dibabarkeun ku putri Campa mashur jenenganna Raden Patah anu engkena ngadegkeun Karajaan Demak. Ti putri Gina Aria Damar kagungan putra nu jenenganna Raden Kusen anu engkena ngabaktikeun dirina ka Majapait turta ngagem agama Hindu. Raden Kusen dijungjung lungguh jadi adipati di Terung (Surabaya), gelarna Pangeran Pamelekaran.

Sajeroning kitu, Raden Patah raja Islam munggaran di Pulo Jawa sasarengan jeung Pangeran Pamelekaran tea nalukeun Majapait. Sabada peperangan lekasan, Pangeran Pamelekaran angkat ka Cirebon guguru ka Sunan Gunung Jati anu saterusna nikah ka putri Sunan Gunung Jati nu jenengan Nyai putri Mertasari. Pangeran Pamelekaran jeung Putri Mertasari kagungan putra anu dipaparin jenengan Pangeran Santri. Rupa-rupa versi nembrakeun pamanggihna masing-masing ngeunaan Pangeran Santri. Nu poenting nu jenengan Pangeran Santri bener-bener kungsi aya. Jadi jelas, Pangeran Santri teh memang Pangeran, tapi teu dijentrekeun naha disebat Santri. Naha Sang Pangeran teh memang santri nu nyantri (soleh) atawa memang santri teh jenengan Sang Pangeran. Kusabab Pangeran Santri nikah sareng Ratu Pucuk Umum, jadi dianggap Bupati munggaran di Sumedang. Bukti historisna, makam Pangeran Santri ayana di Pasarean Gede Gunung Ciung, Sumedang.

Taun 1526 Sunan Gunung Jati nalukeun Banten Girang anu jaman harita mangrupa kata palabuan Karajaan Sunda anu kacida ramena tur penting. Teu kungsi lila Sundakalapa age palabuan Karajaan Saunda di Jayakarta direbut. Sunan Gunung Jati ngadegkeun karajaan di Banten, waktu Sunan Gunung Jati ngalih ka Cirebon, Karajaan Banten dipasrahkeun ka purana nu mashur Pangteran hasanudin anu saterusna ngalakukeun konsolidasi kakawasaan sakaligus ngamantepkeun agama Islam di patilasan Karajaan Sunda ieu. Taun 1579 putra Maulana Hasanudin nu mashur Maulana Yusuf ngagentos ramana jadi pangawasa Karajaan Banten, ngarebut Karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran. Ku jalan kitu, Karajaan Sunda runtag, sajeroning kitu Sumeanglarang merdeka.


Sabada Karajaan Sunda runtag, Prabu Geusan Ulun nalendra Sumedanglarang, nyoba-nyoba ngagentos kalungguhan Raja Sunda ku jalan ngabewarakeun, wilayah Karajaan Sunda di antara walungan Cisadane jeung Cipamali iwal tri Banten, Jayakarta jeung Cirebon jadi wilayah Sumedanglarang. Eta teh dumasar kana kajadian sajarah dipasrahkeunana Makuta Binokasih ku opat kandaga lante ti Karajaan Pajajaran, Embah Jayaperkosa (Sayanghawu), Terong Peot, Kondang Hapa jeung Nagganan, anu kaamanatan ku Prabu Seda raja Pajajaran pamungkas. Dialihkeunana pusaka hiji karajaan, nurutkeun sistim pamarentahan tradisional, bisa dihartikeun upaya legitimasi pangalihan kakawasaan. Jadi, Geusan Ulun geus nyoba ngalegitimasikeun kakawasaanana ka wilayah Karajaan Pajajaran ku jalan mastikeun jeung ngayakinkeun, pusaka Pajajaran geus dipasrahkeun ka Raja Sumedanglarang. Makuta Binokasih tepi ka ayeuna disimpen di musieum Geusan Ulun Sumedang, (duplikatna sok ditarambut ku para menak Sumedang keur anggoeun panganten, malah waktu Tutut Siti Hardiyanti putra Pa Harto nikah ka Indra Rukmana age makuta Binokasih dianggo ku sang panganten).

Sajeroning kitu, nagari-nagari anu perenahna jauh ti pusat Karajaan Pajajaran, sabada nyarahoeun Banten geus nalukeun Raja Sunda, tingporosot ngaleupaskeun diri. Sumedangarang anu hayang ngaganti posisi Karajaan Sunda kapaksa kudu ngalakukeun konsolidasi deui. Tapi teu mampuh sabab tibabaradug kana rupa-rupa masalah. Kahiji ayana kakawasaan karajaan sejen nu ngepung ti saban madhab. Ti kulon Banten, ti kaler Cirebon, ti wetan Mataram. Banten anu nalukeun Pajajaran moal sukaeun Geusan Ulun ngaganti posisi urut daerah patalukanana.

Lian ti kitu, tindakan Prabu Geusan Ulun ku anjeun dina kalungguhan Nalendra geus ngalemahkeun kakawasa-anana. Caturkeun Geusan Ulun ngadeuheus ka Cirebon guguru ka Panembahan Girilaya ngulik bagbagan kaagamaan malah teu kapameng, Naklwenbdra Sumedanglarang teh leuwih neuleuman Islam di Demak. Ku jalan kitu Cirebon ngarasa diaku Superioritasna sanajan ukur dina widang agama. Ku kituna Cirebon ngaku Geusan Ulun jadi pangawasa Sumedanglarang. Tapi silaturahmi anu hade ngadadak ancur lebur lantaran Geusan Ulun geus milampah kalakuan nirca. Samulihna guguru di Demak, Geusan Ulun Sindang di Cirebon, kulem di Karaton Pakungwati. Di dieu sang Nalendra tepang teuteup sareng Ratu Harisbaya garwa Panembahan Ratu anu yuswana geus sepuh. 

Tina tepang teuteup bet jadi kapentang mamaras manahna ku panah asmara anu geulis Harisbaya, cinta lila bersemi deui, geus henteu bisa disieuhkeun deui, anggur tambah lengket masket. Geusan Ulun nekad nyandak kabur Harisbaya ka Sumedang. Kantenan Sulran Cirebon bendu. Balukarna kajadian perang campuh Sumedang-Cirebon. Geusan Ulun ngalihkeun puseur karajaan ti Kutamaya ka Dayeuh luhur hiji pasir nu anggang ti Kutamaya. Panembahan Ratu mundut bongbolongan ka Sultan Mataram anu parantos ngahadiahkeun Harisbaya terah Pajang-Madura ka anjeunna. Harisbaya ahima dipirak, Geusan Ulun kudu nebus talakna ku jalan masrahkeun sabagean wilayah Majalengka ka Sultan Cirebon. (Dicutat tina Mangle No. 2158)


Sumedang Larang di Jaman Prabu Geusan Ulun
PANGERAN Angkawijaya alias Geusan Ulun, dijungjunglungguh jadi raja Sumedang, 13 bulan sabada wafatna Pangeran Santri. Kaharti sabab harita Geusan Ulun umurna Karek 22 taun, sedengkeun nurutkeun tradisi heubeul, nu diangap dewasa teh umur 23 taun. Ari sababna nu utama, nurutkeun Pusaka Kertabhumi I/2, nya eta: Ghesan Ulun nyankrawartti mandala ning Pajajaran kang wus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedanglarang haneng Kutamaya ri Sumedangmanala. (Geusan Ulun marentah wilayah Pajajaran nu geus runtag, nya eta sirna ti bumi Parahyangan. Karaton ieu raja Sumedang teh ayana di Kutamaya di wewengkon Sumedang).

Saterusna disebutkeun ”Rakryan samanteng Parahyangan mangastungkara ring sira Pangeran Ghesan Ulun” (Para penguasa sejen di Parahyangan/raja daerah, ngarojong Pangeran Geusan Ulun). Kecap samanta = bawahan. Istilah anyakrawarti biasana ngan dipake ka pamarentahan, raja merdeka tur lega kakawasaanana. Daerah kakawasaan Geusan Ulun, watesna Cipamali di wetan, jeung Cisadane di kulon. Sedengkeun di kaler jeung kidul watesna laut. Sabenerna legana daerah kakawasaan Geusan Ulun teh katembong tina surat nu kungsi dikirim ku Rangga Gempol III ka Gubernur Jendral Willem van Outhoorn tanggal 4 Desember 1690. Dina eta surat Rangga Gempol menta sangkan daerah kakawasaanana dibikeun deui, sakumaha legana kakawasaan buyutna nya eta Geusan Ulun. Ceuk Rangga Gempol III, dina mangsa kakawasaan Geusan Ulun teh ngawengku 44 raja daerah 26 kandaga lante jeung 18 umbu (tapi ceuk babad mah, ngan 4 kandaga lante). Rangga Gempol III ngan ngawasa 11 daerah tina 44 teh. Sesana geus jadi kawasan Bandung (8 kandaga lante), Parakanmuncang (9 kandagalante), jeung Sukapura(16 kandagalante).

Pereleanana :
Di Kabupaten Bandung: Timbanganten, Batulayang, Kahuripan, Tarogong, Curug Agung, Ukur, Marunjeng, jeung daerah ngabei Astra Manggala.

Di Kabupaten Parakanmuncang : Selacau, daerah ngabei Cucuk, Manabaya, Kadungora, Kandangwesi (Bungbulang), Galunggung (Singaparna), Sindangkasih, Cihaur, jeung Taraju.

Di Kabupaten Sukapura : Karang, Parung Panembong, Batuwangi, Saungwatang (Mangunreja), daerah ngabei Indrawangsa Taraju, daerah ngabei Yudakarti Taraju, Suci, Cipinaha, Mandala, Nagara (Pameungpeuk), Cidamar, Parakan Tiga, Muara, Cisalak, jeung Sukakerta.

Dumasar eta kanyataan katangen yen kakawasaan Geusan Ulun ngawengku Sumedang, Garut, Tasik, jeung Bandung. Wates ti wetan walungan Cimanuk-Cilutung ditambah Sindangkasih. Beulah kulon walungan Citarum-Cisokan. Nu luput tina perhatina panulis babad, nyaeta ti taun 1482, Cimanuk geus jadi wates Kasultanan Cirebon. Anapon Ciamis jeung Majalengka, ti mimiti perang Palimanan(1528), jeung perang Talaga (1530) geus jadi bawahan Cirebon.

Geusan Ulun/Angkawijaya meunang pangrojong, ti 4 sadulur urut senapati jeung gegeden Pajajaran, Nya eta Jayaperkosa, Wiradijaya (Nanganan), Kondang Hapa, jeung Pancar Buana. Arinyana veteran perang Pakuan nu masih keneh mibanda kapanasaran, sabab gagal mertahankeun “Pakuan” puseur dayeuh Pajajaran nu geus dibelaan salila welasan taun. Najan kitu arinyana bisa keneh nyalametkeun mahkota, jeung atribut karajaan, nu nepi ka ayeuna masih keneh diteundeun di museum Sumedang. Sacara singget Pustaka Kertabhumi ngabewarakeun, ngeunaan eta 4 sadulur ”Sira paniwi dening Pangeran Geusan Ulun. Rikung sira rumaksa wadyabala, sinangguhan niti kaprabhun mwang salwirya” (Maranehna ngabdikeun diri ka Pangeran Geusan Ulun. Maranehna mepek balad , ditugaskeun ngatur pamarentahan jeung lian ti eta). Jayaperkosa urut senapati Pajajaran, sedengkeun Wirajaya, urut nanganan. Nurutkeun kropoak 630, nanganan leuwih luhur satingkat ti mentri tapi sahandapeun mangkubumi.

Kulantaran Geusan Ulun ngora keneh, teu kabeh ngarojong tina 44 raja daerah teh, tangtu we pangrojong teh teu ngadadak, bisa kateguh mun 44-anana kabeh ngarojong, hartina aya nu ngagarap tur dina waktu nu lila. Tangtu ieu teh usaha Jayaperkosa jeung adi-adina. Sabab Jayaperkosa jeung adi-adina dipiserab jeung diarajenen, jadi jaminan, kabeh raja daerah nu 44 samiuk ngarojong Geusan Ulun jadi ”narendra” ngaganti pangawasa Pajajaran nu geus musnah. Faktor umur jeung faktor politis ieu kawasna nu “nunda” Geusan Ulun jadi raja nepi ka sataun leuwih sabada wafatna Pangeran Santri.

Waktu anu dipilih pikeun ngajungjunglungguh Angkawijaya ge, geus ngagambarkeun suasana ka-Islaman, tanggal 18 Nopember 1580 M, poe Jum’ah legi/manis, ninggang tanggal 10 Syawal 988 H. Suasana lebaran jeung poe Jumaah, mangrupa waktu nu hade, di sagigireun pasaran Legi/manis, mangrupa waktu nu alus keur mitembeyan perkara anu gede jeung penting. Sabab ngajenengkeun Geusan Ulung nyakrawati atawa jadi narendra, mangrupa “proklamasi” kabebasan Sumedang , sajajar jeung karajaan Banten jeung Cirebon. Harti penting tina eta kajadian, lir ngumumkeun yen Sumedang ahli waris nu neruskeun kakawasaan Karajan Pajajaran di bumi Parahyangan. Mahkota raja jeung barang sejenna nu dibawa ku Senapati Jayaperkosa ka Sumedang, dijadikeu bukti jeung legalisasi kakawasaan, Pajajaran, kawas pusaka Majapahit nu jadi ciri kaabsahan Karajan Demak, Pajang, jeung Mataram.


Peristiwa Harisbaya
Sajarah Geusan Ulun meh teu dipikawanoh, mun seug taya kajadian peristiwa Harisbaya. Ceuk carita babad, Prabu Geusan Ulun jeung 4 pangirIngna mulang guguru ti Demak, nyimpang heula, anjangsono ka Panembahan Ratu nu ngawasa Cirebon. Di dinya panggih jeung Harisbaya, istri ka dua Panembahan Ratu, nu masih keneh rumaja, geulis, tur can lila ditikahna ku Panembahan Ratu. Cenah inyana putri Pajang teureuh Madura, nu dihadiahkeun ku Panembahan Senopati Mataram ka Panembahan Ratu. Cenah sang pribumi Harisbaya, kapincut ku kakasepan jeung kagagahan tamuna. Nepi ka kawas kaedanan. Kalawan teu bisa ngawasa diri, Harisbaya ngolo, nyombo Geusan Ulun, sangkan mawa dirina ka Sumedang, ngalolos ti karaton. Tengah peuting pasukan bhayangkara Cirebon ngudag Geusan Ulun, tapi bisa dihadang ku pangiringna nu 4-an. Geusan Ulun salamet nepi ka Kutamaya. Urut jurit jeung pasukan bhayangkara Cirebon, disebut Dago Jawa atawa Sindang Jawa.

Dua urang telik sandi nu ditugaskeun ti Cirebon, nyamur jadi tukang dagang peda, manggihan Harisbaya keur balanja di pasar. Sanggeus laporan ka Cirebon, langsung Sumedang digempur tentara Cirebon. Tapi pasukan Cirebobon teh teu kungsi nepi ka Kutamaya, sabab dielehkeun ku tentara Sumedang nu dipingpin Jayaperkosa. Samemeh indit mapag musuh cenah Jayaperkosa nancebkeun tangkal hanjuang keur panayogean, yen mun inyana gugur pasti hanjuang teh perang/garing, tapi mun hanjuang mulus, ciri hirup keneh. Kulantaran kajongjonan ngudag musuh, Jayaperkosa teh sasab, lila misah ti pasukanana, nepika disangka gugur. Ki Nanganan mulang ka Kutamaya, ngolo Geusan Ulun sangkan ngungsi ka Dayeuhluhur.

Kacida ambekna Jayaperkosa, basa mulang nyampak Kutamaya kosong ditinggalkeun ngungsi. Inyana nyusul, tuluy mateni Nanganan. Kulantaran ambek jeung kanyenyerian ku Geusan Ulun pedah ngungsi, Jayaperkosa indit ninggalkeun rajana, teu puguh jugjugan tur taya nu nyaho kamana leosna. Akibatna, pernikahan Geusan Ulun ka Harisbaya, kakara dilaksanakeu sanggeus talaqna ditukeuran ku daerah Sindangkasih. Kitu cenah lalakon Harisbaya jeung Geusan Ulun nurutkeun babad-babad kalawan versina sewang-sewangan. Kawasna nu nulis babad kaleungitan cecekelan waktu, nepi ka tokoh jeung kajadian nu beda dicampuradukkeun, mere gambaran nu surem tina kajadian sabenerna. Utamana hubungan tokoh Harisbaya jeung Panembahan Senopati, umur Panembahan Ratu, beh ditu na kajadian nalukkeun Sampang ku pancakaki Rangga Gempol I. Sababaraha hal nu teu luyu jeung kajadian sabenerna. Nurutkeun Pustaka Kertabhumi I /2 kaca 70, kajadian Harisbaya dina taun 1585 M. Harita puseur kakawasaan lain di Demak, sabab geus diganti ku Pajang ti taun 1546 M. Kalungguhan Senopati Sutawijaya masih keneh sahandapeun Pajang, mustahil Senopati bisa mere hadiah putri Harisbaya ka Panembahan Ratu Cirebon. Mataram ge can ngadeg. Pajang muncul sanggeus huru-hara Demak

Baca Juga :

Tidak ada komentar