Lingga Kabuyutan Satantung, Sirathal Mustaqim Pikeun Urang Ayeuna?

Waktu keur budak ku indung teh sok dijujurung supaya daek ka masjid supaya ngaji jeung shalat. Kabeneran imah teh teu pati jauh ka masjid. Telat saeutik wae boh keur diimah boh keur di masjid digegebrag. Ari Bapa sok tos tipayun tapi tara ujuk ajak. Anjeuna mah sok di shaf pangpayuna bari tara seueur carios, lamun pareng amprok ge di masjid siga nu hare-hare sedengkeun barudak mah biasa we ditukang da resep loba tingalieun loba suaikeuneun loba tukeurkeuneun bari kaajar wanter ngagorowok dina nutup Alfatihah-na imam ku ‘Amin’. Kusabab deukeut ka masjid ditambah ku dijujurung jeung dicontoan ku kolot, nya jadi idek liher di masjid, ‘kaajar’ shalat, ngaji jeung rupa rupa dongengan katut titahan Agama.

Ngan,...lamun kabeneran nyanghareupan hal nu penting, diantarana waktu rek disunatan, rek nyanghareupan naek kelas jeung ujian kuring mah sok ngahajakeun dibawa indit heula ka kabuyutan. Tempatna jauh ti imah, baheula mah lamun indit isuk-isuk tepi ka kabuyutan teh beurang nuju ka sore, turun tina mobil teh aya nu diteruskeun ku leumpang nepi kana 3-4 jamna, aya nu oge saukur sabaraha menit leumpang tapi harita mah rarasaan teh tutumpakanna edas ku jauh. Pagawean lamun geus tepi ka kabuyutan teh teu loba, sanggeus reureuh, ukur meuleum menyan, hadiahan ku maca Al fatihah bari sila kalawan tumaninah nyanghareupan Lingga (batu nu nangtung, batu SA-Tangtung) nu aya di kabuyutan. Rengse kitu mah nya terus wae balik deui ka Kota.

Waktu keur budak mah...saukur tuturut munding, boh ka masjid boh ka kabuyutan, ngan aneh kahayang-kahayang kuring sabalikna ti kabuyutan tinekanan (kunu ngaos tiasa ditambihan janten kabeneran tinekanan). Kawas : disunatan alhamdulillah salamet, kanjut nyesa teu kawas kajadian baheula di salam nunggal garut jeung teu perlu gunta-ganti model topina; sakola naek bari bisa asup ka sakola negeri da atoh pisan harita mah asup ka negeri teh, mun ka swasta babaturan ge loba nu era ngakuna sieun disebut bodo/males diajar, teu siga ayeuna tibanan asup ka sakola negeri nu kurang fasilitas diajarna loba barudak nuboga mah meuning keneh langsung ka swasta tapi nu alus sanajan mahal.

Ngan kagedenakeun...tara diajak tara dijurung-jurung deui boh ka masjid boh ka kabuyutannya ku kitu teh tidinya. Ku lantaran sosoranganan, mimiti resep mikiran kana naon naon nu dipigawe hususna ngeunaan kayakinan jeung kapribadian neangan guru harti malar bukti, sabab sieun melengkung bekas nyalahan, salah madep komo ayeuna loba pisan panggih jeung jelema nu warna warna kayakinan/pamanggihna, informasi geus mahabu dibarengan ku tafsiran nu loba-loba. Sieun ngalakukeun pagawean pamurtadan pamusrikan pang-bid’ahan ngotoran patohidan. Sieun ngaenya enya nu lain, nga lain lain nu enya. Komo ieu migawe nu urang masjid (deukeut imah mah) tara.

Aeh..aeh ..da enya atuh, Dua kabiasaan keur budak diluhur saliwat siga nu ‘kontradiktif’ [atanapi tiasa oge salamina ngarupikeun hal nu kontradiktif kanggo nu ngaos] ari ibadah sapopoe ku shalat lima waktu ditambahan tahajud, ngado’a, ngaji di masjid jeung diimah ari boga kahayang jeung karerepet lumpatna ka kabuyutan bari ngan saukur mencrong/madep ka lingga.

Naha bet kitu? Kumaha kayakinanana? Mana dasarna? Kumaha nyatana? Kumaha hasilna? ...Urang jujut satepina, Insya allah. Dumasar kana pamanggih nu nepikeun ka ayeuna dina aslamtuna teh (samampuhna) nuturkeun Syareat Sang Rahmatan lil alamin.

Maksud Kabuyutan teh nyatana tempat suci nu diparake ku urang sunda baheula (jeung sabagian ayeuna) pikeun ngalakukeun rupa-rupa hal nu sarua jeung ngamangfaatkeun/ngama’murkeun masjid ayeuna. (Seratan Prof. Edi S Ekajati nu nyarikeun tina naskah naskah kuno nu kapanggih, dina PR 20 November 2004, ditambih loba loba tulisan ngeunaan pengelolaan masjid tiasa jadi rujukan). Di masing-masing kabuyutan diantarana bakal kapanggih teh Lingga (batu nangtung, batu satangtung).

Ari ka kabuyutan teh carana mandi heula beberesih, itikad kuatkeun sing cengeng ka nu Murbeng Alam bari sila madep kana lingga, meleum menyan lamun aya, (kaayeunakeun, nu geus nyekel syaret sang Rahmatan lil alamin mah, ditambah hadiahan ka luluhur (ka asup ka Nabiyyin) ku maca alfatihah).

Meuleum menyan mah ari aya, salah sahiji mangfaatna nu ku dunya empirik quantitatif kapanggih (nurutkeun panalungtikan Prof. Kusnaka Adimiharja ti UNPAD) mah cenah supaya maehan virus/bakteri disabudeureuna. Jadi meureun nu ngadu’a di kabuyutan bisa kajaga ku panyakit, atawa teu kaganggu reungit da kabuyutan mah sok diluar lain di jero wawangunan, (bisa oge) aroma therapy (kanu cocok bauna, da kaurang ‘kota’ mah sieun jeung mikiran jurig weh nu aya, menyan sunda mah jarang nu mirosea, ngan dibali mah menyan teh geus diropea seungitna nepikeun ka aya menyan nu bau malati..saminggu kalangkung mendakan di kuta-bali).

Ngan...,nurutkeun pamanggih kokolot lembur tangtung mah utamana, salian sacara lahir saperti nu disebut diluhur, meuleum menyan dikabuyutan teh nyatana menyan dina jiwa, cik kotretkeun tah kana bagian jiwa dina tangtung nu lamun kakotretkeun teh jadi sengit nyambuang, naon barangna menyan dina tangtung teh nyatana? Naon nu tina pribadi mun kaluar teh nyengitan awak?

Naha bet madep kana Linggga nu saukur batu nu nangtung/satangtung?... yeuh ari hayang nanjer dina hirup tangtungan teh kudu siga lingga NANGTUNG SORANGAN teu luntur ku usum teu laas ku jaman teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng teu kabawa ku sakaba-kaba. Tah dimana tangtungan geus ajeg bakal hirup bari hurip rahayu meunang ni’mat tinu murbeng Alam. Malah ..tangtungan lingga mah gumantung tanpa cantelan dina sabagian kabuyutan aya lingga nu bisa nangtungsorangan ku doa nu nyimpenna bari teu dihalangan atawa teu dicecebkeun (ngangkang) nepi ka ayeuna ajeg. Tangtungan na geus teu kakait tikait kana ruruntuk dunya sabudeureunana. Tah matak kanu boga kahayang kudu madep ka lingga ameh siga lingga nangtung ajeg satangtungna. Lain hayang bisa nantung ajeg dina hirup hurip?


Ngeunaan Pagawean di Masjid/imah


Geus ditatanyakeun....
Salah sahiji “pagawean” ibadah utama di masjid jeung di mana wae keur muslimin mah nyatana shalat, hiji tata cara nu geus puguh waktu jeungprak-prakanana, salah sahiji nu wajib dilakukeun dina shalat teh nyaeta maca Al fatihah bari NANGTUNG, dina shalat tara maca alfatihah salian ti keur nangtung jeung teu sah shalatna mun alfatihah teu dibaca. Dina bacaan al fatihah aya “ihdinashirathal mustaqim” ayat nu hartina geus umum disebut neneda ditiduhkeun kana jalan nu lempeng tur bener. Urang jujut harti kecap mustakim tina pamanggih nurutkeun ‘jaman’ jeung nurutkeun ‘alam’ Kumaha tina sisi alam keur jelema (jaman maksudna jaman ayeuna jaman baheula jaman jaga jaman revolusi jaman reformasi–horizontal; alam maksudna alam lahir alam batin alam pikir alam rasa alam yakin alam mangmang jsb - vertikal dina tangtung)


Tina sisi ‘jaman’...Hartina neneda supaya ti mimiti ngado’a nepi ka paeh/ahir hirup asup jalan (hirup) nu lempeng tur bener. Ngan, lamun terus ditatanyakeun nu kumaha nu lempeng tur bener teh lolobana tara meunang jawaban pondok kalan kalan sok ngabuntut bangkong, malah aya nu kieu ngajawabna “ani budzuuni haada ibadah weh ka Rabb maneh (Yaasin, 61).” Kumaha ibadah teh? “turut we papagon agama..”. “dina papagon agama aya (kudu) shalat, dina shalat (kudu) maca al fatihah nu eusina maca/neneda ihdinasirathal mustaqim”. 

cikeng teh (ngan wani dina hate...tara terus tatanya mah sieun disebut mahiwal...leuheung basa nu ditanya bijaksana oro kaya mun nanya ka kyai janggotna mungkul jeung disorban mungkul meureun dianggap calutak teu turut ahli masjid) : geus migawe papagon agama (shalat) masih keneh menta dituduhkeun kana mustaqim, nu kumaha mustaqim teh? Ceuk Yaasin 61 ibadah ka Rabb maneh....balik deui ka luhur ....mana tiheula mana mimiti? Mana hasil mana usaha?. Atanapi pamendak Prof. Quraish Shihab saurna jalan mustaqim teh jalan nu mawa kana “kabahagiaan dunia jeung akherat” (hal 54). 

Lamun diteraskeun, nu kumaha? ahir jawabanna, mangga teraskeun ku nu maca.

Tina sisi ‘alam’, Urang jujut hartina dina harti asal (seratan Prof. Qurais Shihab “tafsir Alquran al karim”, tiasa janten rujukan): Ihdina hartina tuduh (neneda dituduhkeun), Shirath : harti ka hiji neureuy, nu ka dua: Jalan nu gede; Mustaqim tina qiyam: ngandelkeun bitis sorangan kalawan temen nepikeun ka bisa nangtung ajeg (nangtungenya-enya/bener) (ahirna saur ieu ahli tafsir teh mustaqim dihartoskeun ku lempeng/bener).

Harti ihdinasirathal mustaqim dina ulikan tangtung (make harti asal kecap) maksudna nu shalat neneda dituduhkeun (kalawan dianteurna/hidayat) supaya (asup (kateureuy) kana alam/maqam nu) bisa nangtung sorangan (mandiri, menceger, teu gumantung kanu lian).

Jadi salila shalat teh nya neneda sapanjang jaman saluhur alam teh hayang bisa nangtung ajeg sorangan bari ditarekahan awak-awakan ge ajeg nangtung.

Jadi...Di masjid/di imah/di tempat nu suci, Nu shalat neneda ka Nu Murbeng Alam supaya hasil maksud bisa nangtung sorangan mandiri meunang kabagjaan lahir batin dunya aherat teu gumantung ka nu lian bari awakna sorangan Nangtung ajeg (hakekat Alif). Dikepetan neneda Ihdinashiratal mustaqim.

Dikabuyutan nyatana tempat suci Nu madep neneda ka nu Murbeng Alam supaya hasil maksud meunang kani’matan lahir batin dunya aherat bari nyangharepan kana batu satangtung ameh nu ngado’a kaberkahan (sing) jadi nangtung ajeg sorangan teu gumantung kanu lian, ku dibarengan loba loba ngahadiahan luluhur nu eusina neneda ihdinashiratalmustaqim.

Nu hiji....make awakna nu nangtung satangtung-na kawas lingga dikepetan ku wa anna minal muslimin (aslamtu) jeung ngan madep ka Allah (laa syarikallahu jst). Dikamudi ku neneda mustaqim.

Nu hiji deui mah...Make batu madep hareupeun nu nangtung satangtung-na, dikepetan supaya tangtungan nangtung, awakna sila (sila keur ahli ngulik kasundaan mah maehan nafsu pribadina supaya tumaninah bisa aslamtu madep ka Allah). Komo ditambahan ayeuna ku hadiahan neneda mustaqim.

Euleuh geuning sarua?! ka kabuyutan jeung ka masjid da shalat jeung madep kana linggga hiji sumanget nu sarua!.

Tapi,....ku kitu teh, masih keneh can puas hate, sabab nya keun bae lah sarua mah sukur we. Tapi ari sarua mah naha bet kudu migawe dua-dua geus we hiji, ka masjid cukup shalat, atawa kakabuyutan we tuluy. Keur naon teu efisien lah komo ayeuna loba tingalieun loba gaweun loba bukakeuneun. Jeung deui wah bisa wae, eta mah di kirata di kira-kira supaya nyata supaya akur...ceuk paribasa ge jengkol aya usumna ekol mah euweuh. Komo deui saalus-alusna teori teh, lamun aya buktina aya hasilna aya karasana, cik kumaha hasilna? Kumaha nyatana? Boh ka masjid shalat boh ka kabuyutan madep ka lingga?

Bagian saterasna ngeunaan ulikan rasa jeung kanyataan tangtung waleran tina patarosan diluhur urang kintunkeun upami pareng.

Baca Juga :

Tidak ada komentar