Naon Sababna Mun Hitut, Kudu Wudhu deui?

Hampura Ingsun ngadugikeun pamendak nu punten we ieu mah teu nganggo dalil alam fikih estuning pamendak kampung dina alam kapribadian tangtung.

Naon sababna lamun hitut kedah wudu deui?

Shalat teh pan dina qur'an disebatkeuna piwarangan kanggo ngamahasucikeun nu murbeng alam. Pan guruh ge cenah nurut migawe kitu (guguludugan mere kahariwang jeung harepan ka jelema) sabab pagawean kitu teh ngamahasucikeun nu murbeng alam; kitu deui kalangkang nurut kaditu kadieu tanda ngamahasucikeun nu ngadeg dina arasy. Sagala piwarang kahayang Allah (Alif-Lam-Lam-He) diturut. 

Upami di sunda mah solat nu rutin teh sok disebatna netepan...janten saparantos sababaraha waktos dina sadinten sawengi si jiwa/raga robih robih karakter/nafsu/tangtungana ku midamel/milaku warna-warna kepentingan hirup ku sabab kahayang nyawa nya lima kali ditetepkeun deui kana fitrahna supados tiasa tetep deui di asalna/fitrahna….. lir ibarat elastisitas karet…gusar geser (robah-robih) kaditu kadieu mah si jiwa teu sawios tandaning hirup pan qalbu ge hartosna bulak balik… asal teu ngalangkungan batas elastisitasna (ulah lebet ka batas plastis sok potong pegat teu uih deui kabawa ku sakaba-kaba)… nya carana….dikontrol…Ditangtungkeun dina nafs amar (amir perintah kahayang nafsu ambisi/niat hidup dll) (katingali kawas hurup alif), didiukeun di kahayang/kanimatan/kesadaran hirup...robbigfirli dst, ditutup ku attahiyat jst (lam); disujud (he)/rukukeukeun (lam) dina ngamahasucikeun nu dikamudi ku tasjid leungeun…sok aya nu nyebut trisula windu…sanyatana - tombak (awak nu nangtung) nu congona tilu sirah jeung dua leungeun- kanyataan mustika nu aya disorangan.. Kawas Allah (alif-lam-lam-he dikamudi tasjid) deui… pan saur sang rahmatan lil alamin ge kalakuan (akhlak) teh kudu kawas Allah (tingali - Shalat kami netepan kaula netepkeun maneh).

Tah, kumargi raga teh gambaran jiwa – raga (kedah) nurut kana nyawa, nyawa (kedah) nurut kana rasa/jiwa. tah lamun aya anggahota nu kaluar/usik diluar kontrol jiwa (kayaning hitut : da hitut teh bagian raga/unsur hirup sabab hasil tinu dihakan diasupkeun ka awak nu kudu jadi sampurna/nurut (sabab geus ngarupakeun sub system awak - tingali do'a dahar- dina topik pohaci….). eta teh tandaning teu kabeh nurut nya tandaning teu bener ngontrol/ngatur (siraga teh teu acan sabobot sapihanean teu sa-jiwa/nafsi-nafsi). Pan ngobrol usik lian salian ti gerak salat eta teh ngabatalkeun. Ku rinci-rincina ulikan kaislaman Sayidina Mursalin ka hitut-hitut katengetan sabab "significant" pisan dina masalah kontrol jiwa dina kafah. Lamun teu bisa ngatur awak/raga tandaning batal netepan; netepkeuna teu jadi teu hasil netepkeun awak (cumah)-nya lamun hayang bener netepkeun kudu dibalikan deui ameh hasil netepana.

Kumaha carana? Kieu….
Ari jiwa nu teu bener ngatur awak tandaning teu beresih jiwana (pan kongas dina mushaf didongengkeun nu bisa macakeun qur'an karim mah ngan nu beresih jiwana). Nya kudu diberesihan jiwana: Ari jiwa hasil pangalaman/informasi (kapangaruhan) nu kaalaman ku raga nu utamana ngaliwatan nu asup ka panca dria nu dibarengan ku leungeun jeung suku. nya supaya jiwa kabantuan beresih diberesihan/dire-program eta panca indera suku jeung leungeun awak teh ku do'a wudu bari make cai sabab cai paling gampang nampung program do'a (aos ngeunaan kaajaiban air menerima do'a hasil tina foto kristal) nu terus nga re-program tapak dina raga.…jadi lahir batin diberesihan deui tina program-program /tapak /memori jiwa/raga nu ngajadikeun susah dikontrol ditetepkeun deui dipernahkeun dihijikeun/ditohidkeun/ditunggalkeun/didalitkeun/diakrobkeun/diwawuhkeun. 

Sugan-sugan dina netepan-netepkeun deui teh nurut kabeh kabawa madep ngamahasucikeun nu ngamurbengna.

Perluna awak jiwa salulut sauyunan bengkung ngariung bongkok ngaronyok ku cara beresih/suci teh penting pisan upami urang bade madep dina (shalat) da'im (langgeng-saendeng-endeng)….lamun aya nu tinggaleun meureun lebar…bocor salah madep. ..meureun na ceuk nu moncongok teh mani teu kafah silaing teh?…

komo deui dina balik ninggalkeun alam dunya ngeunahna lamun make do'a/program un-install lain ku cara rusak/gering/kolot. Cik ari hawa nu bijil kaluar kajero engkena di uninstall ka mana…maenya kaluar deui komo bijil kana bujur…meureun kadunya deui….he..he..he mun kitu teu apal balik…kadungsang2 ngumbara teu apal ka lembur. Aya file nu `corrupted' teu bisa kabeh ka uninstall tina memori dunya.

Nya atuh kena hukuman turunan Adam..paeh hirup dihirupkeun deui di dunya…. Iraha ka aheratna? Mangkaning umur dunya rat jagat buana panca tengah teh sakitu lilana…iraha ningali bidadarina…kesel..mangkaning pangsebel-sebelna lamun kudu nunggu jaba KTP geus beak.

Tah skill dina supaya sakabeh anggota jiwa raga mampuh ngamahasucikeun nu ngamurba manehna penting pisan ameh guyub merenah matuh nurut teu mara kayangan (mara=pindah-pindah, kayangan =tempat/kahanan)…teu aya deui carana kudu daek/bisa susuci….deui jeung deui lamun masih aya nu usik/ kaluar/bijil lain dina haqna lain tina idin nu ngamurbengna.

wudu euy wudu…ameh kabeh nurut kudu. Taharah euy taharah… ameh bisa kabeh jarah. Dunungan…

Geus nurut mah mereun ngeunah….Geus deuheus (jarah) mah meureun moal hese nitah…

Baca Juga :

Tidak ada komentar