Hakaneun Jeung Kuburan

Lantaran loba ningali, kalolobaan urang sunda, mun henteu disebut kabeh nu umumna nyekel agama Islam pada nyaho yen lamun engke manehna paeh tangtu dikubur. Sanggeus diberesihan dishalatan dibungkus boeh. Dipendem jero taneuh. Awakna nu paeh euweuh nyawaan ieu disangirah ngalerkeun bari nyangigir madep ka qiblat. Eta kabeh keur muslimin/muslimat nu kafir nu musrik sarua wae.

Malah sanajan can ngajaran oge, umumna pada percaya yen sanggeus dikubur teh nu maot bakal asup kana alam nu disebut alam barjakh (antara) nunggu-nunggu kiamat dunya. Salila di ieu alam antara teh jelema (rukhna) cenah meunang siksa atawa meunang ni’mat gumantung pagawean salila hirupna.

Dina luhureun kuburan, lila lila sok barijil tutuwuhan, mimitinaa jukut terus tangkal nu lainna harirup..biasana mah kamboja…atawa nu gede caringin. Lir nunjukkeun…tinu paeh…dibijilkeun deui nu hirup…tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.

Ceuk nu harirup mah tempat na nu dikubur teh sok disebut (h)astana…nu nunjukkeun kana ukuran kapling nu salebar hasta (leungeun)na…jeung nu nunjukeun kana ukuran alus henteuna eta makam na nu ditangtukeun ku pagawean hasta na baheula salila hirup (amal salila hirup)….kongas di kawali aya ngaran Astana gede….tangtu hiji tempat sumarena jelema nu salila hirup amal hastana nya gede nya agung. Dina basa Arab harti piguratif astana sarua jeung makam, harti sajalantrahna tina astana kuburan.

Satuluyna upama eta astana teh loba/aya nu ngadeuheusan…tandaning boga anak atawa boga amal kahadean atawa boga harta nu diwakafkeun…eta astana sakali deui ceuk nu harirup keneh sok oge disebut pajaratan tempat jarah…tempat deuheus turunanana jeung saha-saha nu ngarasa kahutangan atawa ngalap berkahna.

Satuluyna upama geus kabuktian ku sasaha eta nu sumare di eta tempat jalma karomah (boga karamat = hartina sok barang bere kaalusan) sabab gede amal shalehna eta tempat sok disebut ku nu harirup keneh kabuyutan. Malah lamun kabuyutan na geus aya…jelema-jelema nu saroleh ceuk nu hirup sok dipendem di kabuyutan tempatna oge sok disebut pangjarahan.

Daratangna nu harirup keneh teh ka pajaratan mah sok mawa seuseungitan...(kembang/menyan) jeung cai ditambah do’a.

Ari kuburan nu baheulana teu baraleg mah malah eta astana teh disarebut tempat jurig… dedemit…jsb. boro-boro hayang jarah ngadeukeutan oge embung…nu sieunan mah cenah nepikeun ka maruringkak bulupunduk sabab tempatna teh geueuman naker.

Eta kabeh caritaan batur…kumaha nu bakal kaalaman ku sorangan engke? Walahu ‘alam teu nyaho teuing pastina da kudu paeh heula meureun. Nya ayeuna mah karek percaya kana euceuk kana ceunah…

Tapi, caritaan dihandap rek ngaguar ngeunaan kubur sorangan bari ngeunteung ka kubur batur saayeunaeun nu sugan jadi cecekelan keur kayakinan nu jadi payakinan…(atawa bisa jadi ngan saukur cenah jeung euceuk keneh)

Eh euy….kajadian nu paeh dikubur teh sarua pisan jeung nu kaalaman sapopoe ku urang…dina waktu dahar euy….walah…naha?

Enya…pan nu dididahar teh sarupaning nu paeh….boh sasatoan…boh…tutuwuhan….tuluy disimpen/dikubur dina beuteung…tuluy tidinya teh bijil tanaga…bijil, usik, malik…lain eta teh lir… tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.

Pek we euy pikiran…lamun nu paeh nu asup kana beuteung teu bener…sok jadi teu ngeunah di kubur (beteung)na…nu bener mah sok jadi ngeunah. Pan urang bisa mikir bisa ngagedean teh gumantung kana kadaharan/gizi nu asup kana beuteung. Lain gizi/kadaharan teh asalna tinu paraeh nu dipendem dina beuteung? Eta kabeh jadi alam barjakh/kubur urang ayeuna. Bisa mikir bisa nenjo bisa ngadenge bisa usik malik...eta kabeh sasat ibadahna nu paraeh dina beuteung urang.

Pek we  pikiran…lain sakabeh nu paeh nu asup kana beuteung teh engkena supaya madep (nurut) kana qiblatna, nu nyatana dina awak mah pan hate urang…tina hate bijil sir tuluy bijil nafsu tuluy biji akal pamilih….pan kongas qalbu mu’minin baitullah.

…kusabab kitu hasil tina pependeman nu paeh dina kubur beuteung teh nya urang jadi usik malik migawe amal…lamun alus (gizi/amal karaktristik nu kadahar…nya urang jadi bisa mikir hade dina ngabedakeun nu goreng jeung alus…tah tidinya…bijil tangkal hartina…tangtungan …bisa jadi tangtungan urang teh (asta) pagawean teh jadi bijil kamboja…caringin …atawa…dedemit mungkul…

Teu kudu hese-hese...

Tina hasil nu paeh dikubur beuteung jelema teh pan (lamun alus gizina terus bisa dididik jadi jatnika) kaciri aya nu jadi pangjarahan….pada ngedeugdeug ku kulawargana sabab butuheun….malah tangtungan teh aya nu nepikeun ka jadi panyaluuhan sakabeh pada hayang deuheus (jarah)…..tapi loba oge jelema nu embung deukeut….jalmana dijarauhan da pada ijid pada sieun ngadekeutanana.

Matak ge dina agama mah nepikeun ka rek dahar aya shalatna (do’ana)….hakaneun nu asup ka kubur urang ulah sambewara…teu bisa kabeh…pantangana diantarana getih...babi.. dipeuncitna kudu make bismillah….(hartina nu haram, nu kafir nu musrik teu make asma Allah mah ulah).

Matak ge kudu daek nganteurkeun nu maot ka kubur tah engke reungeukeun aya nu talkin….tah eta teh tong jauh-jauh mikir nu maot….nu kudu diingetkeun mah tumpah darah sorangan…

Tina guaran diluhur…muga-muga nu maca bisa nyangkem ayana hubungan makrokosmos jeung mikrokosmos…(nu engke bisa kabuktikeun lain sukur analogi asal daek ngulikna) jeung nu utamana yen atikan agama lain ngan saukur keur engke…lain ngan saukur narohkeun kayakinan nu nganut supaya percaya ka euceuk ka pijagaaeun, tapi bisa…disaliksik…dina awakna supaya jadi ageman nu haqul yaqin… da enya.

Tina do’a do’a arek dahar (paling henteu aya tilu hadis)…kajadian dikubur tangtung...nepikeun ka engke kiamatna jagat saghir…mere tuduh ngeunaan ulikan dasar/poko dina ulikan sunda ngeunaan tileum…ngeunaan sampurna sampurna ning beak…innalillahi wa innailaihi rajiun nu lain saukur engke mungkul…

Wah siah…bener ieu teh…kumaha carana?

Insya allah urang suaykeun saeutik lalangsena di bagian satuluyna ngeunaan elmu kasundaan (nu sarua jeung dina Islam) dina kuburan tangtung….jeung cara-cara nyampurnakeunana…nu masih keneh tetep aya hubungana/bisa dirunut sacara empiris tina HAKANEUN nu diKUBUR ku urang sorangan dina beuteung sabab metodologina oge empiris pakeun nu daek jadi partisipan observer mah.

Hakaneun nu asalna tina sato jeung tutuwuhan teh, asupna kana awak mantuan jelema jadi ngagedean, mere tanaga, bisa boga kahayang, mikir usik malik jeung rupa-rupa kamampuh hirup nu dina singketna dina basa di lembur mah hakaneun (sato jeung tutuwuhan) teh ibadah ka jelema sangkan jelema bisa hirup ibadah ka Allah. Jadi sasat maranehna mah ibadah ka Allah teh ku cara mantuan jelema.

Tapi eta hakaneun kadaharan teh oge mangaruhan jelema jadi kuburan/makam/kurungan jelema. Pan alus henteuna awak ge gumantung kana gizina? Nu lamun teu bisa ngontrolna jadi sistem tur antibodina teu kuat jadi panyakit…malah sok loba nu teu daek ka kontrol ku sistem saraf/kasadaran pusat misalna sel kanker jsb. Jadi hirup keneh geus keuna ku ‘siksa’ kubur tina kadaharan nu datang tina kubur beuteungna…lin dina beuteung ge sarua bisa aya cacing
Geus apal aya uga…jang engke mah jelema hirup-hirup geus dikubur…? Lain saukur pedah imah urang sunda geus robah tina kai kana taneuh nepi ka suhunan-suhunan tina taneuh sakuriling bungking ku (tina) taneuh kawas kakubur taneuh jadi kawas sare di jero taneuh wungkul.

Geus apal bisa na mikir teh gumantung kana alus henteuna gizi nu asup kana awak? Ari kamampuh mikir teh eta nu jadi wates jelema…ari wates lain jadi kurungan atawa ukuran hiji jelema…ari kurungan teh lin kuburan tea?

Dina jiwana..jadi mangaruhan karakter…nu bisa hade/bisa goreng…kongas aya riwayat nu kabukukeun hiji waktos Imam Zaenal Abidin sareng muridna nuju jarah ka baetullah. Teras muridna ningali saabrulan jelema nuju thawaf nya unjukan ka sang imam….ari saur sang imam (nu tos wacis) teh sanggemna nu jarah teh lain jelema tapi sato mungkul…sanajan lahiriahna mah jelema…pikiraneun!

Pangpaurna dina waktu ninggalkeun ieu alam dunya….nya hakaneun ieu nu nyiksa arek paeh…nu mangaruhan kasadaran dina sakaratul maot…malah tuluy jadi alam barjahna salila dunya aya lamun teu bisa nyampurnakeuna…

Wah ma enya?

Can pernah ningali jelema sesegor arek paeh? can pernah manggihan lamun aya jelema cilaka…dimana aya getihna didinya ngajungjuriganana…matak sok menta disampurnakeun…can pernah panggih jeung jurig? hayang bukti sok cokot taneuh di kuburan/komo wani nyokot tulang talengna/komo wani nyokot padungna…moal teu nuturkeun cirining didinya nyambungna…nu can sampurna mah.

Atawa can pernah ningali aya ririwa nu nyurup ka jelema terus menta-menta hayang endog hayang kopi hayang nyatu? Tah eta cirina ririwa teh masih keneh kabeungkeut ku hakaneun..hakaneun urut manehna baheula…sedengkeun lain nu kitu teh hijab ka Allah… teu bisaeun innalillahi wa innailaihi rojiun.

Ayeuna urang puntirkeun deui ka mimitina…

NYALIKSIK CARA NYAMPURNAKEUN HAKANEUN

Sang rahmatan lil alamin masihan conto yen lamun rek dahar kudu maca do’a nu intina neneda supados kenging berkah tina rijki nu geus katarima jeung nyuhunkeun ka Allah diraksa tina siksa naraka – "Allahumma baariklana fiima razaqtana wa qiina adzabannar "(Hr. Ibnu as Sani).

Tuluy….

Saatos tuang mantena mah sok nganuhunkeun kana tuangeun nu tos kateda ku muji ka Allah bari neneda supaya janten nu sumerah diri (muslimin) – Alhamdulillailladzi athamanaa wa saqaanaa wa jaalana muslimin- (HR. Abu Daud). Do’a nu ngandung siloka prawira sasmita nu agung tur luhung.

Ngan nyaeta….

baheula mah keur budak dipapatahan do’a memeh dahar teh rada teu kiyeng…da cekeng teh…ih na rek dahar wae menta diraksa ti naraka, jauh jauh teuing, pan saur Pa Ustad teh siksa naraka mah engke lamun geus paeh dikubur ... da jadi teu nikmat keur rek dahar ge inget naraka mah…

Doa saenggeusna ge na jauh-jauh teuing lain nyuhunkeun kuat/nyuhunkeun sehat jeung dibere deui nu ngeunah…ieu mah kalahka neneda hoyong sumerah diri. Lantaran asa can pati perlu uing mah keur budak tara maca eta do’a cukup maca bismillah we eta ge ari inget…

Untungna…ngaapi lainkeun teh teu katutuluyan…kagedenakeun…

Dilembur kaajarkeun do’ana urang sunda kampung (katambahan pangaruh Islam) lamun rek dahar. Asalna mah boga pangalaman teu pira, waktu can dahar leuleus teu nangan ari geus dahar nepika seubeuh lain seger malah leuleus oge teu neangan…cenah ceuk kolot mah teluh kejo…he..he… penjelasan heureuy nu ninggang dienya. Nya tuluy we diajar ngapresiasi/meuli eta do’a, kieu do’ana :

Bismillahirrahmanirrahiim
Pohaci sarining dat pohaci sarining puji
Dat kumpuling hurip sampurna
Sampurna kang nangan kang pinangan
Allahumma sir sadana sir sadani
Iman mafruting dat

Maksudna kieu
(hakaneun) teh aci-aci sari tina dat, (hakaneun) teh aci-aci (apal ari aci bijil ti naon??) sari tina puji (hasil jieunan kerah kerih). Dat (dina kuburan beuteung) (mangrupa) kumpulan (tina rupa rupa hakaneun nu asup kana beuteung) (nu sing) hurip (sing) sampurna. Sampurna daya jeung upayana (ulah jadi panyakit jadi siksaaan kana awak jsb).
Ya Allah…. nu masihan sir warna warni (sadana sadani) (tingali legenda pare sri sadana sri sadani) (tina ieu hakaneun) (mugi) Iman (caang/uteuk/hate/ kayakinan) ngontrol/ngawasa dat (sabab sir na nurut/sumerah/muslim).

Ari sir bijil ti rasa, rasa asal tina sukma/ jiwa sasatoan/tutuwuhan kadaharan nu dihakan –nu asup kana awak. pan di Islam mah teu meunang ngadahar bangke?)

Ti do’a diluhur tangtu katengetan yen:

Do’a ti kangjeng Nabi (hadis) jeung do’a urang sunda kampung teh nyatana sarua/sajiwa. Bedana nu hiji mah leuwih analitik. Do’a urang kampung bisa leuwih ngajelaskeun naon margina Ieu Tedak Quraysh panutan kaom muslimin teh ngadu’ana kitu memeh tuang sareng saparantosna.

Gening anjeuna masihan bimbingan yen hakaneun teh kudu diprogram ku do’a itikad niat jelema supaya hakaneun nu asupna alus (bismillah) dijero beuteungna ge alus teu jadi siksa (naraka) kanu ngadaharna. Jeung saenggeusna supaya eta kabeh roh-roh/karakter/sifat hakaneun teh nurut (da sumerah/muslmin) tea. Nurut didieu tong waka jauh jauh ka Allah….tapi sing kudu nurut ka jelema (katut sistem di jero awak) nu ngahakanna. Ulah ngalaman ka teluh ku kejo.

Matak engke lamun puasa –ngawarah asal da baheulana ge jelema mah teu barang dahar, daekna ge dipaksa/diolo ku indungna tapi tuluy deudeuieun hakaneun gampang diatur supaya nurut , can waktuna (can buka) mah teu kudu roh sato (hayam, misalna) nu geus aya di jero awak…panggih jeung baturna nu tiluar awak...gancang nurut da ti samemehna diprogram yen hakaneun teh kudu muslimin/sumerah kanu diibadahana nyatana jelemana…jsb

Eta maksud kabeh saayeunaeun waktu jelema masih kakubur ku beuteungna sorangan… nu oge kudu salilana bisa dipake ibadah ka Allah…Sok komo engke utamana diahir ninggalkeun alam dunya…

Dina ulikan satuluyna (tingali bagian - medar rasa jati nu jadi lebaran tangtung-) …eta kajadian sing bisa disalikisik…keur nyiapkeun jelema nyanghareupan kakubur ku beuteung dunya (liang lahat)….supaya bisa leupas ti kuburan dunya…..kumaha supaya awak-awakan nu asalna tina roh sasatoan jeung tutuwuhan teh bisa terus nurut kana kahayang nu makena (jelema)…supaya teu jadi hahalang/hijab…pakeun madep ka Allah ….nu engkena supaya teu jadi antara barzakh dina mulih ka jati mulang ka asal...

… pan kongas nu laluhung mah bisa masihkeun jiwa ragana dina waktuna kalayan ikhlas kalawan ragana langsung disanggakeun (disampurnakeun) ka nu Maha suci (tilem).

…pan sasatoan tutuwuhan kabeh ge kawit ti Allah...cik kumaha mulang tarima ka hakaneun nu geus mantuan hirup…supaya teu kaasup nu teu bisa mulang tarima kana kahadean nu nyaah ka sorangan…nu sasatna sato tutuwuhan nu siga teu pira? jeung supaya eta hakaneun teh teu jadi kuburan urang salilana? geus bisa ngajak sampurna?

Mun acan ….tingal tanya ka sorangan…geus sabaraha jauh ngulik agama jeung kasundaan?

Baca Juga :

Tidak ada komentar