Sakawayana Urang, dimana Sasakana?

Sasaka Sakawayana

Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa lulugu, aya oge nu nyebut pusaka (kamus umum basa sunda LBSS). Ari sakawayana mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu diasupkeun kana entri kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??)

Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul) atawa di Garut (timbanganten).

Sakawayana, dina logat lokal sok jadi sokawayana/sukawayana. Boga harti : kahiji, tina kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna. Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR, EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek dibeubeuran heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes.

Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti ‘accessories’ nu rupa-rupa model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, sakahayangna), oge pakeun nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep, kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi ka burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung rata ‘six pack’ tuluy, da geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, kawaya mernahkeun calana (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) supaya pas merenah alus ditiap cangkeng masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan - bari beda-beda ukuran (liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna).

Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu nahan nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun sakabutuhna sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna sawaktuna.


Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana?

Naha bet natanyakeun kitu? …cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah jsb) sorangan da embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana diomongkeun, … bari can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah … da nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana morosot katingali kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model morosot siga budak ayeuna taya bayana da nyaho bisa keneh katahan ku bujur sorangan teu kudu ku bujur batur…

Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho ngauban nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur.

Na kumaha nihangan, ngauban, kawaya batur? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho model, nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa leungiteun nu sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan kawaya teh? boh nu di aing boh nu di batur?

Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda (baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi.

Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir positif mungkul).


Bukti jeung saksi ngeunaan sasaka sakawayana


Salah sahiji bukti tinulis ngeunaan ajen inajen ieu ajaran, ka-sakawayana-an aya disunda pernah diungkara diantarana dina hiji papatet. Ka-sakawayana-an ngahiji jeung ajaran poko kasundaan lianna, nyatana kasumedangan jeung kagalunggungan (ngeunaan kasumedangan jeung kagalunggungan tingali tulisan “tangtungan sunda eusi”):

Daweung Menak Pajajaran

Gunung Galungggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga sakawayana
Rangkecik ditengah leuweung

Ulah pundung ku disungkun,
Ulah sungkan ku diteang,
Tarima raga wayahna,
Ngancik di nagara deungeun.


Singketna menak pajajaran mah kudu kagalunggungan (galunggung galuh nu agung, geus katukangan (pungkur = tukang, di Bandung jalan pungkur jalan tukangeun kabupaten (alun-alun ayeuna). Jadi lamun ditingal ti hareup, ti ieu menak teh kaciri cahayaan ngagalunggung nu mahal lir inten pohaci terus patala nu jadi galeuh galeuhna hiji jalma. Kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) geus katunjang katepi kacangkem tapis ngawujud dina tapak lacakna. (Jadi) talaga sakawayana. Tempat kahuripan, karahayuan, karongkahan nu nyukupan somah. talaga tempat nucaina loba, ari cai di jelema the pang diperlukeuna. Di sunda mah kahuripan, kajayaan, kinasihan, kawedukan, karongkahan, kamandirian (mencerger) sok bijil tina cai-caina hirup. Kongas di loba kabuyutan sok aya ci kahuripan, ciasihan, cikajayaan jeung rea-rea deui. (jadi) Rangkecik …..jst.

Tina papatet diluhur, saheulaaneun, nunjukeun yen kecap Sakawayana dihijikeun atawa aya dina kumpulan kecap kecap nu nuduhkeun ulikan kapribadian kasundaan poko/utama lianna nyatana kagalunggungan jeung kasumedangan nu jadi cangkeman menak pajajaran.

Enya lah bisa wae eta carita diluhur teh enya…tapi maenya wae bisa hiji ulikan buktina saukur tina papatet (sastra)?

Sabab teu cukup ukur ku bukti ulikan nu ngan ukur dumasar kana tulisan sastra (kawas buku “Sangkakala pajajaran” (H. Setia Hidayat & N. Syamsuddin Ch. Haesy numutkeun Ajip Rosidi). Komo nu diluhurmah ukur tina papatet nu pondok (saeutik), dina ieu bagian urang buka lalangse sabagian ulikan sunda ngeunaan ka-sakawayana-an.

Dihandap ieu, mimitina rek ditepikeun, panganteur ayana ulikan kasakawayanaan di sunda ti babaheula nepikeun ka ayeuna kawariskeun ku cara make warna post-positivis. Dibagian ahirna insya alllah kailo yen ayana ieu ulikan bisa oge kadongkang dumasar wanda empirik kaom positivis.

Dina hal elmu/pangulikan kasundaan, kecap sakawayana aya dina tiap bacaan/du’a/trigger kapribadian ngeunaan tangtungan kasundaan, diantarana wae : 1) Sahadat sunda, 2) Kasumedangan, 3) Karatu adilan ti gunung sunda,  jeung 3) kasiliwangian mandala jati sunda.

Trigger-trigger ulikan dihandap ieu teu disalin lengkep (punten dihapus sabagian) sabab katimbang lengkepna mah ngan ukur perlu pakeun partisipan observer.

1. Sahadat Sunda
……….
……….
………. ya isun saseuweu sasaka sakawayana…satunggal….
………. jst

Ngeunaan sahadat sunda, jeung sahadat-sahadat lain (aya waktu jaman mimiti asupna islam di tatar sunda), nu poko sahadat galuh, cirebon, banten, sancang, pajajaran, sahadat siliwangi ieu mangrupakeun metoda/teknik dina ulikan kapribadian nu ngatrigger,  make artikulasi rajah-rajah  rincikan rasa supaya mampuh nyaksi, ngabuktikeun, nyahadahkeun, ngalahirkeun, nganyatakeun lahir batin jiwa raga ayana hiji ‘tapak/memori/baheula dina clipboard kitab dunya supaya katepikeun ka sah dat na kalawan enya lain saukur euceuk da ka install ka jiwa raga sorangan.

Formulasi-formulasi ‘sahadat’ ieu masih aya dipake kaayeunakeun pakeun ngagampangkeun dina ngalelempeng proses alamat dina kitabin mubin. Ayana warna sahadat ieu - banten, cirebon, sancang, pajajaran, siliwangi - pakeun metakeun jeung mere ‘benang merah’, mainstream tangtungan kasundaan harita (baheula) ku mimiti diaranggona jalan (sareat) Sang Rahmatan lil alamin di tatar sunda ngalangkungan inovator anu mulya Kean Santang Gagak Lumayung Sang Garantang Setra. Supaya seuweu siwi teu kapalingan deuleu dina aslamtu.

Update rajah trigger jiwa eta ku cara payungna nganggo bismillah dipasieup ku sahadat rasul ari detail rincikan trigger rasana nganggo kecap kecap sunda asal.

Dina ieu ‘sahadat’ sunda, seuweu sunda angger diajarkeun ka-sakawayana-an. pakeun bisa memener tangtungan yen salaku pribadi – saha wae mu rumasa saseuweu (nu sing mampuh) JADI tihang sakawayana. Nyukupan ngauban kabutuh kabetah hirup hurip sa mahina sacukupna nu dimimitian ku nyaho ukuran kawayana sakawayana.

Lain ari di sareat sang khataman Nabiyyin sareng nabi-nabi sateuacana ge ngajarkeun umatna teh sing boga sifat Rabbaniyah (ka Allahan) jadi Rabbaniyyun? lain ari akhlak teh kudu nurutan Allah? Ari Allah teh lain sasaka nu nyakupan ngauban kawaya mahluk satungkebing langit satangkaraking jagat?… jadi lamun diajarkeun supaya jadi sasaka sakawayana teh lain sarua diajarkeun…. supaya boga sifat rabbaniyah? Supaya boga akhlak sepertos nu diwulangkeun ku Kangjeng Nabi saw? (tinggal, Islam dan Peradaban, Dr. Nurcholish Madjid)..

Masih keneh boga sifat hanif kawas Sang Khalililullah Ibrahim daek nyungsang nyungsang tangtung make metoda luluhur supaya leuwih bisa merenah nangtung nempatkeun karabbaniyyahan?

Meureun ari sa kabutuhna mah moal kadedemes keleuleuwihi. Sakabetahna mah moal asa hirup kapaksa. Hirup teu asa ngumbara da di bali geusan ngajadi di banjar karang pamidangan sorangan nu sorangan keur sorangan mawa jeung bawa sorangan. Rek nanonan sirik kabita ku kaboga batur da masing masing ge boga kawayana sorangan moal bisa injeuman bagja jsb…(klise lamun dituluykeun).

Pek telek jeung tetek heula dimana deui di islam keur muslim nu nuturkeun sareat Sang khataman Nabiyyin tedak quraysh, nu ngajarkeun ka-sakawayana-an lebah lebahna? da ayeuna mah lolobana ti dinya heula nunuturna/cecekelanana memeh urang leuwih tembrakeun ulikan turun manurun sunda pakeun tapis di ka-sakawayana-an ku mageuhan sasakana sasaka sunda.


2. Batara Karang, Adam, Khalifatullah fil ardhi, Kasumedangan, Sajaratul khuldi


Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80-an di daerah Ujung Berung Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema pas lebah tangkal caringin gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna (digelung) bari kukuna paranjang...harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula teh ngawasa elmu batara karang ...nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu busik...hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu dikamusiumkeun.

Sabaraha taun saenggeusna,...
ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger...sarua deui geger...pada silih tanya saha nu ngagangguna ditambah balarea baroga kasieun ku tulah tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore eta keneh aya kokolot lembur datang nganggeuskeun pasualan. Eta mayit diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula- bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut.

Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur....

kecap Batara Karang atawa batu karang sakuringeun harita boga rasa kecap nu goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku preman, garong, begal, jawara jeung sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma ’bageur’ jauh tina wawadi agama. Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang...eta mah elmu teu matak sampurna... hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah....malah tingali we ku hidep.... geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka jati mulang ka asal”.

Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak...jadi we dianggap teu sampurna. Beu.... padahal lamun bisa teh meureun keun bae hirup mah kumaha aing weh... ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di balsem...ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun nagri nu loba hutang.

Tapi ketang,..... pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? meureun anak incu kabere geugeuleuhna...he..he..hanas saaingeun mah keun bae da geus paeh ieuh.

Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami).

Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita mah saba elmu batara karang atawa sok oge disebut elmu batu karang teh lain ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama (islam)....malah-malah di Jawa ge sarua, diantarana nu didugikeun ku Sunan Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan nudipirido ku Allah swt.

Ngan.....

kadieunakeun aneh pisan.....

Dina ulikan kasundaan mah....dina salah sahiji ulikan poko kasumedangan (elmu madangan/nyaangan batur – ulikan dina kapajajaranan) salah sahiji atikan pokona teh manusa kudu JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda... sasat-sasat hasil tina ngulik Batara Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon jeung Ratu Galuh – (tingali: diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran tangtung”).

Aeh naha jadi muter deui?... panggih deui jeung ajian batara karang? boa kasundaan teh memang enya lain ulikan kasampurnaan? Naha nya....beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram ngulik elmu batu karang?... tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.

Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama jadi Kanyataan Karang. Saliwat mah sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk/kanuragan/nu teu sampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk.

Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah...

Ulikan hayang weduk mah, cenah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk.

Bari nu kitu teh,...sok baroga pantangan/mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jsb gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui - install jeung uninstall - aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge - nu alus mah - bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna).

Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh?

Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur?

Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake....

1. Harti Kecap karang

Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna (punten bilih aya ahli basa sunda di di kisunda/urang sunda) leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut.

Matak tuluyna....

eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang.

Sabenerna di kampung mah harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??

Matakna...matakna....

Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa).

Saluyu jeung eta...

Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara.

Jadi sakali deui.....

Hartina karang di sunda mah taneuh.... matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?.

2. Harti kecap Batara

Kecap Batara aya sabaraha harti:

Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana.

Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara.

Katilu, Di Bali Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa.

(kadua jeung katilu tingali diantawisna dina - wikipedia)

Tiluharti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam.


Ana kitu.....

Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina.

Ana kitu....

Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan..

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??


2. Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Qur’an

Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan Batara karang supaya jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina kaagamaan Muhammad, sabab:

Kahijina, nu nulis mah ngadeukeutan kasundaan teh sasat nutur-nutur syareat Sayidina Muhammad Sang Rahmatan lil alamin tedak quraysh (sakadugana - boa pantes boa henteu).

Kaduana, ameh dina asup kana disiplin ulikan batara karang karya tedak sunda nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana teh nu maca geus boga referensi nu bisa jadi saksi pakeun nyusud atawa saukur ngaenya henteukeun ieu ulikan.

Kieu dongengna........


Ulikan hakekat Karang/taneuh teh aya hubungana jeung Bapana manusa nu ngaran Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa di dunya (khalifatullah).

Adam, diantara rupa-rupa mahluk (kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) jeung Iblis (dijieun tina seuneu), dipilih jadi wawakil Allah di dunya teh dijieunna ngan dicaritakeun ’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG/taneuh. Malah cenah dina mushaf utsmani disebutkeun karang/taneuh na teh likeut gampang (sabab bisa) diropea (dibentuk) - nyatana taneuh liat/tiin. (Al-A'raaf).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain saukur/ngabogaan unsur karang/taneuh tapi cai. Malah dicaritakeun keur yen sakumna mahluk (tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna asal-mualsalna tina cai (teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Jadi ana kitu….

Harti Adam tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil Allah teh sabab boga karakter karang. Hartina, jelema nu gampang/bisa/narima diropea/diajar/dibere treatment/dibere nyaho rupa-rupa asma (informasi/data/elmu/pangalaman jsb).

Nyatana…. Cenah saur Allah dina mushaf utsmani….

Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah bisa/mampuh nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui payunen malaikat teh bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah katalar/kacangkem kabeh..teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Malah-malah….

Pan malaikat ngawitan na protes da tos apriori – geus terang - yen jelema mah umumna tukang ngaruksak (tingali Qur’an) ngan Allah langkung terang yen jelema nu dijieun/boga karakteristik taneuh mah bisa dijieun wakil manteNa sanggeus diajarkeun/nyaho asmaNa.

Jadi ana kitu…

Ngan nu boga karakter karang nu bisa jadi wawakil Allah didunya da jelema umuna mah malaikat ge tos apal ngan saukur nyieun pacogregan jeung papaseaan/ngarusak dunya.

Ngan ngarana jelema sabab aya oge ngandung karakter karangna jadi bisa eta karakter teh nguatan/dominan. Nu lamun geus diropea/diajar/ditreatment (sabab bisa) teh nya pantes ngaku/jadi seuweu na Adam nu kapeto jadi khalifatullah di dunya.

Naha perlu atikan keur jelema…. supaya karakter karang teh terus kuat?


Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina? kumaha carana/metodana/paradigmana?

Baca Juga :

Tidak ada komentar