Carita Ngahiyangna Pajajaran - 7

Urang kocapkeun Ki Santang deui. Kadeuleu ti awang-awang, Palébah leuwi sipatahunan. Loba jasa jelema keur saling gendén.

Ceuk pikir Ki Santang : Boa-boa, jeung kadeuleuna jiga lain somah ngaing kabéh. Gajléng! Ki Santang luncat tina méga, Mégana mani semplak sabeulah. Sésémplakan méga nu Beulah murag. Ragagna malang, nyampai dina lamping sakaléreun gunung gedé.

Engkéna dihandapeun ngadeg hiji lembur nu kiwari disebutna Méga Mendung. Lajukeun urang Ki Santang. Jrut inyana turun! Jlig inyana nepi! Jung inyana nantung! Kadeuleu aya numpukan ngagunuk cara picung buruk.

Ceuk Ki Santang bari tulak cangkéng : "Nahaeun yeuh?"

Ceuk nu ngagunuk : "Nu aréléh perang".

Ceuk Ki Santang : "Urang mana?"

Ceuk nu ngagunuk : "Pajajaran".

Ceuk Ki Santang : "Éléh ku saha?"

Ceuk nu ngagunuk : "Ku urang Banten".

Ceuk Ki Santang : "Kunaha maké aréléh?"

Ceuk nu ngagunuk : "Licik sih. Kaci ngégél ceuli nyolok mata jeung nyingkabkeun samping".

Ceuk Ki Santang : "Lain licik. Éta tah aturan perang anyar. Tapi kumaha sabab perang?"

Ceuk nu ngagunuk : "Ngabélaan Raja".

Ceuk Ki Santang : "Di mana Raja?"

Ceuk Nu ngagunuk :" Tuh di dasar leuwi. Keur dihurup ku opat urang".

Ki Santang teu loba deui catur, laju inyana tuturubun. Ngajubar. Lep! Inyana teuleum. Tapi sabab caina kiruh teu kadeuleu mana Bapa mana musuh.

Ceuk Ki Santang: "Ééh. Mun neunggeul bari teu neuleu bisa salah anu keuna. Leuwih hadé, ieu leuwi hadé ngaing bedahkeun". 

Nya dér dibédahkeun ka hilir Ciliwung guntur. Ka girang Ciliwung surut. Kocapkeun anu garelut henteu areungeuh. Sipatahunan mingkin saat. Barang béak cai kiruhna kadeuleu ku Ki Santang Raja eundeuk diporéatkeun. Teu antaparah, saebrur Raja direbut, lung di kadaratkeun!

Anu karebut musuhna karuhan baé ambek jasa. Kadeuleu ku arinyana aya musuh anyar. Laju pating surungkuy, Ting tarebay ngarajol bari raranggeum. Eundeuk nyekék beuheung Ki Santang. Ki Santang ngeunah seuri.

Laju leuwi di kubék deui kiruhna kiruh jasa datang ka euweuh nu bisa kadeuleu. Ki Santang mah inyana laju ngadapang malang dina pamonténgan. Inyana ditubruk ku opat patih Banten.

Tapi Ki Santang nyejat bari ngagakgak. Pamuntangan laju bedah, nyot buburialan, atuh kacéot opat patih urang Banten. Hulu inyana ngadalagor batu mani remuk ka batu-batuna, awak inyana naleungar cadas mani raraungkad gawir-gawirna. Nya mooooooooooodar!
 
Laju paralid, laju engkéna nyarangsang. Anu saurang di lebaheun kiwari tanah Jelebut. Anu saurang deui di bilangan kiwari tanah Bojong Gedé. 

Saurang deui di bilangan kiwari tanah Citayém, Saurang deui di bilangan kiwari tanah Sawangan.

Tapi saha nu nyarangsangna? Saurang géh datang ka iraha ogéh moal aya nu nyaho. Lantaran waktu paralidna maraké jubah nu pahili, pahili ka pangkat-pangkatna. Ngan baé engkéna kabéjakeun ceunah mah jaradi karamat.

Tunda deui....Keun sina jaradi karamat!!!

Baca Juga :

Tidak ada komentar