Carita Ngahiyangna Pajajaran - 6

Lajung dina peuting nu didamaran ku samar bulan. Urang longok Raja urang nu dihurup ku musuh genepan. Perang na rosa jasa. Éta genep papatih ku Raja urang laju ditubruk laju di awut-awut, diluluh digulung-gulung. Dirampid jadi ngahiji, mani pating polonjon tina jubah inyana. Ting arenyut, jiga tétép lésot tina wadahna. Ting arenyut sabuligir jiga eungkuk pilegaeun.

Balad Banten waktu neuleu kabéh papatihna, deuk dipodaran ku Raja Sunda heunteu tarégaeun. Laju! Réog waé ngaleut cara sireum sirarangé ngagurumut Raja urang. Atuh mani haliwu Raja urang. Nya harita opat patih Banten bisa budi, nyaéta bengkong nu duaan, arinyana mah heunteu kaburu, sabab kaburu modar mantaré.

Lain paraéh ku Raja urang, tapi modarna ditareunggélan urang Banten. Sabab ku haliwu-haliwuna ngagurumut Urang Banten téh. Teuteunggeulna sateunggeul-tenggeulna baé. Datang ka loba balad Banten kararojor. Cigendén ku baturna kénéh.
 
Urang caturkeun patih Banten anu opat. Arinyana bisa budi, laju ngoréjat bari ngarawél jubah. Tapi lantaran ngoréjatna bari haliwu,  nya atuh ngarawél téh Sarawél-rawélna baé. Heunteu aregeuh pahili jubah. Ku haliwu-haliwuna Kai Cakra hanteu engeuh pahili jubah.

Kai Jaya hanteu engeuh pahili jubah. Kai Asép hanteu engeuh pahili jubah. Kai Tubagus hanteu engeuh pahili jubah. 

Malah Kai Tubagus mah jaba tipahili téh. Inyana hanteu eungeuh maké jubah téh tibalik. Nu pieun cokor dipaké diluhur, ari cokorna diasupkeun dina beuheung jubah. Atuh leumpangna  mani ciga nini-nini hudang ngajuru.

Ninggang di Kai Cakra anu begang, nu karawél téh jubah godombrong pakeun baturna nu jangkung gedé, atuh barang dipaké téh ka luhur  leuwih sasiku, ka handap leuwih sadeupa.
 
Ceuk pikir inyana : "Bener sakti si Raja Sunda. Ieu jubah mani kieu, Ka ruhur teu kadeuleu langit, ka handap teu kadeuleu napak. Nya gudubrak baé inyana labuh, tikudéwat! Nincak jubah panjang teuing". 

Ceuk pikir inyana : "Panjang teuing. Ngaing beubeurkeun. Laju jubah panjang téh dibeubeurkeun. Digulungkeun luhureun cangkéng, atuh témbong buraholna". 

Dér perang deui. Perang rosa, Perang rosa jasa, Térus perang leuwih ti rosa jasa. Raja urang, najan gagah najan sakti. Tapi ri diruhun digurumut mah nya haliwu ogéh. Nya kapaksa inyana mundur Kadéséh ka beulah kalér datang ka palebahan birit leuwi.

Tah di dinya inyana katubruk ku nu ngahurup. Tapi Raja urang laju motah rosa jasa. Nya lajuna mah…..Gujubaaarrr! Raja urang ragag ka leuwi…Gujubar!!!

Kai Asép kabawa ragag, inyana ngarawél jubah Kai Jaya, Kai Jaya ngarawél jubah Kai Cakra, Kai Cakra ngarawél jubah Kai Tubagus. Tapi lantaran jubah Kai Tubagus mah dibeubeurkeun, nya nu ngarawél téh Buraholna. Nya gujubaaarrr!!! 

Jawara Banten jeung Cirébon nu opat kabedol kabawa ragag. Laju perang didasar leuwi. Balad Banten eureun perangna. Balad Pajajaran areureun perangna. Lalajo nu keur perang didasar leuwi. Nya jadina mah euweuh nu perang didaratan. Kabéh jarajang teges. Nareuleu nu galungan didasar leuwi. Kabéh pasedek-sedek.
 
Datang euweuh nu areungeuh. Balad Pajajaran nyarelap di balad Banten. Balad Banten nyarelap di balad Pajajaran, Eungeuh-eungeuh sotéh aya nu hitut.
 
Ceuk balad Pajajaran :" Hitut Banten yeuh! Séjén deui peledekna".

Ari inyana ngalieuk téh baruk geuning lain batur sakamandoran, tapi musuh, Urang Banten. Nya dér perang deui.

Perang di daratan, Perang di dasar leuwi! Ting gulutuk sora batu, ting saréak sora koral, Ting kiricik sora keusik. Burial! Burial!

Cai kiruh ti dasar leuwi umpalna neunggaran gawir. Ngagulugur gawir nu urug, Ngaguruh tangkal nu rubuh, tangkal jati garaged sisi leuwi sabrang wétan rungkad ambles kabawa palid.

Ari palidna? Nyarangsang di birit leuwi. Tah di dinya Éngkéna téh bakal ngadeg hiji lembur  nu ngaranna di kiwari Bantarjati.
Sina jadi lembur Bantar jati.

Urang tunda deui!!! kieun sina jadi carita dina Batu nu karamat...

Baca Juga :

Tidak ada komentar