Carita Ngahiyangna Pajajaran - 14
Laju Radén Santang jeung nu ngarilu, narindah deui nyariar lebah nu bodas lemahna. Tunda! Keun sina ngababakan! Saaeun urang engké jaga.
Urang téang deui nu ka laluar ti jéro leuweung. Urang Pajajaran eujeung Raja jeung Si Léngsér, kaluar deui ti jéro leuweung, laju narindak datang ka hiji gunung. Laju ararunggah, leuki luhur beuki ripuh, jeung ngadak-ngadak datang sasalad, anu arunggah jadi barongkok, nu marudun jadi saronggéng. Kolot budak nyaréri cangkéng.
Ceuk Raja : "Euweuh nu mawa jajamu?"
Ceuk Urang Pajajaran sakabéhan, Sakabéhan di baréngkeun : "Euweueueueueuh"
Ceuk Raja : "Mana Si Léngsér?"
Ceuk sakabéh urang Pajajaran dibaréngkeun : "Euweueueueueuuéh".
Si Léngsér mémang euweuh, lain euweuh sabab paéh nyeri cangkéng, tapi euweuh hanteu kadeuleu kadeuleu. Inyana asup ka leuweung, hanteu lila kurunyung deui dina hulu nyuhun buntelan nu dijieun tina ikét inyana.
Dina tonggong ngagandong buntelan, buntelan tina jemang inyana. Leungeun kénca nyangkéh buntelan bari leungeun inyana anu katuhu ngabunian buntelan sagedé nangka meujeuh angeuneun. Jeung diluhurna aya jambulan. Mantakna dibunian ku leungeun sabab samping inyana ceuk tadi géh apanan dipaké buntélan. Gubrag! Tilu buntélan digubragkeun, apan anu jambulan éta mah buru buru disélapkeun dikémpit tukangeun pingping. Borolo...Eusina buntelan anu tilu ku Si Léngsér diborolokeun. Ari eusina? Dangdaunan jeung akar-akaran.
Ceuk Si Léngsér bari diuk lain nagog lain, da jiga eukeur diuk dina jojodog tanggung : "Tah ubarna! Ki beuling eujeung ki céntang, memeniran jeung kumis ucing campurkeun jeung akar pungpurutan. Godog, godog! Caina mudu satihang, nginumna disakalikeun. Pikeun saurangan! Pikeun duaaneun? Caina dua tihang, nginumna disakalikeun tah éta tumbal nyeuri cangkéng! Tah ieu gandapura! Tumbal kénéh nyeuri cangkéng! Daunna jeung akarna dirijeus maké cikur, laju balurkeun dina cangkéng! Tah ieu jawér kotok! Tumbal awéwé ararateul!!! Dina lébah dédéngkatan! Jawér kotok léob heula, laju gileus giles sina leumpeuh! Laju gosok gosokeun lebah nu ateul dirurukeun lebah nu ateul...Amun ateulna rénjén baé, wewelkeun. Ieu akar, akar pangpurutan kembang paul tumbal pieun aki aki anu resep kénéh, Eundeuk-eundeukan bari nangkuban.
Godog, godog! Cara tumbal nyeuri cangkéng ka hiji! Ieu kembang? Kembang pungpurutan anu paul. Rinjeus. Laju dipaké ngurut sapanjang gagang datang keuna beuheungna. Tanggung heuras cara tiwu bodas! Ieu akar, akar pungpurutan kembang bodas. Tumbal pieun si nini, abéh dipisono ku si aki. Godog! Campurkeun heula pangglay sateukteuk eujeung pepel parareungkeur cara anu munding cawéné kenah.
Ari ieu pucuk baluntas? Tumbal pieun ngubaran bau awak bau kélék, bau di lebah sakur buluan bau késang mani hangru. Ngubarkeunnana? Lalab.
Anu kieu? Jajamu ngan kari jeduh. Dijéduhna tina buah kaléngkéng, akar caremé, siki areuy tuwa lauk. Paranti nyuguhan sémah, amun hayang dibui. Ari anu kieu ngarana konéng bodas. Parud! Laju balurkeun ka awak budak anu keur tampék! Inumanana? Gogogan akar eurih eujeung seureuh dicampur daun saga, sakalian ubar batukna. Mun nu kieu? Ngarana téh régég salak Tumbal mitoha anu bawél. Rojokeun bé keuna palangkakanana".
Tunda deui batur bisi kaisukan. Bari nanggowan godogan asak, eujeung ngadédéngékeun aya ragag salak dirojokkeun.
Post a Comment