Dalam sebuah Pupuh Wawacan Sejarah Sumedang B, karya Haji Muhamad Jen dari Cibitung Padasuka maupun Pupuh Wawacan Sejarah Sumedang Karya R.A.A Martanagara Bupati Bandung Periode 1893-1918, yang intinya menceritakan kisah di jaman Prabu Geusan Ulun, sebagai berikut :
1. Ieu carita dikarang, dianggit dijieun dangding, carita tanah Sumedang, jaman baheula bihari, tapi éstu saperti, tutur anu tanpa dapur, ngan urutkeun caritana, kolot-kolot nu bihari, anu asli bibit buitna Sumedang.
2. Turun manurun carita, anu tepi ka kiwari, méh sarupa caritana, kolot-kolot ménak kuring, anu jadi bibit buit, kasebut nagara galuh, kaganti ku pajajaran, sanga parubi siliwangi, nu kasebut mencarkeun satanah Jawa.
3. Ratu-ratu sunan-sunan, nu jadi pangagung nagri, sesebutan nu baheula, cara ayeuna bupati, ngaran pangagung nagri, ratu atawana perbu, ari ayeuna nu kocap, tedak perbu siliwangi, tina wates sanga perbu linggahiang.
4. Jadi ratu di Sumedang, bibit tedak siliwangi, dikebatkeun caritana, jadi ratu nu diganti, ku putra anu kakasih, sanga perbu linggawastu, gancangna kacarita, putrana ngan hiji istri Mutiasari, jeung panungtung ratu nu agama budha.
5. Kota Sumedang harita, kiduleun gunung kacapi, disebutna kutamaya, sakaléreun palasari, nyandi ngan walungan cai, sisina beulah ti kidul, lahanna lempar pisan, awas ningal sakuriling, ngan tilu pal ti kota anu ayeuna.
6. Sisi walungan cisugan, tepi ka jaman kiwari, nelah lembur kutamaya, ayeuna nu jadi bukti, tanda aya urut nagri, aya na téh rada luhur, ngembat sarupa jeung kuta, jiga pasir ngan masagi, ayeuna mah geus dirombak jadi sawah.
7. Ayeuna ganti carita, ratu di nu séjén nagri, di Cirebon nagarana, kangjeng sunan Gunung Jati, kasebutna ratu wali, tedak kangjeng nabi rosul, harita éta sajaman, pada mangku ngéréh nagri, di Cirebon sareng di negri Sumedang.
8. Ayeuna ratu anu dua, mimitina kulet dalit, tatapi misah agama, budha jeung agama muslim, sinuhun Gunung Jati, teu pisan kersa ngaganggu, maksa ngasupkeun islam, tapi tetep silih asih, kacaturkeun lila-lila bébésanan.
9. Putrana ratu Sumedang, nya éta ngan hiji istri, ditikahkeun ka putuna, kangjeng Sunan Gunung Jati, maolana magribi, atawa nu sok disebut, pangéran pamalé karna, saéstuna kudu sarif, nya éta téh putra pangéran Panjunan.
10. Ari pangéran Pacunan, putra Sunan Gunung Jati, énggalna kangungan putra, pameget kasép jeung segut, siga enggeus mawa ciri, ahir jadi pangagungna, kocapna ratu Sumedang, kalangkung nya suka galih, réh kagungan putra pameget utama.
11. Énggal lajeng ngadeuheusan, ka sinuhun Gunung Jati, pihatur ratu Sumedang, ka sinuhun Gunung Jati, lajeng barina melas melis, sim kuring agung panuhun, éta pun incu téa, manawi paidin gusti, disuhunkeun rék diingu di Sumedang.
12. Teu gaduh deui anak, jabi awéwé mung hiji, ku sinuhun geus kamanah, pijadieun awal ahir, wantuning bangsa wali, ngawalonan sinuhun, teu aya pisan halangan, wantuning sarua wajib, tapi éta bapana téh jalma islam.
13. Agama nurut ka bapa, muda jadi islam deui, pihatur ratu Sumedang, ku sim kuring geus kapikir, sinarengna jisim kuring, nurutkeun riwayat sepuh, pitutur anu baheula, disebutkeun jisim kurig, panungtungan jadi ratu di Sumedang.
14. Nu agama-agama budha, mangké geus tangtu diganti, nya éta ku incu téa, éta téh anu mimiti, ganti nyembah ka Yang Widi, ku agama nabi rosul, sareng tedak tumedak, dugi kana jaman ahir, sirna budha kaganti ku agama islam.
15. Ketakeun ieu carita, perbu lingga waktu tadi, lambat lambut jumenengna, ahirna mangké diganti, ku putra-putra anu tadi, anu kasebut diluhur, ngéréh nagri Sumedang, ratu agama muslimin, awit ngeéréh eusi nagri bangsa budha.
16. Tatapina lila-lila, saréhna ratu muslimin, pangeusi nagri Sumedang, anu jaradi muslimin, teu kacatur éta deui, sababna pada aranut, pantes geus nurut riwayat, kacaturkeun deui tadi, di Sumedang saeusining manjing islam.
17. Sanggeus lila jumenengna, ratu Sumedang muslimin, ayeuna ganti anu kodrat raja geus bangsa muslimin, tékadna Majapait, jenengannana sinuhun, ngaratonan di Mataram, panembahan senapati hingalaga mangkurat buana.
18. Nu ngréréh satanah Jawa, kabéh jaradi muslimin, ngan kari tanah Pasundan, ratuna ngéréh pribadi, dina hiji-hiji nagri, gancangna nu mangun catur, saantéro Pasundan, digulungkeun jadi hiji, kabéh sujud ka sinuhun di Mataram.
19. Henteu kacatur waktuna, panembahan senapati, ngéréhna tanah Pasundan, margana nya kitu deui, naha kalawan jurit, harti perang ngadu pupuh, saantero tanah Jawa, sumujud ka senapati, gancangna mah geus kawengku ku Mataram.
20. Sanggeus nyaho Mataram, nu pangkat ratu satadi, kabéh diganti ngaranna, kudu disebut bupati, saban-sabanna bupati, kabéh diganjar jujuluk, jeung bupati di Sumedang, jaman harita mimiti, jujuluk Pangeran Kusumah dinata.
21. Terus turun tumurun, sakur nu jadi bupati, nya kitu jenengannana, tepi ka ayeuna adat, sadayana eusi nagri,
lumbrahna sok digantina, lamun bupati geus pupus, jeung mangké anu ngaganti, ieu ogé pangéran Kusumah dinata.
22. Dina saenggeus wafatna, disebut pangéran santir, nelah nepi ka ayeuna, kasebut ngaran makamna, dalah tepi ka kiwari, lamun reugeuna geus pupus, salin disarebutna, lain keur jumeneng tadi, karéana disebut makamna.
1. Sasurudna pangéran Santri, tuluy diganti ku putra, terus jenengannana téh, Pangéran Kusumahdinata, tatapi disarebutna, jeung pangéran Geusan Ulun, réa pisan caritana.
2. Sanggeus jumeneng bupati, Geusan Ulun téh garwana, nu kasebut wargi ogé, estuna urang Sumedang, ngan tedakna Pajajaran, nami Nyimas Gedang Waru, putri Sunan Pada nu ahli tatapa.
3. Anu disarebut wali, Sunan Pada disebutna, dina jaman harita téh, mashur gedeng karamatna, nu cara di tanah Jawa, réa ulama nu mashur, nu sarupa Sunan Pada.
4. Laku nu jadi Raja, sanggeus ka bawah Mataram, saban taun kudu caos, ngadeuheusan ka Mataram, geus jadi kawajiban, lalakon sakitu jauh, komo susah perjalanan.
5. Tatapi henteu dipikir, waktu kawajiban téa, dina saban taun caos, diiring ku waja balad, mawa gagaman perang, réana tepi ka ratus, kumaha geder nagrina.
6. Upacara jeung pangiring, anu marawa ampilan, nu disebut kaparabon, Geusan Ulun kacarita, kagungan kapetengan, pamanggul Ki Sayang Hawu, kaduana ki Nangganan.
7. Anu ka tiiluna deui, disebut Ki Kondang Hapa, nu ka opat Ki Térong Péot, éta opak kapetengan, mungguh nu ayeuna upas, beurang peuting tara jauh, disaréngkak dicacandak.
8. Ngan Sayang Hawu pribadi, ngaranna Jaya Perkasa, ari baturan nu séjén, heunteu disebut ngaranna, tapi geus tangtuna aya, tatapi heunteu kacatur, yén aya deui ngaranna.
9. Aya anu kocap deui, jeung pangéran Panembahan Ratu, Sultan di Cirebon, pernah sadérék misan, réhna tunggul tetedakna, jeung Pangéran Geusan Ulun, loma wantu sadérékna.
10. Pada tedak Gunung Jati, ari Pangéran Panembahan Ratu, geus lami jumenengna téh, malah ka asih ku sunan, datang ka enggeus diganjar, ku putri anu disebut, Ratu Emas Harisbaya.
11. Éta estuning putri, putrana Pangeran Adipati Katawengan
12. Malah ari radén putri, Radén Emas Pancawarna, geus numutkeun ka Cirebon, ngabéla ankara kana, ayeuna nu kacarita, jeung Pangeran Geusan Ulun, geus sugema jumenengna.
13. Réh kasebut aya wali, jadi paguron tarékat, Geusan Ulun lajeng baé, jengkar ka nagara Demak, ditengahna perjananan, dumadak gok baé tepung, jeung Pangéran Girilaya.
14. Langkung sami suka galih, teu kamanah ti tadina, baris tepung jeung sadérék, Panembahan Ratu pék mariksa, rayi téh badé kamana, pihaturna Geusan Ulun, seja jarah ka Demak.
15. Sadalah raka pribadi, ayeuna malah ti Demak, nya kitu nu dimaksud téh, nepangan paguron téa, istuna utama pisan, baris ngahususkeun élmu, karaos sugema pisan.
16. Sambung pamuji kang rayi, sakersa puji laksana sareng wewekas kakang téh, samulih rayi ti Demak, méga sindang ka si kakang, di Cirebon urang ngumpul, sareng kadang kulawarga.
17. ( … ) geus maksud ti tatadi, Geusan Ulun pangwalonan, rék dumeuheus ka Cirebon, ayeuna aya timbalan, digetakeun caritana, Panembahan Ratu, Geusan Ulun, lajeng baé séwang-séwang.
18. Panembahan Ratu lajeng mulih, Geusan Ulun terus ka Demak, kocapkeun énggalna baé, Geusan Ulun di Demakna, henteu panjang caritana, ngaji rahu enggeus cukup, sakersana geus laksana.
19. Geusan Ulun enggeus mulih, teu kacatur dijalanna, enggeus sumping ka Cirebon, dipapag ku Panembahan Ratu, dina gok baé patepang, duanana sami munjung, jeung dihaturanan linggih.
20. Geus lami pada caralik, kalangkung suka manahna, patepang pada sadérék, dasar beunang ngajangjian, Panembahan Ratu, lajeng ngagentraan nyaur, riya ratu Harisbaya.
21. Énggalna téh geus jol sumping, Ratu Emas Harisbaya, pilahirna raka na téh, réh urang carang patepang, jeung prabu ti Sumedang, manéhna kakara tepung, ieu téh sadérék misan.
22. Tenggal tedak Gunung Jati, manéh ulah asa-asa, nya ngaboja ka rama téh, réh urang carang patepang, Ratu Emas Harisbaya, tungkul jeung pasemon imut, sanggeus pada silitingal.
23. Banget kapincut nya galih, ti beurang gok gé patepang, kakara ningal nu kasép, sarta mancur cahayana, Ratu Emas Harisbaya, banget pisan ngalilibur, ulah katawing gagiwang.
24. Geus sami rék caralik, adat pangboja karmana, ti dinya Geusan Ulun téh, diperenahkeun kulemna, ku Panembahan Ratu, dikulemkeun dina tajug, anu parek ka bumina.
25. Panembahan Ratu tadi, sanget ngolah agamana, sabawah nagri Cirebon, ragem ngolahna agama, panganggeuna Panembahan Ratu, sok mindeng nyauran kumpul, Kiyai para ulama.
26. Ngahususkeun élmu dahkik, di waktu jaman harita, luluguna di Cirebon, nu agem ngolah agama, réhna loba urang Arab, ayeuna gancang kacatur, saur Pangéran Girilaya.
27. Ka sadaya para alim, supaya sakabéh terang, kawula keur bungah haté, enggeus tangtu ka rujukan, yén kawula ayeuna, ieu kasémahan dulur, Raja ti Sumedang.
1. Ti dinya pada marunjung, para alim silih genti, Geusan Ulun suka manah, ningal kumpul para alim, ku Panembahan Ratu, ditujulkeun hiji-hiji.
2. Anu anom anu sepuh, dijenengan para alim, Geusan Ulun suka manah, lajeng nganggo para alim, pilahirna ka sadaya, nuhun jeung andum pamuji.
3. Ramé muslim unjuk nuhun, pihaturna para alim, jeung teu pegat malencrongna, aromongna para alim, ieu bupati Sumedang, éstu jalma luhur singgih.
4. Eukeur mah pangagung luhur, nya kasép nya hadé budi, lain jalma samanéa, pantes karamatna leuwih, saur Pangéran Girilaya, paménta akang ka adi.
5. Mun tong waka gura giru, nya kersa mulih ka bumi, di dieu ngeureunan palé, mulih angkat ti nu tebih, ti dieu kana gigir Demak, lalakon welasan peuting.
6. Pihaturna Geusan Ulun, sadaya-daya kairing, kocap Ratu Harisbaya, saban poé saban peuting, tambah-tamnah kagiunganna, méh teu bisa mengkek galih.
7. Tampolana hayang gapruk, ngerewes muaskeun ati, sakuat-kuat ditahan, kacarita hiji peuting, Geusan Ulun enggeus tibra, kulemna di masjid tadi.
8. Pamajikan nu kacatur, Girilaya jeung Nyi Putri, tapi nu tiba kulemna, ngan Girilaya pribadi, ari Ratu Harisbaya, nyileuk teu pegat ka éling.
9. Geus teu tahan nahan napsu, tuluy gugah terus indit, ninggalkeun raka nu tibra, kaluar ti jero bumi, rérépéhan ……………. ngajugjug golodog masjid.
10. Pakuleman Geusan Ulun, pantona nutup di konci, tuluy baé diketrokan, suganna aya nu nyaring, tina hantem diketrokan, Ki Sayang Hawu ngalahir.
11. Kacaturkeun Sayang Hawu, hudang tuluy muka konci, dibuka tuluy kaluar, digolodog geus papanggih, Geusan Ulun Harisbaya, pihaturna mangga gusti.
12. Tidinya tuluy arasup, Geusan Ulun geus ngalahir, tuluy gugah gok patepung, henteu antaparah deui, Geusan Ulun Harisbaya, silirangkul jadi hiji.
13. Sarupa puyuh keur tarung, duanana pada nangis, bawaning kaliwat suka, manahna pameget istri, teu nyana gancang laksana, beunang mikir beurang peuting.
14. Kacatur Ki Sayang Hawu, kacida atina ketir, hookeun ningal gustina, pikirna banget nya watir, Ki Sayang Hawu unjukan, aduh deudeuh teuing gusti.
15. Tanpa guna sedih kalbu, ayeuna pihatur abdi, langkung saé urang jengkar, urang mulih sapeupeuting, montong rék sumelang manah, jamakna tanda lalaki.
16. ( … ) na aya nu nyusul, montong rék sumelang galih, abdi enggeus ihlas pisan, pecah dada mucrat getih, ku Geusan Ulun kamanah, ajang nyaur ka Nyi putri.
17. Ku eulis tangtu kadangu, bieu pihaturna aki, mun éstu sapuk jeung manah, hayu atuh urang indit, pihaturna Harisbaya, sumerah raga jeung pati.
18. Kajeun lebur bubuk ajur, lamun katampi ku gusti, kebatna ieu carita, kapisutri jero masjid, pada angkat rérépéhan, dina wanci tengah peuting.
19. Kacaturkeun Sayang Hawu, bari ngagandong Nyi putri, ari gandek nu tiluan, dipengkeureunana ngiring, kébat kaluar ti kota, Geusan Ulun jeung Nyi Putri.
20. Ayeuna anu kacatur, Girilaya jero bumi, barang ngalilir kulemna, ngarampa rayi Nyi putri, teu aya gédébgeunana, Girilaya hameng galih.
21. Lajeng Girilaya nyaur, saurna kamana eulis, naha mana waka hudang, kapan ieu masih peuting, lila digentraannana, lajeng nyaur eusi bumi.
22. Ger daratang nu disaur. dawuhna mana Nyi putri, geta anu dipariksa, réh pada kakara nyaring, ku Girilaya kamanah, gerwana tangtu ngaleungit.
23. Ti dinya tuluy pahibut, gujrud jalma pada nyaring, gujrud (…) kahuruan, karagét leungiteun putri, pating salebruk dipapay, najan masih poék peuting.
24. Gancangna tepi ka isuk, saurang taya nu cicing, tepi kabar beurang pisan, tacan aya nu mikir, yén putri dibawa minggat, kabéh deudeupeun teu hari.
25. Beuki tambah tingsalebrung, katambah balad perjurit, pada sadia dangdanan, sabab pada geus kapikir, moal salah teu karuhan, Nyi putri tangtu dipaling.
26. Komo nu asup ka tajug, geus tuluy baé kapikir, yén sémahna geus teu aya, mo gagal éta nu malimg, ku sémah urang Sumedang, tangtu hamo salah deui.
1. Saur Pangéran Girilaya, ka sakabéh wadiya balad perjurit, ku maranéh kudu susul, sémah urang Sumedang, mun kasusul éta téh si Geusan Ulun, manusa kurang tarima, ka ngaran pangkat bupati.
2. Gancangna nu diparéntah, kapetengan saukur para perjurit, ting salebrung ngulon gidul, réh aya dua jalan, saharita ka kulon reujeung ka kidul, ti Cirebon ka Sumedang, tur jalanna kabéh rumpil.
3. Kacaturkeun anu minggat, ka Sumedang Geusan Ulun jeung Nyi putri, jongjon lakuna geus jauh, ninggang wates Sumedang, kacaturkeun awasna Ki Sayang Hawu, manéhna ningal katukang, rasana geus rék katepi.
4. Nu nyarusul pirang-pirang, Sayang Hawu taya pisan nu gimir, pihatur ka Geusan Ulun, gusti sumangga tingali, itu jalma pirang-pirang tangtu nu nyusul, tapi montong seber manah, lamun masih hirup aki.
5. Anggur lajeng kebat angkat, malah ogé kaleng rayi Nyi putri, abdi mah di dieu kantun, badé ngadagoan Jawa nu nyarusul, najan puluh najan ratus, teu gimir bulu salambar, geus téga labuh pati.
6. Ki Sayang Hawu opatan, jeung baturna caricing taki-taki, kacatur anu nyarusul, geus jol pada daratang, nu nyarusul patepung jeung Sayang Hawu, henteu panjang silitanya, geus prak baé tarung jurit.
7. Sarupa banténg bayangan, Sayang Hawu jeung opat batur tadi, galak ngamukna ka musuh, unggul pisan jayana, tingjaloprak musuhna anu rarubuh, tingjolopong patulayah, Sayang hawu mandi getih.
8. Kakepratan ku musuhna, tina gulet ngadu pedang jeung keris, Sayang Hawu kotak weduk, teu terak ku pekarang, nu nyusul sakarina nu rarubuh, pada mabur lalumpatan, taya kari dahiji.
9. Ki Sayang Hawu opatan, jeung baturna di dinya nagen cicing, réh musuhna kabéh mabur, ayeuna kacarita, nu keur angkat Nyi putri jeung Geusan Ulun, kacatur di jalanna, ka Sumedang eggeus sumping.
10. Nya éta ka kutamaya, pada hébat sakabéh abdi, pada maruru ngarubung, saréh lami angkatna, kagét héran cacatur jeung pada batur, ngiring atoh gusti urang, mulihna ngaboyong putri.
11. Pada hayang narongtonan, réh kakara aya di dinya putri, kacaturkeun Geusan Ulun, banget sumelang manah, réh sawadi Harisbaya geus miunjuk, enggeus ngadeg dua bulan, ngan kantun sumelang ati.
12. Kitu hatur Harisbaya, tayoh ulah raka sumelang galih, tatapina Geusan Ulun, banget sumelang manah, réh geus angkat nyacat nu sakitu jauh, ti Cirebon ka Sumedang, tur angkatna beurang peuting.
13. Ratu Emas Harisbaya, sasumpingna kalangkung hégar galih, hébat ningal gunung, leuweung mah sumawona geus kalangkung istu leuweung luwang liwung, ti Cirebon ka Sumedang, nanjak mudun komo rumpil.
14. Tapi teu raos sangsara, katukeran ku katresna galih, lajeng Geusan Ulun nyaur, jeung pasemon marahmay, Eulis ulah rék ngagugu manah reungu, réh nénjo tanah Sumedang, jeung Cirebon lain deui.
15. Kaéndahan kamulyaan, hanteu aya ayeuna mah diganti, nya leuweung luwang liwung, jalma ngan sakur aya, geus ngapasten kudrating Alloh nu agung, warna eusi alam dunya, nu aya di kolong langit.
16. Ratu Emas Harisbaya, ngawalonan pasemon hégar galih, saurna kuring saumur, teu acan gaduh rasa, nu sakieu bungahna sagunung-gunung, paribasa laut lega, lega kénéh ati kuring.
17. Ku Geusan Ulun kamanah, pangleuleunjar salahir-lahir putri, leleb mésem Geusan Ulun, puguh gé lalawanan, paribasa gula katinyuh ku madu, nya éta bandingannana, nu kasép reujeung nu geulis.
18. Sigeg mu di kutamaya, gusti abdi pada barungah galih, Ki Sayang Hawu kacatur, sabaturna tiluan, tacan ingkah ti urut tarung jeung musuh, di dinya didaragoan, bisina baralik deui.
19. Caturna Ki Kondang Harpa, snggur hayang nyarusul gusti, di dieu téh tambuh laku, gé geus sakitu lilana, tanpa guna urang nyangadago musuh, tugenah si Jawa édan, hirup téh jerenih ati.
20. Sanggeus rempeg jeung baturna, tuluy baé ti dinya arindit, gustina anu diburu, ngajugjug kutamaya, sadatangna ku baturna dibaruru, aromongna baragéa, catur awéwé lalaki.
21. Nu aya di kutamaya, teu nyahoeun yén entas tarung jurit, ti dinya Ki Sayang Hawu, ngadeuheusan ka gustina, ngadadarkeun mentas tarung jeung musuh, nu paéh gempur bangkéna, nu hirup malabur miris.
22. Purwa abdi henteu énggal, ngadagoan bilih baralik deui, pilahirna Geusan Ulun, nuhun ka Gusti Alloh, kadarkeun urang mulus jeung rahayu, jeung kula banget tarima, tina kabélaan aki.
23. Jeung sabaturna tiluan, gumelana pada naruh ati, mangsa bodo anu agung, nu pimalesenana, ka opatan nu geus ngadu tarung pupuh, dipaparin kaunggulan, lepas tina baya mati.
1. Tunda heula nu keur bungah galih, Geusan Ulun reujeung Harisbaya, sasat eukeur oléng pangantén, beurang peuting dirubung, ku sadaya ais pangmapih, pada meungpeung kasukaan, ayeuna kacatur, Girilaya sadatangna, nu nyarusul baladna perjurit, éta nu nyusun garwana.
2. Nari unjuk salampahna tadi, nyusul rayi Harisbaya, dugi ka wates Cirebon, geus méh kasusul baé, istu sidik rayi dipaling, ku bupati Sumedang, dicandak ka gunung, purwa henteu terus kebat, réh dijagi ngantos lami tarung jurit, jeung kapetengannana.
3. Gancangna téh nyaur Ki nyai patih, dawuhanana Pangeran Girilaya, bapa patih ayeuna téh, urang montong rék gugup, enya ogé sidik dipaling, Nyi Ratu Harisbaya, ku si Geusan Ulun, tangtu enggeus di Sumedang, tapi urang kudu nyaho sidik, na dimana cicingna.
4. Lajeng baé ngawalonan patih, maksud abdi badé ngajurungan, nu rupa dagang pépéték, nya éta badé nyamur, di dituna ulah katawis, badé milih abdina, nu badé dijurung, ku Girilaya kamanah, pilahirna rempug pisan bapa patih, gancangna baé milampah.
5. Sanggeus kitu tuluy baé patih, nyiar anu beunang dipercaya, gancangna geus meunang baé, dua jalma geus laju, ku Sumedang lakuna demit, sarupa nu dagang, dagang lauk laut, layur pépéték jeung peda, teu kacatur dijalanna enggeus tepi, datangna ka Sumedang.
6. Dina pasar dagang wara wiri, teu katangen yén éta utusan, ayeuna gancangna baé, Harisbaya kacatur, sasumpingna di jero puri, tacan angkat-angkatan, kara kapihatur, hoyong ningali di pasar, lajeng angkat pirang-pirang anu ngiring, enggeus sumping ka pasar.
7. Geus tinangtu pasarna leutik, tuluy ngider ningali dagangan, béh anu dagang pépéték, jeung rupa-rupa lauk laut, Harisbaya manahna éling, di Cirebon hargana, éta lauk laut, tuluy mariksa hargana, hiji peda pihaturna genep duit, bangun kagét manahna.
8. Harisbaya kagét jeung ngalahir, banget teuing dimahalkeunana, kami nyaho di Cirebon, hargana lauk laut, lamun hiji peda saduit, lajeng anjeunana angkat, ayeuna kacatur, anu nyamar dagang peda, narenjoan ka Nyi putri, enggeus sidik nya éta nu ditéangan.
9. Tuluy baé gura giru indit, teu kacatur lakuna di jalan, jol geus datang ka Cirebon, tuluy baé ngajugjug, ka bumina Kiyai patih, jeung pada arunjukan, salakuna untung, estu kabeneran pisan, tacan lila di jalanna geus jol sumping, Nyai putri ka pasar.
10. Puguh ogé waktuna satadi, réa jalma geus pada terang, ka Ratu Harisbaya téh, geus pertéla pihatur, éta dua utusan tadi, dibawa ngadeuheusan, ka jero kadaton, diunjukeun titih pisan, sanggeus tamat ku Girilaya ka galih, tuluy mindel sakedap.
11. Sanggeus kitu milahir ka patih, bapa patih geura paréntahan, kapetengan perjurit, tuluy baé ngarurug, ka Sumedang sabab geus sidik, Harisbaya ayana, tuluy baé tempuh, masing samakta gagaman, Sumedang téh wantuning nagara leutik, sajongjongan gé bedah.
12. Tapi urang leuwih hadé titih, Geusan Ulun disuratan heula, ditanya sapakarepan téh, naha karepna taluk, jeung nyanggakeun deui Nyi putri, lamun niat ngalawan, geus tangtu ditempuh, ulah sambat kaniaya, moal burung bangkéna manéhna disiksik, keur hakaneun buhaya.
13. Ti dieu nu mawa surat tadi, campur baé jeung balad anu réa, montong bareng datangna téh, balad mah kudu tunggu, sabalikna utusan tadi, nu mawa surat téa, mun si Geusan Ulun, teu taluk sarah bongkokan, tuluy tempuh sing datang ka burak barik, ka pangradegan téa.
14. Saharita jalan leutik rumpil, gedena gé ngan satapak, ngan anu ratana téh, turut sisi Cimanuk, geus didinya balad perjurit, mapay cai ka girang, sisi Cimanuk, milihan nu rada lempar, ka Cipeles muarana geus nepi, di dinya manggih lempar.
15. Tuluy mapay ganti sisi cai, enya éta sisi Cipeles girang, ti dinya balad-balad téh, kandeg ka gunung batu, nu rarenges luhur ngadingding, kabéh pada nareuba, ngeureunan lumaku, pada nyieun pamondokan, sakadarna pernahna di sisi cai, pada ngasokeun badan.
16. Marondokna kakara sapeuting, dumadakan méh kabéh muriang, réa anu ngadadak paéh, tuluy pada pahibut, sakuatna pada arindit, nyaringkahan ti dinya, bari meuli catur, tangtu ieu téh gogoda, tah tidinya anu nepi ka kiwari, sebut ngaran godang.
17. Kocap anu mawa surat tadi, teu ngarandeg terus mawa surat ka Sumedang, tuluy disanggakeun baé, surat ka Geusan Ulun, geus diaos ungeling tulis, henteu kaungel panjangna, tapi enggeus tangtu, kukuh atawana pasrah, caritakeun kanu mawa surat kami, Geusan Ulun dawuhna.
18. Ayeuna mah manéh geura balik, hég béjakeun ka si Girilaya, beurang peuting didago, lamun niat ngarurug, tanda enya anak lalaki, montong rék adu balad, ku kami ditunggu, utusan téh geus bral mulang, kacaturkeun Ki Sayang Hawu caringcing, saréh geus meunang béja.
19. Ti Cirebon geus datang perjurit, rék nempuh nagara Sumedang, tapi ayeuna ngadago, didinya karumpul, kapetengan para perjurit, Ki Sayang Hawu kocap, tuluy baé nyamur, néang anu ngumpul téa, manéhna ngajadikeun aki-aki, anu geus ripuh pisan.
20. Kacaturkeun geus gok baé panggih, balad ti Cirebon nu keur ngumpul téa, pok nanya Sayang Hawu téh, naha mana ngarumpul, lebah dieu tempat nu suni, naha teu naréangan, nu deukeut ka lembur, diwalon ku wadiya balad, lamun aki teu nyaho dikasi, sabatur wadiya balad.
21. Ti Cirebon nu rék nempuh jurit, rék ngagesek pangeusi Sumedang, dina burak barik kabéh, komo si Geusan Ulun, rék diwejek jeung dijejewing, kadéngé aromongna, ku Ki Sayang Hawu, tuluy indit lalaunan, Sayang Hawu leumpangna téh api-api, ripuh rarampayakan.
22. Kundang iteuk ku awi sapasi, sanggeus jauh ti nu ngumpul téa, tuluy gagancangan baé, mareuk ka Geusan Ulun, terus unjuka salaku tadi, réh ratusan baladna, ti Cirebon ngumpul, gugundukan tengah jalan, jeung manéhna nyamur jiga aki, jeung barina tatanya.
23. Aromongna wadiya balad tadi, kaunjukeun taya nu kaliwat, Geusan Ulun mindel ngomong, pamikir Sayang Hawu, gustina sumelang galih, Sayang Hawu unjukan, agung panuhun, montong rék sumelang manah, rehing badé urang téh dirurug jurit, ka baladna Girilaya.
24. Najan tambah baladna perjurit, asa teu gimir bulu salambar, diketrukeun sa Cirebon, baréto nu nyarusul,
geuning kabéh malabur miris, abdi neda jiadna, sumeja ditempuh, nu badé ngarurug téa, ulah kantos kadieu aya anu nepi, sina kabur barurakan.
25. Pilahirna Geusan Ulun aki, kula henteu alang kumapalang, nya percaya ka aki téh, ngan kudu mawa batur, urang kudu laku jeung titih, da nyorangan mah nista, catur Sayang Hawu, sinareng gaduh paneja, hadé melak hanjuang jadi partawis, abdi téh nya gumelar.
1. Unamina éta téh tangkal hanjuang, katingali ku gusti, aralum (……), atawa paéh pisan, éta téh jadi pertawis, kasoran perang, musuh nu unggul jurit.
2. Tapi lamun hanjuang téh belegerna, montong sumelang galih, ulah kurang jiad, abdi masih gumelar, Sayang Hawu nyembah indit, nyiar hanjuang, teu lila enggeus manggih.
3. Sayang Hawu melakkeun tangkal hanjuang, reujeung di ati-ati, teu aya nu ningal, di alun-alun pisan, wantuning keur laku demit, geus kitu mangkat, baris mapag ngajurit.
4. Dibarengan ku batur tiluanana, pada dangdan jurit, nya éta nangganan, rawuh Ki Kondang Hapa, Térot péot kitu deui, geus bral mariang, datang ka urut tadi.
5. Kapicatur geus prak baé tarung perang, teu silinanya deui, jalma nu opat, dihurup ka ratusan, tapi henteu pisan gimir, sanajan opat, pada maratek aji.
6. Weduk banyu kabedasan halimunan, mun dikadék sakali, liput ku harita, sakitu jajatén, balad Cirebon mariris, nungtutan lumpat, malabur burak-barik.
7. Burakna téh ngidul ngulon ngalér ngétan, hantem baé dibeberik, opat kapetengan, sayang Hawu nanganan, jeung anu duaan deui, enggeus papisah, musuhna dibeberik.
8. Dua tilu poé harita perangna, pada tacan baralik, kocap Ki Nangganan, pangheulana mulangna, tuluy unjukan ka gusti, lakuna perang, musuhna kabur miris.
9. Mariksakeun aki Sayang Hawu mana, walonna duka gusti, saréh papisahan, waktu ngalawan perang, tilu dinten tilu wengi, teu pisan tepang, jajah pada ngajurit.
10. Pilahirna Geusan Ulun karangganan, sugan katempuh jurit, walon Ki nangganan, duka gusti dimana, ngan batur nu dua deui, rajeun katingal, dina waktu ngajurit.
11. Gausan Ulun ngadangu hatur nangganan, banget manahna sedih, jadi dimanahan, Ki Sayang Hawu tiwas, ngan éta andelan jurit, ayeuna tiwas, na rék kumaha deui.
12. Geusan Ulun nyaur Ratu Harisbaya, pok ngalahir ka rayi, eulis urang tiwas, Ki Sayang Hawu tilar, teu timu ihtiar deui, taya andelan, atuh cilaka diri.
13. Taya lian hayu urang ingkah gancang, marubus ka nu buni, walon Harisbaya, abdi ngiringan pisan, Geusan Ulun nyaur patih, dawuhannana, harayu bapa patih.
14. Arajakan jalma kabéh sanegara, urang pada arindit, ninggalkeun negara, bawa saraja banda, urang mubus ka nu buni, urang ihtiar, sugan nolak bala’i.
15. Réhna aki Syang Hawu katiwasan, maot katitih jurit, geus teu aya andelan, kajaba ti éta, walonan Kiyai patih, sadaya-daya, ngiring sakersa gusti.
16. Kacaturkeun ti kutamaya barudal, nanjak ka leuweuh sami, di jaman harita, teu acan dingaranan, cara perti kiwari, nelah ngaranna, dayeuh luhur nagri.
17. Geusan Ulun lali kana perjangjian, Sayang Hawu satadi, geus nyieun tangara, tangkal hanjuang téa, upama masih walgri, montong sumelang, pertawis unggul jurit.
18. Geus bral mangkat sapangeusi kutamaya, sabogana diringkid, ti dinya pernahna, ka kidul méngkol ngétan, narajak di pasir reungit, terus kawétan, sami marentas cai.
19. Ari nu dimaksud dijugjug téa, suku gunung Rengganis, anu pangwétanna, réh luhur momonggorna, disebut ku kiwari, nya kabuyutan, mashur kamana mendi.
20. Éta nu disebut kabuyutan, sipatna batu Curi, nangtung cara tihang, kawas ti jaman budha, nepi ka jaman kiwari, taya robahna, ngadeg di puncak pasir.
21. Gancangna téh teu kacatur dijalanna, Geusan Ulun sumping Sumedang manéhna, réh Ratu Harisbaya, ngandegna geus dua sasih, waktu harita, tur nyorang jalan rumpil.
22. Tapi Ratu Harisbaya berag pisan, kocapkeun abdi-abdi, pangeusi nagara, sakabéh geus daratang, jeung ngirid saanak rabi, pada bebenah, baris enggona cicing.
23. Henteu lila geus jadi rupa negara, najan taringgul rumpil, tina kaperluan, geus diatur ditata, bumi ménak abdi-abdi, komo lebetna, pantes bumi bopati.
24. Kacaturkeun malikan deui carita, Ki Sayang Hawu tadi, keur waktu perangna, unggul pisan gagahna, musuhna kabur miris, hantem diudag, teu weléh ngabeberik.
25. Kiyai Sayang Hawu ngarandeg ngudagna, tina kacida teuing, jauh ti urutna, tadi mimiti perang, tuluy hohorakna tarik, dagoan Jawa, nurus tanjung jejerih.
1. Éta jadi sasakala, urut Sayang Hawu tadi, hookeun ka musuhna, nu diudag mabur miris, tepina ka kiwarina, aya lembur disarebut, ngaranna dago Jawa, picaturna nini aki, di Sumedang mashur kitu riwayatna.
2. Kebatkeun ieu carita, Ki Sayang Hawu téh tadi, ngarandeg eureun di dinya, ka manéh téh kapikir, ayeuna anggur balik, tanpa guna sedih kalbu, sakieu dihookan, taya anu balik deui, ti dinya téh Sayang Hawu terus mulang.
3. Bari néangan baturna, dipapay diilik-ilik, dina urut tarung perang, bari gegeroan tarik, barina diilik-ilik, ka nu buni ka nu singkur, pikirna palangsiang, pada kasoran ngajurit, hantem srok jeung bari bingung pikiran.
4. Sayang hawu henteu nyangka, yén batur enggeus baralik, panyangkana katiwasan, sugan layonna kapanggih, jeung dihantem disungsi, di nu buni di nu singkur, sanggeusna weléh néangan, Sayang hawu datang pikir, leuwih hadé kami gancang baé mulang.
5. Tina geus weléh néangan, rék diunjukkeun ka gusti, tuluy Sayang hawu mangkat, henteu weléh alak ilik, ka kanan sareng ka kiri, nya éta ngilikan batur, barina jeung gegeroan, gancangna baé geus nepi, kagét bengong ningal dayeuh kutamaya.
6. Kagéteun kabina-bina, pikirna asa ngimpi, jeung nénjoan imah-imah, kosong nepi runtang ranting, taya jalma sahiji, alak ilik ngalér ngidul, tuluy Jaya perkasa, ingeteun jangjina tadi, enggeus nyieun tatanda tangkal hanjuang.
7. Ti dinya tuluy ditéang, teu lila geus béh kapanggih, éta téh tangkal hanjuang, belegerna hirup hurip, ti dinya téh kapikir, tayohna téh Geusan Ulun, henteu ningali hanjuang, teu ngadeuleu kana jangji, abong-abong ka jalma bangsa urakan.
8. Manéhna datang pikiran, kakara manéhna indit, nénjo urut jalma budal, mapay ka kanan ka kiri, taksiranana sidik, pangkosong pada murubus, paranan ngidul ngétan, hantem dipapay disungsi, jeung papanggih jalma anu lalar liwat.
9. Ti dinya meuang carita, di gunung geus ngadeg nagri, nu budal ti kutamaya, beuki lila beuki sidik, ti dinya ganti pikir, Sayang hawu datang napsu, leumpangna beuki gancang, teu karasa jalan rumpil, kacaturkeun ka dayeuh luhur geus datang.
10. Tuluy baé ngadeuheusan, Geusan Ulun eukeur calik, dideuheusan ku baturna, Geusan Ulun kagét galih, barang rét katingali, tuluy digupay disaur, kocap jol kapayuneun, lahir bagéa aki, Sayang hawu tungkul heunteu ngawalonan.
11. Ngan tuluy baé unjukan, kunaon margina gusti, mana ngalih ti negara, ka nu luhur ka nu suni, eujeung sakieu rumpilna, pilahirna Geusan Ulun, nya dalah kumaha, ihtiar salamet diri, mending mubus tibatan badan cilaka.
12. Sanggeus kula meunang béja, yén aki kasambut jurit, teu aya deui andelan, kajaba aki pribadi, tuluy baé ngagidir, awakna Ki Sayang hawu, jeung bari piunjukna, kapan abdi enggeus jangji, nyieun tanda tangkal hanjuang nu nyata.
13. Upami éta hanjuang, nu didamel tawis tadi, rubuh atawa perang, komo mun paéh sakali, éta pertawis abdi, kasoran paéh ku musuh, tatapina kagét pisan, barang dongkap béh baé kapanggih, béh ditingal nagara geus burak pisan.
14. Bengong baé sajongjongan, teu aya jalama sahiji, ku hayang nanya sababna, dayeuh kosong runtang ranting, ti dinya datang pikir, boa hanjuang téh rubuh, tuluy baé di téang, barang béh istu walagri, heunteu robah hirup belegerna pisan.
15. Na kumaha katingalna, ku gusti waktu satadi, Geusan Ulun pilahirna, kami nya poho téh teuing, eujeung kaburu kapanggih, jeung batur aki nu tilu, anu tadi babarengan, ti dieu rék mapag carita, sadatangna ku kami gancang ditanya.
16. Aki Sayang hawu mana, mana henteu bareng balik, pihatur aki nangganan, sumuhun duka gusti, réh tilu opat wengi, abdi henteu tepang, dina saméméh mulang, sareng batur disarungsi, dilalahan dina urut perang téa.
17. Ieu ku batur tiluan, weléh baé teu kapanggih, manawina katiwasan, paéh katitih ku jurit, bangkéna disumput buni, saakal-akalna musuh, kami téh ka kabéh pisan, banget nya ngahelas ati, ngalenggérék sarupa anu kasima.
18. Leungit pikiran ihtiar, sarehing teu aya deui, anu dijieun andelan, kajaba aki pribadi, ti dinya datang pikiran, anggur gura giru mubus, ngingetkeun santosana musuh, nu garagah sakti, tangtu pisan ngaburu ka kutamaya.
19. Harita Ki nangganan, aya dipayuneun gusti, ti dinya Jaya Perkasa, napsu awakna ngagidir, ngejat ujung nyabut badi, jeung ngarontok bari numbuk, nu keuna Ki nangganan, geus teu bisa hudang deui, Ki nangganan paéh babar pisan.
20. Geusan Ulun jengkar ngejat, jeung lajeng nguncikeun bumi, ayeuna nu kacarita, ki Sayang hawu indit, kawas anu henteu éling, bari ngomong turun jadu, wates ieu ngawula, moal ngawula deui, nu gumela henteu pisan katarima.
21. Sakieu nya ngabélaan, sosoroh ngalebuh pati, angger ngagugu nangganan, manusa bohong jejerih, ngomongna bari ceurik, bari leumpangna téh ngidul, ieu téh panganggeusan, moal rék ngawula deui, kadunungan nu teu boga panarima.
22. Sayang hawu bari leumpang, ngeuwah napsu liwat saking, mayitna Aki nangganan, pinuh kabalur ku getih, kabéh pada careurik, reujeung pada ngagugulung, nu araya di dinya, geus teu kacaturkeun deui, Ki nangganan mayitna geus dikaluwat.
23. Ari Ki Jaya Perkasa, tonggoy atina sedih, tapi henteu kacarita, manéhna merenah cicing, ngan tahoyna henteu pati, jauhna ti dayeuh luhur, samalah ka carita, wasiatna wanti-wanti, talatahna kasakur anak incuna.
24. Pokna lamun aing ajal, teruskeun paménta kuring, kubur deukeut kayuyutan, rada béh kalér saeutik, jeung mangkéna mayit aing, dikuburna sina diuk, jeung ulah sina nangkarak, sabab aing henteu sudi, nyanghuluan ka lebah urut dunungan.
25. Saréhna ti kabuyutan, ngalér ngulon saeutik, kana palebah bumina, dunungannana nu tadi, jeung talatahna deui, kuburan aing …… papaduan ulah maké cara Jawa.
26. Anu kasebut batikan, totopong atawa samping, karembong jeung salianna, anu kangaranan batik, kusababna aing ijid, ka Jawa Cirebon musuh, saha anu ngamaha, kana ieu papagon aing, seug rasakeun mangké ayay babalesna.
27. Tepi ka jaman ayeuna, nu daratang ménak kuring, lamun jarah ka makamna, Aki Sayang hawu tadi, maké kangaranana batik, kudu bangsa nu ditinun, tapina jaman ayeuna, tara aya anu wani, jarah ka makam Jaya Perkasa.
28. Makamna Jaya Perkasa, rupana istu pasagi, teu siga makam nu loba, téténggérna gé ngan hiji, babasan malawading, tanda dikuburna diuk, sakitu caritana, ki Sayang hawu tadi, tedak catur aya nurun manurun.
1. Kacaturkeun nu keur pada sedih, Girilaya rawuh ponggawana, saeusi nagri Cirebon, réhna geus kapiunjuk, ku baladna para perjurit, nu kakara daratang, mareuntas ngarurug, ngarurug kutamaya, nu harirup pada mabur mariris, nu paéhna pirang-pirang.
2. Ku Girilaya enggeus ka galih, najan henteu sieun tatamplokan, ku pangeusi Cirebon, kutamaya dirurug, najan untung tapi kagalih, nyieun cua manahna, najan geus parabu, tapi éta Harisbaya, najan geulis réh papisah enggeus lami, dawuh ayeuna di nu lian.
3. Moal pegat mangké cua galih, Harisbaya masih tedak sunan, lain awéwé anu hadé, lakuna hina nusud, wani téga tinggal salaki, hina taya kawirang, Girilaya nyaur, ka anu ngadareuheusan, para ponggawa rawuh pangulu jeung patih, dawuhan Girilaya.
4. Ayeuna mah ku kami ka pikir, moal owél ku si Harisbaya, awéwé nu goréng haté, ngan inget ka sinuhun, di Mataram anu maparin, ngaranna gé ganjaran, ti Kangjeng sinuhun, pertanda kami kamanah, kumawula ngaranna pangkat bopati, tanpa raos kacida.
5. Lamun kami henteu gusal gasil, teu unjukan syukur kajadina, sumelang senang bebendu, siga teu sembah nuhun, ganjaran henteu dipusti, tur éta Harisbaya, alona sinuhun, nu ngadeuheus bareng nyembah, jeung tarungkul artina pada saredih, welaseun ka gustina.
6. Pihaturna pangulu jeung patih, kasinggihan pisan sadawuhan, awon teu kaunjuk baé, ungelna kitabna hukum, menggah lampah jalma muslimin, upami awéwéna, ka salaki nusud, najan sabaraha lilana, lamun henteu ditolak mah ku salaki, masih tetep tikahna.
7. Pilahirna ratu ka ki patih, ayeuna mah rék unjukan heula, patih geura milih baé, jalmana anu cukup, baris mawa surat ti kami, ka sinuhun Mataram, sina terus maju, mulangna mawa walonan, gancangna téh nu mawa surat geus indit, teu kacatur dijalanna.
8. Ka karaton Mataram geus tepi, sadatangna aya anu nampa, éta utusan Cirebon, kaunjuk ka sinuhun, jeung suratna bawa tapi, geus diaos suratna, ku sunan ka maphum, kantenan ngangres galihna, gancangna ka utusan Cirebon tadi, geus ditimbalan mulang.
9. Sinuhun suratna dipaparin, dua surat bawaeun manéhna, keur kabupati Cirebon, utusan terus lajeng, ka Cirebon geus datang deui, geus tangtu mulanan, lampahna nu mulang wangsul, kabatna ieu carita, gancangna téh dua surat geus katampi, ku Pangéran Girilaya.
10. Ma`lumna téh surat anu hiji, nu tujul ka Pangéran Girilaya, Yén sinuhun geus mangartos, nyieun ngangresna kalbu, pilahirna montong dipikir, tangtu papastén téa, ti Alloh nu agung, jaba kitu surat, anu hiji deui nya surat ti kami, kirimkeun ka Sumedang.
11. Tuluy nyaur pangulu jeung patih, pilahirna Pangéran Girilaya, hadé ku pangulu ku manéh, mawa surat sinuhun, utamana manéh pribadi, merlukeun mawa kitab, pasal bangsa hukum, lamun Geusan Ulun islam, kudu turut saungeling hadis dalil, anging lamun masih budha.
12. Gancangna téh pangulu geus indit, ti Cirebon ka nagri Sumedang, jadi tambah susah téh, kudu nanjak ka gunung, sésélékét jalanna rumpil, harita mimitina, ngaran dayeuh luhur, tuluy ngadeuheusan, gancangna téh ku Geusan Ulun ditampi, réh enggeus loma tadina.
13. Tuluy baé nurut sunan tadi, disanggakeun sanggeus sing ka candak, ku Geusan Ulun diaos, saunina kamampuh, panjang teuning lamun dipikir, hai Ratu Harisbaya, ka salaki nusud, ulah jadi papanjangan, ayeuna mah ku manéh tikah sakali, tapi beuli tolakna.
14. Ku panghulu disambungan deui, ku pitutur saunining kitab, ku Geusan Ulun kahartos, tuluy baé ngadawuh, ka panghulu kula geus ngarti, arék badami heula, jeung sabatur-batur, tidinya salah urang, para ponggawa panghulu reujeung papatih, cindekna geus kumpulan.
16. Geusan Ulun geus milahir ka patih, bapa patih kudu saraksian, rawuh panghulu Cirebon, sarehna kula ngingu, istri anu boga salaki, Nyi Ratu Harisbaya, ka salaki nusud, geus ninggalkeun salakina, teu puruneun manéhna balik deui, hayangna tetep dikula.
17. Ti ayeuna kaula téh jangji, saraksian ku sakur nu aya, rawuh panghulu Cirebon, réh Harisbaya nusud, tanpa pamit tinggal salaki, saayeuna manéhna, nu masih ka kurung, ku tikahna panebahan ratu, pambrih leupas tina salaki, rék dibeuli tolakna.
17. Tapi lain dibeuli ku duit, dibeulina ku tanah, ti Sumedang ngétan, ngalér kidul sirah Cilubang, turut sisi walunagn cai, tepi ka muarana, tepung jeung Cimanuk, ngalér terus ka segara, satadina wates tanah tepis wiring, Cirebon eujeung Sumedang.
18. Ti kidulna ti wates Cikijing, ngalér nanjak ka gunung Ciremay, terus ka gunung koromong, ngalér terus ka laut, méngkol ngulon sisi basisir, ti kulon sapanjangna, Cilutung Cimanuk, ningal ayeuna buktina, éta tanah pameuli tolak nu tadi, nya éta Majalengka.
19. Saapdeling anu lima distrik, kitu catur riwayat Sumedang, kocap panghulu Cirebon, tina geus hasil maksud, tuluy baé pamitan balik, teu kocap dijalanna, ayeuna kacatur, Girilaya ngadagoan, ngarep-ngarep teu pegat beurang peuting, mang panghulu téh datangna.
20. Girilaya harita keur linggih, rék ningali panghulu jol datang, kalangkung manahna kagét, bengong ningali penghulu, panghulu téh nyembah ngabakti, gancang dipariksa, tuluy kapiunjuk, dina salaku lampahna, ka Sumedang nepi kana ninggang hasil, nya éta kanugrahan.
21. Girilaya banget suka galih, meunang tanah sakitu legana, tambah jajahan Cirebon, tina kasiwuh mujur, tuluy baé Kiyai patih, ngumpulkeun ponggawana, dipayuneun ratu, gancangna téh didawuhan, sakabéhna cara nu disebut tadi, di Cirebon tambah lega.
22. Sigeung anu eukeur suka galih, Girilaya awit manggih duka, saréh garwa ta ngalolos, saayeuna geus lipur, sakumaha kasebut tadi, duka gantina suka, caturna pitutur, galih, ngagarwa ka Harisbaya. ayeuna nu kacarita, Geusan Ulun geus tetep sugema
23. Ayeuna caturkeun deui, Raden Emas Pancawara téa, nu tinggaleun di Cirebon, geus lila tuluy nyusul, ka rakana numutkeun galih, harita Harisbaya, geus di dayeuh luhur, Pancawara manggih geunah, bumen-bumen tetep heunteu mulih deui, malah tedak-tumedakna.
24. Ayeuna anu dibalikan deui, Raden Harisbaya sasumpingan, ka Sumedang eukeur bobot, saharita kasebut, ngadengna geus dua sasih, tina rada geus lawas, jadi ninggang waktu, itungan nu ngandek téa, lajeng babar wilujeng anu pinanggih, jeung pameget putrana.
25. Geusan Ulun langkung suka galih, kitu deui Ratu Harisbaya, dimomong murangkalih téh, anggepna Geusan ulun, pangraosna putra pribadi, mangké dina ageungna, namina disebut, Raden Suriadiwangsa, kacarita Geusan Ulun lami-lami, putraan baranahan.
26. Ari putra nu sepuh pribadi, enya éta putra Harisbaya, diahirna nu ngagentos, kang rama Geusan Ulun, kalungguhan jadi bopati, nurun jenenganana, ngaganti jadi bopati,…………sawafatna ramana.
27. Lambat-lambat jumenengna bopati, Geusan Ulun nepi kasepuhna, kacatur cindekna baé, Geusan Ulun téh pupus, dugi ajal di jaman, ahir nya kitu Harisbaya, kacatur geus pupus, teu pajauh ti rakana, ninggang kana basa awét laki rabi, tepi kanganggeusanana.
1. Makam Geusan ulun tadi, rawuh makam Harisbaya, teu pajauh tempatna téh, saban nu jarah sadaya, kampang kaduanana, urut kota dayeuh luhur, nya éta di dinya pisan.
2. Ayeuna malikan deui, turut uninga sajarah, garwana Geusan Ulun téh, kakocapkeun aya dua, disebut jenenganana, nami Nyimas Gedeng Waru, putrana susunan pada.
3. Ti dinya putrana deui, pameget ogé putrana, anu mangké ahirna téh, anu ngaganti rakana, bupatina ti Sumedang, dina sajero disebut, Pangeran Rangga gede téa.
4. Putra Geusan Ulun tadi, nu aya dina sajarah, heunteu dikocapkeun kabéh, tatapi tedak tumedak, réa pisan nu rundayan, ieu mah anu kacatur, ngan éta baé nu dua.
5. Ari rakana nu tadi, anu ti Harisbaya, teu lila jumenengna téh, miturut caritaan mah, wafatna gé di Mataram, keur séséba ka sinuhun, jeung ninggalkeun dua putra.
6. Duanana putra istri, henteu mulang ka Sumedang, tangtu aya rundayan téh, sareh Pangeran Sumedang, kocapna di Mataram, dipiasih ku sinuhun, kongas kagagahannana.
7. Dalah nepi ka kiwari, henteu pegat caritana, jeung kasebut makamna téh, di desa Bembem ayana, taya anu pada jarah, ku urang dinya disebut, makamna kasumedangan,
8. Réa pangagung ningali, di Solo reujeung di Yogya, éta pangeran Sumedang téh, wafatna nya di Mataram, nalika jamanna kuna, éta riwayat saistu, pantes lamun dipercaya.
9. Ayeuna malika deui, bopatina di Sumedang, Kangjeng Pangeran Ranggagede, geus putraan baranahan, jeung kami jumenengna, ngalihna ka dayeuh luhur, kawetaneun kutamaya.
10. Ngarana sisi cai, lega lempar lalahanna, ka kurilingan Cipeles, rapet ka kota ayeuna, sabeulah kalér wétan, malah kaitung kaasup, sisina kota ayeuna.
11. Ayeuna malikan deui, supaya sakabéh terang, satadi babad Cirebon, teu bisa laju jalanna, kuloneun lembur godang, kapegat ku gunung batu, jeung ngadadak maruriang.
12. Ari gunung batu tadi, nya gunung Cariyu téa, tepi ka sisi Cipeles, sakuloneun lembur godang, dalah jamanna ayeunna, ku jelema diserebut, yén sanget loba jurigan.
13. Malah-malah geus kabukti, caritana nu ayeuna, dina waktu baréto,tahun lima puluh dua, baris dijieun jalan, mimiti ti Karang Sambung, anu terus ka Sumedang.
14. Tatapi teu kungsi jadi, dina mangsa harita, timbanganana gupernemen, teu acan perelu pisan, tatapi dina taunan, sarébu dalapan ratus, jeung tujuh puluh dalapan.
15. Harita dipaju deui, neruskeun ngaganti jalan, nu ti Conggeang ka Tomo, diatur ka watersetat, nurutkeun jalan baheula, nyorang gunung Cariyu, deukeut lembur Godang téa.
16. Negarana sisi cai, lega lempar lalahanna, ayeunana Tegal Kalong, rapet ka kota ayeuna, sabeulah kalér wétan, malah kaitung kaasup, sisina kota ayeuna.
Tidak ada komentar
Posting Komentar