Pangalaman Nyata Pun Bapa R A Sukarsah (alm) Nuju Sakola STMN di Ciamis


Ieu mangrupikeum pangalaman pun Bapa R. Acah Sukarsah nyalira nalika sakola STM di Ciamis taun 54-an da STMN di Sumedang oge teu acan ngadeg.

Pangalaman aheng pun bapa eta nu dicaritakeun mun pun bapa ngomean heurap atanapi ngalereskeun bedil angin dina bangku kuring keur SMPN 2 Sumedang keneh, da karesepna pun Bapa mah lintar sareng bebedil.

Pun Bapa (R.Acah Sukarsah) mimitina guguru spiritualna kualatan kieu :  Pernah dina hiji mangsa pun Bapa nonton samacam Bangreng (hiburan Tradisional Ciamis) di tempat Hiburan Rakyat eta pun Bapa pependak jeung hiji Wanoja Geulis, ngan dasar kitu tea eta Wanoja geulis teh dideukeutan ku pun Bapa (alm)..tos bubaran hiburan teras pun Bapa teh diajak ku Wanoja Geulis eta ka hiji tempat anu kacida  Agreng...siga istana (meureun dina titingalian harita), teras diajak ngendong di eta tempat nu di kamar anu arendah katinggalna harita nu siga tempat sare anak puteri Raja da di eta tempat seueur emban2na, sagala dilayani...teras weh ngan moal dicaritakeun belah dieuna na mah di sensor...

Ngan ari gugah kinten-kinten tabuh 10 beurang nyampak teh ceuk carita pun bapa salajengna aya dina tangkal anu Badag pisan di tengah Rawa Lakbok (tempat onom tea). 

Pun Bapa teu tiasa turun margi aya ditengah-tengah rawa.. teras pun bapa teh jojorowokan tulung-tulungan .nya kadangueun ku warga..ngan warga oge teu sanggemeun ngalangkungan rawana harita mah da masih jero tur loba.(ayeuna mah rawana oge tos loba paimahan jeung jaradi sawah..rawana mah geus teu aya). 

Harita teh aya hiji sesepuh nu tiasaeun nulungan pun Bapa kaluar tina Rawa lakbok eta. Teras wae eta sesepuh teh di piguru spiritual ku pun Bapa. Ti harita pun Bapa diwaris elmu spiritual tur diwaris maung ingon-ingon goib keur jaga diri, (cirina anu di waris ingon-ingon maung dina caket udeulna aya samacam daging jadi teuas, tapi sanes daging jadi). Da pun bapa nembongkeun cirina eta dina palebah patuaganna) Eta ingon-ingon Maung hyang (Jin) oge tara disuguh nanaon ku pun bapa teh atawa sugan pun Bapa kasurupan siga jalma kiwari loba api-api kasurupan ku maung Goib.

Malah bibi mah sering ninggal aya 2 maung deukeut Hawu ene Mas inten baheula nu ayeuna mah eta Hawu dapur teh janten toko mebel Monalisa, da diekseskusi kunu madukeun ku turunan Pa Djawi jeung mafia peradilan, padahal mah sanes hakna da pa Djawi mah teu boga putra. 

Nu sabenerna harta bagean Nini NR. Samsiah putrana Uyut Entjoh Bin Somaatmadja Soerialaga, anu diatasnamakeun ku Pa Jawi. Ari Nini NR. Masinten raina NR. Samsiah, sami-sami putrana Uyut Entjoh bin Rd. Somaatmadja ngan beda Indung. 

Pun Bapa disakolakeunana ka Ciamis teh ku Nini NR. Samsiah da pun Bapa mah diurus ti leleutik ku Nini NR. Samsiah, rakana pun Nini Mas Inten ngan benten Indung anu sami-sami putrana Uyut Entjoh Soerialaga Bin Somaatmadja Soerialaga (Bao Baja / Bao Soma).


Baca Juga :

Tidak ada komentar