Makam Karamat Punclak Damar Cisema Paku Alam Darmaraja

Mun urang arek ka Punclak Damar ngaliwatan Situs Karamat nu aya di Jalan Pertigaan Situs ieu masih misteri sajarahna, tina hasil telaahan situs ieu mangurakeun panto gerbang (tugu) ka arah situs-situs nu aya di Punclak Damar jeung ka arah makam karamat Desa Cipaku anu tos sabageanna eta situs-situs kabuyutan teh, ka keueum ku Bendungan Jatigede.



Makam karamat Punclak Damar pernahna di Kampung Cisema Desa Pakualam Kecamatan Darmaraja. Punclak hartina puncerna Pasir atawa Gunung, Damar nyaeta cempor atawa ajug pikeunnyaangan, sasmita Punclak Damar nyaeta pikeun  nyaangan nu poekeun (palita).

Kalereunana Kampung Baros wates Desa Pakualam - Desa Cisitu, landeuheunana aya Cikahurifan nyaeta cai rembes tina sela-sela gunung ngamalir ka handap nyangkrung dina sumur serepan kalayan digunakeun pikeun nawajuh nu ngelmu kabatinan. Sawetanneunnana walungan Cimanuk di dinya aya patilasan Ciungwanara ngamandian Hayam (Si Jalak Harupat).  

Situs Makam Punclak Damar dibatasan ku benteng alam mangrapukeun lerengan. Sisi beulah kaler jeung wetan ngabogaan kamiringan taneuh kurang leuwih 60 darajat, sedengkeun sisi beulah kidul rada rata nu kamiran taneuhna kurang leuwih 15 darajat. Sisi ieu digunakeun pikeun jalan asup ka kompleks Situs Makam Punclak Damar.  Sisi beulah kulon mangrpakeun lerengan anu kamiringan taneuhna kurang leuwih 10 darajat.

Teu jauh ti eta patempatan makam teh, kiwari jadi salah sahiji tempat rekreasi anu rame nu aya di pinggiran Bendungan Jatigede, aya warung-warung laleutik tempat tuang jeung balakecrakan jeung kulawarga, nu jadi salah sahiji panghasilan masyarakat nu aya di eta patempatan, kitu deui tempat nyawang ti kadeukeutan kaayaaan Bendungan Jatigede khususna di Kampung Cisema Desa Pakualam Kecamatan Darmaraja.







Lokasi Makam Situs Punclak Damar

Jalan Satapak Ka Arah Makam Situs Punclak Damar kampung Cisema Desa Paku Alam Kecamatan Darmarja

Jarak ti puseur kota Kacamatan Darmaraja kurang-leuih 5 Km, jarak ti Ibukota Kabupaten Sumedang kurang-leuwih 27 Km. Di dinya pisan tempat sumarena Resi Patangjala Seda nu sok disebut Mbah Etol. 
Makam Mbah Entol bentukna pasagi panjang disusun ku batu alam bentukna pasagi. Makamna ngarah ka kaler jeung ka kidul (ngaler - ngidul).  Makam ukuranna kurang leuwih 1,8 x 1 M tapi teu make batu nisan. Tokoh ieu dipercaya nu mimiti ngabukbak di Desa Paku Alam.

Gedengeunana aya makam Mbah Buyut Maja (Prb. Mandaleswara Salaka Buana Jaya) nu taya lian Suratama atawa Sang Manarah (Prb. Ciung Wanara). Nepi ka ayeuna pada ngajujug boh masyarakat nu deukeut atawa nu jauh, utamana nu ngadon tafakur.





1. Riwayat Singket Resi Patang Jala Seda
Patangjala Seda netep di suku Gunung Galunggung ngadahup ka Wulansari, ka itung puluhan tahun rumah tangga taya tanda-tanda ngalahirkeun turunan. Patangjala Seda tapabrata di gunung, datang wangsit lamun hayang hayang boga turunan kudu neangan lele bule. Ti harita Patang Jala Seda jeung garwana neangan lele bule ka unggal walungan tapi teu manggih-mnggih, tuluy mapay walungan Cimanuk ti hulu nepi ka hilir.

Anjog di muhara Cipaku walungan Cimanuk (Cisema) di dinya manggih lele bule, tuluy dipais, asak diasaan lajeng  ditambul ku garwana. Sakitu poe ti harita  Wulansari ngandung, kalayan netep di suku gunung. Pangna netep didinya salian ti  garwana keur ngandung ka semsem ku pihumaeun, ti harita wewengkon eta ditelahkeun Cisema.

Di dinya pisan Wulansari ngababarkeun orok pameget, diroro, diatik di didik, ngajanggelek jadi nonoman jenengan Manisri atawa Guruminda. Manjing umur  dua puluh taunan, Manisri diwirid pirang-pirang elmu ku ramana utamana elmu kapamingpinan jeung karohanian. Sanggeus dianggap ngawasa elmu lahir jeung elmu batin, diparentah ku ramana  ngamalkeun elmuna, lajeng Manisri ngajugjug karaton Galuh geusan ngabdi ka Raja Galuh Kawali, nu harita rajana Prb. Ciung Wanara (Rd. Suratama / Buyud Maja) putra Permana Di Kusuma (Permana Ajar Padang) ti garwana Siti Ningrum, Siti Ningrum taya lian Putrana Wira Dikusuma (Sunan Pamret) sareng Siti Putih.

Manistri lajeng dijantenkeun minantuna Prb. Ciung Wanara atawa migarwa Purbasari atawa Puspasari.

Sabada putrana ninggaleun Cisema, Patangjala Seda ngaresi di Punclak Damar, tur pada ngadegdeg ku jalma-jalma nu ngahaja guguru, murid-muridna diwirid elmu agama jeung Darigama, utamana elmu tatanen. Ti harita Patangjala Seda ditelahkeun Eyang Palita hartina mere caang ka nu poekeun.

2. Piwejang Resi Patangjala Seda
Dina hiji mangsa siloka kapal ngambang di darat bakal kalakonan ku incu putu ranjeun. Samemeh kajadian ranjeun kudu surti kana pirang-pirang parobahan jaman jeung kajadian alam. Parobahan jaman balukar kapinteran manusa siga manfaat tapi kurang mangfaat, siga alus tapi goreng, siga goreng tapi alus.

Galur alam hese ditangkis susah dihadang, sabab mangrupa perjangjian gaib jeung alamna nana pinasti bakal kapanggih eusina jeung apal kana kajadiannana.

Baca Juga :

Tidak ada komentar