Bahasan Makam Jamban, Makam Bagus Suren di Kampung Jamban, Desa Girimukti



Naha Bagus Suren nu makamna di Jamban Samoja Sumedang Selatan di tambihan kecap awalan Tu kawas urang Banten wae? numutkeun pun bapa mah kapungkur Bagus Suren mah asli ti Sumedanglarang, sanes ti Banten.


Pun Bapa R. A Sukarsah (alm) kapungkur sering nganteur T. Mulyadi (Ko Akoh) almarhum Panyingkiran caket bumi, ka makam Bagus Suren atanapi Sanggar Waringin, duka kumaha mimitina namina naha ditambihan awal Tu janten Tubagus Suren, da sanes ti Banten upami Bagus Suren mah,  Bagus Suren teh generasi ka opat ti rundayan Prabu Pucuk Bumi Darma Swara Kerajaan Sunda Pakuan  abad ka 795 - 819 Masehi.   Tinggal dihandap silsilahna.

Yuda Prawira migarwa Nyi Oneng Siti Romlah, puputra : Bagus Suren atanapi digelaran Sanggar Waringin, diperkirakeun anjeun nu ngabantos senapati Karaton Sumedanglarang dina jaman Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan).

Silsilah Bagus Suren

Generasi ka 1

Prabu Pucuk Bumi Darma Swara Kerajaan Sunda Pakuan  abad ka 795 - 819 Masehi migarwa ka Ratu Alhae Sakti, puputra :
1.  Jaya Sumpena
2.  Marta Dipraja
3. Raden Gedeng Waru (Kuntawisesa), migarwa Sari Rohniati (Sari Anten), putrana Abilah Mustopa sareng Tira Maya 
4. Surya Manggala (Mulya Surimu), migarwa Siti Nurbaeni, putrana Abilah Mustopa sareng Tira Maya.

Generasi ka 2
4. Surya Manggala (Mulya Surimu),  migarwa Siti Nurbaeni, puputra :
4.1. Yuda Prawira
4.2. Jaya Prawira 

Generasi ka  3
4.1 Yuda Prawira migarwa Oneng Siti Romlah, puputra :
4.1.1 Bagus Suren (Sanggar Waringin)


Cag heula.

Baca Juga :

Tidak ada komentar