Kabiasaan urang sunda, kalimat awal anu diucapkeun lamun manggihan babaturan atawa dulurna, sok ngucapkeun "Sampurasun", dijawab kunu didatangan teh ku kalimat "Rampés",
Boh kitu deui dinu acara kasundaan resmi atawa acara nu ku basa indung (Sunda) sering diawal bubuka nu pidato ngecapkeun Sampurasun teras diwaler Rampés atanapi Rampésan. Bari duka apaleun atawa henteu kana harti anu sabenerna tina éta kalimat teh.
SAMPURASUN ngamaknaan Sampurna Rasa Ingsun (Anjeun/Kuring), RAMPES atawa RAMPESAN hartosna nu Sampurna (Anjeun/Kuring), nyaeta nilai kahadéan/kaalusan nu disampekeun ku manusa nu sampurna nu keur niti harti, niti surti, niti bakti, niti bukti, niti kasajatianna. Salaku manusa sunda tangtuna mibanda ajen-piajen ka sasamana atawa adab-adaban kaarifan lokal (local genius).
Sabab nilai kahadéan/kaalusan nyaeta bentuk tina nilai ka-Tuhan-an, kukituna sora kahadean bentuk sora ka-Tuhan-an oge.
Hal ieu tiasa disimak tina pernyataan "Sabda ing Pandita, sabda ing Pangersa" nu ngarupakeun bentuk siloka tinu panyataan Sampurasun jeung Rampés.

Tidak ada komentar
Posting Komentar