Carita Ngahiyangna Pajajaran - 17

Tapi, amun urang Sunda deuk sagala nunda deui nunda baé, sagala gala deuk ditanggowan baé, mantak Bangsa Sunda cara batu paluncatan. Beuki ngalelep beuki ngalelep ditarincak ku sakur anu laluncat. Bangsa Sunda mudu timbul deui! Tapi lalakon urang Sunda panjang kénéh! Amun kabéh ditunda tunda deui iraha atuh piangeuseuna? Ayeuna mah anu panjang urang teukteuk. Anu pondok urang congoan. Anu heureut urang tileupkeun. Beusi kaburu beurang. Pamali! Mantak kapuheulaan mantaré ku nini-nini nundutan kénéh, anu kiih kasalahan. Baruk inyana meureun conggang, ari horéng, keuna sungut aki-aki nu keur kérék bari nyalangap.

Urang tuturkeun deui baé Si Léngsér anu leumpang deui panghareupna. Sabab inyana mudu térus baé nyacar, nyaangan jalan nu masih kénéh mudu disorang ku urang Pajajaran jaman harita.

Ku urang Pajajaran jaman kiwari, ku sakabéh urang Pajajaran nu tingsalindung dingaran Sunda. Leumpang Si Léngsér maju ngidul, rada ngidul rada ngétan. Nya engkéna téh anjog ka palabuhan anu lega, apluk aplukan lega jasa. Ngan heureutan anan tegal Si Awat-awat di lebahan anu upluk-uplak jeung legana satungtung deuleu. Loba gunung eujeung pasir, loba leuweung jeung tégalan. Saling-saling sésélangan.

Ceuk urang Pajajaran : "Léngsér! Aki! Bapa! Urang téh lebah mana? Asa rarasaan cara di urang?"

Ceuk Si Léngsér : "Karuhan! Taneuhna leuweungna jeung gunungna jeung sakabéh anu kadeuleu emang géh urang nu boga".

Ceuk urang Pajajaran : "Ku naha atuh séjén rarasaan?"

Ceuk Si Léngsér : "Sabab ieu taneuh, ieu téh taneuh warisan. Urut baheula Sang Hiyang Ciung Wanara jeung Sang Hariang Bangah, saling awaskeun ti kajauhan. Méméh galungan di sirah Ci Kangsa, tah éta téh  sabab sababna ieu taneuh disébutna taneuh Jampang".

Laju nanarindah deui, aya anjog engké téh  ka hiji curug. Reg kabéh pada ngarandeg, lain ngarandeg deuk rareureuh. Tapi lantaran, Raja urang ngadak-ngadak ambek rosa.

Ceuk Raja bari ambek jeung popolotot, popolotot molototan ka sakur nu kadeuleu ku mata. Raja : "Pikeun nahaeun ngaing jadi Raja. Ari hanteu boga Nagara mah? Ngarah naeun ngaing leuleuweungan, leuwih hade perang deui".

Ceuk Si Léngsér : "Kapiran! Anggur pikir sing lantip! Naeun pibatieunana, amun perang ninggang di éléh deui? Sabab perang Gusti lain perang lantaran wani, tapi lantaran kajurung napsu dipadaya ku amarah".

Ceuk Raja : "Ngaing deuk mulang deui mapag musuh nu nyarusul, sabab mun Nagara teu dirébut deui moal deuk ku ngaing kabogaan deui".

Ceuk Si Léngsér : " Ulaaaaah Gusti ulah! Balad urang kari sakieu. Tapi musuh balad arinyana tambah loba, sabab arinyana mah lain baé perang maké gobang, tapi bari ngawur ngawur duwit éjeung jangji, ngabéngbat somah anu élodan. Kiwari musuh téh tilok jaya musuh téh. Moal deuk buntu saumur umur?"

Ceuk Raja : "Eudeuk jaya eudeuk apes, Ku maha ngaing baééé. Tapi Nagara kudu direbut deui".

Ceuk Si Léngsér : "Heueuh ngarti ngartiii, Tapi déngékeun, méyong téh gagah najan galak, tapi najan gagah najan galak, tara maung deuk ngahaja campurkeun pibaheulaeun nu inyana nyaho. Tilok eudeuk maung asup keuna gorogol, amun inyana nyaho keur ditaheunan.? Yeuh déngeukeun! Najan dia nu jadi Raja, tapi hanteu kudu balad urang anu ngan kari sakieu sina pararaéh dina mélaan anu lain bélaaneun deui. Gusti déngékeun! Mémang dia nu jadi Raja, mémang dia sagala wénang. Tapi éta kawénangan aya wates aya wayah. Lain di wayah eukeur kieu kudu dia sakarep-karep. Sapédah dia nu sagala wenang. Balad urang téh  kari sakitu, tuh deuleu. Kari sakitu! Ulah dia nurutan peusing, bener sireum sahunjur lobana mangjuta juta, ku peusing sahiji mémang bisa lédis. Tapi sing inget. Kumaha awakna peusing, Kumaha awakna sireum? Sakumaha gedéna peusing. Sakumaha leutikna sireum? Eujeung ulah poho anu Nunggal Maha Agung geus ngamudukeun, moal peusing hiji eudeuk paéh ku sireum loba sajuta. Gusti! Nagara Pajajaran Tengah téh ngaran Nagara urang di jaman baheula. Ari légana mah sakitu kénéh sakitu kénéh. Ti darat datang jauh ka téngah sagara. Tah éta kabéh téh boga dia kénéh dia baé. Urang nyabrang. Urang ngadegkeun deui dayeuh di nusa larang. Pikeun nanggowan wayah, asak samangka beulaheun lima".

Tunda! Paralun Raja!

Baca Juga :

Tidak ada komentar