Carita Ngahiyangna Pajajaran - 16
Lajeung batur! Urang mah, urang lajukeun nuturkeun Si Léngsér anu anggeus turun laju unggah deui. Turun gunung unggah gunung, asup leuweung kaluar leuweung. Laju arunggah deui keuna gunung di beulah wétan, beulah wétan nyécép tiis, mani tiis najan tangari. Urang Pajajaran ararunggah, runghap-runghap bari tiris, api aus teu eureun eureun. Laju saban reureuh nginum deui nginum deui! Datang kabeuteung arinyana barungkiyang.
Lajuna mah sakabéh teu eureun eureun pada harayang kiih baé. Laju karariih! Karariih sabari nagog! Karariih sabari nangtung! Karariih sabari leumpang! Karariih teu kaburu nyingsat- nyingsat acan. Nya karuhan ngariihan samping di jéro samping.
Ceuk urang Pajajaran : "Léngsér! Bapa! Aki!"
Ceuk Si Léngsér : "Kariih mah kariih baé!!!"Montong teuin sabari nagog, sabari leumpang géh bisa. Ngan mudu leumpang sabari ngagégang. Eujeung birit teu kakiihan".
Gunung urut urang Pajajaran karariih baé, kiwari aya kénéh ngarana géh gunung bésér.
Ceuk Raja : "Léngsér! Ulah turun gunung unggah gunung baé atuh. Ngaing bisa bégkok dina cokor, bisa bengking dina tuur, eujeung béngkok tina bobokong. Yeuh, ngaing nyéri cangkéng reureundahan. Nyiar atuh jalan anu rata".
Ceuk Raja : "Léngsér! Ulah turun gunung unggah gunung baé atuh. Ngaing bisa bégkok dina cokor, bisa bengking dina tuur, eujeung béngkok tina bobokong. Yeuh, ngaing nyéri cangkéng reureundahan. Nyiar atuh jalan anu rata".
Ceuk Si Léngsér : "Gusti! Di ieu jagat mah euweuh nu rata. Aya géh rata-rata. Rata-rata pada sarakah. Ti gunung bésér urang Pajajaran nararindak rada ngidul. Nya anjlog ka sisi walungan. Lébahan wahangannana mémang lega jeung ngocorna kenceng jasa".
Ceuk Raja : "Kumaha...?"
Ceuk Si Léngsér : "Kieu...Laju gawir sabrang wétan anu kidul diratik ku Si Léngsér abéh wahangan teu lega teuing, sina mahi heureut pieun nyabrang. Laju nyarabrang, tapi saban nyabrang laju baé pada katarik cai. Anu nyedot cara cai dipamonténgan, sabab wahangannana jadi heureut. Nu nyarabrang katarik cai, tapi euweuh saurang géh anu palid sabab sakur aya nu eudeuk ngaléyong ngagaléyong, ku batur batur geuwat ditarik".
Ceuk Si Léngsér : "Amun kieu baé mah saban saban katarik baé cai, moal eudeuk urang bisa datang ka sabrang. Laju inyana ngagulutukkeun batu gedé, nu gedéna gedé jasa. Sok di tengah-tengah wahangan".
Ceuk Si Léngsér : "Luncat batur luncat! Nyabrang téh bari laluncatan! Nya kabéhan pada laluncat, cara lutung laluncatan. Anggeus kabéh pada nyabrang, Si Léngsér eudeuk mulangkeun batu ka urutna, laju mapatkeun ajian".
Tapi hanteu engeuh tadi téh eukeur nantung di sabrang kulon anu kalér. Ari ayeuna inya aya di gawir sabrang wétan anu kidul. Atuh najan ajiannana bener wayah mapatkeunnana bener, tapi ari nyanghareupna hanteu bener mah atuh kajadiannana téh hanteu bénér.
Lain batu unggah deui ka urut dina gawir sabrang kulon, tapi batu-batu nyuruntul ngudag. Si Léngsér dina gawir nu beulah wétan. Ku ajian salah nyanghareup, lain gawir wahangan nu beulah wétan anu mundur
Ari Si Léngsér? Lantaran nepak dina ajian, inyana mah hanteu kabawa mundur dina gawir. Tapi, gujubar baé ragrag ti gawir nu eukeur mundur. Batu gedé nu nyuruntul di cai nu ngocor kenceng. Geus parek jasa ka Si Léngsér. Reg! Ceuk Si Léngsér, batu téh laju ngarandég.
Laju ceuk Si Léngsér : "Ayeuna kieu. Cicing sia didinya pieun teteger ka anak incu jadi panuduh ka nu narineung, nu narineung ka Pajajaran".
Isukan baréhing pagéto lebah dieu bakal jadi situ hiyang, engon sia nanggowan wayah boga ngaran batu nunggul. Engké dina jaman Uga Uga Ngawaruga, sia mudu timbul deui. Sabab anggeus wayah bakal muka panti ka gedong, ramé masar di palabuhan.
Tunda! Urang tangowan mukana panto pikeun nempo ka palabuhan anu ramé ku pasaran. Boa-boa Jatigede jiga kieu ning jagana palias jeung cadu. Sawidak geuning jeung ugana tempat nu lain ge geus kabuktian.
Post a Comment