Naskah Kuno: Medang Kamulyan

Ini adalah sebagian Naskah Kuno "Medang Kamulyan" atau babon Manusa, yang berisi asal-usul manusia pertama yang ada di Darmaraja Sumedang, dari sejak jaman nabi Adam a.s, Nabi Sis a.s dan nabi Nuh a.s sampai dengan prabu guru Aji Putih. Juga berisi asal kata Cipaku yaitu peringatan banyaknya pohon paku di tempat ini, setelah banjir bandang menenggelamkan dunia akibat mencairnya es.

Isi sebagian Naskah Medang Kamulyaan:
Bagenda Sam jeneng Ratu di Karajaan Medang Larangan anu Karatonna di Cipta ku Nabi Sis Alahis Salam, di Cai Paku satutasna surutna Cai Sagara ngeueum Alam Medang Kamulyan. Ari disebut Cai Paku ieu mangrupa pengeling-ngeling ieu tempat anu geus orot tina cai sagara, loba tangkal Paku ku ayana prahara alam Medang Kamulyan ka keueum ku cai sagara...Bagenda Sam ngabogan 3 urang kapepetengan di Karaton Medang Larangan jujulukna Tri Tunggal isun Cakra Buana, kakasihna Bambang Somatri, Bambang Suradilaga, Bambang Sidaksina.

Rundayan bagenda Sam...uyut semar nitipkeun batu wulung ka Aji Putih teh megar

Karajaan Medang Larangan anu ngageularkeun Manusa Linuhung turunan tapel Adam - Siti Hawa, jeneng Ratu di Karajaan Medang Larangan ngalalakon Darma Pancen gawena ti Gusti Allah Taalla jadi Ratu ti Alam Medang Kamulyaanm seterusna disebut "Darmaraja", sabenerna sabagean tina hirup huripna rundayan ti Saidina Anwar ngabogaan turunan ratu di Karajaan Medang Larangan.

Karaton medang larangan nu ngarundaykeun karajaan sumedang larang, pakuwan galuh, padjadjaran  anu ngeus nyata bukti dijadikeun catur ngadadarkeun Sajarah Pasunda anu teu ka lacak nepi kaluluhurna. Nya ayeuna baris di sawalakeun saujdratna sangkan ulah ngatog ngeunaan keterangan anu geus aya dina kitab Waruga Jagat, ngabejakeun yen Raja Sumedang baheula asalna Nagara Ceylon anu katelahna ayeuna Sailan/Srilangka  ieu kabeh beja oge salah! Sabab mudu nyaho dimana lungsurna tapel adam jeung siti hawa ka alam medang kamulyan merenahna di mana, Sang idajillaknatullah dimana lungsurna, kudu dibuktikeun kalayan nyata tina katerangan anu geus aya dina kitab sajatina Allah Ta'alla dina raga awak sakujur! 

Karaton Medang Larangan, saumur jeung alam medang kamulyan ngadeg salungsurna tapel Adam jeung Siti Hawa, katut Sang Idajil laknatullah ti alam Wahdiat anu jadi Alam Medang Kamulyan, Alam Jagat Kabir Alam dunya rame, Alam Buana Panca Tengah.

Mancen Gawe Darma Lakone raga awak isun manusa ing Alam Buana kalih maring Alam Medang Larangan pancen gawene ira Rasa Allah Ta'alla, maring turunane ipun sayyidina Sis Alahis Salam, kang datang dawuh daulat daksa lan darma lakone ing alam dunya Medang Larangan dadi Ratu ing alam jagat buana, kalih kang metu satungal lanang turunane ira sayyidina Sis Allahis Salam, arep adadi Ratu Adil Cakra Buana Panca Tengah saking kraton Medang Larangan.

Ing Kakasihe Ipun Batara Tungtang Buana, ipun arep medal Darma Lakone ing gawene ider jagat alam buana tengah nuli Alam Jagat Raya semesta kang sedaya isine ipun ing Riksane lan ajagane ira sakehe isine Alam Jagat Raya Semesta, Ipun mung satunggal rasa slirane, ipun alanglang alam buana, kang iringe kang pitu ing satunggal sato kuda ing ireng raga awake ira si dugul arane ipun kalih Tri Tunggal Lanang, Isun ider Buana Adadi Kanca Satiane, ipun Batara Tungtang Buana Alanglang Buana Panca Tengah Darmaraja.

3 urang putra Guru Aji kakasihnya Guru (H)aji Putih, Ratu Komara, Ratu Ajar Sakti. Ari Ratu Komara senah lunta ka kidul ku uyut semar titah ngababakan deukeut Panjalu belah Kaler Kulon. Sedengkeun Ratu Ajar Sakti sina lunta ka tuntung kulon Nusa Jawadwipa ngababakan di Ujung Kulon. Sedengkeun Guru (H)aji Putih dibere tugas jeneng Ratu Tatapa di Gunung Sangkan Jaya salila 3 taun, sabab 3 dulur sakembaran ieu nu 2 urang nyatana anu cikal jeung anu bungsu teu daek boga geureuhna. Nya Guru Haji Putih tatapa di Gunung Sangkan Jaya salila 3 taun. Rengse tatapa diangkat jeneng Ratu di Karajaan Medang Larangan tapi gelar kaprabonan dirina teu dipake.

Bagenda Syah batari pohaci,  gaduh 4 putra lanan, nyaeta :
1. Prabu Haji Aji Putih (Ratu Aria Manah Wening)
2. Ratu Kandaga Buana
3. Ratu Ajar Ajian
4. Prabu Kancana Buana


Ngan saatos nusa dipa robih jadi jawa dipa nyokot ngaran tina jaman dewa (jawa). Nu ngaratuan atos gentos nya Ratu Guruh Deweh bareng jeung dulur sabrayna Munding Laya dikusumah jeung asih terus nyipta putra lanang kakasihna Guru Ajian. Ieu lalakon saatos jaman wayang eusina jamus kalimasadah.

Sabda Allah taala pikeun umat manusa anu baris tetep renggenek cicing di ieu tempat kudu bisa. Mahing naon nudi pahing tina sabda Allah, hususna pikeun umat manusa turunan  sayyidina Sis Alahis Salam anu aya di Nusa Dipa aya karaman datangna ti sang Idajil laknatullah katut incu tuturunanna di nusa dipa jadi ajang karamean satutas ngadeg karajaan maniloka di jonggring salaka di puncak Semeru. Nepi ka loba korban jiwa manusa nu te tuah teu dosa ku ayana kasarakahan raja Alengka mimiti ngaco dina sagala rupana.


Catatan : Ini hanya sebagian isi Medang Kamulyan/Babon Manusa yang semuanya ada 334 halaman
============================
Sumber : Pangawung Rangga
Dusun sukajadi desa neglasari kec. Darmaraja. Rt 004/003. Bapak Idik/Dela Sumedang

Baca Juga :

Tidak ada komentar