Nyaritakeun Luluhur Kampung Dukuh Pameunpeuk Garut

Sampurasun

Kisah dikawitan dina taun 1601 Prabu Geusan Ulun ngantunkeun anu salejengnan digentos ku putrana Pangeran Aria Soeriadiwangsa (Rangga Gempol), dina masa Aria Soeriadiwangsa kakuasaan Sumedang Larang di daerah tos nyirorot turun sareng Kasultanan Mataram ngaluaskeun wilayahna ka sagala panjuru tatar jawa dibelah kulon Banten, Cirebon kalebet ka Sumedanglarang.

Photo 1. Di Kampung Dukuh Kecamatan Pameungpeuk Garut

Dina waktu eta Sumedang larang tos teu gaduh kakuatan pikeun ngalawan nu akhirna Pangeran Aria Soeriadiwangsa sareng Pangeran Rangga Gede, disuhunkeun ku kasultanan Mataram pikeun nganyatakeun yen Sumedanglarang janten wilayah  vazal dina kakawasaan Kasulatan Mataram dina taun 1620 dina masa Sultan Agung.

Sembah Lebe Warta Kusumah teh putra lungsuran ti Bangsawan Galuh Pajajaran nu nikah ka Nyi Mas Ajeng Tanganziah lungsuran Wali Sanga nu kantos diutus Sinuhun Mataram tugas janten Ulama di Kabupatian Sumedanglarang dina masa Pangeran Rangga Gempol 2 dugi ka masa Pangeran Panembahan.

Mama Aang Cigentur (alm) rundayan Syekh Pamijahan, Syekh Pamijahan putrana Syekh Abdul Jalil (Sembah Lebe Warta Kusumah) anu janten kapala panghulu agama, nalika jaman Rangga Gempol 2 dugi ka Pangeran Panembahan.

Ngawitanana Sembah Lebe Warta Kusumah ti Pasantrenan Talaga anu umurna eta pasantrenan samawa sareng Pajamanan Pangeran Santri., ti dinya aya pasatrenan Buhun, teras anjeunna disuhunkeun / diangkat janten Kapala Panghulu ku Kasultanan Mataram di Sumedanglarang. Tapi aya oge nu ngisahkeun kaluaran ti Pasantrenan Mataram, duka mana nu leres?

Raina Syekh Abdul Jalil neraskeun janten kapala panghulu agama di Sumedanglarang makamna aya di Gunung Puyuh caket makam alihan Patra Kusumah dicaket tangkal di pojok mung makamna tos teu katinggal kumargi kalimpudan ku akar tangkal.

Abdi kantos kapilih dinya sareng kang Oos Supyadin,.nalika nyucruk rundayan Kampung Dukuh anu ngarundaykeun ka Pamijahan, Cikelet Pameunpeuk teureuh ti pun bojo, ka Cianjur Pasantrenan Mama Aang Cigentur jsb

Ngecagkeun kalungguhanana janten Kapala panghulu Agama (katerangan : mun kiwari mah sami sareng kapala Dinas Agama tingkat Kabupaten).

Sembah Lembah Warta Kusumah (Syekh Abdul Jalil), nalika anjeunna angkat ziarah ka Tanah Suci. waktos harita aya utusan ti Banten 2 jalmi, supados Sumedanglarang leres-leres tundukna ka Banten (catetan : ieu mah sateuacan peristiwa Tegalkalong), eta dua utusan teh ditelasan pati ku ponggawa ti Sumedanglarang piwarangan Pangeran Panembahan, miceun salasah sangkan teu apaleun pihak Banten anu tos tunduk ka Mataram.

Photo 2. Silaturahmi Lebaran Rundayan Cikelet Sareng Kampung Dukuh 

Pas dongkap wangsul ziarah ti Mekah Syekh Abdul Jalil ngadangu salentingan yen aya pasuruh utusan ti Banten anu mikeun surat ditelasan patina eta 2 utusan ti Banten teh anu ragana / jasadna saterusna dipiceun ka Cadas Pangeran.

Harita dina jaman Pangeran Panembahan, Pangeran Panembahan gaduh niat hoyong lepas tina vazal (bawahan) kasultanan Mataram, anu dina jaman Pangeran Rangga Gempol 1 (Soeriadiwangsa) teras Pangeran Rangga Gede dugi ka Rangga Gempol 2 Sumedanglarang aya dina vazal (wilayah) sareng tekanan wilayah kasultanan Mataram.

Kunaon margina hoyong bebas dina tekanan sareng vazal (bawahan) Mataram, dina jaman Pangeran Soeriadiwangsa, kaalaman Pangeran Soeriadiwangsa (Rangga Gempol), mung dianggo alat kakawasaan Kasultanan Mataram nalika meruhkeun Karajaan Sampang - Madura, harita oge Pangeran Rangga Gede ngiring ka Mataram malih samakta pasukan terlatih (Balad Sarewu) ti Sumedanglarang suwung dicandak ka Mataram kanggo meruhkeun wilayah Sampang - Madura, dugi ka kiwari aya rundayan Sumedanglarang di Mataram (Solo), mung Pangeran Rangga Gede wangsul deui ka Sumedanglarang, neraskeun kabupatian di Sumedanglarang.

Pangeran Soeriadiwangsa diangkat janten senopati di Mataram kanggo meruhkeun Madura aya 6 Karajaan di Sampang - Madura anu kedah tunduk dina mangsa kakawasan kasultanan Mataram, anu tilu mah tiasa ku cara dibadamian (damai) kumargi 3 karajaan eta aya kakaitan ti ibuna Ratu Harisbaya, nanging anu 3 karajaan teu tiasa diajak jalan damai nya akhirna eta 3 karajaan diperangan dugi kalami pisan. 


Tos rengse merangan 3 karajaan di Madura eta, teras pangeran Soeriadiwangsa wangsul ka Mataram, kumargi Pangeran Soeriadiwangsa tos ngaraos samaktha kakuatan sareng badami sateuacanna sareng lanceukna pangeran Rangga Gede, nya kagungan niat bade ngagulingkeun (makar) kakuatan kasultanan Mataram, eta berita kudeta teh kadangueun ku Sultan Agung, nya akhirna Pangeran Soeriadiwangsa dihukum, ngawitanana mah diadukeun sareng para senopati Mataram, nanging sadayana senopati Mataram teu aya nu mangapulia / kiateun ngalawan kakuatan elmu kanuragan Pangeran Soeriadiwangsa anu ngagaduhan kanuragan Pancasona taneuh ti Pajajaran (di Jawa katelahna Rawe Rontek, naha eta sabenarna elmu kanuragan teh ti tanah Pajajaran atawa ti Jawa?), nya akhirna ditelasan ku keris anjeunna nyalira badanna dibagi tilu (makamna aya di Lempuyang Wangi Solo), malih saleresna mah leungeunna oge dipisahkeun di kasultanan Surosowan Banten (simkuring kantos nyalusur ka Surosowan Banten sareng rerengan NKSL ka Banten waktos ngalacak batu panobatan Raja-raja Pajajaran).

Kiwari Atsar pangalihan Pangeran Soeriadiwangsa aya oge di Gunung Rengganis (Dayeuh Luhur) di area Makam ramana Prabu Geusan Ulun, kanggo kapentingan anu ziarah nyucruk laratan mapay rundayan karuhun, sangkan teu kedah tebih angkat ka Solo.

Ti harita kajantenan eta kabupatian Sumedanglarang hoyong leupas tina Vazal (bawahan) sareng tekanan kasultanan Mataram, dina jaman Pangeran Rangga Gede anu diteraskeun kuputrana Rangga Gempol II teu acan laksana eta paniatan leupas tina vazal (bawahan) sareng tekanan kasultanan mataram teh.

Ayeuna lajengkeun deui ku margi waktos bade diangkatna Syekh Abdul Jalil nyumpah jabatan ku nyalira heug kersa diangkat janten Kapala Penghulu, mung teu kenging aya pembunuhan deui, nya anjeunna kuciwa ka Pangeran Panembahan ngaraos dihianatan Sumpah anjeunna.

Nya akhirna anjeunna ngecagleun kalungguhan kapala penghulu agamana ka raina, anjeunna teras miang titirah ka talaga nuju titirah di Talaga anjeunna ningali Cahaya anu nyirorot di langit (Bintang Berekor anu jatuh) eta cahaya nu nyirorot teh muragna ka Walungan Cikaengan (Kampung Dukuh / wilayah Sancang V).

Nya teras ku Syekh Abdi Jalil disalusur muragna eta cahaya (bintang berekor) teh ngambah jalan basisir laut ti Talaga - Tasik - Sancang dugi ka Kampung Dukuh kiwari.

Janten kasimpulanna Syekh Abdul Jalil teu leupat kumargi hoyong nerapkeun ajaran islam dina masa eta, kitu deui Pangeran Panembahan teu lepat gaduh niat ngaluaskeun deui wilayah Sumedanglarang anu tos runtuh ku tekanan sareng vazal (wilayah) Mataram janten nagara anu bebas tina tekanan Mataram Intina mah.

Hapunten bilih aya basa kirang titi, tata sareng prayuga anu kirang merenah kanu manah nu ngaos kisah ieu.

Rampes.

Baca Juga :

Tidak ada komentar