Medar Sahadat Bawa Ngajadi

Sanpurasun....

Dina buk Cipaku Darmaraja Prabu Haji Aji Putih (Prabu Haji Purwa Darmaraja) nyatur rangga,  Sahadat Bawa Ngajadi, nu ugerna kieu :
"Ashadu sahadat bawa ngajadi, sahadat bathin manusa, malaikat dat maring Allah, medal ti Adam nu ngajadi, metuna ti Ratu Galuh, tinu dzat opat, metuna ti kuncung Agung, medal cahyaning Allah, tina Sir acining putih, jasad sukma rohing nyawa".




Penjelasan ka hiji :

Kumaha medarna eta Sahadat Bawa Ngajadi teh?

Saur sepuh :  Coba riksa anu opatnu jadi bakal manusa, nyaeta : Bumi, Geni, Banyu jeung Angin. 

1. Bumi metukeun cahaya Hideung, nu nyata jadi pangucap. 
2. Geni metukeun cahaya Beureum, nu nyata jadi panguping. 
3. Angin metukeun cahaya Koneng, nu nyata jadi pangangseu. 
4. Banyu metukeun cahaya Bodas, nu nyata jadi paningal.

1. Nu metukeun cahaya Hideung, tina Bumi malaikat Sawiah
2. Nu metukeun cahaya Beureum, tina Geni, malaikat Tamarah
3. Nu metukeun cahaya Koneng, tina Angin na malaikat Mutmainah
4. nu metukeun cahaya Bodas, tina Banyu malaikat Loamah
Anu opat ngalebur ngajadi hiji, ngajadi Papancer Ning Manusa.

ASAL-USUL BIBIT MANUSA
Bibit manusa tinu opat perkara, nyaeta :
1. WADI : asalna Cai bebearan nyatana Geutih.
2. MADI : asalna Cai keukeupeulna nyatana Daging.
3. MANI : asalna Cain nyatana Tulang.
4. MANINGKEM : asalna Cai nyatana jadi Otak.

ASAL MANUSA
1. Acining Bumi hurip ing Bullu, Kulit cahyana Hideung.
2. Acining Geni hurip ing Daging, Geutih cahyana Beureum.
3. Acining Banyu hurip ing Urat, Tulang cahyana Bodas.
4. Acining Bayu hurip in Jeroan, Sumsun, cahyana Koneng.

JADINA  :
1. Sir ; Jirim
Amarah, Dzat, Sidik, Sukma.

2. Budi ; Jisim
Lhowamah - Sifat - Amanawati - Wujud.

3. Rasa ; Raga
Shalwiah - Asma - Tambleg - Nur.

4. Eling ; Nyawa
Mutmainah - A'fal - Fathonah - Kanta.

Asal ti Adam
- Napas
- Nupus
- Anpas
- Tanapas

Asal ti Hawa
- Mani
- Madi
- Wadi
- Maningkem

Asal ti Alloh
- Rasa
- Kanta
- Kanti
- Kersa

Asal ti Rosul
- Nur
- Suhud
- Wujud
- Elmu

Asal ti Galuh
- Dat
- Sifat
- Asma
- Afal

Asal ti Nabi Muhammad SAW
- Sir
- Budi
- Arad
- Johar/Jahar.


Penjelasan Kadua :

1. Angin, Seuneu, Cai, Taneuh asalna ti mana? Ari Angin, Seuneu, Cai, Sareng Taneuh asalna ti Johar Awal. Kieu geura!, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4 (opat) perkara, nyaeta :
  1. Narun (Seuneu)
  2. Hawaun (Angin)
  3. Ma’un (Cai)
  4. Thurabun (Taneuh)
  1. Ari Natun teh Cahayana Beureum
  2. Ari Hawaun teh Cahayana Koneng
  3. Ari Ma’un teh Cahayana Bodas
  4. Ari Thurabun teh Cahayana Hideung 
Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna Hakekat Adam (Bahrul Adam) atanapi NUR MUHAMMAD, Hartosna : "Sagara saniskara anu ngabukti di Alam Semesta katut sagala eusina".

Salajengna aos layang muslimin-musslimat kenging Mama Raden Asep Martawidjaja bin H. Muhammad Kahfi dikarang tahun 1930 anu diserat ulang ku Mama Toto Partawijaya (alm) .
 
Margi panjangna, nyangkut alam :  


AHADIAT, WAHDAT, ALAM WAHIDIAT ARWAH/ROH, AJSAD/AJSAM.

Patarosan kadua saripati angin, saripati seuneu, saripati cai, saripati taneuh asalna timana?

  1. Saripati taneuh hurip dina bulu, kulit cahayana Hideung.  Jadina Sir (Jirim) ; amarah, dat, sidik, sukma
  2. Saripati Seuneu hurip dina daging, geutih cahyana beureum.  Jadina Budi (jisim) ; Loawamah, sifat, amanawati, wujud.
  3. Saripati Cai hurip dina urat, tulang cahyana bodas.  Jadina Rasa (Raga) ; Shalwiyah, asma, tambleg, Nur. 
  4. Saripati Angin hurip dina jeroan, sumsum cahyana koneng.  Jadina Eling (Nyawa) ; Mutmainah, ap'al, fathonah, kanta
Tanda atawa ciri kanggo 3 (tiga) manusa dina Ruh Tunggal, nyaeta : 
  1. Galuh
  2. Adam
  3. Muhamad
Mimiti diturunkeun ke jagat (bumi), dimana cai masih 100% nu minuhanana, dina Tarekat Sattariyah disebut Iwak Telu Sirah Sanunggal

1. Asal Ti Allah
Basa, Kanta, Kanti, Kersa

2. Asal ti Adam
Nafas, Nufus, Anpas, tanapas

3. Asal ti Hawa
Mani, Madi, Wadi, Maningkem

4. Asal ti Rosul
Nur, Suhud, Wujud, Elmu

5. Asal ti Galuh
Dat, Sifat, Asma, Ap'al

6. Asal ti Muhammad
Sir, Budi, Arad, Johar

Perbakalna Manusa tinu Zat bahan katuangan anu jenten kalenjar Mani, nyaeta :

1. Ti Indung & Bapa
Daging, geutih, sungsum, jeroan, tulang, Urat, Kulit, Uteuk.

2. Ti Gaibna Allah
Pangucap, Pangrunggu, Paninggal Pangambung, budi, Rasa, Sora, Nafsu (Amara, Lhoawamahm, Shalwiah, Mutmainah)

3. Ti Malaikat
Sir, Rasa, Baga, Sukma, Amarah, Lhoamah, Shalwiah, Mutmainah.

4. Ti Rasul
Rambut, sirah, tarang, halis, biwir, panon, gado, pipi.

5. Ti Muhammad
Letah, lalangit letah, palawangan, gengerong, tikoro, gondok lalaki, susu, puseur.

6. Ti Nurullah (Galuh)
Dat, Sifat, Asma, Suku, Leungeun, Tukang, Hareup, Katuhu, Kenca, Sirah (embun-embunan)

Gumulungna : Jirim, jisim, raga jeung nyawa, anu ngajadi wujud urang satunggal, eta aya dibadan manusa lobana aya 99 (salapan puluh salapan). Ieu ngaran goibna manusa, Ku Gusti Allah sareng para utusanana dibere hukum akal jeung dalilna, nu mawi hirup diidunya urang kedah ngalakonan elmu tungtut dunya siar jeung jauhan sagala pantrangan agama jeung darigama, tulung tinulung jeung mere maweh ka sasama.  eta pikeun pibeuleun urang di dunya sampereun jaga di akheratna. 

Baca Juga :