Ngabungbang, Ngabersihan Diri sareng Ngaruwat Jagad 14 Mulud di Cipaku Darmaraja

Seuweu - siwi Cipaku  nu darihin, kanggo 14 Mulud Ngabungbang, Ngaruat Jagat, Ngabersihan Diri, urang kedah mandi di 7 pancuran, di 7 muara walungan Cimanuk, anu ayeuna tos ngahiji di Bendungan Jatigede. Jadi cekap mandi di Jatigede eta sami sareng mandi di 7 muara Cimanuk. Waktosna jam 12 peuting.

Baca Sahadat Cipaku  dan  Rajah Kidung dihandap :


Sahadat Cipaku Darmaraja

Sang Kuncung Batara Wenang,
sanika ku AllooH langit ngait jagat rapak,
tarima badan kaula sirna Adam,
Hu Allooh, Hu AllooH, Hu AllooH, Hu Allooh,
laa ilaHa illallooH muHammaddarosulullooH.


Rajah Kidung Saripanggung

Bul kukus ka awun-awun
menyan putih nitis hurip
Dupa sekar pangawasa
Hiliwir ka tepis wiring
Nyambuang ka awang-awang
Wangi sari ngadalingding

Sup asup na sungsum balung
Jadi kulit jadi daging
Nyaksrak ngeunah kana awak
Ngageuing jasmani tanding
Ngahudang sinukma tandang
Sangkan lilir eling diri

Tus nutus ka wujud mungkus
Bibit buit asal awit
Ti sang rama asal mula
Saresmi sirna ning galih
Sarasa dayaning polah
Anu ahir medal cisir

Rup surup di Ibu ngandung
Ngancik dina cupu manik
Ngambah dina Guha Garbah
Satitik sumidik bukti
Sakeclak nyengcelak nyata
Jadi jirim hiji jisim

Cur mancur cahaya enur
Nitis rintih kanu putih
Ragrag kana kama rama
Kulisik ngajadi usik
Kuliat mangrupa sifat
Jadi bayi utun inji

Cul ngantun di Ibu santun
Nganti dina alam batin
Tapa dina alam pana
Salami salapan sasih
Gurudjag si Jabang medal
Ngicip- ngicip alam lahir

Pun ampun ka rama ibu
Laksa keti tata titi
Tuang wajah neda tobat
Kiwari bebersih diri
Sumeja ruruat badan
Mugi sami sihaksami

Kum sakum ka sepuh umum
Nu lastri tanpa bukti
Seja neda dihampura
Babakti ka meli sari
Sinerkar paesan tunggal
Ulah nitis tumaritis

Duh ampun nu jadi dulur
Santen tali ari-ari
Seja nyambat neda maap
Sausik teu matak runtik
Sausap teu matak hilap
Urang sami-sami hurip

Nun nuhun ka Dat Nu Agung
Maha suci sifat gaib
Asma purwa anu nyata
Nu maparin rahman rahim
Apalna saalam dunya
Wedi asih welas adil

Pung ngapung ka luhur manggung
Ka Dewa di Otipati
Ka handap ka Purwa Kala
ka gigir ka putri geulis
Sang Tanana maduretna
Seja amit wanti- wanti

Nu gaduh nya galur catur 
Bibit warti eusi gurit
Ulah arek gunasika
Mandawi ka diri jisim
Mandawa ka anu rea
Ulah nyiwit sumareungkit

Sad sadu teu bendu kalbu
Ka sugrining para Wali 
Nu salapan ka koncara
Ahli gending seni dangding
Tukang ngarang cipta wayang
Mugi ulah nyisikudi

Tur cadu ka surup hantu
Baid karanjingan jurig
Istan kaserepan setan
Dedemit sing gancang indit
Ririwa sing gancang mulang
Balik kana asal ngancik

Tug tutug ka ratu lembur 
Sang Pertiwi ais bumi
Sang Pertala sangga lemah
Pribadi peryogi widi
Neda jembar pangampura 
Ulah jail hiri dengki

Lus banglus nya umur mulus
Pait daging seukeut kuping 
Pahang tulang uteuk caang
Tarik kulit bersih getih
Liat urat cekas awas
Diri jati tebih pati

Tup tutup ku kidung ngayuh 
Astagfirullah hal adim
Nya bubar ku rajah singlar
Leungit rupi- rupi sulit
Anu tinggal waras badan
Sugih mukti jembar harti

Amiin ya robbal alamin,
Mugi Gusti nangtayungan.

Nu nuju teu damang rongkah, nu nuju mejus, seueur mamala, tiasa ngakukeun ngaruat diri nyalira, carana kitu Malem 14 Mulud, niatkeun sateuacana, sing yakin ka Gusti Nu Agung, teu aya nu ngusikeun oge malikeun iwal ti anjeuna. 

Ti sabadana isa siap-siap ngadoa ka nu kawasa, menekung mujasmedi, jam 12 wengi pas moncorong bulan Purnama, nembe mandi / adus / kungkum / ngeueum, bacakeun Sahadat Cipaku sareng Kidung Pangruat Diri anu diluhur. 

Insya Allah pami nu yakin mah panyawat naon wae tiasa cageur sapertos sabihara sabihari deui.


Doa Mandi saatosna ngeueum :
"Bismillahirohmanirohim, nawaetu adus banyu, kalawan wadah gedah kancana Bagenda Ali Pangeran Dadali Putih, Kang ngais nangtu ngais, kang dadi rembeng iman fil udusi, Laillaha Ilallah Muhammadarosululloh".

Pami nu teu tiasa Malem 14 Mulud ka Astana Gede Cipaku / Ngeueum di Jatigede, nyandak cai sabotol teras simpen, engke malem tanggal 14 mulud, dibumi lebetkeun kana ember, jam 12 wengi mandi nganggo cai eta dicampuran ku cai nu aya di bumi. 

Elmu Cipaku mah elmu nyipuh diri, da nu jadi pusaka urang Cipaku mah sanes keris, sanes pedang, sanes paku emas, sanes batu ali, sanes kantong macan, jrrd tapi diri urang sorangan. 

Nu mawi anu disipuh nya diri urang nyalira, Pami tos dugi ka Elmu Cipaku, saciduh metu saucap nyata, weruh sadurung winara, nepi memeh indit.

Elmu Cipaku sanes kadugalan teu teurak dikadek tapi bedogna oge teu nepi Salamina dipayungan ku nu Agung, diaping ku Nu suci, dijaga diriksa ku Nu Kawasa.

Baca Juga :

Tidak ada komentar