Ngaguar Jati Diri Ki Semar Kiwari

PUSAKA LARAS PATRA JAGAT NATA (NGAGUAR JATI DIRI KI SEMAR) 


"GUNUNG KELIR ALING-ALING GUSTI, ALING-ALING WONG NGAWAYANG, WAYANG HANUT MARING DALANG, DALANG DI ANUTING WAYANG, KALIRE AYAN SABITA. SEMAR-SEMAR YA GEGELAR WAYANG AGUNG KELIR ANGRAGA SUKMA, SEMAR KUNCUNG PAKUNING ALAM, (SEM) PANGANGKEN-NGANGKEN (MAR) MENYEMARAKEN DAT NA ALAM, NU DIANGKEN-ANGKEN (LAA ILAHA ILALLAH) NU MENYEMARAKEN DAT NA ALAM (MUHAMMAD ROSULULLAH)" - ELMU KI SEMAR DINA NGALURUSKEN AQOID ILAHIYAH (TARAPTI, TALITI,NASTITI, GUMATI, DINA NGALARAPKEN ‘AMAL‘ IBADAH).

- Sukma Layang Jamus Kalimasada
Sem: pangangken-ngangken. Mar : menyemarakan dat na alam. Nu diangken-angken: Lailaha Illallah. Nu menyemaraken dat na alam : Muhammad Rosulullah SAW. Rupa hideung bodas : amar ma'ruf nahi mungkar. Kawengku pola lampahna ku : Ikhlasul ubudiyah. Hiji ciri insan kamil mukamil nu eling dina waktu nyaring. Nu lungguh tur timpuh tur wijaksana. Nu legok ku tapak pang jeujeuh. Genteng kadek ku kaluhungan. Lengkahna maju mundur : sigeur tengah, henteu wani henteu sieun, henteu sieun komo wani. Pangaweruhna : Kuncung Putih pamentang langit.

- Sukma Ajar Padang
Inna akromakum indallahi atsqokum. Sinarengan sang pertanga pati gumanti, sang hyang latri. Kebanyut ima-ima gambira, kalawan ancala. Cala puncak ing gunung Apus, geubang si walang tunggal. Pindo pinadepakeun asta gangga wira tanu patra. Wangsi lan kalam iku nembe didamel aksara wianjana, wianjani. Wianjana aksara alif binucal ing begawat kilen, tumiba ing tanah Arab. Wianjani aksara ha binucal ing begawat wetan tumiba ing tanah Jawi. Tinampenan ki Pujangga Prawa Lajeung didamel akasara kali dasa.

Ha Na Ca Ra Ka Da Ta Sa Wa La Pa Dha Ja Ya Nya Ma Ga BaTha Nga.
(Hana ) : aya eta hiji gempungan.
(Caraka) : medar cipta rasa jeung karsa.
(Data) : tanpa nyulayakeun kana eta guaran.
(Sawala) : estu guyub halna mukakeun darajat kamulyaan manusa.
(Padha) : sami-sami sinuhu tunggal.
(Djayanya) : sadarajat halna kasiram kalbuna ku kaluhungan.
(Maga) : ngalakukeun perbuatan dinu pangluhurna mungguh Gusti.
(Bathanga) : batiniyah nu tulus ikhlas kalayan iman jeung taqwa. (Yen : darajat manusa, muslim, muslimah eta teu di ukur ku kapinteran, ku hartana, ku kagagahana, ku pangkatna, tapi iwal ku iman jeung taqwana).

- Ciri Legok Tapak
Raweuy-raweuy buah kai, cirina panceur reujeung akarna nu jadi purwadaksina. Daging kai kulit kai gelar wawayangan nana tina ka awaman kana tingkat khowas. Peusat ngajadi, ngaraweuy buahna. Daun nu ngaroyom jadi papayung agung pangiuhan tina kapanasan tina kahujanan, kalawan riyeuk meuseum rupa ayeum. Buahna nu ngaraweuy jadi landong kanalangsaan jeung kasasaran.

- Ciri Genteng Kadek
Tapak soang di awang-awang, tuh ngalangkang mun di sorang. Tapak meri dina leuwi tuh ngolengkang mun disungsi. Galeuhna kangkung nu buni, tuh ngagerat mun di kotektak. Endog asal hayam, hayam asal endog. Ari hayam jeung meri saciptaan nu Maha Suci, nu beda karesepna jeung kabisana, ciri hade ku silih simbeuh silih asah ku pangabisa. silih asih ku pangarti, silih asuh ku pangaweuruh, Endog mapatahan hayam payus, mun hayam nyileungleum dina padaringan. Hayam nitah ngojay hade ka meri wajar mun meri ngojay dina pabinihan.

- Lungsur Jeujeuhan
Kuda beureum napak dina jalan cagak, rarangkena tujuh mahkota. Peucutna tujuh, Endongna tujuh. Kadalina opat, nu tumpakna lima, kandangna opat. Pamakan nan na opat, parabna dua belas rupa. Mun kacangcang iring-iringan, mun ngencar abrut-abrutan. Di kendangan engklak-engklakan, di sawer sosoledatan. Geura kandangan kabujeung surup.

- Panggugah Cipta Rasa
Nu ebog geura gugah, geura tinggal ka wetan priangan kantun tulisan, ka kidul jati pakuan gararing, ka kaler Pajajaran pudar katutupan sari pati nu teu kaharti. Mana laku buhun Aji Saka, mana ciri trah Siliwangi. Mana ancikan para Wali, mana tuturus laku ti Rosulullah. Salaku panyam purna kabuhunan hayu urang hibeur ka awang-awang.

Layang jamus kalimusada bilih ku rayap, layang sabda buana bilih teu kaguar. Ki Semar bilih teu kaangkeun. Hayu urang pentang ku senjata konta ngaraksukeun kre anta kusumah di mahkota aji wijaya, di geulang kembang cangkok wijaya kusumah. Ulah ringrang direncangan taji sang hyang. Tuh tinggali gunung Pajajaran ngalingkung tapak beujad kabagi opat. Papagon ciri turunan jati waringin. Tuh ombak laut kidul nu motah nu jadi bukti ciri kabuhunan nu ngandung midjil kasajatian.

Masing eling kalawan bukti, masing waspada kalawan laku nyata. Sing tarapti, calingcing sing pageuh kancing, saringset sing pageuh ikeut, ieu jaman sangara iprit unggah masjid. Barakasakan di kedok ulama. Balik ka jaman majapahit. Manuk di pucuk caringin kapanasan, jujukutan kabeulit akarna, buahna niggangan akar pasti. Boro sato cacakan hayam keketokan komo jalma eak-eakan. Nu pasti mentang kuncung ki Semar. Nu boloho di beulit oray-orayan. Sajadah ngampar di sawah. Kopeah dipajang rupa warna. Sing kade gobang konsrang. Ayak-ayak beas, nu badag moncor, nu lembut nyangsang. Sabab caraka jadi bathanga.

- Tali Mangsa

- Sifat manusa mulya : sadar kana asal usulna. Ku halna katungtik lahir bathina, kasasar ragana, kaguara sakujur awakna. Nagajadi apal kanu ngusik malikeuna. Hingga karampa aib dirina. Sahingga subur kabijakana.

- Arahna kahuripan : kadalina ajaran agama. Tuduhna firman nyatana tablig, corakna dakwah, raehanna sabda, cirina pepeling, kembangna pituah.

- Arah dattullah : panungtuna usuluddin, panetegna tajridul qolbi, awamna ibadah. Khowasna ubudiyah, syareatna fiqih, hakekatna faqih, tumarimana sholat, lakuna sambehyang, kukuhna teuteupan.

- Aturan jeung papada : darajatna akhlaq, panghiyapna silih ajenan, sarina teu umaing, buahna a'mal.

- Aturan ikhtiar : lampahna ikhlas, iteukna kasanggupan, tuturusna jeumbar, arahna barokah.

- Aturan karesep : tangkalna manfaat, larasna manjing waktu, payungna hikmah.


بدا ية الهد ا ية

فا علم ايها الحر يص المقبل على اقثبا س العلم المظهر من نفسه صدق الر غبة و فرط الثعطش اليه انك ان كنت تقصد بطلب العلم المنا فسة والمبا ها ة والتقد م على الا قران واستما لة وجو ه النا س اليك و جمع حطا م الد نيا فا نت سا ع فى هد م دينك واهلا ك نفسك وبيع ا خر تك بد نيا ك فصفقثك خا سر ة وتجا رتك با ئر ة ومعلمك معين لك على عصيا نكا وشر يك فى خسر ا نك وهو با ئع سف من قا طع طر يق
Kudu nyaho anjeun hei kabeh jalma anu kaseungsreum tur anu nyang harep kana di ajar ‘ilmu anu ngazhohirkeun ti awakna, kana bener-bener hayangna kana ‘ilmu jeung bangeut ka seungsreumna kana ‘ilmu, saeunyana anjeun lamun aya anjeun, neja anjeun ku tholabul ‘ilmu teh karna hayang jadi pang alusna,jeung hayang jadi pang hebatna, jeung hayang jadi pang majuna hayang ngelehkeun kanu liana, hayang nunduk keun liana, jeung ngumpulkeun harta benda dunya, maka hal eta sarua jeung aranjeun migawe atawa ngalakukeun upaya dina niat rek ngarug rugkeun agama aranjeun sorangan, jeung ngaruksak awak aranjeun sorangan, sarua jeung ngajual akherat ajeun ku dunya anjeun, maka akad jual beli anjeun eta rugi oge perdagangan anjeun eta ruksak, jeung anu ngalajar hal model kitu ka aranjeun, nu nulungan ka aranjeun saruwa jeung nulungan anjeun nuduhkeun kana berbuat dosa (nyaeta mualim) lir ibarat ngajual bedog ka begal barang nu pibahayaeun nu dipake kajahatan.

.قال رسو ل الله صلى الله عليه و سلم - - من اعان على معصية ولوبشطر كلمة كان شريكله فيها - وان كانت نيتك وقصد ك بينك وبين الله تعلى من طلب العلم الهدا ية دون مجردالرواية فابشرفان الملا ئكة تبسط اجنهتهااذامشيت وحيتان البحرتستغفرلك اذاسعيت ولكن ينبغي لك ان تعلم قبل كل شيئ ان الهدايةالتي هي ثمرةالعلم لهابدايةونهايةوظاهروباطن ولاوصول الي نهايتهاالابعداحكام بدايتهاولاعثورعلى باطنهاالابعدالوقوف على ظاهرها


NGADAWUH ROSULULLAHI SHOLALLAHU ‘ALAIIHI WASALLAM :
Saha jalma anu nulungan kana migawe ma’shiyat sanajan ku sakalimah maka eta anu nulungan teh ka asup babaturanna nu ditulungan dina eta ma’shiyat, jeung lamun aya niyat anjeun jeung paseujaan anjeun, di antara anjeun jeung antara Allah ta’ala tina nyiar ‘ilmu pituduh, lain wungkul ngariwayatkeun, maka kudu bungah anjeun, karena satemena malaikat eta ngabeberkeun pirang-pirang jangjangna di mana-mana leumpang anjeun jeung pirang-pirang mahluq cai eta mang mentakeun hampura keur anjeun, di mana indit anjeun ka ‘alim pikeun ngalap ‘ilmu.
Tapi perlu di kanyahokeun ku anjeun samemeh Tholabul ‘ilmi kana saeunyana Hidayah, anu eta Hidayah teh lir ibarat buahna ‘ilmu, pikeun eta Hidayah teh aya Bidayah (awal) aya Nihayah (akhir) oge aya zhohirna Hidayah jeung aya Bathina Hidayah, moal tepi anjeun kana Nihayahna Hidayah sa acan ngukuhkeun kana Bidayahna Hidayah, jeung bisa nyaho anjeun kana jeroan na Hidayah anging saeunggeusna nganyahokeun kalawan jelas pisan kana zhohirna eta Hidayah.

انامشيرعليك ببدايةالهدايةلتجرب بهانفسك وتمتحن بهاقلبك قان صادفت قلبك اليهامائلاونفسك بهامطاوعةولهاقابلة فدونك التطلع الى النهايات والتغلغل فى بحارالعلوم وان صادفت قلبك عند مواجهتك اياهابهامسوفاوبالعمل بمقتضاهامماطلا - - قاعلم ان نفسك المائلةالى طلب العلم هى النفس الامارة بالسوء -

KAUALA MERE ISYARAT :
Isyarat pikeun aranjeun ku Bidayahna Hidayah, karena supaya nyoba-nyoba ngalatih diri anjeun ku eta Bidayah kana nafsu anjeun, jeung nyoba-nyoba anjeun ku eta Bidayah kana Hate anjeun, maka lamun manggihan anjeun kana Hate anjeun kana eta Bidayah teh condong kana Bidayah anu hade sahingga nurut kana eta Bidayah hade jeung narima kana eta Bidayah anu hade anu mangrupa Hidayahna Nur ilahi anu asupna leuyeup kana sir anjeun, maka cokot ku anjeun tuluy tingkatkeun kana Nihayah na Hidayah jeung ancrub kana pirang -pirang rupa ‘ilmu anu jarero lir ibarat ancrub kana sagara, maka anjeun bakal manggih kana buahna ‘ilmu kusabab nu dilakukeun nurut kana Tuduhna langsung ti Zat laisa kamislihi syai’un nyaeta Bidayahna Hidayahna (Tuduh nu lain ‘ilmu tur lain ucapan tapi tuduh anu leuyeup nu nyalusup dina keukeuteug anjeun) tapi bila mana anjeun manggihan kana hate anjeun kana eta Bidayah kacampuran ku kereteg anjeun kana dorongan ujub,ria, takabur, sirik,pidik, jail tur aniaya, naon nu dilakukeun ku ajeun nuturkeun kana Bidayah Goreng maka ngarandeug anjeun sabab eta sangsi lain Bidayahna Hidayah tapi Bidayahna nu Baris ngajurumuskeun anjeun, nyaeta nafsu nu nitah anjeun ngalakukeun kana hal kagorengan.
SAPARANTOSNA TEUTETUG BIDAYAH TINA HIDAYAH dina diri urang, lajeung urang ancrub kana rupa-rupa 'elmu, di antarana 'elmu ngenaan ajaran ka ISLAMAN, urang kudu leuwih taliti tur tarapti supaya ajaran ISLAM bener-bener kaharti tur kapahami ku diri urang, sahingga urang bisa ngarasakeun Islam bener-bener pinuh ku ROHMATAN LIL'ALAMIN.


MANUSA JEUNG AGAMA
Manusa teh aya SYAIDINA ADAM. AS aya oge BANI ADAM nyaeta katurunan NABI ALLAH ADAM. Manusa di hirupken piken jadi KHOLIFAH tur manusa dimulyaken ku zat laesa kamislihi syai'un, syifat kamulyaan ieu bakal timu bila mana manusa tumut kana tuduh ALLAH SWT. ALLAH SWT, ngalengkapan diri manusa ku SIFAT oge TABI'AT salaku alat piken kahirupan dina lalampahan di dunya.

Nafsu Manusa bisa ngarombak Gunung, di tambah ku 'Akal pikeun nimbang satiap hkasiat nu aya dina perbuatan anu mudhorat, tur sanggup ngagali makna tersirat anu ngandung manfaat, di lengkapan ku panca indra oge panca driya sahingga bisa ngarenungan satiap nu di alaman ku panca indrana, diambah QOLBU salaku wawadahna RUH.

Susunan Fa'al Ragana tina organisme anu nakjubken nu di lengkapan ku jasmani, kacida manusa di mulyakenna ku Zat anu maha sampurna, tapi saumpama manusa teu tumut kana arah tuntunan Zat nu maha kawasa bisa jadi sifat kamulyaan manusa lebur sahingga gampang di raksuk ku sifat Nafsu hewani, sahingga bisa jadi darajatna kalindih ku darajat mahluq sejenna, ku halna kitu urang Butuh Agama nyaeta Agama Zat laesa kamislihi syai'un.


AGAMA JEUNG ELMU
Nurut kana bahasa umumna Agama nyaeta Arah kapercayaan jadi manusa anu boga agama nyaeta manusa nu boga kapercayaan, tapi kamana arah sifat percayana manusa, naha ka Zat laisa kamislihi syai'un nyaeta nu ngamilik asma Allah subhana hu wata'ala, atawa percaya kana sagala rupa mahluq ciptaanna, nyakitu deui ngenaan 'ilmuna, manusa nu boga elmu nyaeta manusa nu boga tuduh, tapi kamana arah tuduhna,,ku hal na kitu urang kudu taliti kana mesek agama jeung elmu.


TI JAMAN MANA MANUSA BOGA AGAMA
Kayakinan manusa boga Agama ti jaman Nabi Allah Adam As, malah Nabi Allah Adam A.s nu pangheulana manggih kayakinan anu sanyatana dina ber-Agama, ku halna kitu kacida ecesna yen tuduh nu pinuh ku rohmatna nu Maha Sampurna nyaeta islam tos dijadiken Agama piken manusa oge sakum mahlukna, nu hayang ngagem Agama nu pinuh ku rohmatan lil'alamin, lamun nyukcruk galur Agama Islam Wiwitan (buhun ) nyaeta Islam anu diagem ku syaidina Adam As, ngawaris ka Syaidina Sis ka putrana Said Anwar sareng Said Anwas ka putuna nyaeta nabi Idris teras ka Nabi Sahib teras ka Nabi Nuh, ti nabi Nuh ka handap manusa ngararampa dina neangan Agama, iwal ti manusa nu di lungsuran wahyu ku Zat nu Maha Sampurna nu bisa nimuken agama wiwitan nyaeta di antarana : para hyang, para nabi dugi Nabi Muhammad SAW, Agama islam buhun leuwih ngungkap kana sifat Tauhid, ari islam nu disampurnakeun leuwih dibejerbeaskeun sifat tauhidna sifat iman jeung taqwana tur di bejerbeasken jeung cara ngalakuken sifat iman jeung taqwana nyaeta digulungken sifat sare'at, thorekat, hakekat oge ma'rifat, sahingga sampurna agama manusa dina Agama Islam.


AGAMA
Agama nu di anut kumanusa aya dua rupa :
- Agama Samawi. nyaeta agama anu diturunken ti langit ngaliwatan Wahyu Allah nu di lungsurken kapara rosulna, yen Agama Anu bener nyaeta Agama Allah tapi Agama anu leuwih bener nyaeta Agama nu di aku ku Allah dina kabeneranna.

- Agama Duniawi nyaeta agama nu di garap ku bangsa manusa saperti animisme jeung sajabana, umumna Agama duniawi oge boga kitab anu eusina aturan-aturan kaAgamaan tapi materi nu ditulis lain wahyu ilahiyah (teu ngaliwatan Malaikat Jibril), ngan renungan pola pikir manusa biasa.

Baca Juga :

Tidak ada komentar