Lalakon Embah Jaya Perkasa Versi Desa Cipancar Sumedang Selatan

Pintu Gerbang Ke Arah Makam Eyang Tajur (Eyang Sutra Ngumbar dan Eyang Jaya Perkasa Di Pemakam Tajur Desa Cipancar Kecamatam Sumedang Selatan
Salian Patilasan Tongkat Embah Jaya Perkasa anu di Dayeuh luhur, aya oge Patilasan Embah Jaya Perkasa di Desa Cipancar Kecamatan Sumedang.



Makam Embah Jaya Perkosa di Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan

Urang pedar lalakonna versi Abah H. Mahmud Suhardi almarhum. Saleresna nu ngabentenkeun versi Dayeuh Luhur sareng versi Cipancar mung sakedik, nalika kuncen sepuh abah H. Mahmud Suhardi teu acan pupus, kantos tetelepek ngeunaan versi ieu, saur anjeunna, versi Dayeuh Luhur nyebatkeun :

 "Yen, Mbah Jaya Perkasa saparantosna nyeceubkeun iteuk teh ngalambangkeun kabenduan manahna, sareng ngecagkeun kaluuhanna nu janten senapati Sumedanglarang, ulun kamula atanapi ngabdikeun diri ka Nalendra Sumedanglarang mung dugi seumet harita, saparantos kedal nyarita kitu sareng kajantenan nancebkeun iteuk Embah Jaya Perkasa ngahyang atanapi ngaleungit".

Sedengkeun kocap kasauran kuncen sepuh Abah Mahmud nyebatkeun :

"Ngahyang teh pikeun ngaleungitkeun tapak supados anjeuna teu dipilarian deui pami dianggap ngahyang mah, padahal salira Mbah Jaya Perkosa lumungsur ka Cigobang ngadehes atanapi seja amitan ka Ratu Tjukang Gedeng Waru Prameswari Prabu Geusan Ulun putrina ti Sunan Pada Karedok, saparantos amitan ka Gusti Ratu Tjukang Gedeng Waru lajeng anjeunna ngajugjug Kampung Baginda anu aya di wewengkon Cipancar Sumedang Selatan, naon nu janten kasang tukang Embah Jaya Perkasa ngajugjug ka kampung Baginda? saur kuncen sepuh ngawaler, yen di kampung baginda baris nepangan putra-putra Prabu Siliwangi anu terakhir (Surya Kencana) diantarana seja nepangan Embah Sutra Ngumbar, Embah Sutra Bandera".   
Mung aya nu janten kahelok simkuring, nalika kuncen sepuh nyaurkeun :  
"Saenyana Mahkota Bino Kasih dicandak Kandaga Lante ka Sumedang teh seja dipasrahkeun ka Sutra Ngumbar putra Prabu Siliwangi anu pangageungna, mung pangemut Embah Sutra Ngumbar daripada Mahkota aya dikami leuwih hade pasrahkeun ieu Mahkota Pajajaran ka Raja Sumedanglarang, da sarua wae saturunan jeung sakaruhun jeung kami. Pasrahkeun ieu mahkota jeung sakabeh kakawasaan pajajaran ka Sumedaglarang, nu antukna sadaya Kandaga Lante tumut ka sabda atanapi cariosan Embah Tajur atawa Eyang Sutra Ngumbar, singkatna carita mahkota, sadaya kakawasaan pajajaran janten milik Sumedanglarang". 
Lajeng anu ngabentenkeun sajarah numutkeun kasauran abah Mahmud teh saparantos dianggap ngahyang Embah Jaya Perkasa teh saleresna mulih deui ka Embah Tajur, mung salirana nyurup sareng urang lembur supados teu katangen ku ti karajaan Sumedanglarang. 

Waktos harita simkuring oge tumaros, naha nembe ayeuna abdi ngadangu pedaran sajarah ieu mah? kuncen sepuh ngawaleur, sa enyana kawit kuncen sepuh ti kapungkur oge mahing pikeun medar ieu sajarah, naon sababna? apanan atos dipedar tadi oge Embah Jaya Perkasa nyurup sareng urang lembur anu hartosna Nyumput Buni Dinu Caang, nembrak bari teu katembong, lamun kuncen medar ieu lalakon sarua jeung ngabejer-beaskeun atanapi nenggrakkeun pangyumputanna Embah Jaya Perkasa. 


Lajeng abdi oge tumaros deui, naha ka abdi dipedarkeun ieu lalakon? lantaran salira janten pangurus Paguyuban Kuncen, nu kedah apal kana lalakon "Karuhun Sumedang", bisi umur abah pondok jadi geus katepikeun ka hidep, mung kumaha saupamina abdi gaduh emutan ngadugikeun ieu lalakon ka wargi-wargi Sumedang? Abah teu bisa ngajawab palebah eta mah, lamun gaduh tekad kitu mah jug geura wudhu, wayahna peuting ayeuna salira ngendong di makamna, sok tepikeun pamaksadaan salira eta, tapi abah moal bisa nganteur, omat anggo tatakrama ziarahna supaya ulah mengpar jeung ajaran Agama Islam, muntang kanu Maha Kawasa mugia ulah janten matak saupamina salira medar ieu lalakon ka umum. 

Saupami nengetan caritaan versi Darmaraja, ieu versi Cipancar hampir mirip kirang langkung kieu : Anu masrahkeun mandat karajaan Pajajaran ka Sumedanglarang, rombongan dipupuhuan ku Prebu Sayang Hawu,  salaku Komandan pasukan harita nyaeta Embah Nangganan, disarengan ku Embah Terong Peot sareng Embah Kondang Hapa. 

Prebu Sayang Hawu, salajengna disebut Embah Jayaperkasa tepi ka ayeuna, gelar eta dipibanda ku Prebu Sayang Hawu basa perang jeung Caruban.

Embah Nangganan ngaluluguan pindah ti Kutamaya ka Gunung Curi pikeun nyalametkeun Naledra Sumedanglarang, nu ayeuna disebut Dayeuh Luhur, kulantaran Embah Nangganan teu tigin janjina kana siloka Hanjuang Hegar.

Saur Prebu Sayang Hawu (Jaya Perkasa) : "Mun Hanjuan Perang Tandana Kami kasoran Pek Ku Maneh Raja Jeung Rahayat Salametkeun, Tapi Lamun Hanjuang Tetep Hegar, Maneh Teu Kudu Hariwang Caricing Wae di dieu".

Embah Nangganan ditelasan ku Prebu Sayang Hawu (Jaya Perkosa) alatan mawa pindah Raja ti Karaton Kutamaya ka Gunung Curi. Embah Terong Peot sareng Embah Kondang Hapa terus babakti ka Prabu Geusan Ulun dugi rengsena.

Prabu Sayang Hawu (Jaya Perkosa) turun ka Baginda nuturkeun salah sahiji pangagung Pajajaran nu milu jeung rombongan, ngan teu milu nalika pindah ka Kutamaya, nyaeta Sutra Ngumbar putra Prabu Siliwangi anu pangageungna. Tapi Prebu Sayang Hawu (Jaya Perkosa) tetep nalingakeun nalendrana karajaam Sumedanglarang anu Raja Nalendrana Prabu Geusan Ulun, ngan teu campur di Karaton pangpindahan di Dayeuhluhur, dugi ka rengsena. 


Makam Prebu Sayang Hawu (Jaya Perkosa) ayana di Cipancar kacamatan Sumedang Selatan, lain anu di luhur Gunung Curi (Dayeuh Luhur) nu Tetengger Tunggal, da eta mah geus aya ti heula disebutna Kabuyutan Gunung Curi (Dayeuh Luhur).

Tetenger Hiji Kabuyutan Gunung Curi
Hatur punten kumargi kapungkur abdi mung ngadangukeun, teu kaserat sadayana pedaran lalakon versi Cipancar, mung garis ageungna kitu, kirang sareng langkung neda tawakup wae, bilih aya lepat hapunten anu kasuhun, abdi mung hoyong medar ieu lalakon teu aya sanes mung saukur hoyong terang sareng ngadugikeun aya Lalakon Embah Jaya Perkasa Versi Cipancar, kanggo ngalengkeupan "Wawasan Sajarah Lokal Sumedang", leres atanapi henteuna mangga nyanggakeun kasadayana wae, abdi moal ngirangan sumawon na ngalangkungan, sieun ku bisi rempan ku sugan, mugia tiasa janten risalah kanu "Sajarah Lokal Sumedang".

Nb : Kuncen Makam Cipancar dan Makam Tajur Kecamatan Sumedang Selatan sekarang Pak Toto, putranya Pak MH. Suhardi (alm)

Penulis  dan Kuncen Makam Cipancar dan Makam Tajur Pak Toto


Cag ah rampes.
_____________

Dikutip tina :  
- Wawancara Yadi Mulyadi. "Paguyuban Kuncen Pancer Buana Sumedang", babadsunda.blogspot.com
-   Carita Versi Darmaraja

Baca Juga :