Carita Asal-Usul Pelet Marongge

Carita elmu pelet marongge lamun di taliti mah sabenerna eta elmu kinasihan teh, masih aya patula-patalina sareng Prabu Haji Aji Putih Raja mangsa karajaan Tembong Agung, dina hal ieu elmu kinasihan pelet marongge kenging guguru batin ti eyang Haji Putih Jagariksa nu taya lian nyaeta Prabu Aji Haji Putih Raja Tembong Agung.   

Pelet Marongge anu cenah dahsyat jeung sering diburu ku jalma anu merlukeunan. Pelet Marongge mangrupakeun elmu kinasihan dina miket lawan jenis. Ritusl menangkeun pelet Marongge nu unik, nyaeta ziarah di makam mbah nyai Gabug, terus ngeeum di walungan Ci Lutung Cimanuk jeung miceun calana jero dinu akhir ritualna.

Elmu pelet atawa elmu kinasihan anu loba diburu ku jalma. Diantarana maranehanana hese meunangkeun jodo, pausahaan anu untungna leutik wae. Nagn elmu pelet Marongge, leuwih dikenal elmu kinasihanana jang miket lawan jenis (pelet asmara). 


Elmu ieu didasari tina ajian si Kukuk Mudik, mbah nyai Gabug nu meunang wangsitna  elmu pelet/asihanna ku alatan meunang Guguru Batin atawa tatapa patempatan Haji Putih Jagariksa anu Tutunggul Batu Balayna Hiji, tuluy aya sora tanpa wujud ti Haji Putih Jagariksa, eta elmu kinasihan meunang ilapat elmu kinasihanana ti Prabu Haji Aji Putih anu ngadegkeun karajaan Tembong Agung mimiti, margi Istrina Prabu Aji Putih teh nyaeta Ratu Ratna Inten Nawang Wulan anu geulis katurunan Raja Sunda anu terkenal ku sebatan "Ronggeng Sadunya", anu sabenerna sacara teu langsung, mbah Gabug teh ngulik elmu kinasihanna ti Ratu Eyang Nawang Wulan.


Upami disalusur leuwih jauh, Elmu Pelet Si Kukuk Mudik asalna tina Mitos karamat Marongge. Marongge sabenerna ngaran hiji desa di Kacamatan Tomo, Kab. Sumedang. Lokasina di hiji bukit nu aya di Jalan Raya Tolengas jeung Cijeunjing, babatasanana jeung kacamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka jeung oge deukeut jeung BENDUNGAN JATIGEDE.

Muru ka lokasi nu dilewatan make jalan satapak nu cukup nanjak. Saratus meter tidinya aya kompleks pemakaman umum desa Marongge. Di jerona aya tilu bangunan. Salah sahijina anu dikaramatkeun kusabab diyakini kuburan mbah Gabug anu ngasal-usulkeun elmu kinasihan Pelet Marongge. 3 makam eta nyaeta makam mbah Nyai Gabug, mbah Nyai Satayu, mbah nyai Naibah jeung Mbah Nyai Naidah anu ngadon bubuara ka desa Marongge anu kamungkinan dinu mangsa Pamarentahan Karajaan Mataram anu rajana Sultan Agung waktu harita.


Unggal poe aya wae nu ngadon ziarah ka lokasi makam ieu, ngan poe salasa teu aya nu ziarah. Anu jiarah mun dinu malem jumat kliwon loba pisan. Konon cenah dina poe jum'ah kliwon, nyacapna ajian ilmu pelet Marongge dilakukeun ku mbah Gabug.

Dina poe jum'ah kliwon pengunjung ziarah loba pisan, kitu deui cenah mun jum'ah kliwonna dina Bulan Maulud.


Carita Asal-Usul Pelet Marongge Versi Kahiji

Waktos kapungkur kacarioskeun aya hiji wanoja ti Mataram anu ngarandapan raheut manah. Namina Nyai Gabug. Anjeunna téh raheut manah ku hiji pameget. Nyai Gabug apruk-aprukan, terus milarian babakan nyingkahan nu ngarajét haténa. Nyai Gabug téh disarengan ku tilu raina: Setayu, Naibah, sareng Naidah. Taya nu terang saha lalaki nu tos ngaraheutan Nyi Gabug téh.

Saliwatan mah cangcaya mun Nyi Gabug kudu ngalaman raheut haté téh. Pangna kitu, Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Sakur nu pareng amprok sareng Nyi Gabug, boh istri boh pameget, jorojoy resep jeung bogoh.

Kocapkeun, Nyai Gabug jeung tilu raina anjog ka hiji pasir di tungtung lembur babakan. Saterasna Nyai Gabug bubuara ngadegkeun tempat pamatuhan.

Ngababakanana Nyai Gabug téh enggal pisan nyebarna, ibur salelembur, éar sadésa, yén di babakan pasir aya opat wanoja geulis. Nya sakur nu panasaran mah pada ngajarugjug ka babakan téa. Barang prok ogé, henteu mencog tina sangkaan, opat wanoja téh geulis taya tandingna. Malah loba lalaki nu ngaheureuyan rai-raina Nyai Gabug.

Nyai Gabug ngatik ka raina sangkan ulah gampil kagoda ku wujukan kaum pameget. Utamina kedah ngeunteung kana lalakon anu tos karandapan ku anjeunna. Demi tilu raina henteu baha kana rupaning papagah nu jadi raka éstuning pengkuh kana pamadegan, moal waka kagoda ku pameget mun rakana Nyai Gabug can nyaatujuan.

Ku sohorna kageulisan Nyai Gabug, dugi ka Raja Gubangkala. Anjeunna ngaroas panasaran. Malah tara ti sasarina, Gubangkala indit ti karaton henteu ngawakilkeun. Teu kacatur di jalanna, Raja Gubangkala anjog ka wewengkon pasir babakan. Barang gok paamprok paadu teuteup sareng Nyai Gabug, Raja Gubangkala langsung katarik kapentang asmara. Harita kénéh Raja Gubangkala ngajukeun lamaran ka Nyai Gabug, geusan dijadikeun praméswari di karajaanana.

Nyai Gabug méré tanjakan ka Gubangkala, heg cenah dipigarwa, asal Gubangkala kudu bisa malikkeun deui kukuk anu dipalidkeun ku Nyai Gabug ka girangkeun. Gubangkala kacida ngaranjugna. Tanjakan téh sakitu abotna. Namung da anjeunna ogé sanés jami atah-atah. Tanjakan téh disanggupan. Nya Gubangkala nyoba malikkeun kukuk nu dipalidkeun ku Nyai Gabug. Tapi dalah dikumaha, Gubangkala teu sanggup ngayonanana. Kukuk terus palid teu bisa balik deui. Gubangkala teu tinekanan nyanding ka Nyai Gabug da puguh kasakséni kumaha linuhungna Nyai Gabug. Nya ti harita mah taya deui nu ngahéroan. Jigan teu sanggup kana tanjakanana.

Hiji magsa, Nyai Gabug teu damang wales dugi ka kapidara. Tilu raina reuwas kareureuhnakeun kalayan ngaraos hariwang. Namung teu lami, Setayu nampi ilapat kedah milarian geutah buah kilaja muning. Saterasna éta geutah téh diulaskeun kana lambeyna Nyai Gabug.

Henteu sakara-kara, sabada lambey Nyai Gabug diolesan geutah buah kilaja muning, Nyai Gabug sadar deui. Nyah beunta. Nyai Gabug cumarios ka tilu adina sangkan énggal-énggal ngali taneuh ngadamel lombang. Nya tilu rainan ngadamel lombang.

Saparantos réngsé ngadamel lombang, Nyai Gabug lebet kana lombang téa kalayan miwarang ka tilu rainan nutupan éta lombang ku rénggé (régang). Rai-raina nutupan ku rénggé. Barang tos buni, tiluanana ngaranjug, tina sela-sela rénggé aya cayaha gilang gumilang lir anu merong raina anu tiluan. Nya ti harita éta tempat téh katelah jadi Maronggé, minangka wancahan tina kecap merong sareng rénggé (régang). Dugi ka ayeuna éta lembur téh katelahna Maronggé. Ayana di Kacamatan Tomo, Kabupaten Sumedang. Maronggé téh langkung sohor batan lembur-lembur séjénna di Kacamatan Tomo.


Carita Asal-Usul Pelet Marongge Versi Kadua


Di hiji kampung anu ngaranna Babakan, aya opat putri anu kacida gareulisna tur ngabogaan kasakten anu linuhung. Anu cikal ngarana Embah Gabug, anu kadua ngarana Embah Setayu, anu katilu Embah Naibah, jeung anu bungsu ngaranna Embah Naidah.

Kusabab kageulisanna éta, loba raja-raja jeung sinatria anu kapincut hayang ngalamar nepika ngawina. Salah sahijina nyaéta Raja Subangkala ti karajaan Subang. Manéhna boga tékad pikeun ngalamar Embah Gabug. Mangka dina mangsa éta pisan Raja Subangkala maréntahkeun patihna pikeun ngalamar ka kampung Babakan.

“Lamun nolak, culik ku cara paksa!” kitu paréntahna téh.

Dina poé isukna, arindit rombongan ti karajaan Subang nuju ka kampung Babakan. Aleutan rombongan langsung di pingpin ku Ki Patih karajaan Subangkala.  Dina sawatara éta rombongan keur di satengahing lampah, di kampung Babakan Embah Gabug keur tapa brata. Dina tapana manéhna dibere nyaho ku Hyang Widi yén aya rombongan anu keur di satengahing jalan anu boga maksud jeung tujuan jahat.

Sanggeus nyaho kitu, Mbah Gabug geuwat make kasakténna keur nyieun réka perdaya rombongan ti karajaan Subang éta. Nyatana, sakabéh rombongan ngadadak kacapéan jeung saré tibra di hiji wates anu nuju ka kampung Babakan.

Heuleut sababaraha lila, sanggeus sakabéh rombongan sararé, nya disampeurkeun ku Embah Gabug, tuluy dihudangkeun sakabéh rombongan éta.

“Harudang maranéh kabéh!  Ti mana jeung aya kaperluan naon maranéh dating ka kampung Babakan?”

Ki Patih tuly némpas bari sinis “Kawula Ki Patih ti karajaan Subangkala pikeun ngalamar hiji putri nu cicing di kampung Babakan, anu ngaranna éta putri nyaéta Embah Gabug,  paréntahna lamun lamaran ieu ditolak, putri éta kudu dipaksa jeung diculik ka Subang.”

Ngadéngé jawaban ti Ki Patih kitu, Embah Gabug ngajawab kalawan anteb.

“Kuring putri Embah Gabug nu maksud éta. Maranéh sararé ku sabab élmu kuring, Maranéh geus boga niat jahat. Ayeuna gera baralik jeung tepikeun ka raja maranéh, yen kawula daék narima lamaranna ku hiji sarat.”

“Naon saratna? Naha anjeun hoyong seueur emas jeung intan permata?”

“Kawula teu hayang haliyah dunya. Kawula ngan ménta raja maranéh malikeun kukuk (*) nu dialungkeun ka walungan Cilutung. Lamun raja maranéh bisa nyumponan sarat éta, kawula bakal narima lamaranna.”

Heuleut sababaraha poé, datang Raja Subangkala ka kampung Babakan.  Anjeuna langsung disambut ku Putri Embah Gabug di muara walungan Cilutung jeung Cideres, anu saterusna ieu tempat téh disebut ‘Panyaweuyan’.  Sanggeus sakabéhna siap, mangka dialungkeun hiji kukuk ku Embah Gabug ka tengah-tengah tarikna cai walungan Cilutung.

“Kanjeng Raja, kukuk ieu rék dibalédogkeun ku kuring méh tuluy kabawa ka hilir, balikeun kukuk éta ka hareupeun kuring,” ceuk Embah Gabug.

Raja Subangkala langsung ngaluarkeun kasakténa pikeun malikeun éta kukuk nu geus kabawa arus cai walungan anu pohara gedéna.  Tapi cai walungan ngadon beuki tarik, tepi ka Raja Subangkala ogé teu sanggup nahan palidna éta kukuk, jajauheun ka malikeun deui ka hareupeun Embah Gabug mah.  Kukuk ahirna jauh kabawa ku tarikna cari walungan.

Ningali kaayaan éta, Raja Subangkala ngarasa éra, kasaktianna bisa diéléhkeun ku hiji wanoja. Kusabab ti kitu tuluy manéhna nangtang Embah Gabug pikeun ngabalikeun kukuk nu geus kabawa tarikna cai walungan éta ka hareupeunnana.

“Heh putri, lamun manéh sakti, coba balikeun kukuk nu kabawa ku tarikna cai walungan itu ka hareupeun kawula!”


Embah Gabug langsung nurut paréntah Raja Subangkala.  Maké ‘karembong’ sakti ‘cindé wulung’, manéhna bisa malikeun éta kukuk.  Kukuk ngabelesat ti hilir, meulah tarikna cai walungan.  Malahan nepi ka ngajengkang kana cadas anu rata nyarupaan meja tulis di gigireun Raja Subangkala nangtung. Nya tempat ieu pisan nu disebut “Cadas Meja”, ayana di kampung Prunggawul, Desa Bonang, Kecamatan Kadipaten Majalengka.  Ti saprak harita ogé mimiti disebut istilah “pelet (élmu asihan) si kukuk mudik” ti kampung Maronggé, anu antukna disarebut PELET MARONGGE.

Sababaraha poé sanggeusna kajadian éta, mimiti nyebarna béja, yén Raja Subangkala diéléhkeun ku Embah Gabug.   Aya hiji Raja Bugang Geureung ti Karajaan Pasir Ipis anu panasaran tina béja éta anu niat ngajajal kasaktén Embah Gabug.  Raja Bugang Geureung tuluy ngajukeun tawaran ka Embah Gabug.  Ku Embah Gabug tawaran Raja Bugang Geureung éta ditarima ku hiji sarat diwakilkeun ka adina Embah Setayu.

Ngalungkeun kukuk ahirna dimimitian. Embah Setayu dina waktu harita kénéh langsung malédogkeun kukuk.  Tapi dalah saruana jeung Raja Subangkala, Raja Bugang Geureung gé teu bisa ngabalikeun éta kukuk ka hareupeun Embah Setayu.

Tah éta nu diajukeun ku Embah Gabug keur ka saha waé nu mikahayang ka manéhna.  Tepi ka antukna euweuh saurang ogénu sanggup nyumponan pisarateun éta.  Ku kanyataan éta, ahirna Embah Gabug mutuskeun rék balik ka kampung Babakan.  Manéhna nyiar patempatan keur tapana.  Saindit manéhna taya nu nganyahokeun ku pangeusi kampung Babakan.  Malah adi-adina ogé teu dibéré nyaho.

Tangtuna ku hal ieu jadi nyieun tunggara keur Embah Setayu, Naibah, jeung Naidah.  Nepi ka hiji mangsa, maranéhna tiluan boga niat rék néangan lanceukna anu indit henteu amit.

Maranéhna indit ngalalana.  Nepi ka hiji peuting, maranéhna tepi ka hiji pasir (bukit) nu katelah Gunung Hadé.  Di puncer pasir éta maranéhna tiluan manggihan hiji awéwé anu ngagolér sabab gering katingalina.  Awéwé éta singhoréng Embah Gabug, lanceuk maranéhna.  Nya langsung ditangkeup wé awak Embah Gabug éta kumaranéhna.

Teu kungsi lilla aya sora gaib :  “Heh, Setayu, Naibah, jeung Naidah! Lanceuk maranéh bakal cageur lamun ngadahar buah laja anu jaradi di ieu pasir!”

Tuluy diteangan  buah laja éta ku Embah Setayu , sanggeus ngadahar laja, ku kalawan kakawasaan Hyang Widi, Embah Gabug ahirna cageur deui.

“Naha urang-urang aya didieu? Saha nu geus nyageurkeun urang?” ceuk Embah Gabug.


Nya dicaritakeun sakabéh kajadian nu geus tumiba ku Embah Setayu. Sanggeus ti kitu, jol-jol aya saora gaib deui :

“Maranéh ulah kaget, kawula nyaéta Haji Putih Jagariksa nu ngawasaan ieu pasir. Hiji mangsa nu bakal datang maranéh bakal tumetep di ieu pasir.  Ayeuna, jig gera arindit!”

Sanggeus ngadéngé sora gaib, Embah Gabug jeung tilu adina antukna balik ka kampung Babakan. Nya geus pasti sakabéh pangeusi lembur nyambut maranéhna ku kabungahan.

Sanggeusna sababaraha bulan, dina malem jumaah kliwon, kaopat putri adi lanceuk éta indit jarah ka Gunung Hade. Satepina di éta patempatan, maranéhna nyieun lobang pas luhureun Embah Gabug ngagolér tiheula sababaraha waktu ka tukang. Tuluy Embah Gabug asup kana jero lobang éta, ku adi-adina ditutup éta lobang make ‘renggé’(sarupaning regang awi haur) anu tumuwuh di sabudeureun éta pasir.  Sanggeus ti kitu, Embah Gabug ahirna ditaringgalkeun ku adi-adina.

Kacida lilana Embah Gabug kakubur dina liang di puncer Gunung Hade, adi-adina ngarasa sedih, kusabab ngarasa geus lila teuing ditinggalkeun ku lanceukna.  Tepi ka hiji peuting, maranéhna arindit tiluan ka Gunung Hade anu maksudna rék ningali lanceukna. Satepina di puncer Gunung Hade, maranéhna reuwas, kusabab tina lobang anu ditutup ku renggé dina waktu katukang, kaluar cahaya nu merong (ngempur caang)  kakoneng-konengan siga ngagurilapna emas.  Tuluy maranéhna mariksa lobang anu ngaluarkeun cahaya nu merong éta.  Tapi tétéla lobang téh kaayaan kosong, Embah Gabug nu kungsi asup kana lobang éta gé ditingali ku adi-adina gé kasampak geus leungit.

Ti saprak harita, tempat éta kawéntar ku rahayat nu aya di sabudeureun éta ku ngaran ‘Merongge’. Sajalan jeung lumakuna waktu, tiwaktu ka waktu tungtungna mah robah jadi ‘Maronggé, anu asal kecap tina ‘merong’ jeung kecap ‘rengge.

Ayeuna kampung marongge jadi tempat pikeun jarah, kalolobaan nu daratang jarah boga maksud supaya gancang meunang jodo atawa tapa keur miboga élmu “Pelet si kukuk Mudik”. Nurutkeun kapercayaan pangeusi lembur di  éta patempatan, bejana nepi ka ahir hirup opat putri éta teu pernah rarabi (kawin/nikah).

=============
Katerangan
Kukuk      : ngaran tutuwuhan sarupaning waluh. Kembangna bodas jeung buahna nyarupaan kendi. Buahna anu geus kolot, ku kolot biasana sok dipaké wadah cai (tempat mawa/nyokot cai)ku cara ngalobangan deukeut puhuna (kusabab nyarupaan siga beuheung kendi)
Hyang Widi : Allah SWT (basa nu digunakeun ka Nu Maha Kawasa dina mangsa harita, kusabab can datang islam)



Elmu Kinasihan Si Kukuk Mudik (Pelet Marongge)

Lamun ngadanggu Marongge teh sok dadangueun sareng Ronggeng atawa Sinden...ahii...hii...hii, da cenah caritana Nyai Gabug teh meunang elmu pelet/asihanna meunang Guguru Batin atawa tatapa, tuluy aya sora tanpa wujud ti Haji Putih Jagariksa, anu ciri Batu Tutunggulna Hiji.

Ceuk Abah Kuncen, guna meunangkeun elmu kinasihan Si Kukuk Mudik (pelet Marongge) kudu miluan ritul anu puncakna dina malem jum'ah kliwom. Ritual ieu anu disebut nyacap ajian (cara meunangkeun ajian). Biasana, ti poe kemis beurang anu ziarahan geus daratang. Jalma nu daratang ti saban tempat. Tengah peuting ngalakukeun Tawassulam bari jeung ngungkapkeun hajatna sewang-sewangan di sakitar Makam Nyai Gabug anu dipimpin ku Kuncen nu aya dieta patempatan.

Dina tengah peuting, jalma-jalma sina laleumpang ngadeukeutan walungan Cilutung, anu jarakna kurang leuwih 400 meter ti makam karamat Marongge. Dina peuting nu poek, jalma-jalma laleumpang ngaliwatan jalan Tolenggas-Cijeunjing, nyusur jalan satapak, seug neupi ka walungan anu dituju nyaeta Walungan Cilutung anu lebarna kurang leuwih aya kana 50 meteran.

Sakabeh nu boga hajat kudu turun ka eta walungan nu caina teu pati jero, mandi jeung ngareundeum, bari jeung maca jajampe anu dibikeun ku Kuncen dibarengan ku hajat(kahayangna) sewang-sewangan. Acara mandi eta ceuk kuncen ngarupakeun ritula anu penting dinu prosesna kasakten elmu kinasihan pelet marongge cenah.


"Jeung neupi deukeutna akhir ritul, sakabeh nu baroga kahayang kudu miceun calana jero, tuluy dihanyutkeun ka walungan eta, ritual miceun calana jero eta pikeun miceun sagala kasialan," ceuk Kuncen.

"Mitos ti kuncen eta teh ki (ka penulis maksudna), simbol miceun mamala, mun awewe dimandian soteh ari lalaki mah kudu mandi sorangan, nalika kaditu wae apal soteh, jaba hujan badag. Ceuk kuncen : mangga ujang bilih bade ibak mah itu ka tengah. Ceuk kuring : Embung teuing keur hujan kieu kudu ngeueum ditengah wahangan, jig wae mang Kuncen ari hayang kabawa ku caah deng-deng atawa dadakan mah, kuring mah teu harayang teu sudi," Ceuk Ayi Bayu Kusumah Dinata Kusumah Pupuhu Kuncen KPBS anu pernah ka eta patempatan.  (Dedie Smd - 11/10/2016).



Baca Juga :

Tidak ada komentar