Sangkuriang Jeung Dayangsumbi Versi Kabuyutan Cipaku Sumedang


Sangkuriang vs Dayang Sumbi versi Kabuyutan Cipaku dicutat tina Buk Pakuning Alam


ASMARANDANA

262. Saparantos lami di nagri, ratu palay jengkar, palay moro sato, tuluy ngemban timbalan, kapatih sangkala, kaula hayang moro, geura nyien papanggungan, gancangna patih miwarangan, papangungan anu alus, gancangna papangungan geus sadia.

263. Dipapangungan narpati cicing, tuluy masangrahan, dipapagungan megat sato, gancangna kacarita, palay nginum cai dawegan, cai dewegan diinum, dawegan dugika beak.

264. Teras kiih dina cangkang dawegan, moro can meunang keneh, geus lami mangsana, geus satengah bulan, nya ratu nerapkeun elmu supaya sarato daratang.

265. Ieu elmuna deui, supaya sato daratang, tapi elmu jangeun nyingkir sato, ieu dihandap elmuna, sidangkal dengkel lumajang, sira metu geura kumpul, aing keur masanggrahan.

266. Cipasang jadi dudukan deui, di Cipasang nerapkeun sihirna, gancangna kacarios geura pada pulang, geus kumpul deui di nagara, tunda heula ieu Ratu nu aya di Karaton.

267. Urang selang kocap deui, aya bagong nu keur tapa, handapeun kiara tapanateh, gancangna teh kacarita, purganing hu yang sukma, bagong geura nyatu ngadahar saredan raja.
268. Korejat bagong lilir, korejat bangong euweuh baturna, tuluy mangkat ngulon, nya datang kapapanggungan, ngadahar seredan raja, manggih cai pek diinum, dina cangkang dawegan.

269. Gancang nu mangun gurit, bagong reuwaseun kacida, tuluy reuneuh eta bagong, nureuneuh enggeus waktuna, tuluy ngajuru eta bagong bodas, medal murangkalih lucu, budak geulis kacida.

270. Budak murangkalih istri, budak tuluy dibawa, digandong dina tonggong bagong, disangakeun budak karaja, budak tuluy ditarima, ditarima ku ratu Galuh, tuluy budak dingaranan.

271. Ngaran budak Lara Sati, jeung Sapi Rasa ngarana, budak gancang gede carita buru gancangna, teu dicarita lalakona, budak tuluy titah ninun, dipangnyieunkeun papanggungan.
272. Dibaturan ku anjing, ngaran anjing si Belang Jungjang, taropong moncor ka kolong, nyi Lara Sati Ragrag basa, saha nu nganteurkeun taropong heula, meureun diaku dulur, mun lalaki dijieun salaki kaula.

273. Teu aya deui manusa iwal ti Belang Jungjang, taropong tuluy digegel, dianteurkeun kana lahunana, nyi Lara Sati awas tingalna, nyi Lara Sati dibebengkung, sieun ditagih hutangna.

274. Nu aya henteu eureun, unggal poe euweuh eureuna, ti isuk nepi ka sore, nu ninun tunda carita, kocap Si Belang Jungjang, si Belang Jungjang heug ngalamun, Nyi Lara Sati disirep ku Jungjang.

275. Ieu Sirep leuwih matih, sirepna si Belang Jungjang, Sadaya pada hares, nu aya dipapanggungan, hees kaburu buritna, nyirep anu keur ninun.

277. Tuluy nyuksruk eta nyi Lara Sati, disirep ku Belang Jungjang, sibelang jungjang si belang tuluy naek, unggah kana papanggungan, nya tuluy nyingkabkeun sampingna, sukuna jengke kaluhur, nyi Lara Sati dikiihan.

278. Matak anjing ari kiih, sabeulah jengke sukuna, nya tuluy patonggong-tonggong, lamun anjing lalakina, kitu eta asalna, anjing dingaranan asu, nyi Lara Sati dumareda.

279. Sundel teuing aing, dilakian ku si Jungjang, gunung dingaranan teh gunung Sunda ngarana, Lara Sati ka Burangrang gunung Sunda.

280. Tempat ninun Margawati, marga waktu dihina, lingsem nyi putri teh, Cikalingsem ngaran tempat, teu saluyu marga dihina, Cimarga dudukuh nu matuh, ayeuna ganti carita.

281. Tuluy nyi Lara Sati, nya hideung susuna, matak anu reuneuh kabeh, sok hideung eta susuna, eta kitu pusakana, gancangna edek ngajuru, nu reuneuh tunda heula.

282. Kocapkeun anu dinagri, Ratu Galuh eta ramana, ninggali kuku olohok tuluy muka deui ogana, aya ogan tuluy dibaca, macana dina kuku.

285. Geus kitu katingali, lampahna kang putra, geuning lampahna goreng, lakian ka belang jungjang, kawas dek boga anak, kawas dek ngajuru boa aing manggih wirang.

286. Ratu Galuh leuwih sakti, neneda ka Nu kawasa, saktina euweuh nu nyaho, supaya ulah wirang, Galuh dek ngajadi anak, Lara Sati dek dipalsu ku somah ulah kanyahoan.

287. Ratu ngemban ka Patih, ka mantra tumenggung sadaya, ka pongawa balad sakabeh, kaula ayeuna wakca, kaula edek tatapa, nagara titip ka para tumenggung, kaula titip nagara.
 

288. Ratu angkat ka Lara Sati, ka Buana Panca Tengah, Galuh ngajadi orok nyipta deui eta pepeteng, nyipta deui halimunan, nyi Lara Sati ngajuru, nepi ka poe panca tengah.

289. Ganti ngarana Dayang Sumbi, kirik eta anakna, tuluy digentos, digentos ku ramana, kikirik tuluy disepak, disepak ku Ratu Galuh, ngalayang ka awang-awang.

290. Jadina anjing peuting, jadina anjing siluman, ari peuting suka ngingking, ngingkingna di awang- awang, nu jadi bayi ramana, nyaeta Ratu Galuh, ganti ngaran Suwung Rasa.

291. Lalakon Suwung Rasa deui diburu, diburu deui bae gancangna, karesepna eta moro, anjing dibawa-bawa, kocap aya ratu kidang, diudag hanteu kasusul, anjing mindeng katingaleun.

292. Lumpat tarik liwat saking, ngarana kidang kancana, lumpatna kaleuweung ganggong, didinya Suwung Rasa matek ajian, nerapkeun pamupul bayu, ngaweruhkeun Kidang Kancana.

294. Anjing lumpatna dipandeuri, tuluy anjing dipaehan, anjing eta dibedil, nu diala atina, jadi pasir anjing ngarana, keur wenang Raden Suwung Rasa, dudukuh panenang nelahna.

295. Ari eta ati anjing, disanggakeun ka ibuna, ati tuluy diangeun bae, ayeuna diasaan ku ibuna, ku Suwung Rasa ditanya, naha raos angeun ibu, ngawaler Ibuna raos kacida.

296. Raos pantes ati anjing, da puguh ge salakina, Suwung Rasa diketrok, keuna kanu mastakana, matak legok sirah tengahna, Suwung Rasa ku ibuna ditundung, Suwung Rasa di ibuna mangkat.

297. Tunda heula Dayang Sumbi, urang kocap Suwung Rasa, balik deui kakaraton, ngeusian deui nagara, geus kumpul balad somahan, nagara Galuh di Cibubut, mimiti aya nagara.

298. Geus lawas aya dinagri, ngumpulkeun balad somah, demang mantra, kaliwon kaula ngemban timbalan kaula seja ngalalana, dek ninggalkeun kadaton, seja ngalegaan jagat.

299. Ratu Mundur tinagri, barang nepi ka perjalanan, tepung jeung istri denok, didinya silih Tanya, nyai anu timana, jeung akang karek tepung, kamana anu diseja.

300. Istri ngawalon deui, neangan piduriateun, sugan panggih jeung jodo, tuluy bae bobogohan, pada sir duaan nana, nu kasep sareng nu lucu, guneman pada duaan.

301. Duh enung karek panggih, istri sakieu geulisna, duh engkang abdi oge, endak satria kasepna, nu kasep taya tandingna, duh ayeuna enung, engkang menta dipundayan.

302. Nyanghunjar eta nyi putri, tuluy bae mundayan, nyi putri tuluy olohok, rakana tuluy ditanya, kunaon legok sirahna, satria tuluy ngawangsul, dipergasa ku pun biang.

303. Akang keur waktu leutik, akang ngabobodo pun biang, baheula keur budak keneh, ati anjing diasakan, ku akang tuluy ditanya, akang diketrok ku sinduk, keuna kanu sirah akang.

304. Ieu Dayang Sumbi, ieu teh Ibu sampean, diteangan tibareto, satria teu percaya, naha nyieun tanjakan, da nyai nu boga sanggup, ngaha ngabobodo ka akang.

305. Dayang Sumbi ewed pikir, Dayang Sumbi aya pamenta, supaya kawin teu cios, pang nambakeun heula sagara, menta para Hu tujuh lobana, Citarum Cimanuk Bendung, tambak walungan dalapan.

306. Jeung menta 5 kamudi jeung urang lalayaran, jang urang oleng panganten, sapeuting menta parat, satria gancang nyanggupan, satria geus kitu matur, ka malaikat,  setan, siluman.




307. Gancang parahu dek jadi, sareng nambak sagara, ngan bae henteu cios, ibuna nyacag boeh larang, barang bray caang tiwetan, boehna diawurkeun lajeng jadi kingkilaban.

308. Nyieun parahu teu jadi, sareng nambak sagara, lantaran eleh kasakten, Suwung Rasa kawiwirangan, ganti nama Sangkuriang, para Hu tujuh narangkub, sagara dalapan teu parat.

309. Dayang Sumbi mere cincin, sareng mere perjanjian, dimana jaman geus rame, didinya aya cirina, buaya putih nu jadi ratuna, didinya urang tepung, waktu tepung diperangan.

310. Raja Buaya Putih, diperangan ku siluman, lilana Saumur jagong, siluman ngajadi raja didinya, loba tangtungan, siluman sato pada nginjeum wujud ka manusa.

311. Tempat dingaranan deui Silangunjar, waktu tepung pada bogoh, ayeuna ganti carita, Dayang Sumbi lalakona, urang heula kantun, urang kocap Sangkuriang.

312. Sangkuriang neundeun jangji, engke diahir paratna, nagara geus rame, nyieun walungan ngulon ngetan, nyieun muara kalautan, Citaru Cimanuk Tepung, nyieun kalabar ngulon ngetan.

313. Ngan kaula mere pepeling, lamun geus mangsa pada ngarti kabeh, umat-umat sadaya, dangdaunan imah ku domdoman, caricing di tegal cikur, muru Kembang Jaya kusumah.

====================
Colek Mama Haji Dedie Kusmayadi Sumamiharja, Kakang Pangawung Rangga, Bah Wisahya Drs, Kang Asep Enang Hasanudin, Kang Asep Tutuy Turyana, Kang Kaljat E. Gumilar, Mang Surono Ikamaja, Mang Koko Baranyai Baranyai, Bi Away Nurkurnia, Kang Fajarnur Kurnia Fathurrahman, Mang AT Dendusri Putra, Mang Ade Boedak Hideung, Kang Teureuh Cipaku, Kang Prama Wirakusumah, Kang Fahmi Leonidas, Teh Yulia Rahmawati, Teh Kenny Dewi Juwita, Kang Gustaff Harriman Iskandar, Kang M Ichsan Harja Nugraha, Kang Denni Hamdani, Kang Rahmat Leuweung, Kang Rudi Brata Manggala, Kang Ahmad Taufik Sirojudin, Kang Adi Raksanagara

Mangga dipedar kumaha ceunah ieu pihartoseun nana... rada beda jeung carita Sangkuriang anu sok dipedar di buku-buku carita anu aya. Kumaha jadina eta Sagara 8, Tambak Walungan tea, 7 parahu, terus dimana Cimanuk jeung Citarum tepung? nyieun walungan ngulon ngetan ieu anu mana nya? geus kajadian atawa acan? Raja Buhaya Putih terus diperangan ku Siluman, Siluman nu jadi raja, terus loba manusa anu diinjeum awakna ku sato? Prung Ah Kumaha carita anu rek kawin teh?.

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Muru Kembang Wijaya kusumah, dinu ieu silib dihartikeun nyaeta ngalatih diri merangan hawa nafsu ku ngelehkeun guriang tujuh (Tujuh tingkatan nafsu)


 

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Kabuka nya Mang Kaby, eta ratu Galuh di dieu teh Kendan, sanes Ciamis. Di Ciamis teu aya walungan Cimanuk nu aya ngan di Sirahna di Garut sareng Sumedang alurna ngamuara lautna ka Indramayu.




Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Citarum aya bendungan Jatiluhur, Cimanuk aya bendungan Jatigede

AT Dendusri Putra : Citarum burung di bendung. Cisadane burung di pungkat. Cimanuk urung di bendung. Darmaloka waduk darma. Sakedahnamah. Cimanuk ulah janteun..anu janteun bereum benget. Subur ka lima nagara. Majalengka. Nagarana majalangu di teraskeun ku Talaga manggung. Mataram Cirebon. Sumedang ...Sumedanglarang  di pande ku Indramayu.

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Buhaya Putih menta wadal tumbal saruntuy caruluk ... duuh geuning loba.

AT Dendusri Putra : Perkawis wadal mah. Eta aya kaitan. Nana sareng nagara Lokuntar. Nagara siluman anu kaganggu.

AT Dendusri Putra : Anu kedah diguar atanapi dibuka cirina ... saur sakaol aya arca tina perak di lebetna mustika, ceuk pun aki ayana di daerah. Gunung Banen di dinya aya Arca anu di cipta ku prabu Sangkuriang.

Asep Enang Hasanudin : Gunung Banen nu di Cibanen kitu nya???

Asep Enang Hasanudin : Eta berarti kecap silangunjar = salanghunjar, aya di wewengkon Cikeusi

AT Dendusri Putra : Muhun panginteun, dina eta batu di entep sareng saurna aya wasiat ditulis dina batu cadas di puncak gunung Banen atanapi aya gua leutik saurna.

Asep Enang Hasanudin :  Banen = bahan inten, dilembur abdi aya ngaran walungan saninten.

AT Dendusri Putra :  Duka tah. panginteun kitu rupina.

Asep Enang Hasanudin : Kade ah bilih ku tangan-tangan jail, malah diraruksak weeh.

AT Dendusri Putra : Muhun anu mawi, Ka para sejarawan ... Budayawan keudah tos der ngamumule sareung nyukcruk galur... kumargi di area genangan saur kaol bakal rame sadunya.  Saurna.

Mang Kaby : #PrungAh colek Kang Dadang Romansah manawi tiasa noel dinas pariwisata sareng budaya supados nyukcruk galur anu saestuna sanes galur jieunan batur. Oge Kang Nata Nagara Sumantri manawi arkeolog-arkeolog anu independent tiasa nalungtik.

Asep Enang Hasanudin Padahal di "jemah" teh aya sesuatu saur sepuh mah.

Mang Kaby : Kumaha uningana Kang Asep Enang Hasanudin

AT Dendusri Putra : Perkawis jemah...eta pan lebet ka na carita da jemah asalnamah cipaku, mung cimanuk waktu harita, ngalih arus ka palih kulon. Da kawit na mah jemah teh ngahji jeung cipaku duka tahun sabaraha. Waktos harita.

Away Nurkurnia : Ngaregepkn ken sok guar kang Aden da tos rayagung

AT Dendusri Putra :
Pan dina cacandran, oge.
Sumedang geura ngadarma ka Darmaraja.
Sumedang geura cicingan pageuhan ku Cipaku.
Sumedang geura misuka nagara, Suka nagara.
Sumedang geura guar Curug Emas.
Sumedang geura wangian ku Ciwangi. 
Sumedang geura mi indung ka Jati Indung,
sumedang geura mibapa ka Pamoyanan.
Sumedang geura buka koncina ku Gunung Kunci.  

Anu bentukna Chakra.
Pan eta tos. 

Jelas di titik Chakra atanapi tengah.
Tos nuduhkeun hiji ciri di Sirah Sumedang. 

Seueur perkara.
Mung hanjakal teu acan aya anu wantun penelitian dugi ka tuntas. Ku alatan Jatigede, kudu jadi.  Janteun diparoekan ku batur anu tos ka ancikan. Oray liong...he...he...he

Mang Kaby : Lanjutkan Mang AT Dendusri Putra rupina generasi ngora Cipaku oge Sumedang teh tos laleungiteun obor, kapoekan.

AT Dendusri Putra : Muhun mang asep. Kumargi seueur. Anu ngaku yen kuring cenah. Turunan sumedang. Padahal anu asli turunan sumedang mah.
Cirina dina kuku aruratan. Anu kadua sajarah sumedang dirarobah da ngewa tea ka urang Cipaku, ameh pareumeun oborna.
Padahal cipaku malah nerekap ka unggal pelosok. Sareng ripuh marebutkeunn gelar jeung katurunan bari dasar. Na ambisi.  Padahal seuweu siwi putu sumedang mah. Anu nyumput dina buni. Tapi negrak.

AT Dendusri Putra : Mun suuzdon,,tea. mah. Tos negrak ku akibat lemah sagandu diganggu.

AT Dendusri Putra : Tina nama. Oge tos jelas SUMEDANG.
SU = SUNDA-ME = MEDAL,
DANG = DANGIANG...SUMEDANG.
SUNDA MEDAL DANGIANG...atuh palih.
Dituna ucap karuhun.
Di hiji elmuna aya bahasa.
Nya kami nya sri remesing dattulloh.
Dat herang dat lenggang...les raga sukma ret karena kari.
Tina ieu bahasa. Bakal ka buka ka ahengang karuhun urang sumedang.
Mung hanjakal pakia-kia.

Pangawung Rangga : Heuheuyyy deuuuhhhh

Teureuh Cipaku : Nyakseni..

Mang Kaby Manawi : leres geuning #JatigedeJatidiriBangsa urang antosan #CimanukMarigiDeui jatigede kantun ngantosan naha bade disurutkeun ku pamarentah atawa rek disurutkeun ku alam? Da jelas #TukuhCipakuMahMoalGeruh mugia Mang AT Dendusri Putra teras ngeprakan hayam supaya kongkorongok... Karunya seueur anu kapoekan kudu dicacag boeh larangna supaya caang bengras. Oge kang Dedie Kusmayadi Sumamiharja... Lanjutkan ah. Kumaha hajat 14 muharam, babaktina biasana kumaha?

Away Nurkurnia : Kopi heula kang Pangawung Rangga, pami teu dikopian mah moal diteraskn ke bae cenah muharram.

AT Dendusri Putra : Hahaha. Kopi wae

Mang Kaby : Ayeuna di lembur masih harajat muharaman teu Bi Away Nurkurnia? Sigana tos ampir tumpur tradisi kolot urang kapungkur teh?

Pangawung Rangga : Hi..hi ... Masih juragan, biasana kaping hiji muharam teras 14 muharam abdi sok ngalungguhan ka paniis. Teras lamun di Cibudah mah ka aki karmita . Mun gunung penuh sok pangakhiran juru kuncina pa amir cibarengkok

Mang Kaby : Mantaaap sae pisan... Kumaha ritualna Hajat 14 Muharam teh?

Asep Enang Hasanudin : Masih kang,,,dilembur abdi tiap 14 muharram.

Pangawung Rangga : Masih sa ciri sacarana biasa meureun ari ruruba mah ... teras nu ka uninga mah mun di Paniis sok dibacakeun buk (arab gundul) lalakonn para karuhun, beres biasana tengah wengi di pasih pare saranggeuy ewang  laju bring ibak dipimpin ku juru kunci.

Mang Kaby : Sae pisan lamun diayakeun deui di Cipaku di Astana Gede Lembu Agung manawi... Ari tanggal 14 Muharam taun ayeuna iraha kinten-kinten.

Pangawung Rangga : Muharam tanggal 1 muharam antra dinten saptu minggu payun.

Mang Kaby : Tah sae pisan saptu minggu mah... Hayu ah ramekeun... Ngeureuyeuh.

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Kamari oge kasituraja Kianom Sumedang sareng Kang Edi (Syeikh Wihdatul Wujud) ngajak lumaku 1 muharram...Kang Asep Mang Kaby ....der ah minggu payun : Kila juah, kimasari ieu isun Jatining Hurip, ilang ganda kariwangi, cur mancur cahyaning Allooh, sampurna dening Allooh. Iku kang Agung kang antarlullooh, iku Sir Suci, Iku pindah ka bumi, Bumi suci pindah ka badan, badan suci pindah ka nyawa, nya Suci nu ngareusikeun jasmani la ilaha illallooh...

AT Dendusri Putra : Sakedah. Hakekat cipaku Darmaraja.sumedang kedah tos. Di buka sareung diaji, kumargi eta cikal bakal, elmu karuhun urang nyumput dina bahasa. Kacipakuan...kadarmarajaan...Kasumedangan..tos jelas tilu.

Walungan sawidak punjul tilu, anu tilu di Cipaku darmaraja..teuras lalakon. Anu tilu : Ratu Galuh, Prabu Sumedang sareng prabu Tajimalela.

Elmuna dat Sunda Alip Satunggal...jeung saterasna.

Mang Kaby : Sae pisan Mang AT Dendusri Putra kumaha nya carana sangkan elmu hakekatna Cipaku ieu nanjeur deui? Boa kusabab tos jarang anu ngabuyutan numatak Cipaku nepika dikeueum oge?

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Duh geuning eta Dat alip Sunda Sunda Satunggal teh, Nu mawi kang Aden waktos abdi ziarah/Tawasulan ka Gunung Nurmala (sangkanjaya) ka tempat riyadohna Eyang Lembu Agung sareng Eyang Gajah Agung, logo kujang 2 dinu totopong potong janten hiji logona, duka potongna iraha teu karaos abdi oge...perah bedok nu aya logo maung nu kang M Zakaria semplak ceulina janten Hiji kang....

Away Nurkurnia : Di lereng gunung banen aya batu sapertos Arca

Mang Kaby : Gunung Banen palih mana Bi Away Nurkurnia.

Away Nurkurnia : Masih Mang kaby, Tali paranti teu meunang leungit.

Mang Kaby : Mantap Bi Away Nurkurnia

Away Nurkurnia : Gunung Banen caket jembatan Jati Gede payuneun pareugreug.

Mang Kaby : Menarik jadi hoyong ka Gunung Banen

AT Dendusri Putra : Cobian photo geura mang asep, Sing caket. Motona tanapi lungsur ti palih Kaler eta gunung sarertos candi.

Away Nurkurnia : Seueur bagong di dinya mah.

Asep Enang Hasanudin : Geus wayah dibabarkeun sajarah teh, sangkan jadi obor keur generasi kapayuna, ulah hayoh dikukut nepika lukutan, antukna ti lelep ku owahna jaman

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Sumuhun tileuleup sapertos Jatigede Kang Asep Enang Hasanudin, da sangkuriangna kabeurangan nyaritana...

Pangawung Rangga : Keur nu sa-ikhwan mah teu pamali rupina ... sangkan apal meh jadi kanyaho keur nu rancage hatena, ker nu nyukcruk galurna (rambat kamale)

Mang Kaby : Sae pisan hayu ah #CimanukMarigiDeui... Manawi urang sadaya kudu ngahiji sabeungkeut sapihanean, sauyunan sabilulungan.

Adi Raksanagara : Masih dianggo, mitos Keuyeup Bodas dan Buhaya Putih.... Matak paur Save Jatigede http://destinasianews.com/index.php/framing-destinasia/498-di-balik-kisah-waduk-jatigede-cerita-buhaya-putih-dan-keuyeup-bodas-continued

Wisahya Drs : Anjing dibedil?  Nya ari jaman harita geus aya bedil?

Wisahya Drs : Tapi katimu situs bedil potong di Gunung Surian jeung di Situs Ciungwanara Ciamis deuih.

Pangawung Rangga : Situs bedil sapotong ... nu hiji di Gunung Surian (nu kapuhu) nu hijina di bojong isak tapi ceuk sakaol aya di Gunung Pareugreug.

Mang Kaby Tah : bener naha bedil? Duka beneran bedil atawa ieu geus mengalami deviasi kusabab ditulis teu diapalkeun jadi bisa bergeser anu misalna dipanah jadi dibedil ... Intina mah dipaehan.

Mang Kaby : Tapi ceuk beja perang Mahabarata oge antawa Pandawa jeung kurawa ceunah perang nuklir? Bisa jadi baheula geus aya peradaban maju samemeh urang aya ayeuna Zaman Beusi.

Wisahya Drs : MUNSRIK YEUH MANG, BOA ENYA DIBEDIL?

Wisahya Drs : Der mang awung kumaha tah naha enya jaman harita geus aya bedil?

Asep Enang Hasanudin : Kade bisi pacampur sajarah baheula jeung nu kadieunakeun..

Pangawung Rangga : Bedil lain perkakas ayeuna ... tapi bedil mangrupa ku basa baheula ... ngan diayakeun wujud bedilna (bentuk batu).

Dedie Kusmayadi Sumamiharja :  boa bedil lodongna tina batu tapi bahan beledugna tinu naon kang Pangawung Rangga???

Pangawung Rangga : Pan disebut aki paninggaran oge jago nembak, numbak, ngan nembak na lain dikeceng atawa dikeker, cukup ku basa bledag benang siah, sedengkeun jarak tembakna mun kiwari mah antara pasir a jeung b.

Baca Juga :

Tidak ada komentar