Sajarah Ciung Wanara Galur Karuhun

Mimiti ngawitan diserat, kawit jumenengna Ki Ajar Sukarasa anu asalna Ajar Sakti nyaeta Ratu Galuh.

Waktos nuju mandita di Gunung Padang jenenganana Ajar Padang/Ajar Sakti/Ajarsubrata.

Waktos nuju orok di Ciseuma jeuneunganana Sipulungtimu/Ciung Wanara.

Waktos ngadamel nagara pakuwuan di Padjajaran jeuneunganana Ratu Agung Ciung Wanara
Ratu Ciung Wanara anu Sumarena di Sukalilah (Ciamis)

Eukeur jadi Prabu Ciung Wanara saderekna Prabu Hariang Banga, Tapi Prabu Hariang Banga eta ciciptaan Ratu Galuh.

Ratu Galuh gentos nami janten Sukaresi, teuras puputra, nyaeta anu jenenganana, nyaeta : Si Pulung Timu (Ciung Wanara) anu Hiji deui Hariang Banga (Dinu versi ieu mah)

Carios singkat diahir karajaan Galuh Pakuwuan, prabu hariang banga pangkur sareng wargina prabu Ciung Wanara, seuja marebutkeun nagara sabeulah. Majujurit (perang) tujuh poe tujuh peuting teu aya anu meunang teu aya anu eleh.

Kaayaan kitu teh dipisah ku lauk Bogo (siloka panginten ieu lauk bogo teh). Nagara sabeulah ku Hariang Banga diserahkeun ka Ciung Wanara. Hariang Banga tuluy ninggalkeun karajaan ngalalakon ka daerah wetan. Asal ngiuhan dihandapeun buah/tangkal maja. Saking laparna diraosan buah maja eta geuning rasana pait rasana.

Tuluy didinya anjeunna ngadirikeun karajaan namina MAJAPAHIT, malah anjeunna anu jadi Ratu mimitina, anu teras anak baranak turun tumurun di ditu.

Tunda carios eta, ayeuna teraskeun deui galur turun tumurun prebu Ciung Wanara prabu Susuk Tunggal, teras nurunkeun deui putra jenenganana Prabu Anggalarang. Teuras nurunkeun deui munding kawali jenenganana, nya anjeunna kagungan putra hiji jenenganana Prabu Siliwangi anu janten ratu di Padjajaran.

Prabu Siliwangi puputra dua urang, nyaeta jenenganana :
1. Anu Cikal namina Walangsungsang
2. Anu Kadua jenenganna Lara Santang, anu teras puputra deui nyaeta :
- Anu cikal namina syekh Arifin, anu karamatna di Banten
- Anu kadua syekh syarif Hidayatullah anu katelahna Sunan Gunung Jati.
=========================
Sumberna : Buku Galur Karuhun ti Darmaraja Kabupaten Sumedang.

Dinu versi ieu prabu Hariang Banga sareng Ciung Wanara sami-sami putra Ki Ajar Sukaresi (Prabu Permana di Kusumah)

Baca Juga :

Tidak ada komentar