LAYANG INSUN MEDAL KAMULYAAN HIRUP

Ieu Layang Pikeun Nyungsi Diri Sorangan, JALAN DIRI MILARI JATI (LAIN MAHONI :) )

Kaula kaula’aneun RENUNGAN ALAM, SILIB DIRI

BUBUKA

Bismilah anu ngabuka,,, Bubuka ieu carita. Abdi seja muka raga, Neda ka MAHA KAWASA.

Sugan aya hibar hasil ngadoa Sareng karamat ti Ibu Rama, sanes abdi agul diri, tapi abdi syiar ilmi hasil abdi muka diri, sugan aya anu sami.

Hapunten abdi hapunten Hapunten kanu tos janten Hampura abdi hampura Hampura ka para sesepuh, Kasadaya luluhur sabuder awun.

Sugan wae ieu serat janten inten, Teu kalangkung kanu benten, Abdi nyuhunkeun hapunten

HAPUNTEEEEN SEUUN


BAB I AGAMA?

AGAMA CEUK BAHASA
Baheula kolot nyarita Urang kudu beragama, Eta teh naon maksudna Kudu katepi jujutna. Ayeuna manjing dewasa susah senang geus katampa, Kade poma ulah hampa, kabeh ge aya tapakna.

Susah pasti aya sabab, Senang nyata aya mazhab, Geura baca eusi kitab, Kitab nu mukakeun sabab, numutkeun harti bahasa Agama teh nu ngajaga, Ngajaga ieu waruga, Tina hawa hawa dunya.
(A = heuteu. Gama = kacau ... jadi anu beragama hirupna teu kacau)

Urang teh pamimpin dunya, Geus pasti boga budaya, Asal tina nur cahaya, Nu mawa bagja waluya, Cahaya Caang Padang Narawangan, sifatna waspada eta watekna, Katingal hasil gawena seungit pasti kaambeuna.

Najan dzikirna ngageot ka bungkus ku kulit peot, tapi laku huat-heot pasti balikna oge molotot.

Agama kudu dibuka, Lain jadi bahan warta agama ageuman nyata patokan urang didunya.

NAON SABAB KUDU BERAGAMA?
Laku lampah dimayapada Kudu mamfaat ayana Eta hasil anu nyata

Dina kitab nu kabuka,
Geura tingal poe tujuh geuwat baca ayat tujuh, lain sabab ditawajuh, kudu ningal ka pituduh.

Dina faatihah bubuka tujuh ayat anu nyata Akhir surat jadi fakta Naon sabab beragama.
(ayat tujuh surat al–faatihah anu hartosna "…….Ulah kalebet ka golongan jalmi anu dholim sareng sasar lampah……." wallohu a'lam)

Ulah jadi jalma dholim, Komo beki dengki iri, Kudu jadi jalma alim ngarah sagala kaciri.

Jadi sabab nu kabuka, Hirup kudu beragama, dina faatihah jawabna ayat tujuh eta saksina.
(TEU AYA DEUI PANGERAN ANGING ALLOH ANU ANU MAHA SUCI ANU WAJIB DIIBADAHAN, RUMAOS ABDI PARANTOS DHOLIM KADIRI ABDI ,,,,Doa'na nabi Yunus A.S, waktos dina jero lauk paus)

NAON SABAB ULAH DHOLIM?
Ayat tujus geus dibuka, Ulah dholim teh maksudna, Waspada eta lakuna, Bakal karasa hasilna.

Naon maksud ulah dholim, nitah- nitah kudu alim, da uing ahli dalil eta teh ciri teu eling.

Geura buka ayat opat, Na fatihah anu mafat, Di dinya jawab ma’rifat Isuk pasti panggih jeung dzat.
(ayat opat surat al faatihah, hartosna :..."anu ngawasa poe isuk" wallohu a'lam)

Ayat opat geus ngandika beak jagat tepung jeung dzat Anu Boga Sagala Jagat, Moal bisa urang ngejat.

Ayat opat jadi saksi, Urang pasti panggih gusti, Matak hirup kudu nyantri, Ulah hirup salah harti.

Lain nyantri ku bajuna, Tapi nyantri ku elmuna, Ngarah karasa sundana, Da adat taya haramna.

Matak ulah dengki ati, Komo dholim, matri diri eta jawab anu pasti, Pan isuk panggih jeung Gusti.
Gusti robbul izati. Hapunteun abdi simkuring....
(…SAUR KITAB QUR’AN, URANG BERAGAMA TEH SUPADOS URANG TEU KALEBEUT GOLONGAN JALMI ANU DHOLIM - AL-FAATIHAH AYAT TUJUH, KUNAON ATUH URANG ULAH DHOLIM, ISUK JAGANING GETO URANG BAKAL TEPUNG JEUNG ANU MAHA KAWASA ~ AL FATIHAH AYAT OPAT). WALLOHU ALAM BIROOMUDIH


KUMAHA CARA PANGGIH JEUNG GUSTI?
Raket Saiket, Poma ulah jauh ngudag, Komo neangan nu badag, Bari can tangtu buktina Samar tingal kasebutna.

Geura deketan nu rakeut, Rakeutna bari saikeut, Lamun anjeun neang kaditu Paling alus panggih jeung batu Tapi anjeun geura lumaku, Lumakuna make elmu.

Ulah nekteuk anu deukeut, Tapi teang kunu seukeut, Teang nu raket saikeut, Ngarah hirup teu papukeut.

Lamun panggih nu saikeut, Pastina leuwih ti dekeut, batan gula pe’eut, Matak raos tuang leueut.

Lamun nu saikeut hayang bukti, Buka kitab waris ti nabi Faatihah, anu geus pasti, Ayat genep jalanna diri.

(lamun urang poek pikir bingung ya lumaku, ayat genep faatihah mere bukti yen urang kudu menta tuduh jalan anu pasti nepi ka jati, ihdinash sirootol mustaqim)

Tutup mata tutup indra, Buka mata jeroeun dada, Menta kanu kawasa Ihdinassirootolmustaqim pangandika.

Baheula tapa di gua "HiRo", Menang wangsit tinu kawasa, Ari gua eta teu aya cahaya, Poek mongkleng buta rajin.

Tapi "HiRo" kudu di buka Hi eta hirup nyatana, Basa arab hayan/hayat tah ngarana. Ari Ro eta rokaat buktina.

Najan poek buta rata, Tapi hirup pinuh kutaqwa, Taqwa rokaat nyatana, Datang cahaya hasilna.

Matak kade urang poho, Ayat genep sing katojo, Da..hartina anu nyata urang bodo, Kukituna geura menta kanu nenjo.

Jadi cara anu pasti, Lamun hayang tepung jeung Gusti, Geura laku-laku nabi, HiRo eta laku nabi.
(Jadi jalan panggih jeung gusti nyaeta HiRo hirup pinuh ku rokaat atawa hirup pinuh ku sholat atawa hirup pinuh ku eling ka gusti, sabab ku eling/sholat/rokaat ti diya urang bakal panggih jeung wahyu/cahaya hirup anu mere caang kadiri urang,,,,).


BAB II DAMAR JATI
Kamari ejeung ayena, Beda wanci beda rasa, Sarua jeung anu beda, Ukur rasa teu sampurna. Mungguhing manusa, Kapiheulaan ku rasa, Da...bongan rasa panuntun raga, Poma rasa ulah katutup ku raga, Sabab raga mawana cilaka.

Pastina manusa bakal sampurna, Mun rasa geus mimpin raga, Sabab rasa panjurung qolbu (aras), Ari nu calik di arash eta ALLOH TAH SIFATNA, Matak aya rosullulloh gelarna RASAALLOH DA NYATANA.

Hiji teu aya duana, Tunggal teu aya baturna, Rasa nu mawa bejana, Raga tunggal nu nampina.

Bukti pasti hurip diri, Kabuka ku suci ati, Waspada lakuning diri, Ciri mursyid aya na ati.

Kade elmu patokanna, Ulah elmu jadi kedokna, Lain elmu ku lobana, Tapi elmu kulakuna.

Elmu sato laku sato, Elmu setan laku setan, Elmu nabi laku nabi, Elmu biwir ecan pasti.

Tingal jalmi kulakuna, Lain bener cek biwirna, Laku bukti kaelmuna, Biwir sok jadi ujubna.

Mangka apik nyiar ilmi, Teang mursyid nu sajati, Ulah jauh kaluli-luli Mursyid aya dina ati.

Ngaji diri neang jati, Geusan mulang asal pasti, Jalanna thorekat wali. Tapi poma ulah lali ku sareat oge pasti. Sabab jalir tina ilmi, Mun sareat teu katiti (syareat, thorekat, hakekat, ma’rifat)

Majar diri geus ma’rifat, Apal kana dzat jeung sifat, Kade ulah unggah adat. Bisi jadi mabok madat.

Ma’rifat nepi kajati, Hakekat jaminan pasti, Tarekat jalanna misti, Sareat lakuning diri.

Sholat ulah jadi harti, Sabab eta waris nabi, Mun sholat diluli-luli, Batal diri nepi kajati.

Haleuang boga nu urang, Hariring, boga nu kuring, Haleuang asal nu Wenang, Hariring asal nu Wening.

Wenang urang milih jalan, Wening urang caang jalan, Wenang ningal kanu enggal, Wening ati pasti nunggal.

Nabi tara nitis badan, Wali tara nyurup raga, Nu nitis iblis jeung setan, Nu nyurup eta danawa.

Geura udag laku nabi, Makena sareat wali, Pasti bakal wening ati, Jadi jalan tuduh pasti.

Poma omat ulah bireuk, Geura nurut kanu deukeut, Nu deukeut eweuh jarakna, Ibarat gula jeung rasana.

Hapunten abdi hapunten, Hapunten kawening gusti, Hampura abdi, hampura... Hampura wenang nu maha Ngahampura tina sadagala reureugeud Hirup.

Bismillah Anu Sakti
Baheula kolot nyarita, Bismillah eta bubuka, Padahal eta carita Nu kudu kuurang kabuka.

Udag harti bahasa urang, Bis eta hartina, sareng Mi eta hartosna, ngaran llah eta anu nyipta urang.
(hartosna bismillah,,,’sareng nami Alloh (Alloh teh nami anu nyiptakeun langit sareng bumi katut eusina/ASMA. Wallohu a'lam).

Tah ayena urang buka, Sugan widi nu kawasa, Naon bismillah maknana, Sugan manjing karomahna, Bismilah eta teh sareng, Sareng nami nuyipta urang, Tangtuna urang tos terang Alloh teh nu nyipta urang.

Lamun bareng jeng jawara, Komo sareng jeung nu kaya, Tangtu bakal gede sora, Barina ngarasa bagja.

Sasarengan jeung priyayi, Komo jadi batur santri, Raraosan jadi sakti, Ngaku-ngaku lalaki sajati.

Tah ayena ceuk bismillah, Urang hurip sareng Alloh, Urang usik sareng Alloh, Beurang peuting sareng Alloh.

Bismillah masing terang, Geura udag ku akal urang, Saha nu sareung urang, Alloh nyata rejeung urang.

Gera teang ku elmu nu seukeut, Pama Alloh raket saiket, Moal aya keris sekeut, Da badan kuat dikeureut.

Bismillah geus kapanggih, Tangtuna urang linuwih, Moal aya anu cuah-cuih, Da bareng jeung nu Maha leuwih.

BISMILLAH,,, BISMILLAH,,, BISMILLAH,,, BISMILLAH,,, BISMILLAH,,, BISMILLAH,,, BISMILLAH,,, BISMILLAH,,,
("BISMILLAH" ANU PANGHELANA KUDU DIBUKA, MUN URANG REK LAKU SAREAT, NYAETA HIJI KALIMAT MUN GEUS KATEPI URANG BAKAL LINUWIH SABAB GEUNING KAULA TEH BARENG JEUNG ANU KUMAULA KONCINA KAULA KAULA’ANEUN)

ASMA
Ashadu pangaku diri, Lamun enggeus nyaho kajati, Eta oge mun panggih guru sajati, Guru mursyid sajatining ati.

Ari asma eta ngaran, Matak poma ulah mangeran, Mangeran kana jumeneng ngaran, Sabab aya urang lain ku ngaran.

Ari asma eta nami, nami anu mawa ciri ciri anu mawa bukti bukti aci asal ning jati.

Alloh eta teh nami, Nami anu nyipta bumi, Nami nu nyipta diri, Nami nu Maha Sajati.

Tapi poma kudu paham Hiji, asma dua baham, Dua asma hiji paham, Pama poek candak bohlam.

DZAT (Dzat Laesa Kamislihi Sae’un)
Hiji eweuh duana, Aya teu kasaksi dimana, Sabab teu aya bandingna, Mutlak pisan sagalana.

Marifat hak RASAna, Lain hak umatna, Sabab rasa mutlak benerna, Moal beda jiga umatna.

Saban saban anu beda, Eta pasti tina dada, Matak geura rakrak dada, Ngarah ningal kanu beda.

Hiji teu aya duana eta gusti namina, Lamun hiji aya duana eta mahluk namina, Tunggal teu aya baturna, Kalapa tunggal rea baturna.

Urang beda jeung anjeuna urang usik kuanjeuna anu usik lain iya’na usik eta teh buktina.

Geura buka make antara, Antara nujadi rasa, Sabab rasa anu melahna, Ngarah katuang nikmatna.

Rasa jati eta pastina Rosulluloh, eta gelarna RasaAlloh, eta nyatana, Madaniyah eta hasilna.

SIFAT
Tafakur nu jadi catur, Tadzakur saumur-umur, Tasyakur laku numashur, Akur nu nambihan batur.

Akur eta hasil gunem catur, Jalma anu inget ka alam kubur, Eta anu disebut jadi bukur, Numawa bahan pitutur.

Welas asih tina akur, Silih asuh tina ukur, Silih asah kuboga umur, Eta sifat numawa mashur, Welas asih asal ti ati Rohman rohim eta gusti, Sifat eta ciri diri, Cirri anu mawa bukti.

Sifat sato ciri sato matak raga pinuh kutato sifat gusti RASANING ati numawa diri nepi kamukti.

Mukti jadi ciri diri, Manunggal panitah jati, Asih asuh asah eta misti, Sabab eta sifat sajati.

AP’AL
Sifat sajatining manusa tos kapendak, Gelar ma’ung pasti kacandak, Linuhung manunggal sareng nu mutlak, Nun janteun mutlak ap’al kapendak.

Marcapada ap’al nu Maha Pajajaran jadi ku saha, Gemah rifah menang mokaha, Ap’al eta gawe nu Maha.

Matak kade sing tengeut, Lamun laku kudu ingeut, Ngarah hasilna jadi kamemeut, Sabab ap’al wateukna seukeut.

TAH KITU ASMA ETA NAMI, SIFAT ETA CIRI, DZAT ETA BUKTI, AP’AL ETA GAWENA, KAULA TEH BARENG JEUNG ANU KUMAULA KONCINA KAULA KAULA’ANEUN, ALLOH ETA NAMI ANU NYIPTA LANGIT BUMI, LANGIT JEUNG BUMI JADI CIRI AYANA ALLOH, HIRUP USIK MALIKNA URANG BUKTI AYANA ALLOH, TAH ANU KATINGAL KADANGU KARAMPA ETA AP’ALNA ALLOH.

WALLLOHU A'LAM BIROOMUDIH..

PANUTUP
Elmu nu suci : “Sir budi cipta rasa, sir raga papan rasa, dzat marifat wujud kaula maring Alloh, maring malaikat, maring khodan karomah suci, maring isun sajerning urip, lailahailalloh muhamaddarosululloh”.

HU Asmalulloh, HU Dzatulloh, HU Sifatulloh, HU Ap'allulloh. HU ALLOH...HU ALLOH...HU ALLOH...jst

Baca Juga :

Tidak ada komentar