Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula Teh Naon???

Seueur pisan rerencangan (sanes urang sunda) nu naroskeun ka kuring, soal "Naon sabab urang sunda mayoritas agamana Islam jeung kunaon mani babari pisan ngagem kana ajaran Islam?"

Inget kana pertarosan ieu, minggon kamari nuju boboran di garut, kuring ngahajakeun silaturahim kanu jadi Guru di hiji lembur di lereng gunung - Garut, waktuna paamprok sareng pun guru pok we ku kuring teh ditarosan ku pertarosan nu diluhur tadi, anjeuna ngajawab singket pisan, cenah :

"Da islam mah memang ageman urang sunda, sunda geus pasti agama islam."

kuring bingung, ku kuring ditaros deui naon maksudna, apanan SUNDA teh tos puguh mangrupikeun nami ageman, tuluy anjeuna nyarios deui :

"Samemeh datangna aqidah Islam anu mawa ajaran Tauhid, sunda mah geus leuwih tiheula Nauhid, urang sunda ngan nyembah jeung muja ka hiji Sanghyang Widi (gusti nu ngawidian / tuhan yang memiliki kehendak atau yang memberikan izin) nyaeta gusti nu ngagaduhan Widi, atawa sok disebut oge Sang Hyang Kersa (Yang Mahakuasa) atawa Nu Ngersakeun (Yang Menghendaki). oge sok disebut Batara Tunggal (Tuhan yang Mahaesa), Batara Jagat (Penguasa Alam), jeung Batara Seda Niskala (Yang Gaib). anu nempat di Buana Nyungcung (Sidrotul-Muntaha). nya ku urang arab mah eta sebatan di kumpulkeun jadi Asmaulhusna 99 nami gusti tea, tah sanggeus datangna Islam ka tatar Sunda eta sebatan diperjelas deui ku Sifat Wahdaniahna Gusti dina ajaran Tauhid, ditambah keterangan sifat Wajib jeung Mustahilna Sanghyang Widi (Allah ceuk urang sunda), Jadi ayana Islam teh keur nyampurnakeun Sunda. Jadi tibaheula ge sunda mah geus wawuh ka Allah nyaeta kanu hiji nu dipikagusti, tegesna Sanghyang Widi teh Allah tea anu ngagaduhan widi. Matak mun diajak nyembah pangeran anu aya 3 atawa lewih loba teh moal daraekeun, iwal ti nu barodo jeung nu kasaredek ku haliah dunya."

Sanajan cariosanana beda sareng nu kacatet dina sejarah kanekes perkawis sunda wiwitan sareng istilah ngahyang/tilem (nyaeta puncakna elmu dina tarekat sunda wiwitan, samemeh datangna Islam nu jadi panyampurna sakabeh ajaran para Nabi anu jumlahna aya 124.000), sanajan lieur, ieu bisa jadi bahan fikiran keur kuring, bisa jadi pangna disebut Parahyangan ge meureun baheulana para Nabi anu nga-hyang teh seuseurna ti Tataran Sunda. jeung bisa jadi oge penganut sunda wiwitan anu teu narima kana islam teh sanes ku teu ngartos, tapi saking ku sieunna kaleungitan ajaran wiwitan ti karuhun bari manehna can nalungtik yen datangna Islam teh keur nyampurnakeun ajaran sunda wiwitan lain keur ngaleungitkeun.

Sekian dulu capruk dari saya, di lajeng bulan payun.. 

Rahayu we lah....ekee...ke...kee



Tah ieu mangrupikeun  catur gunemna dinu facebook minangka jawaban patarosan nu diluhur teh. 

Mang Kaby :  Dina Buk Pakuning Alam mah malah disebat Tajimalela nyatana Adam. xi..xi..xi. Apanan sadaya na oge kawitna ti Adam sanes :). Malah Nu Tilu Karuhun Cipaku anu ngawangun mesjid Agung di Mekah teh :)... Tapi da bangsa urang mah langkung resep janten bangsa inferior he..he..he.

Dedie Kusmayadi : Dinu buk layang Darmaraja aya Sora teu katinggal, kadanggu ku Tiluan "Ulah nyanding pihakekateun mungkul", ... nu mawi kitu oge kedah sareng syariat-tarekah-hakekat-mari'fatna...mung duka syareat jaman baheula teh kumaha mang Mang Kaby?

Dedie Kusmayadi : Pami nu ka baca ku sim kuring anu tiluan teh nyaeta Ratu Galuh Purwa, Purbawisesa sareng Terahwisesa kirang langkung kieu, ieu caritaan baheula dinu buku Waruga Guru ; Di jaman Nabi Enoh... Di jaman Ratu Galuh Purwa, rame Urang Nusa Jawa (Tatar Sunda) nyarieunan Gugunungan/Pupunden/Piramid...(Waruga Guru/Waruga Jagat)

Kitu dinu buk ti Darmaraja Haji Teurawisesa sami satutasna datang ka tanah lemah sagandu gawena meureutan jagat atawa nyieunan pupunden/piramid menang 12 Gunduk nyaeta :
1.   Gunung Rengganis
2.   Gunung Padang
3.   Gunung Lingga
4.   Gunung Surian
5.   Gunung Canggak
6.   Gunung Sangiang
7.   Gunung Penuh
8.   Gunung Jati
9.   Gunung Cakrabuana
10. Gunung Jagat
11. Gunung Burangrang
12. Gunung Agung


Pami Haji Purbawisesa gawena pulang anting ka hareup jeung ka tukang harita alam masih sangsara (jaman Tirta keneh), cai nu can surut sakabehna. 

Dedie Kusmayadi : muhun mang kaby upami kadieunakeun di Sumedang mah karuhun kapungkur teh ngajarkeun Elmu Thoriqoh mangga geura titenan marifat sareng sahadat kacipakuan di handap ieu :

Prabu Aji Putih setelah kembali ke Padepokan Cipeueut Bagala Asih Panyipuhan kemudian merubah namanya manjadi Kabuyutan Cipaku, Cipaku Pakuning Alam, mengajarkan Islam dari mulai Ilmu Tauhid atau Ilmu Cipaku yaitu mendekatkan diri dengan Tuhan atau disebut Marifat.

Ilmu Marifat Cipaku dikenal dengan Ilmu Cipaku, “Sir budi cipta rasa, sir raga papan rasa, dzat marifat wujud kaula maring Alloh, maring malaikat, maring khodan karomah suci, maring isun sajerning urip, lailahailalloh muhamaddarosululloh”, dari sanalah para murid Prabu Aji Putih mulai mengenal Islam dan menyebutnya Agama Suci.....Tuh geuning Thoriqoh nyaah Uwa ;) :) :). Ari karuhun Sumedang mah.

Dititenan deui sahadatna : 

“Asyhadu syahadat cipaku, sang kuncung batara wenang, ku Alloh sira sanika langit ngait, jagat rampak. Tarima badan kaula sirna Adam, ku Alloh, Ya Alloh, Alloh, Alloh.” 

Duka upami di Nagara Beling nu sanes kumaha Ua....ekee,,,kee,,,kee???

Dedie Kusmayadi :  Ari di Garut mah kacaritakeun kieu;

Lawang Sanghyang

Rakryan Sancang terus muka pasantr̩n di Lawang Sanghyang Рlawang ka Gusti Alloh (maksudna mah meureun: masjid). Wewengkon Lawang Sanghyang di Nangkaruka, kiwari katelah jadi : Pak̩nj̩ng Рwancahan tina: pak̩na ̩lmu ajengan. Mimitina mah santrina t̩h ukur hiji dua urang, sobat-sobatna anu baheula kungsi ditalukeun og̩ terus anut jadi santrina. Masjidna anu mangrupa wawangunan badawang sarat Рwangunan anu mak̩ hiasan lauk, dijadikeun tempat meuseuh ̩lmu agama Islam. Tihangna dijieun tina kai kalapa, ukuranana 7 x 9 m̩ter, mangrupa wangunan panggung, hateupna ku injuk.

Rohanganana ngagemblang, aya kamar leutik lebah Kulon 2 x 2,5 méter. Di tengah-tengahna kosong, aya paimbaran –tempat imam mingpin ibadah. Terus aya wangunan pawon –dapur, jeung pagencayan – wangunan tempat nutu paré. Leuit – tempat nyimpen paré, rada anggang ti dinya. Aya pancuran tujuh Cikahuripan, keur dipaké susuci. Para wasi – santri méméh arasup ka wangunan badawang sarat, wajib beberesih heula di pancuran tujuh Cikahuripan. Ja mandi junub/ hana ti sarira/santi ku ti katuhu/santi ku ti kényca/sungut nirmala nyarék/ ceuli nirmala ngadéngé (mandi jeung adus; beberesih awak; beresih ku ti katuhu; beresih ku ti kénca; sungut suci tina nyarita; ceuli suci tina pangdéngé). Rohangan utamana disebut Hinten Managgay, nyaéta tempat pikeun muja parahyang – asmaulhusna téa. Loba citrik byapari – kaom terpelajar anu daratang ka dinya ngadon cacahan – ngobrol, gotrasawala – diskusi, jeung tolabul ilmi – nyuprih élmu.

Ceuk angkeuhan urang Hindu anu aya di Tarumanagara mangsa harita (638-639 Masehi), Rakryan Sancang dianggap geus nyebarkeun agama ‘kotor’. Agama anu mahiwal disebut ‘agama Sunda nu mimiti’ téh, salawasna ngabebegigan ka urang Hindu. Atuh meredih ka Rajaresi Suddhawarman – Raja Tarumanagara ka-9 (paman Rakryan Sancang), sangkan ngahukuman Rakryan Sancang. Perang campuh Rajaresi Suddhawarman jeung Rakryan Sancang, dimeunangkeun ku Rakryan Sancang. Rajaresi Suddhawarman kasoran ngejat ti pakalangan –bari terus diudag-udag ku alona (Rakryan Sancang), lamun teu dihalangan ku senapati Brajagiri – anak kukutna Kretawarman (Kretawarman téh bapana Rakryan Sancang) mah tinangtu Suddhawarman baris kasambut ku wewesén Rakryan Sancang.

Ceuk urang Sancang jaman baheula teh : “Kami mah ngan kabagéan syahadatna wungkul, henteu kabagéan solatna”.

Sahadat Sancang buhun

Asyahadu Sahadat Sunda;
Jaman Allah ngan Sorangan;
Kaduana Gusti Rasul;
Katilu Nabi Muhammad;
Kaopat umat Muhammad;
Nu cicing di bumi anggaricing;
Nu calik di alam keueung;
Ngacacang di alam mokaha;
Salamet umat Muhammad.

Tuh apan kasholawatan jin Islam oge...
ekee,,,,kee,,,kee apan aya sanes sholawat jin aya ayeuna mah, apan sami mahkluk Allah SWT. Na,,, kumaha kitu sholawat jin teh???
Sholawat Jin Muslim
Tawassulna :
- Nabi Muhammad.Saw.
- Syaikh Luqman Sajih (Ulama Bangsa Jin)
- Kh. Abdul Wahid
- Manajazani
- Dirina sorangan

Ustadz Cikiray : Jempoler mungkul...

Avip Setiawan : Hade pisan Kang Dedie Kusmayadi. Diruntut difikiran dilenyepan ... Teu aya lepatna ... Alhamdulillah pisan yen karuhun urang ... urang sunda.. tos Islam hakekatna mah.. Jadi mun kuurang turunan urang sunda pituin ngadoakeun karuhun urang... Insya Allah ditampi ku Allah SWT... Kukituna sok daroakeun sareng mumule karuhun urang sunda sadaya.. Insya Allah barokah... Cag kang Dedie



 


Baca Juga :

Tidak ada komentar