Sajarah Sirsilah Sumedanglarang Ka Hiji

I. MANGSA KARAJAAN 

Dikawitan ku Prabu Guru Aji Putih nu ngageg naledra di Tembong Agung Darmaraja Sumedang  (721 – 778 M), anu nyangkring elmu kabodasan diteraskeun ku a putrana Prebu Tajimalela Raja Sumedanglarang ka hiji.

Anu jadi pokok, asalna ngadegkeun Sumedanglarang nyaeta : Prebu Agung Resi Cakrabuana anu katelah Prabu Tadjimalela anu kagungan elmu-elmu kasumedangan.

Nami Sumedang asal tina kecap Insun medal, Insun Madangan, anu hartosna kaula lahir, kaula nyaangan. Tempat karajaanna diadegkeun di kampung leuwi hideung kacamatan Darmaraja, anu disebutna karajaan Tembong Agung.
 
Makam Prabu Tajimalela di Gunung Lingga Darmaraj Sumedang

Kocap Prebu Tajimalela kagungan Putra nyaeta :

1. Prebu Lembu Agung anu ngaratuan di Tembong Agung ngarundaykeun seuweu-siwina anu aya di sabudeureun awun Darmaraja. (778 – 893 M)

2. Prebu Gajah Agung anu ku ramana jadi Raja di Sumedanglarang, dupi tempatna kedah dipilari ku anjeun, nya kapendak di Kampung Ciguling Desa Pasanggarahan kecamatan Sumedang Selatan. (893 – 998 M)


3. Sunan Ulun anu ngumbara ka tatar Garut.

Prebu Gajah Agung jumenengna Ratu Sumedanglarang netepkeun karajaannana di Ciguling waktu harita dugi ka pupusna. Upami makamna mah di Cicanting Desa Sukamenak kawadanaan Darmaraja waktu harita.

Tutunggul Hiji Prebu Gajah Agung di Cicanting Sukamenak Darmaraja anu geus obah jadi dua ku jaman sabada Islam ngadeg di Sumedanglarang

Ari nu ngagentos anjeunna nu jumeneng Ratu di Sumedanglarang kaopat nyaeta aputrana, anu ka telah Sunan Pagulingan anu tempatna tumetep na di Ciguling deui.

Sunan Pagulingan (998 – 1114 M)  kocap anu kagungan putra nyaeta :


1. Ratu istri Raja Mantri, anu carogean ka Prebu Siliwangi (Prabu Lingga Hiang). Kagungan 6 putra, diantawisna Raden Meumeut nyaeta Ramana Sunan Pada anu muslim oge, nu makamna mah di Gunung Sahang Desa Karedok Kacamatan Tomo.

2. Sunan Guling (1114 – 1237 M) anu sabada ramana nyaeta Sunan Pagulingan pupus ngagentos anjeuna. Nalendra di Sumedanglarang makamna di dusun Ciguling Tengah, Desa Pasanggrahan Kecamatan Sumedang Selatan.

Sunan Guling wafat, anu ngagentos anjeuna jumeneng Ratu di Sumedanglarang, ku putrana anu jenenganana Sunan Tuakan/Tirtakusuma, dupi nagarana tetep di Ciguling. Nalika ngantunkeun anjeunana dimakamkeun di Heubeul Isuk Desa Cinanggerang Kecamatan Tanjungsari.


Sunan Tuakan kagungan tilu putri; nu sulung Ratu Ratnasih alias Nyi Rajamatri dipiistri ku Sri Baduga Maharaja Jaya Dewata Pakuan Pajajaran, nu kadua Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Ratu Patuakan, nu katilu Sari Kencana dipistri ku Prabu Liman Sanjaya katurunan Prabu Jaya Dewata.
 

Ka kocapkeun Sunan Tuakan Putri nu kadua nyeata Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Ratu Patuakan, dipigarwa ku Sunan Corendra (anu makamna di Corendra Kecamatan Darmaraja), putrana Sunan Parung, Putra Prabu Siliwangi (Prebu Dewa Niskala ti Ratu ti Rajagaluh).

Salajengna Sunan Tuakan digentos ku putrina nu ka dua nu namina Ratu Sintawati anu katelahna Nyi Mas Patuakan (1462 – 1530 M) janten raja Sumedang larang ka tujuh, Ratu Sintawati dipigarwa ku Sunan Corendra Raja Talaga putra Ratu Simbar Kancana ti Kusumalaya putra Dewa Niskala Penguasa Galuh. Ti Nyi Mas Ratu Patuakan sareng Sunan Corendra kagungan Putri nyaeta Satyasih anu langkung dikenal Ratu Inten Dewata. Salajengna Ratu Inten Dewata janten Ratu Sumedanglarang anu katelahna Ratu Pucuk Umum (1530 – 1578 M).

Ti caroge Sunan Corendra ieu Nyimas Ratu Patuakan, kagungan putra hiji istri jenenganana Ratu Inten Dewata, anu oge sok disebat  Ratu Pucuk Umum anjeuna dipigarwa ku Pangeran Kusumah Dinata I, putra Nyimas Rangga Wulung, putra Prabu Siliwangi  di Kutamaya di ti caroge Pangeran Pamalekaran nyaeta turunan Syarif Hidayattulah (Sunan Gunung Jati) ti Caruban.

Upami sajelentrena kirang langkung ieu sajarah kirang langkung kieu dina mangsa Ratu Sintawati (Nyi Mas Ratu Patuakan) ageman Islam tos sumebar di Sumedang tahun 1529. Ageman Islam mangsa harita didakwahkeun ku Maulana Muhammad atanapi Pangeran Pangeran Pamelakaran atanapi Pangeran Panjunan. Pangeran Pamelakaran nikah ka Nyi Armilah putri Sindangkasih Majalengka tina pernikahan ieu dina tanggal 6 nuju gelap gulita bulan jesta tahun 1427 saka (29 mei 1505 M) lahirlah seorang putra nu namina Rad Solih atawa Ki Gedeng Sumedang anu katelahna Pangeran Santri. Salajengna Pangeran Santri nikah ka Ratu Pucuk Umum, nu Akhirna Pangeran Santri ngagentos Ratu Pucuk Umum janten Raja di Sumedanglarang, Pangeran Santri diangkat janten raja Sumedanglarang dengan Gelar Pangeran Kusumah Dinata I tanggal 13 bagean bulan gelap bulan Asuji tahun 1452 saka (21 oktober 1530 M), Pangeran Santri ngarupikeun murid Sunan Gunung Jati.
Saparantos Ratu Pucuk Umum ditikah ku Pangeran Kusumah Dinata I. Karajaan Sumedanglarang di Ciguling dialihkeun sarta dihijikeun sareng Kutamaya, anu ayeuna ka lebet Desa Padasuka kacamatan Sumedang Selatan. Kutamaya nu janten ibukota Sumedanglarang nu anyar, dugi kaayeuna di sakitar eta situs Kutamaya katinggal batu tilas pondasi Tajug karaton Kutamaya. Kira-kiran taun 1579 Pangeran Kusumah Dinata I wafat nya dimakamkeun di Gunung Ciung Pasarean Gede anu ayeuna di tengah kota Sumedang.

Pangeran Kusumah Dinata I anu ngeuyeubkeun deui ageman Islam/Selam waktu harita di Sumedanglarang Kenging Jujuluk ti Rayat nyaeta Pangeran Santri.

Pangeran Santri (
Pangeran Kusumah Dinata I) ti Ratu Pucuk Umum kagungan Putra 6 nyaeta :
1. Pangeran Angkawijaya/Pangeran Kusumah Dinata ka II/Pangeran Geusan anu lahir tanggal 3 bagean caang bulan srawana tahun 1480 saka (19 Juli 1558 M) sabada pupus dimakamkeun di Dayeuh luhur.
2. Demang Rangga Hadji makamna di Walakung ayeuna di Buah Dua.
3. Kiayai Demang Watang makamna di walakung ayeuna Buah Dua.
4. Santowan Wira Kusumah anu ngarundaykeun seuweu-siwina di Pagaden sareng Pamanukan.
5. Santowan Cikeruh makamna di Cipancar.
6. Santowan Awiluar anu makamna di Desa Ciuyah Cisarua Kecamatan Cimalaka.

Dina mangsa pamarentahan Pangeran Santri kakuasaan Pajajaran tos ngawitan runtag di sababarahan daerah kalebet Sumedang, dina tanggal 11 Suklapaksa bulan Weseka 15501 Sakakala atanapi tanggal 8 Mei 1579 Karajaan Pajajaran Sirna Ing Bumi, Ibukota pajajaran jatuh ka Pasukan Kasultana Surasowan Banten. Dina tahun 1578 tepat dina dinten Jum'ah legi tanggal 22 April 1978 atanapi bulan Syawal anu bertepatan sareng Idul Fitri Kutamaya Sumedanglarang kasumpingan opat kandaga Lente anu dipimpin ku :
1. Pamuk Sanghiyang Hawu (Jaya Perkosa)
2. Pamuk Batara Dipati Wiradidjaya (Nganganan)
3. Pamuk Kondanghapa
4. Batara Pancar Buana Terong Peot


Nayandak Pusaka pajajaran sareng alat parabon kanggo diserahkeun ka pangawasa Sumedanglarang, dina mangsa eta oge pangeran Angkawijaya/Pangeran Kusuma Dinata II dinobatkeun janten Raja Sumedanglarang anu katelehna Prabu Geusan Ulun (1578-1610 M) janten nalendra penerus karajaan Sunda sareng ngawaris daerah tilas wilayah pajajaran (galuh-sunda), anu diterangkeun dina pustaka Kertabhumi I/2 (h.69) anu ngajenterkeun : 


“Ghesan Ulun nyakrawartti mandala ning Pajajaran kangwus pralaya, ya ta sirnz, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedang haneng Kutamaya ri Sumedangmandala” 


anu hartina : Geusan ulun nguasaan daerah Pajajaran nu tos runtuh, sirna di bumi parahyangan. Karaton Raja Sumedang ieu letakna di Kutamaya dina daerah wilayah Sumedang. 


Salajengna dicaritakeun oge : “Rakyan Samanteng Parahyangan mangastungkara ring sira Pangeran Ghesan Ulun”. Anu hartina : sadayana para penguasa di tatar parahyangan ngarestui Gesusan Ulun. 


kecap “Anyakrawartti” tiasa sareng biasana dianggo ka pamarentahan karajaan anu merdeka jeung cukup luas wilayah kakuasaannana. Dina istilah ieu kecap “nyakrawartti” atanapi “samanta” nu janten bawahan, cukup layak dipasrahkeun ka Geusan Ulun, hal ieu katempo tina luas daerah anu dikuasaina mangsa harita, anu wilayahnya ngaliput sakabeh Pajajaran saanggeus 1527 di mangsa Prabu Surawisesa anu batasna ngaliputi; Walungan Cipamali (daerah Brebes ayeuna) di belah Wetan, Walungan Cisadane di belah kulon, Laut Samudra Hindia di beulah kidul jeung Laut Jawa di beulah kaler.

Daerah anu teu kaasup wilayah Sumedanglarang waktu harita nyaeta Kasultanan Banten, Jayakarta jeung Kasultanan Cerbon/Caruban. Mun ditempo luas wilayah kakuasanana, wilayah Sumedanglarang mangsa harita ampir sarua jeung wilayah Propinsi Jawa Barat ayeuna, teu ka asup wilayah Banten jeung Jakarta, ngan wilayah Cirebon janten bagean Wilayah Propinsi Jawa Barat. 

Dina mangsa panobatan Pangeran Geusan Ulun harita geus umur 22 tahun leuwih 4 bulan, sabenerna Pangeran Geusan Ulun ngora teuing diangkat jadi raja sedengkeun tradisi nu diberlakukeun nyaeta kanggo janten raja nyaeta yuswana 23 tahun, mung Pangeran Geusan Ulun kenging dukungan ti opat tilas Senapati sareng panggede Pajajaran, ka opat dulu kandaga lente eta ngarupakeun katurunan ti Prabu Bunisora Suradipati. Dina Pustaka Kertabhumi I/2 dicaritakeun ka opat dulur eta  “Sira paniwi dening Prabu Ghesan Ulun. Rikung sira rumaksa wadyabala, sinangguhan niti kaprabhun mwang salwirnya”.

Anu hartina maranehanana ngabdi ka Prabu Geusan Ulun. Di dinya ka opat kandaga lente ngabina bala tentara, ditugaskeun ngatur pamarentahan jeung nu lianna.

Nu akhirna menang restu 44 penguasa daerah parahyangan anu kabehna aya 26 Kandaga Lente, Kanda lente teh sarupa Kapala anu leuwih luhur tibatan Cutak (Camat) jeung 18 umbul anu cacah jiwana mangsa harita kurang leuwih 9000 umpi, mun jadi naledra baru nu ngaganti panguasa Pajajaran anu geus sirna. Teu sakabeh urut karajaan bawahan Pajajaran ngakui ka Prabu Geusan Ulun jadi Nalendra, nya kapaksa Prabu Geusan Ulun naklukeun deui karajaan-karajaan saperti Karawang, Ciasem jeung Pamanukan.


Peristiwa panobatan Prabu Geusan Ulun anu Nyakrawartti atawa Nalendra ngarupakeun kabebasa Sumedang pikeun ngasajajarkeun dirina jeung Karajaan Banten jeung Cirebon. Arti penting nu kakandung tina peristiwa ieu nyaeta panyataan yen Sumedanglarang jadi ahli waris sarta panarus nu sah dari kakuasaan Karajaan Pajajaran di Bumi Parahyangan. Sentralna Pajajaran jeung sababaraha karajaaan nu dibawa ku Senapati Jaya Perkosa ti Pakuan nya kualatan ieu njadakeun bukti jeung alat legalisasi kaayaan Sumedang, sarua halna jeung pusaka Majapahit nu jadi ciri kaabsahan Demak jeung Mataram.

Pangeran Geusan Ulun anu ngarundaykeun seuweu siwina di Limbangan anu engkena bakal patepung deui sareng turunan Perbu Gajah Agung di palebah Dalem Istri Raja Ningrat, Putra Pangeran Kusumah Dinata (Rangga Gempol IV) anu disebat Pangeran Karuhun, nyaeta Buyutna Pangeran Kornel.


TANGKAL HANJUANG DI KUTAMAYA NU JADI CIRI

Kota Sumedang waktu zaman harita ka sebat seur cacah jiwana sarta geus loba oge anu tos Islam. Waktu di Demak agama sedengna maju. 

Dina mangsa pamarentahan Prabu Geusan Ulun aya peristiwa nu geger, numutkeun Pustaka Kertabhumi I/2 (h.70) nyaeta peristiwa Ratu Harisbaya anu kajadiannan dina tahun 1507 saka atawa 1585 M. Kajadian ieu diawalan waktu Prabu Geusan mulih masantren ti Demak jeung Panjang, neuleuman kaelmuan agama Islam (masantren) ka Pasantren Demak jeung Pajang teh, Ceuk sakaol lamina 5 tahun, ceuk sakaol deui 2 tahun. 

Samemehna angkat ka Demak anjeunna kantos nepangan heula saderekna anu masih sakaturunan ti Sunan Gunung Jati, nyaeta Panembahan Giri Laya nu jadi Sultan Cirebon mangsa harita.

Pangeran Geusan Ulun harita papangih sareng Ratu Harisbaya selir nu kadua Ratu Panembahan nu ngora keneh tur geulis. Ratu Harisbaya nu boga darah biru ti karajaan Madura nu dipasrahkeun ku Arya Pangiri panguasa Mataram pikeun Panembahan Ratu. 

Pemerean Ratu Harisbaya ka Panembahan Ratu Arya Pangiri sangkan Ratu Panembahan  nyieun sikap netral saanggeus Raja Pajang ngantunkeun, kajadian parebutan kakuasaan antara kaluarga kerajaan Pajang nu didukung ku Panembahan Ratu nu mere sikep atawa supporter yen anu nggantikeun Hadiwijaya nyaeta Pangeran Banowo putra bungsuna, ngan pihak kaluarga Trenggono di Demak nu kudu jadi raja teh nyaeta Arya Pangiri putra Sunan Prawoto jeung minantu Hadiwijaya nu jadi panggantina. Nya akhirna Arya Pangiri nu jadi penerus kakuasaan di Karajaan Pajang.
 

Salila masatren di Demak Prabu Geusan Ulun di ajar elmu kaagamaan, sedengkeun waktu di Pajang berguru kepada Hadiwijaya diajar elmu kanagaraan jeung elmu perang, salila di Pajang ieu Prabu Geusan Ulun papanggih jeung Harisbaya nu akhirna ngajalin hubungan kekasih nu akhirna kekasih ieu putus ku alatan Ratu Harisbaya dipaksa nikah ka Ratu Panembahan ku Arya Panggiri. Aya kamungkinan sanggeus balik guguru ti Demak jeung Pajang Prabu Geusan Ulun singgah heula di Cirebon mere ucapan salamet ka Ratu Panembahan dipigarwana Ratu Harisbaya kitu deui sakalian ninggali tilas kikindeuanana. Ninggal tilas kakasihna datang rasa rindu jeung cinta deui Ratu Harisbaya ka Pangeran Geusan beuki lila beuki inget kanu di pikasih jeung dipikacinta.  

Gancangna carita dina mangsa hiji peuting saanggeus Ratu Panembahan geus sare Ratu Harisbaya kaluar ti karaton rerencepan indit ka Tajug karaton pikeun nepungan Prabu Geusan Ulun anu keur istirahat, Ratu Harisbaya ngabujuk Pangeran Geusan Ulun pikeun mawa dirina ka Sumedang, waktu harita Pangeran Harisbaya bingung ku sabab Ratu Harisbaya masih istrina mamangna sorangan jeung Ratu Haris baya arek nelasan pati amun teu di bawa ka Sumedang.


Kumargi bingung Pangeran Geusan Ulun badami nyerahkeun nasibna ka 4 kapetengan tea.
Walon Pamuk Sayang Hawu : "Heunteu bade ngalalangkungan ka hoyong Gusti, kumargi upami heunteu  di candak tos tangtos riweuhna nyaeta dina parantos kapendakna Ratu Harisbaya nemahan pati. Nya kitu deui upami engke parantos katangen, urang Sumedang parantos ngiwat garwana sultan Cirebon bakal ngagujrudkeun sanagara. Nanging emutan mah langkung sae engke di candak wae upami aya peperangan antawis sumedanglarang sareng Cirebon jisim abdi opatan, sanggem ngayonan bale ti Cirebon sakumaha ageungna oge"
Saanggeus menta pamadegan ti opat kandaga lentena ahirna peuting eta keneh Ratu Harisbaya dibawa indit ka Sumedang. 

Isukanana karaton Cirebon gempar kusabab kaleungitan permaisurina nu kadua leungit jeung nu tatamuna, ninggal istrina leungit Ratu Panembahan marentahkeun prajuritna pikeun ngudag, tapi para ponggawa karaton cirebon nu nyusul Pangeran Geusan Ulun bisa dielehkeun ku opat kandaga lente jeung pangiringna Prabu Geusan Ulun. Akibat kajadian Ratu Harisbaya nya kajadian perang antara Karaton Sumedang jeung Cirebon, Saeunjeun indit perang Pamuk Jaya Perkasa nyarita ka Pangeran Geusan Ulun, Pamuk Jaya Perkosa nandaan/nyirian Pohon Hanjuang, nu jadi tanda mun kawon perang berarti pohon hanjuang oge milu layu atawa paeh jeung sabalikna mun pohon hanjuang tumetep hirup, perangna meunang???!!!

Satutasna nyarios Jaya Perkosa mangkat jeung pasukanana ngalawan pasukan pasukan Cirebon, ngan kusabab balad wadya ponggawa Cirebon kacida lobana perang kacida lilana, ngan akhirna perang dimenangkeun ku Jaya Perkosa, ngan dilain pihak Nangganan, Kondang Hapa jeung Terong Peot baralik deui Ka Kutamaya dititah ngajaga bisi aya kajadian nu teu disangka, sedengkeun Jaya Perkosa ngudag para ponggawa Cirebon anu geus kocar-kacir teu kuat nanggananana.
 

Di Karaton Kutamaya Prabu Geusan Ulun nungguan datangna Jaya Perkosa jeung ponggawa nu liannna resah jeung galaw, ku sabab anjuran ti Nangganan nu ngira Senapati Jaya Perkasa gugur di medan peperangan supaya Prabu Geusan Ulun pakoaci atawa ngungsi sagancangna ka Dayeuh Luhur teu ninggal hirup atawa heunteuna Pohon Hanjuang.  


Kamungkinan dipindahkeunkeunana karaton atawa ngungsi kutamaya ka Dayeuh luhur mangsa harita, dumasar kana tempat atawa lokasi anu bakal hese di serang ku baladaya pasukan karaton Cirebon, kusabab lokasi nu jauh ti kota karaton Kutamaya jeung tempatna hara-haraeun jeung loba jurang disisi jalanna nya ayana di puncerna eta tempat karaton teh. 
Lamun ditempuh ti kutamaya kirang langkung 7 km ka sisi jalan gedena, teu acan nanjak ka luhurna nu jalan leutik jeung seuseut mangsa harita
Pamikir kuring ge kacida alus mangsa harita Pangeran Geusan Ulun pakoasikeun karatonna ka dayeuh luhur bisa jadi benteng pertahanan nu hade pikeun merpertahankeun karatonna katut kaluargana.
Ti harita ibukota Sumedanglarang pindah deui ti Kutamaya ka Dayeuh luhur. Kaputusan Pangeran Geusan Ulun mindahkeun pusat pamarentahan ka Dayeuh luhur mangrupakeun lengkah strategi anu logis jeung gampil dicernana, nyaeta :
- Kahiji, dina situasi nu gawat ngahadapi kamungkinan datangna serangan ti Cirebon.
- Kadua, benteng kutamaya nu ngulilingan Ibukota can anggeus dibangun
- Katilu, Dayeuh luhur di Puncak Bukit nu mangrupakeun benteng pertahanan Alam jeung ayana kabuyutan Karajaan nu teu jauh ti Situraja katut Darmaraja 
Mangsa Jaya Perkasa mulang Ka Kutamaya nu menang tina pengperangan, harita Pamuk Jaya Perkosa ngarasa heran kusabab di karaton Kutamaya geus kosong tapi Pohon Hanjuang tetep hirup, nu ahirna Pamuk Jaya Perkasa nyusul ka Dayeuh luhur sanggeus panggih jeung Prabu Geusan Ulun, Pamuk Jaya Perkasa ngarasa keuheul nu akhirna nelasan pati Pamuk Nangganan kusabab teu teguh kana janjina kitu deui ninggalkeun Rajana bari susumpah moal bakal ngabdi deui kasaha oge.

Kadenge kabar waktu harita ti Cirebon yen Ratu Panembahan nu bakal nyeraikeun Ratu Harisbaya nu ngaganti talakna daerah Sindangkasih. Ahirna Prabu Geusa Ulun menikah jeung Ratu Harisbaya nu akhirna ngabogaan dua putra nyaeta Raden Suriadiwangsa jeung Pangeran Kusumadinata, sedengkeun ti Istri kahijina nyaeta Nyi Gedeng Waru putrna Rangga Gede. Sanggeus Prabu Geusan Ulun wafat nu ngarupakeun ahir tina Nalendra Karajaan Sunda Sumedanglarang ngawitan masa kabupatian nalika di bupatian ku Raden Suriadiwangsa/Rangga Gempol I nu jadi bawahan Mataram.
 

Ka kocapkeun Pangeran Geusan Ulun kagungan putra ti Garwa anu sepuh nyaeta Nyi Ratu Cukang Gede Waru bin Sunan Pada seueurna 15 diantawisna :
1. Pangeran Rangga Gede anu nurunkeun para bupati Sumedang katurunan Raja.
2. Dalem Aria Wiraraja anu ngarundaykeun seuweu-siwina ka lemah beureum Darmawangi, ka Serpong, Lengkong Sumedang (Tanggerang)
3. Kiai Aria Ranggapati  anu ngarundaykeun seuweu-siwina ka Haur kuning.  
4. Nyi Ulas Ngabehi Mertayuda anu ngarundaykeun di Ciawi.
5. Raden Rangga Nitinagara anu ngarundaykeun seuweu-siwina di Pagaden Pamanukan

6. Nyi Mas Dipati Ukur anu ngarundaykeun seuweu-siwina di Bandung.


Ti Garwa anu Anom (kadua) Ratu Harisbaya kagungan putra 2 nyaeta :

 1. Pangeran Suriadiwangsa/Rangga Gempol 1 anu wafatna di Mataram (Lampuyang Wangi
 2. Pangeran Tumenggung Tegalkalong.

Ti Garwa Katilu Nyimas Pasarean bin Sunan Munding Saringsingan kagungan Putra hiji nyaeta Kiai Demang Cipaku, anu dimakamkeun di Dayeuh Luhur sagedengeun Pangeran Geusan Ulun.

Sawafatna Pangeran Geusan Ulun kira-kira tahun 1601, karajaan-karajan bawahan Sumedanglarang baheula, nyaeta Karawang, Ciasem, Pamanukan, Indramayu jeung nu lianna ngalepaskeun dirina ti karajaaan Sumedang Larang nu nyebabkeun wilayah Sumedang ngaleutikan ngan ngaliputi : Parakan Muncang, Bandung jeung Sukapura (Tasikmalaya).


II. MANGSA KABUPATIAN
 
Waktu harita Karajaan Sumedanglarang dibagi 2, nyaeta :

1. RANGGA GEMPOL / PANGERAN SURIADIWANGSA
Sumedang nu bupatina linggih di Tegal kalong nyaeta Pangeran Aria Suriadiwangsa atawa Kusumadinata III atawa Pangeran Rangga Gempol I

Di Mangsa Pangeran Aria Soeriadiwangsa/Rangga Gempol 1, Mataram ngalakukan parluasan wilayahna ka sagala penjuru tanah air kitu deui ka Sumedang. Mangsa harita Sumedanglarang tos heunteu boga kakuasaan jang ngalawan nu ahirna Pangeran Aria Soeriadiwangsa I miang ka Mataram pikeun nyatakeun sumerahna Sumedanglarang jadi bagean wilayah Mataram dina tahun 1620. Wilaya tilas Sumedanglarang diganti namina jadi Priangan nu asal tina kecap "Prayangan" nu hartina daerah nu asalna tina pamerean jeung tugas nu timbul tina hate nu ikhlas. Harita Pangeran Soeriadiwangsa I diangkat janten Bupati Wadana jeung dibere gelar Rangga Gempol atawa Pangeran Dipati Rangga Gempol Kusumadinata. Sumerahna Sumedang ka Mataram sabab Pangeran Aria Soeriadiwangsa I dianggap geus lemah tina segi kamiliteran, ngahindar tina serangan Mataram sabab Mataram waktu harita ngaluaskeun wilayah kakuasaanana tina segi kakuatan Mataram leuwih kuat tibatan Sumedang jeung ngahindar tina serangan ti Cirebon. Sultan Agung saterusna ngabagi-bagi wilayah Priangan jadi sababaraha Kabupaten nu masing-masing dikepalai ku salah saurang Bupati, pikeun ngakoordinasikeun para Bupati diangkat saurang Bupati Wadana. Pangeran Rangga Gempol nyaeta Bupati Sumedang anu mimiti (kahiji) nu ngarangkap Bupati Wadana Prayangan (1620 - 1625 M). Dina tahun 1614 Sultan Agung ngamukakeun pangakuan sakabeh wilayah Jawa Barat kacuali Banten jeung Cirebon ka VOC. Dina Tahun 1624 Rangga Gempol dipenta Sultan Agung pikeun ngabantu naklukeun Sampang Madura. Jabatan saheulaan harita dicepeng ku raina lain Indung nyaeta Rangga Gede. Panaklukan Sampang ku Rangga Gempol teu digunakeun ku peperangan tapi dilakukeunn ku Jalan kakeluargaan karena Bupati Sampang masih karabatna jeung Pangeran Rangga Gempol ti Garis katurunan Ibuna Ratu Harisbaya, nu ahirna sahiji Bupati Madura taat ka Pangeran Rangga Gempol. 

Ngan harita eta pangeran Rangga Gempol I teh teu meunang balik deui ka Sumedanglarang, nepi aya ngaran kampung di Mataram nu ngarana "Kasumedangan", nu baheulana tempat tumutepna tilas para ponggawa jeung pangeran Rangga Gempol I ti karajaan Sumedanglarang, anu ngantunkeun di Mataram dimakamkeun di Lempuyang wangi.

Tina cutatan sajarah nu lain, dijelaskeun : 

"Di Madura aya lima karajaan nyaeta Arosbaya, Sampang, Balega, Pamekasan, jeung Sumenep. Kalimana ngahiji jang ngahadapi karajaan Mataram nu dipimpin ku Tumenggung Sujonopuro. Harita pasukan mataram mampu nahan serangan Mataram, bahkan nepi ka perlayana eta Tumenggung Sujonopuro teh anu dilancarkeun dina serangan tengah peuting nu dilakukeun ku pasukan Balega. Dina serangan nu kadua akhirna pasukan Madura dielehkeun".

Dina peristiwa eta memang hasil ngabujuk ku cara damai eta raja Sampang teh, mung teu hasil ngabujuk raja nu lainna, kusabab lain dulur tea, teu hir teu walahir, kukituna ngajadikeun perang rongkah anu lila. 

 
Peristiwa ieu mungkin oge disalah hartikeun ku Sultan Agung kagagalan Rangga Gempol I ngajalankeun misina disangki kerjasama jeung musuh, nya anjeunna kenging hukum. Sababna hukum anu digunakeun ku Raja Mataram harita mung gagal ngalaksanakeun tugas eta bawahanana dihukum mati,
dugi makomna papisah Sirahna aya di Banyusu Murup Jogjakarta, Awakna aya di karasak Jogjakarta, Sukuna aya di Lempuyang. Ieu minangka hiji bukti "Gagah Bedas Tanpa Lawan, Handap Asor" anu turun tumurun tina elmu kabataraan kasumedangan ti laluhurna keneh mangsa harita, pikeun merpertahankeun karatonna tina serangan lawan saperti nu dilakukeun ku Prabu Tajimalela meruhkeun Prebu Andaka, nya kitu deui sawaktu Pamuk Jaya Perkosa naklukeun Cirebon nu mungkin jadi Guruna dina mangsa keur Prabu Geusan Ulun.

2. PANGERAN RANGGA GEDE
Ti mimiti Rangga Gempol miang ka Mataram, pamarentahan saheulaanan di cepeng ku Pangeran Rangga Gede putra Pangeran Geusan Ulun ti Nyi Mas Gedeng Waru. Pangeran Rangga Gede diangkat jadi Bupati Resmi di Sumedang di Canukur. Satutasna wafatna Pangeran Aria Suriadiwangsa di Mataram, Sumedang dihijikeun deui ku Rangga Gede (1625 – 1633 M). Ti Canukur dialihkeun ka Paramasan Desa Paseh Kacamatan Paseh ayeuna.

Pangeran Rangga Gede puputra, anu kacaritakeun aya 9 nyaeta :

1. Dalem Aria Bandjuda, anu ngarundaykeun putra-putu Dalem Satjapati I dugi Ka Satjapati IV.
2. Dalem Djujuda anu ngarundaykeun putra-putu di Umbul Serang, Nyalindung sareng Cipameungpeuk.
3. Dalem Wangsa Subaja anu nurunkeun di Cisalak sareng Regol.
4. Dalem Wargaita.
5. Raden Bagus Weruh/Dalem Pangeran Rangga Gempol II anu nurunkeun para bupati Sumedang.
6. Raden Singgamanggala anu ngarundaykeun di Kaum Cikoneng.  
7. Raden Wangsalaira anu sumare di Pangrumasan.
8. Raden Angga Dasia anu nurunkeun di Cibeureum, Cangkudum, Kaum sareng Tomo.
9. Nyi Mas Raden Bajun anu ngarundaykeun di Hariang Buahdua sareng Bojongjati.    

Kira-kira Tahun 1633 Pangeran Rangga wafat di Jalan di Cileunyi waktos anjeun bade nangkep Dipati Ukur nu jadi dulur misanna keneh.   
 
Sedengkeun Bupati Wadana oleh Dipati Ukur/Raden Wangsanata Bupati Purbalingga anu ngapigarwa ka Putrina Pangeran Geusan Ulun ti istrina nu sepuh Nyi Ratu Cukang Gede. Jabatan Bupati Wedana dipasrahkeun ka Dipati Ukur sabab Rangga Gede diangga teu mampu ngajaga wilayah Mataram tina tentara Banten asup ka daerah anu dikuasai ku Mataram nyaeta Pamanukan jeung Ciasem  (peristiwa Raden Suriadiwangsa II).

Sabada Pangeran Rangga Gempol wafat di Mataram. Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata ninggalkeun 9 putera - puteri teh, salah sahijina putrana nu ka hiji Raden Kartajiwa/Raden Soeriadiwangsa II nuntut hakna sebagai Putra Mahkota, mung ditolak ku Rangga Gede nu ahirna Raden Kartajiwa/Soeriadiwangsa II nyuhunkeun bala bantosan ka Sultan Banten pikeun ngarebut kabupatian Sumedang ti Pangeran Rangga Gede, sok sanajan Banten nyatujuan kana pamenta Raden Kartajiwa mung serangan langsung balawadya baten ka Sumedang di mangsa Pangeran Panembahan (1656 – 1706). Dina tahun 1641 M wilayah Sumedanglarang ngaliput wilayah Pamanukan, Ciasem, Karawang, Sukapura, Limbangan, Bandung jeung Cianjur dibagi jadi opat Kabupaten nyaeta Sumedang, Sukapura, Parakan Muncang jeung Bandung jeung dina tahun 1645 dibagi deui jadi 12 ajeg (sataraf Kabupaten) nyaeta Sumedang, Parakanmuncang, Bandung, Sukapura, Karawang, Imbanagara, Wirabaya, Kawasen, Sekace, Banyumas, Ayah jeung Banjar. Dina Tahun 1656 jabatan Bupati Wadana dihapus jeung satiap bupati langsung dibawah Mataram. 


3. PANGERAN RANGGA GEMPOL II
Satutasna wafatna Rangga Gede Bupati Sumedang digantikeun ku putrana nyaeta Raden Bagus Weruh / Rangga Gempol II (1633 – 1656) jadi Bupati Sumedang. Ibu kota Kabupatenna di Tenjolaut Kacamatan Conggeang, kirang langkung 2 tahun  ngalih ka Sulambitan kiduleun Gunung Merak kaasup Desa Regol Wetan Kacamatan Sumedang Selatan ayeuna mah, sabada ramana Pangeran Rangga Gede wafat di Cileunyi tea.

Pangeran Rangga Gempol II pupus kira-kira taun 1696, sarta dimakamkeun di Gunung Puyuh. Anjeunna kagungan putra anu disebat aya 7 anu ti garwa anu jenenganana Nyimas Tuha, tedak Munding Dalem Pajajaran sareng nyi mas Aria putra Ariya Emas Wasir I, nyaeta :
1. Raden Wirakara, anu ngarundaykeun di Dayeuh luhur, Cijeler, Situraja.
2. Pangeran Panembahan/Rangga Gempol III anu ngarundaykeun para Bupati Sumedang.
3. Raden Bagus Weruh anu ngarundaykeun ka Ganeas sareng Bojongjati.
4. Raden Sutaningdita anu ngarundaykeun ka Situraja,
5. Raden Tanuraha anu ngarundaykeun ka Cimurug, Cisalak, Regol.
6. Raden Wangsasuta anu nurunkeun ka Hariang, Bojongjati.
7. Nyi Mas Raden Ayu Mayar anu nurunkeun ka Sukapuran Tasikmalaya.    

4. PANGERAN PANEMBAHAN / RANGGA GEMPOL III
Anu diangkat janten Bupati Sumedang ngentos Pangeran Rangga Gempol ka II nyaeta putra nu kadua nyaeta Pangeran Rangga Gempol III anu ku Sultan Mataram dipasihan julukan Pangeran Panembahan, Bupati Wadana Sa Pasundan.

Pangeran Rangga Gempol III (1656 – 1706) bupati anu cerdas, lincah, loyal, leber wawanen jeung perkasa. Di masa pamarentahanna pinuh ku perjuangan jeung patriotisme nu ngaruntuy malikeun deui kajayaan Sumedanglarang. Pangeran Rangga Gempol III/Kusumahdinata VI katelahna Pangeran Panembahan, Gelar Panembahan dibere ku Susuhunan Amangkurat I Mataram kusabab babaktina jeung kasatianana ka Mataram. Kakuatan jeung Kakuasaan Pangeran nyaeta paling gede di sadaya daerah anu dikuasai ku Mataram di Jawa Barat dumasar pretensi Mataram tahun 1614. Di Masa Pangeran Panembahan harita di Sumedang dibuka areal pasawahan dugi ka  mangsa harita kabutuhan pangan rakyat kacukupan.
Dina tahun 1614 Mataram ngamukakeun pretensi (pangakuan) yen sakabeh Jawa barat kacuali Banten jeung Cirebon dibawah kakuasaan Sultan Agung. Dumasar pangakuan ieu Mataram nganggap Batavia sebagai perebutan Wilayah Mataram. Pangeran Panembahan bupati nu wani nentang jeung mampu merperalat Kompeni VOC. Pangeran Panembahan wani nentang jeung ngaleupaskeun diri ti Mataram jeung wani katut mampu ngahadapi kakuatan Banten.

Satutas wafatna Sultan Agung Mataram tahun 1645 M diganti ku putrana Susuhunan Amangkurat I (1645 – 1677). Dina taun 1652 Matara nyieun kontrak jeung VOC ku sacara lisan, VOC dibere hak pake secara penuh ku Mataram di beulah kulon walungan Citarum kukituna Sumedang teu kaasup daerah nu diserahkeun ka Kompeni ku Mataram nu mangsa harita Sumedang dina mangsa pamarentahan Raden Bagus Weruh / Rangga Gempol II, ku Perjanjian eta VOC teu ngarasa puas saterusna dina taun 1677 VOC ngayakeun perjanjian/traktat anu tertulis, perjanjian eta disaksian ku Pangeran Panembahan. Salah sahiji butir dina perjanjian eta yen batas dibeulah kulon antara Cisadane jeung Cipunagara kudu dibikeun mutlak ti Mataram ka Kompeni Walanda VOC jeung jadi hak milik penuh VOC, kitu deui hulu walungan Cipunagara ditarik garis tegak lurus nepi ka laut kidul jeung laut Hindia. Pamenta VOC eta ku Susuhunan Amangkurat I ditolak jeung Susuhan Amangkurat I ngamukakeun yen daerah Citarum jeung Cipunagara daerah eta ngarupakeun teritorial kakuasaan kabupatian Sumedang nu dipimpin ku Pangeran Panembahan jeung lain daerah kakuasaan Mataram. Daerah antara Citarum jeung Cipunagara ngarupakeun urut daerah kakuasaan Sumedanglarang sawaktu dipimpin ku Prabu Geusan Ulun. Panolakan ieu ditarima hade ku VOC, sedengkeun butir perjanjian/traktat nu lainna disetujui ku Mataram. Ku kituna VOC nyaluyuan kana perjanjian eta jeung catatan daerah anu diserahkeun pada taun 1652 jadi Milik VOC Walanda.
 

Cita-cita Pangeran Panembahan anu gede pikeun nguasai deui urut wilayah karajaan Sumedanglarang lain parkara nu gampil sabab sababaraha daerah geus ngarupakeun wilayah ti Banten, Cirebon, Mataram jeung VOC. Nu jadi sasaran pikeun naklukeun deui nyaeta kaler pantai Jawa saperti Karawang, Ciasem, Pamanukan jeung Indramayu nu ngarupakeun kakuasaan Mataram. Pangeran Panembahan menta bantuan ka Banten sabab waktu harita banten keur konflik jeung Mataram ngan sanggeus dipertimbakeun langkah eta kurang bijaksana sabab masalah Raden Suriadiwangsa II, sedengkeun permohonan bantuan Pangeran Panembahan eta ditarima hade ku pihak Banten jeung ngajak Sumedang berpihak ka Banten dina ngahadapi VOC jeung Mataram. Ajakan ti Banten eta ditolak ku Pangeran Panembahan jeung nyadari sagemblengna Sultan Agung bakal nyerang Sumedang, nu akhirna Banten nyerang ka Sumedang. Kusabab eta Pangeran Panembahan ngirim surat ka VOC dina tanggal 25 Oktober 1677 nu eusina menta ka VOC nutup walungan Cipamanukan jeung Pantai nu di Kaler pikeun nyegat pasukan Banten sedengkeun panjagaan di darat ditanganan ku Sumedang. Nu Jadi imbalanana VOC dibere daerah antara Batavia jeung Indramayu, nu sabenerna daerah eta geus dibikeun ku Mataram ka VOC Walanda dumasar kana Kontrak taun 1677 kanyataanna Sumedang teu mere nanaon ka VOC walanda.
  
Serangan mimiti Sumedang di Pantai belah kaler nyaeta daerah Ciasem, Pamanukan jeung Ciparigi nu gampang dikuasai ku Pangeran Panembahan. Di Ciparigi Sumedang nempatkeun pasukanna pikeun persiapam nyerang Karawang. Sanggeus daerah-daerah eta dikuasai ku Pangeran Panembahan, pasukan Sumedang siap-siapa pikeun naklukeun Indramayu tapi Indramayu teu kaburu diserang kusabab kaburu ngakui Pangeran Panembahan jadi pimpinanana. Ku kituna daerah pantai beulah kaler Jawa antara Batavia jeung Indramayu ngarupakeun kakuasaan mutlak Sumedang. Waktu Pangeran Panembahan sibuk naklukeun pantai beulah kaler, Sultan Banten siap-siap rek nyerang Sumedang.
 

Dina taun 10 Maret 1678 pasukan Banten geus gerak pikeun nyerang Sumedang ngalewat Muaraberes/Bogor, Tanggerang ka Patimun Tanjungpura jeung hasil ngalewatan penjagaan VOC, awal oktober pasukan Banten geus daratang di Sumedang tapi pasukan Banten teu bisa asup ka Ibukota kusabab Pasukan Pangeran Panembahan ngalawan jeung gigih. Dina serangan kahiji baladaya Banten ngalaman gagal tepat waktu Ibukota Sumedang diserang, di Banten kajadian perseteruan antara Sultan Agung Tirtayasa jeung Sultan Haji Surasowan. Sabulan lilana tentara Banten nu dipimpin ku Raden Senapati perang harita Raden Senapati perlaya dina pertempuran eta nepi ka pasukan Banten ditarik mundur kusabab Sultan Agung merlukeun pasukan jang ngalawan putrana Sultan Haji. Pangeran Panembahan ahirna nguasai sakabeh pantai beulah kaler jeung Pangeran Panembahan micatur ka VOC yen bakal taat jeung patuh asal wae terus ngabantu hususna ngiriman senjata jeung mesiu tapi Pangeran Panembahan teu taat bahkan nentang Kompeni VOC walanda jeung teu pernah datang ka Batavia kitu deui teu pernah oge mere panghormatan atawa upeti ka VOC, nu ahirna VOC narik pasukannana ti beulah pantai kaler. Sanggeus nguasai pantai beulah kaler Pangeran Panembahan nguasai kabupatian nu dibentuk ku Mataram dina taun 1641 saperti Bandung, Parakan Muncang jeung Sukapura. Kukituna Pangeran Panembahan nguasain deui daerah urut panalukan Sumedanglarang kacuali antara Cisadane jeung Cipunagara nu geus diserahkeun ku Mataram ka VOC dina tahun 1677. Sahingga Sumedang menang puncak kajayaanana deui sanggeus di masa Prabu Geusan Ulun. Ditarikna pasukan VOC ti pantai beulah kaler mere peluang pikeun Banten anu gampang asup ka wilayah Sumedang. Dina ngalakukeun panaklukan daerah-daerah di pantai beulah kaler jeung ngahadapi Banten, Pangeran Panembahan turun tangan sorangan katut pasukan Sumedang tanpa aya bantuan ti VOC, bantuan VOC ngan ngajaga batas luar wilayah Sumedang jeung salama ngajaga VOC teu pernah ngalibatkeun perang sacara langsung di wilayah kakuasaan Pangeran Panembahan, bantuan nu lian ti VOC mangrupakeun kiriman sababaraha pucuk sanjata jeung mariam sanggeus Sumedang mimitian diserang ku pihak Banten.

Dina awal oktober 1678 pasukan Banten kadua kalina nyerang ka Sumedang, serangan kahiji pasukan Banten ngarebut daerah-daerah nu dikuasai ku Sumedang di basisir pantai beulah kaler, Ciparigi, Ciasem jeung Pamankan akhirna jatuh ka pasukan Banten sedengkeun pasukan kompeni nu baheula ngajaga daerah eta geus ditarik. Ahirna pasukan Bali jeung Bugis ngagabung jeung pasukan Banten nu siap-siap rek nyerang Sumedang. Dina awal bulan puasa pasukan gabung eta geus ngepung Sumedang, dina tanggal 18 oktober 1678 poe jumaah pasukan Banten dibawah pimpinan Cilikwidara jeung Cakrayuda nyerang Sumedang anu dina mangsa Hari Raya Idul Fitri dimana waktu harita Pangeran Panembahan jeung rayatna keur ngalakukeun sholat Idul Fitri di Mesjid Tegalkalong, serangan pasukan Banten ieu teu diduga ku Pangeran Panembahan. Akibat serangan waktu eta loba kaluarga Pangeran Panembahan jeung rayatna anu perlaya. Pangeran Panembahan sorangan berhasil ngaloloskeun dirina tina serangan pihak tantera Banten anu licik jeung pengecut. Serangan pasukan Banten ieu dianggpa pengecut pisan ku rayat Sumedang sabab serangan kahiji pasukan sanggup ngelehkeun mundur pasukan Banten. Kusabab eta Cilikwidara diangkat jadi wali pamarentahan anu dibere gelar ku Banten Sacadiparana nu jadi patihna nyaeta Tumenggung Wiraangun-angun anu dibere gelar Aria Sacadiraja. Salila di Indramayu Pangeran Panembahan ngagalang kakuatan jeung bantuan ti Galanggung, pasukan Pangeran Panembahan bisa ngarebut deui wilayah Sumedang salama genep bulan aya di Sumedang. Dina bulan Mei 1679 Cilikwidara nyerang deui make pasukan nu leuwih gede, nu ahirna Sumedang karebut deui ku leugeun Cilikwidara jeung pasukanana, Pangeran Panembahan kapaksa mundur deui ka Indramayu.

Pendudukan Sumedang ku Cilikwidara teu kungsi lila dina bulan Agustus 1680 pasukan Cilikwidara ditarik deui ka Banten kusabab ayana konflik antara Sultan Ageng Tirtayayasa jeung Sultan Haji anu didukung ku VOC, dina konflik eta dimenangkeun ku Sultan Haji. Ti Harita kajayaan Sultan Banten anggeusan. Sultan Haji nyarita ka VOC yen Banten moal bakal ngaganggu deui ka Cirebon jeung Sumedang, nu ahirna anggeusna kakuasaan Banten di Sumedang. Dina tanggal 27 januari 1681 Pangeran Panembahan balik deui ka Sumedang jeung bulan Mei 1681 mindahkeun pamarentahan ti Tegalkalong ka Regolwetan (Sumedang ayeuna) jeung ngawangun gedong kabupatian nu anyar Srimanganti nu ayeuna dipake jadi Museum Prabu Geusan Ulun Yayasan Pangeran Geusan Ulun, panwangunan Ibukota Sumedang nu anyar teu bisa disaksian ku Pangeran Panembahan.

Sanggeus peristiwa penyerbuan pasukan Banten ka Sumedang, Pangeran Panembahan ngonsepkeun jeung nyieun aturan sistem kaamanan Lingkungam anu disebut pamuk anu dikumpulkeun 40 jalma nu leber wawanen ti saban distrik dimana aya bancang pakewuh saperti peperangan,  kahirupanna nyaeta dibere tanah carik ka sakur anu disebut pamuk, lila-lila dijadikeun wadana, camat jeung sasamana. Tapi saparantos aya aturan anyar eta carik diganti ku aturan nu sanes nyaeta sistem pemberian Gaji.

Pangeran Rangga Gempol III/Pangeran Panembahan nyisihkeun sabagean tanah milikna nu jadi sumber panghasilan Bupati, supaya panghasilan Bupati teu deui ngabebani beban rayat. Tanah eta bisa dibagi waris saupama pangeran Panembahan wafat mun tetep diturunkan deui ka Bupati berikutna lengkap jeung utuh. 
Dina taun 1706 Pangeran Panembahan wafat dimakamkeun di Gunung Puyuh di sagigireun makam nu jadi sepuhna Pangeran Rangga Gempol II. Dina taun 1705 sakabeh wilayah Jawa barat dikuasai ku Komponeni VOC. 

Pangeran Panembahan putrana anu aya 5 diantawis anu kasebat dihandap ieu, ti garwa anu Raden Ayu sepuh binti Dalem Panengah  binti Raden Rangga Nitinagara binti Geusan Ulun nyaeta :
1. Dalem adipati Tanumaja, Bupati anu ngawitan di angkat ku Kumpeni.
2. Raden Aria Sutanata anu ngarundaykeun seuweu siwina ka nyalindungjeung Ciuyah.
3. Raden Raja Suta, anu nurunkeun seuweu-siwina ka Cipameunpeuk.
4. Raden Sutajaya, anu nurunkeun seuweu-siwina ka Ciuyah, kampung Situ.
5. Raden Aswitanu anu nurunkeun putra putu ka Cipameungpeuuk, Baginda, Calingcing. 
Satutas wafatna Pangeran Panembahan digantikeun ku putrana nu kahiji Raden Tanumaja anu gelaran Adipati, bupati ngawitan nu diangkat ku Kompeni VOC. Ibukotana Sumedang dialihkeun ti Tegalkalong ka Kota nu ayeuna, nu ayeuna dipake jadi Museum Prabu Geusan Ulun Yayasan Pangeran Geusan Ulun.
Pangeran Rangga Gempol III/Pangeran Panembahan mangrupa bupati anu paling lila masa pamarentahanna ampir 50 tahun dina taun 1656 dugi ka 1705 M dibandingkeun jeung bupati-bupati Sumedang nu lianna. 

5. TUMENGGUNG TANUMADJA
Pangganti Pangeran Panembahan nyaeta putrana Raden Tanumaja, ngan teu lami jumenengna mung kenging 3 tahun (1706 – 1709) dimakamkeun di Gunung Puyuh, Raden Tanumaja bupati mimiti anu diangkat ku Kompeni. Raden Tanumaja dibawah Pangeran Aria Cirebon nu jadi atasanana sabab Pangeran Aria Cirebon diangkat jadi Gubernur Priangan. 

Sapertos nu dicaritakeun diluhur dina taun 1681 Ibukota Sumedang dalihkeun ti Tegal Kalong ka Regolwetan ku Pangeran Panembahan. Dina ngawangun Ibukota Sumedang nu anyar Pangeran Panembahan teu sempat nyakseni ku sabab kabujeng wafat, kukituna pangwanguna dilajengkeun ku putra Raden Tanumaja, di mangsa Pangeran Panembahan ngawangun gedong kabupatian enggal nu namina Srimanganti nu salajengna pangwangunan gedong Srimanganti dianggeuskeun ku Raden Tanumaja.

Pangeran Rangga Gempol IV kagungan putra seueurna 10 nu kasebat mah mung 5 nyaeta ti garwa Nyimas Runtun sareng ti garwa Nyi Mas Panengah, nyaeta :
1. Pangeran Adipati Raden Kusumahdinata VII
2. Raden Nitinagara anu ngarundaykeun putra-putu di Ciuyah Conggeang.
3. Raden Lengkapura, anu nururkeun putra-putu di Ganeas
4. Raden Ayu Rajanagara, garwa Dalem Wangsadita ti Limbangan.
5. Nyi Raden Natsura anu nurunkeun putra putu di Dayeuh Kaum.


6. PANGERAN KARUHUN
Anu diangkat jadi Bupati Sumedang nyaeta putra nu ka hiji jenenganana Raden Kusumahdinata VII (1709 – 1744), kumargi nagara sareng rayat seueur nu nyebat kenging julukan  Pangeran Rangga Gempol IV anu katelahna Pangeran Karuhun.

Pangeran Kusumadinata VII oge ngamusuhan Pangeran Aria Cirebon sabab Sumedang teu hoyong dibawah parentahna. Sateu acan wafat Pangeran Kusumahdinata hayang kabupaten-kabupaten di laut Jawa jeung Hindia dihandapeun kakuasaanana, mung kahoyongna teu kabujeng kumargi kabujeng ngantunkeun, saatos wafat dikenalna Pangeran Karuhun. Pangeran Karuhun dikenal janten bupati nu majukeun daerah pasawahan. Anjeunna ngantunkeun di taun 1744 dimakamkeun di Gunung Ciung Pasarean Gede.

Putrana seueurna 6 ti garwa anu jenenganana Raden Ayu Banonnagara putrina Dalem Pagaden, nyaeta :
1. Dalem Istri Rajaningrat
2. Raden Dipakusumah
3. Raden Puspanata anu ngarundaykeun putra-putuna di Hariang sareng Bojongjati.
4. Raden Banda Yuda II
5. Nyi Raden Mantri garwa Raden Aria Wangsa Yuda
6. Nyi Raden Antria Kusumah garwa Raden Jiwa Parana III  


Cag heula sajarah Sumedanglarang, dicekapkeun dugi kadieu heula pedaranana.
Pamungkas :
Sumanget kasumedangan
Tara ngukut kanti risi
Tara reuwas ku beja
Sikepna titih carincing
Jauh tina hiri dengki
Nyekel tetekon nu luhung
Gagah Bedas tanpa lawan
Handap asor hade budi
Kasabaran nyata elmu katunggalan.

Hapunten bilih aya caritaan nu teu sami pamugi seja sih hapunten, ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal, mangga Insha Allah dilajengkeun deui  Sajarah Sirsilah Sumedanglarang Ka Dua.

Rampes
==============
Sumber cutatan :
- Blog Sumedanglarang.co.id
- Cutatan Sajarah Darmaraja
- Cutatan Makam-makam Sumedang Larang
- Cutatan Makam-Makam Bupati-Bupati Sumedang


Baca Juga :

Tidak ada komentar