Mihartikeun Kearifan Lokal Prabu Aji Putih, Jalma Antay-antayan Neangan Karifan

"Hiji waktu jalan kaarifaan baris molompong ti panto Mekah nepi ka pulo tutung (afrika), jalma antay-antayan neangan karifan, tapi maranehna teu nyaho nu disebut arif".

Kitu papatah atawa wejangan Prabu Aji putih nu kaaos ku kuring nu ngabogaan kurungan jisim jeung jirim.

Upama dilenyepan ieu papatah atawa wejangan  tangtu bakal bijak dina enggoning milampah kahirupan jeung kahuripan tara cawadan kabatur, sok sanajan nyawad oge ku cara nu bijak, tara ngagogoreng batur, tara ngavonis kabatur ku omongan nu matak, teu raos pikeun manah batur, tara asa ieu aing pangpinterna, tara asa ieu aing pangbenerna, tara asa ieu aing pangsucina, tara asa ieu aing pangbener, tara asa ieu aing pangalusna...jrrd.

Ulah nunjuk anu jauh, ulah neang anu anggan, cukruk badan sakujur, kotektak awak sorangan, sing terbuka, sing kapanggih, karampa sarining rasa, ciri diri anu sajati.

Hampura kuring, sok lakukeun wae ku sewang-sewanganana, pek geura prakeun ku aranjeun bukti tina Akrobbu na "Man Arofa NafsaHU Faqod Arofa RobbaHU"!

HU ALLOH, HU DZATULLOH, HU SIRULLOH, HU SIFATULLOH, HU AF'ALULLOH, HU NURULLOH, HU ROHMATULLOH HU,,,HU,,,HU...

 

Baca Juga :

Tidak ada komentar