Galuh di Masa Manarah

Sebagaimana dijelaskan sebelumnya, Balangantrang dikenal juga dengan nama Bimaraksa, dalam cerita rakyat dikenal dalam kisah Ciung Wanara sebagai pasangan nini aki Balangantrang yang menemukan bayi Ciung Wanara, bayi itu ia beri nama Ciung Wanara.

Tersebutlah sepasang aki dan nini Balangantrang yang tinggal di Geger Sunten, suatu wilayah yang tidak memiliki tetangga. Karena kesepiannya si nini merindukan kehadiran anak yang konon tak kunjung tiba. Hingga pada suatu malam, si nini bermimpi kejatuhan bulan, si aki pun menafsirkan bahwa sebentar lagi ia akan mendapat rejeki.

Karena profesi aki Balangantrang sebagai penangkap ikan, pada malam itu juga aki membawa “kecrik” ke kali Cintanduy. Namun tanpa diduga duga, tiba-tiba melihat ranjang bayi yang gemerlap di tepi sungai, "lir ibarat emasng singaling". ia pun lantas mengambil dan memeriksanya. Betapa terkejutnya ketika dibuka nampak sesosok bayi mungil yang masih hidup. Disebelah bayi tergeletak sebutir telor ayam.

Konon menurut yang empunya cerita, bayi itu lantas di “rorok” dengan penuh kasih hingga dewasa, sedangkan telur ayamnya di tetaskan hingga menjadi seekor ayam jantan. Konon pula, kelak ayam itu menjadi ayam aduan yang tangguh dan berhasil mempersembahkan mahkota.

Balangantrang mendapat kabar, bayi yang ia pelihara itu ternyata anak raja. Aki dan Nini pun kemudian membekali pengetahuan secukupnya. Mereka pun menceritakan kepada Ciung Wanara, bahwa mereka sebenarnya bukan orang tuanya. Dan orang tua Ciung Wanara adalah seorang raja. Cerita selanjutnya dikisahkan, bagaimana Ciung Wanara memenangkan taruhan adu ayam, hingga kemudian ia menjadi raja di Galuh.

Dalam cerita lisan ini memang tidak disebutkan adanya pemisahan batas kekuasaan Manarah dengan Haryang Banga sebagaimana yang dikenal dalam catatan sejarah resmi. Namun ada persamaan mengenai batas wilayah kekuasaanya, yakni di batasi Kali Citarum.

Sang Manarah atau juga disebut Ciung Wanara, atau Prabu Suratama, atau Prabu Jayaprakasa Mandaleswara Salakabuwana memerintah di Galuh tahun 739 – 783 Masehi. Ia adalah putera Prabu Adimulya Permanadikusuma yang terbunuh oleh utusan Tamperan, Tamperan adalah Patih yang dititipi kerajaan selama pergi Sang Permana pergi bertapa. Ibu Ciung Wanara adalah Dewi Pohaci Naganingrum cucu Balangantrang, dan Naganingrum menjadi istri kedua Tamperan setelah suaminya meninggal. Tamperan sendiri dari istri kedua Sang Permanadikusuma – Dewi Pangrenyep, memperoleh putera bernama Banga, atau Hariang Banga, atau disebut juga Rakeyan Banga.

Masa kecil Ciung Wanara diceritakan dibesarkan oleh kakeknya Balangantrang. Setelah dewasa, Ciung Wanara dijodohkan dengan cicit Demunawan bernama Dewi Kancana Wangi, dan dikaruniai puteri yang bernama Purbasari yang kelak menikah dengan Sang Manistri atau Lutung Kasarung.

Dalam usahanya merebut kerajaan Galuh dari tangan Sang Tamperan, Ciung Wanara dibantu oleh Aki Balangantrang yang mahir dalam urusan peperangan dan kenegaraan bersama pasukan Geger Sunten. Perebutan kerajaan atau coup d’etat ini diperhitungkan dengan matang yaitu pada saat diselenggarakannya permainan sabung ayam yang sedang menjadi kegemaran di kerajaan tersebut. Sehingga perebutan kekuasaan ini berlangsung dengan mudah, dan Ciung Wanara memperoleh kemenangan gemilang.

Kerajaan sendiri akhirnya dibagi dua menjadi Kerajaan Sunda untuk Hariang Banga, dan Kerajaan Galuh dipimpin oleh Ciung Wanara. Hariang Banga sendiri menikah cucu Resi Demunawan yang lain yaitu dengan adik Kancana Wangi yang bernama Kancana Sari.

Ciung Wanara diriwayatkan memerintah selama 44 tahun, dengan wilayah dari Banyumas sampai dengan Citarum, selanjutnya setalah Sang Manarah melakukan manurajasuniya – mengakhiri hidup dengan bertapa, maka selanjutnya kerajaan dipimpin oleh Sang Manistri atau Lutung Kasarung, menantunya.


Kisah versi lainnya

Al kisah Prabu Barma Wijaya dari kerajaan Galuh mempunyai dua orang permaisuri yang secara kebetulan sama-sama hamil. Sudah takdirnya, permaisuri kedua Dewi Pangrenyep melahirkan lebih dulu seorang putra. Sedangkan permaisuri pertama Pohaci Naganingrum baru melahirkan setelah kandungannya berusia 12 bulan. Karena tamak dan takut kedudukannya tergeser bila permaisuri pertama melahirkan seorang putera, Dewi Pangrenyep yang membantu Pohaci Naganingrum bersalin menukar bayi yang dilahirkan Pohaci dengan seekor anak anjing. Sedang bayi asli, yang kelak bernama Ciung Wanara yang diambil dari nama burung (ciung) dan monyet (wanara), dihanyutkan ke sungai Citanduy dalam kandaga (kotak kayu untuk perhiasan) bersama sebuah telur ayam. Bayi itu hanyut hingga akhirnya ditemukan oleh suami istri penangkap ikan Aki dan Nini Blangantran, yang kebetulan tidak punya anak. Makin lama makin besar dan menjadi pemuda tampan. Sedang telur ayam itu menetas dan jadi ayam jago unggulan. Berkat ayam jagonya yang selalu menang pertarungan, Ciung Wanara akhirnya bisa bertemu kembali dengan ayah bundanya dan dapat menduduki tahta kerajaan Galuh. Sedang anak Pangrenyep, Harian Banga yang tidak suka pada kenyataan itu, mengajak tarung Ciung Wanara. Tapi karena kekuatan Ciung Wanara sedikit di atasnya, Harian Banga terdesak semakin ke timur. Akhirnya Ciung Wanara memerintah kerajaan Galuh sebelah barat yang suka musikpantun dan cerita pantun, sedang Harian Banga memerintah kerajaan Galuh sebelah timur yang lebih suka wayangkulit.


Ciung Manarah

Dalam Versi Sunda yang ada dalam Naskah Carita Waruga Guru

Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang, yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi. Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. Saurna Sang Ratu, “Ah, aing neang ka nu tapa.” Mangke greuhana ditapokan mohana ku kancah. Saur Sangratu, “Patih, hatur keun ka nu tapa, Sangratu bareuh mohana, kunaha ?".

Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa. Haturna Kai Putih ka nu tapa, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu, sang Ratu beureuh mohana, kunaha ?”  Saur nu tapa, “eta oge eukeur bobot Sang Ratu.” Kai Putih tuluy pulang, hatur ka Sang ratu.

“Kumaha patih saur nu tapa?”  “Nuhun, Sang Ratu, “Bohong nu tapa, pagah kawasa.” Arina diteang kancah teu aya, Sang ratu ngandeg. Datang ka bulanna, babar. Dingaranan hariang Banga.

Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu eukeur boga seuweu. Saur Sang Ratu, “Patih, hatur ka nu tapa, Sang Ratu eukeur di boga deui seuweu.”  “Rampes,: carekna kai Patih.

Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih, “Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu.” Saur nu tapa, “Dipiwarang naha, Kai Patih ?’ 

“Mangka Sang ratu bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na?”  Saur nu tapa, “Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun ka Sang Ratu, saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe.”

Saur Sang Ratu, “Bohong nu tapa, eta oge kateh.” Arina diterang kateh teu aya. Sang ratu tuluy ngandeg. Ari lawas-lawas ka bulanna, tuluy babar Sang Ratu.

Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu. Caritakeun deui reyana para putra. Ratu Maraja lenggang seuweuna Ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangan. Arina patutan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa di Sumade Kidul Balikna ka Majapait. Patutan ti Ratu Prawata, eta seuweu Prebu Gunung, Sang Raja Panji.

Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu Pagedongan. Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Marajasakti. Patutan ti Maraja Dewa Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.

Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.

Mangka gering sanagara Galuh. Saur Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering.” 


Hatur Kai Patih, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang Ratu, menta tamba gering sanagara?” 

“Kaula nuhun Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,”  Saur nu tapa, “Rampes.”  Mangka ngala sagala tamba. 

Tuluy dihaturkeun ka Kai Patih, “iyeu tamba gering, haturkeun ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri.”

“Kaula amit”. Saur nu tapa, “Pileuleuyan, Kai Patih” “kaula nuhun, Sang Ratu, ieu tamba gering sanagara tinu tapa.”  

Tuluy di tampanan ku Sang Ratu. Arina di buka, beh reundeu. Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras sanagara Galuh.

Tuluy ka seba deui ka para mantra. Lila lila tuluy datang Kai Ajar. 


Saur Sang Ratu, “Sukur temen Kai Ajar datang. Reundeu baan saha?”

 Saur Kai Ajar, “Nuhun, ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur keun ka sampeyan.” “Kai Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa.“

Mangka Sang Ratu bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar. ”Mangka di cekel ku Kai Patih, dibaan ka ranca Cibungur.

Saur Kai Ajar, “Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di paehan teh.” Tuluy di telasan. Ngalambangkeun beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan Cibeureum.

Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna, lahir, arina dibireungeuh lalaki. Mangka diasupkeun kana kandaga kancana reujeung ending sahulu, duhung sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Citanduy.


Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.

“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah” 


“Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun.”

Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina. Ari dibuka, behna murangkalih, endog disileungleumkeun, keris. Tuluy diteundeunkeun murangkalih. Tuluy dirorok, dipangninggurkeun. Lawas-lawas datang ka tegus cangcut. Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.

Bwat ciung. “Ayah, nahaeun eta?”


“Ngaranna ciung, anaking.” Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. 

“Ayah, ka mana eta arahna?” 

“Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”
 

“Ah, ngaran aing Ciung Manarah.”bEndog tuluy disileungleumkeun. Tuluy megar, dingaranan Singarat Taranjang.

Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan. “Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing.”  


“Mulah, anaking, bisi eleh marang.” Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah. Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran.  Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu. 

Tuluy di saur ku jogan. Saur Sang Ratu, “Ari eta seuweu saha?” 

“Kaula, nuhun anak kaula.”

“Dipudut ku ngaing, Aki Berangantrang diperedikakeun sabawa kita”. 

Tuluy mulang Aki Berangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu.

Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun. Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula anak andika.” Ngareungeuheun bangkeureuheun miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung. Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung. 


Saur Sang Ratu, “Enmya hidep anaking.”  Kahatur ka nyai ibuna. Tuluy dirawu dipangku diceungceurikan.

Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.” 


Saur Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga.” 

“Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep.” Tuluy disuhunkeun waris.

Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu. Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.

Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday domas kurang hiji rek nyieun beusi. Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun. Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi. Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun. Arina nyieun deui konjara wesi. Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun, dihaturkeun. Saur Patih Ciung Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama” Tuluy dilebetkeun ku Sang ratu. “Hade,” saur Sang Ratu. Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh. Teu dibere cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu. Lawas-lawas saurna Patih Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh lintuh keneh.” Horenganan dibalangan keupeul ku Patih Hariyang Banga. Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap, dibalang kang raka. Tuluy bendu ka sang raka. Mangka konjara wesi rek diirik. Ku Patih Ciung Manarah direbut. Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun ka Gunung Kelong.

Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka. 


Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang eureun.” 
“Raka, rampes.” Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar. 
Dicandak ku na kai lanceuk.
 “Rayi, iyeu bwah naeun?” 
“Iyeu bwah maja, Raka.” 
“Ngeunah didahar?” 
“Ngeunah, raka.” Arina didahar pait. 
“Majapait iyeu pingaraneun nagara.”

Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka. 

Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.” 
“Rayi, rampes.” Eureun teoheun paku tug bwahna. 
Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun iyeu?. 
“Bwah paku jajat.” 
“Pakwan Pajajaran ieu ngaran.”

Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun Darmasiksa. “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun ngulon.

Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa. Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi.

Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda idin. 


Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,” 

Saur Kang Raka, “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula”.

Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan kuringna satak sawe nitih Majapahit. Puputra Prebu Mula. Prebu Mula arina puputra Prebu Terusbawa. Terusbawa puputra Terus Bagawat.

Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling. Prebu Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu Mangoneng puputra Prebu Terus Bangbang.Terus Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir. Ke Gedeng mesir puputra Ki Gedeng Jati. Ki Gedeng Jati puputra Ratu Prewata. Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Mayana. Ki Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem. Ari karma ka wong agung Batullah, dingaranakeun Seh Kures.

Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun mejangan budak bule pitambaeun. Nimu Ki Gedeng Selang, putri dianggo, manyakit warasna. Putri tuluy bobot. Arina babar Ki Gedeng Kacung. Ki Gedeng Kacung arina puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng Surawul arina puputra Pangeran Sedang Karapay, puputra Sedang Kajenar. Pangeran Sedang Kajenar puputra Pangeran Sedang Kamuning. Pangeran sedang Kamuning puputra Sutan. Sutan arina puputra Susunan. Susunan arina puputra Susunan Mangkurat. Susunan Mangkurat arina puputra Pangeran Mangkunegara, kang rayi susunan puger, puputra Pangeran Mangkunagara. Pangeran Mangkunagara puputra Pangeran Dipati.

Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud ngulon. Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran. Arina krama ka ratu Endong Kencana. Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina puputra Lutung Kasarung. Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang. Prebu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi. Prebu Lingga Wesi arina puputra Prebu Lingga Wastu. Prebu Lingga Wastu puputra Sang Susuk Tunggal. Sang Susuk Tunggal arina puputra Prebu Mundingkawati. Prebu Mundingkawati puputra Prebu Anggalarang. Prebu Anggalarang puputra Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran.

=========================
Dari : Carita Waruga Guru - Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi, Jilid I, Wahyu Wibisana dkk. Geger Sunten, Bandung – 2000. Sumber : Poesaka Soenda, No.9, 1923).

Baca Juga :

Tidak ada komentar