Mihartikeun Kecap Sunda


- Sunda dina Basa Sangkrit kecap Sunda teh, asal kecapna tina Sund hartina moncorong atawa Caang. Salian ti eta kecap sunda dina basa sangsekerta ngandung harti nyaeta :

a. Ngaran Dewa Wisnu nyeta dewa anu boga 1000 ngaran.

b. Ngaran buta anakna Nikumba jeung dulurna Upa sunda ieu dulur teh silih paehan lantaran marebutkeun Widadari geulis anu katelahna Tilottama.

c. Kecap sunda asalna tina cuda hartina Bodas nyeta rupa gunung sunda ditempo ti kajauhan anu diapit ku gunung Burangrang Jeung Gunung Tangkuban Parahu.

- Sunda hartina éndah, dina carita Mundinglaya Dikusumah aya garwa Prabu Siliwangi anu jenenganana Nyai Mantri Manik ManuSunda, sakapeung disebut Kentring Manik ManuSunda, anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptan anu Endah.

- Numutkeun kana basa Sansakerta anu mangrupa induk basa-basa Austronesia, harti sunda téh aya genep, nyaéta :Bercahaya, terang benderang, Anu ngarawat alam/dunya, Satria anu ngabogaan tanaga gedé, Satria anu trampil, Bodas beresih, Ngaran gunung di beulah kalér kota Bandung.

- Numutkeun basa Kawi (Kawi-Javaans Woordenbook karangan C. F. Winter Sr.) aya opat harti Sunda, nyaéta :“Cai” hartina daérah anu loba cai, “Tumpukan” hartina subur, “Pangkat” hartina ngabogaan kualitas, “Waspada” hartina ati-ati

- Numutkeun basa Jawa aya lima harti Sunda, nyaéta :“Tersusun” hartina tartib, “Nyatu/Bersatu” hartina hirup rukun, “Angka dua (candra sangkala)” hartina saimbang, “Naék” hartina kualitas hirupna terus naék, “Terbang melambung” hartina beuki naék kualitasna.

- Numutkeun pamanggih G.P Rouffaér kecap sunda asalna tina basa hindu, nyaéta : Sund hartina moncorong, Ngaran dewa wisnu, Ngaran daitya (buta), Ngaran hiji monyet, Cuddha hartina bodas, Sa-udha, Sa-tunda hartina panundaan/gudang, Sugema.




Padahal sebenerna sanes eta. Loba oge nu mihartikeun kecap Sunda jadi Sunday (bs. Inggris) di Om Google dikirata, padahal harti kecap Sunda teh arti sabenerna mah tinu wiwitan (mimiti) Johar atawa Jahar Awal tea. Anu diwangun ku 4 Cahya nyaeta : Bodas - Koneng - Beureum jeung Hideung.

Amun dinu kasumedangan mah eta 4 warna teh disilokakeun "Panon Holang"

Contona dinu :

Kasumedangan:
- Sir Cipta Mulya Cipta anu Hurung anu Herang anu aya di Buana Panca Tengah, nami mutiara putih anu ngaran panon holang asal manusa.

Katalagaan:
- Clik putih ti Nabi Alloh, herang ti Adam nu pungut banyu kawasa, lain sacai-caina, siki mata holang manusa.

Baca Juga :

Tidak ada komentar